Identifikasi Masalah Rumusan Masalah Tujuan Panalungtikan

Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ngeunaan jejer Pelesapan Subjek dalam Bahasa Indonesia dina ragam basa tulis, sarta tina pangalaman nganalisis sirnaan jejer dina ambahan wacana katitén yén gejala sirnaan jejer leuwih alus dina ragam basa lisan alatan lain ukur kaédah basana wungkul nu mangaruhan téh tapi ngeunaan sababaraha paktor di antarana paktor budaya atawa pola pikir panyatur basa nu teu ngungkabkeun hiji hal kalawan écés pikeun panyatur jeung nu ngaregepkeun. Nepi ka ayeuna, can aya panalungtikan ngeunaan unsur sirnaan dina kalimah basa Sunda, komo deui dina basa Sunda lisan. Ku kituna, panalungtikan ngeunaan “Wangunan Sirnaan dina Kalimah Basa Sunda Lisan di Pasar Padayungan Tasikmalaya Tilikan Tata Basa Transformasi ” perlu diayakeun.

1.2 Identifikasi Masalah

Pasualan ngeunaan sirnaan remen kapanggih dina ragam basa tulis jeung ragam basa lisan. Dina ragam basa lisan utamana dina paguneman nu digunakeun dina kahirupan sapopoé, kalimah atawa kontéks basa nu ngalaman sirnaan leuwih loba, alatan dirojong ku sababaraha paktor. Sedengkeun pikeun nganalisis éta sirnaan téh ngagunakeun pamarekan transformasi kalimah. Dina harti pamarekan ngeunaan parobahan kalimah tina kalimah dasar ka kalimah transformasi. Sangkan panalungtikan leuwih museur kana masalah nu ditalungtik, nu nyusun ngawatesanan ieu panalungtikan kana ungkara kalimah nu ngalaman prosés transformasi kalimah nu museur kana unsur-unsur sirnaan dina ragam basa lisan. Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3 Rumusan Masalah

Aya sababaraha masalah anu dirumuskeun dina wangun patalékan, nya éta: a. Kumaha wangun kalimah anu ngalaman parobahan sirnaan dina komunikasi masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya? b. Unsur-unsur naon waé anu ngalaman parobahan sirnaan dina kalimah nu dipaké ku masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya?

1.4 Tujuan Panalungtikan

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah nu geus diébréhkeun, ieu panalungtikan sacara umum miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun “Wangunan Sirnaan dina Kalimah Basa Sunda Lisan di Masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya Tilikan Tata Basa Transform asi”. Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun Wangunan Sirnaan dina Kalimah Basa Sunda Lisan di Masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya Tilikan Tata Basa Transformasi ”. Ari déskripsina ngawengku opat hal ieu di handap, nya éta: a. Wangun kalimah anu ngalaman parobahan sirnaan dina komunikasi masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya; b. Unsur-unsur anu ngalaman parobahan sirnaan dina kalimah nu dipaké ku masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya; Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.5 Mangpaat Panalungtikan