Kasang Tukang Masalah T PBBS 1201458 Chapter1

Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Basa téh salasahiji pakakas anu dipaké ku manusa dina hirup kumbuhna. Basa diulik ku paélmuan nu husus nu disebut élmuning basa atawa lingusitik. Jadi, basa téh mangrupa obyék linguistik. Ieu téh nuduhkeun yén disawang tina jihat filsafat, linguistik diaku minangka hiji paélmuan lantaran miboga sipat ontologis atawa mibanda obyék ulikan nya éta basa. Basa mangrupa alat komunikasi nu éféktif, nu dilengkepan ku unsur-unsur nu aya di jerona, nu ngawengku aspék-aspék basa sarta aturan-aturan ngeunaan basa nu dipikawanoh ku panyaturna. Wardhaugh dina Sudaryat 2004:6 nyebutkeun yén “Language is a system of arbitrary vocal symbols used for human communication”, basa téh nya éta sistem lambang sora nu arbitrér nu dipaké ku manusa pikeun komunikasi. Basa perlu pisan ditalungtik jeung diajarkeun. Hartina pikeun negeskeun basa ku cara nyaritakeun pangalaman manusa dina beungkeutan nu miboga ma’na katut ngagunakeun kabébasan robahna basa. Basa miboga harti nu lega, nya éta salaku alat komunikasi. Manusa moal leupas tina basa, sabab euweuh kagiatan manusa nu teu maké basa. Aya sawatara hal nu perlu diperhatikeun dina komunikasi, nya éta 1 tempat lumangsungna paguneman, 2 saha panyaturna, 3 maksud nu rék ditepikeun, 4 eusina ngeunaan naon, 5 kumaha carana, 6 alatna lisan atawa tulisan, 7 norma atawa aturan, katut 8 ragam basa nu digunakeun. Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Basa Sunda mangrupa basa indung, basa panganteur di masarakat, sarta basa nu ngarojong kana kabudayaan Sunda, saperti nu geus diunikeun dina Penjelasan Pasal 36 Undang-Undang Dasar 1945, yén basa daérah kaasup kana basa anu dipiara jeung dimumulé ku rahayatna kalawan bener-bener. Ku kituna, basa kudu dipiara ku nagara, nurutkeuun anggapan yén basa daérah ogé mangrupa bagian tina kabudayaan Indonésia nu hirup. Basa Sunda kaasup kana salasahiji basa daérah di Indonésia anu nepi ka ayeuna pungsi basa Sunda masih kénéh tetep kuat. Basa Sunda téh basa nu miboga ma’na nu leubeut, produktip, unik, dinamis, dialékna loba, sarta manusiawi nu luyu jeung hakékat basa. Salasahiji pungsi basa Sunda dina komunikasi nya éta pungsi fatis phatic function dina harti mangrupa pungsi basa nu nerangkeun ngeunaan bubuka, nandeskeun, sarta mairan. Éta pungsi basa téh sok digunakeun ku masarakat dina gunem catur pikeun ngaraketkeun hubungan sosial. Basa Sunda ngalaman kamekaran sarta parobahan ti jaman ka jaman, sarta bisa leungit lamun teu digunakeun kalawan bener jeung teu dipiara ku urang Sundana sorangan. Salian tina kamekaran basana, basa Sunda ogé miboga kecap nu ngalaman prosés nalika dina ngagunakeunnana, boh dina basa tinulis boh dina basa lisan. Dumasar prosés dipakéna basa, basa lisan ngalaman parobahan leuwih gancang tibatan basa tinulis. Sanajan ngalaman parobahan dina kalimah ku cara ngaleungitkeun unsur-unsur atawa bagéan-bagéan kalimah, ieu hal teu mangaruhan kana harti prosés komunikasina. Unsur atawa bagian anu henteu dikedalkeun bisa mangrupa unsur anu sarua wujudna, bisa mangrupa anu wenang Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ayana dina hiji struktur, atawa nurutkeun kontéks situasina éta unsur téh geus dipikaharti ku nu marakéna basa. Nurutkeun Sudaryat, spk. 2007:4 ragam basa nurutkeun atikan formal ngabédakeun ayana ragam basa nyakola jeung ragam basa teu nyakola. Ragam basa ti panyatur anu nyakola ilaharna ébréh lebah ucapan foném-foném tina basa kosta, ngukuhan kaédah basa, boh tata basana boh undak-usuk basana. Ragam basa nurutkeun sikep panyatur raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma anu dicaritakeun, disebut undak-usuk basa atawa tatakrama basa. Ku kituna, undak- usuk basa sok dipasing-pasing jadi ragam basa lemes hormat jeung ragam basa kasar loma, atawa teu hormat. Ragam basa lemes aya dua rupa, nya éta lemes ka batur jeung lemes keur sorangan, anu bisa katitén wujudna dina lisan atawa kecap, pasemon, rengkuh jeung peta, sarta lentong anu merenah. Ragam basa nurutkeun warna makéna basa disawang tina jihat jejer omongan, medium atawa sarana, jeung sipat pasosokna. Disawang tina jejer omongan aya ragam basa urang réa balaréa anu ilahar dipaké sapopoé jeung ragam basa urang aré anu dipaké husus dina widang jurnalistik, paélmuan, sastra, jeung agama. Disawang tina medium makéna aya ragam basa lisan anu dipaké dina paguneman atawa biantara, aya ragam basa tulis nu dipaké dina surat, koran, majalah, jeung buku. Ragam basa nu rék diguar dina ieu panalungtikan nya éta ragam basa nurutkeun sikep panyatur sarta warna makéna basa. Salian ti éta, hirup kumbuh di masarakat tangtu moal leupas tina ragam basa lisan, ragam basa lisan ieu nya éta ragam basa nu diungkapkeun ngaliwatan Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu média lisan sarta kawatesanan ku waktu jeung tempat. Salian ti éta, situasi atawa kaayaan ogé bisa mantuan ngungkabkeun hal nu dimaksud sarta unsur gramatikalna loba nu teu diécéskeun sacara lengkep jeung dipangaruhan ku luhur handapna sora atawa lentong. Ragam basa lisan miboga kaunggulan sarta kahéngkéran. Kaunggulan nu nyampak dina basa lisan nya éta bisa disaluyukeun jeung situasi, faktor éfisiénsi, faktor pangjéntré dina harti panyatur bisa nambahan unsur séjén nu mangrupa tekenan jeung gerak awak supaya nu diajak nyarita ngarti kana naon anu dicaritakeun. Salian tina kaunggulanana, ragam basa lisan miboga kahéngkéran di antarana basa lisan diwangun ku sababaraha kalimah nu teu lengkep, malah diwangun ku frasa-frasa basajan, kaidah-kaidah basa nu digunakeun remen ngagunakeun ragam basa formal. Basa lisan nu wangunna paguneman dina situasi formal bakal béda kaédah-kaédah kabakuanana dina paguneman dina situasi teu formal atawa dina waktu rinéh. Hal ieu katitén dina ungkara kalimah, “Mangga atuh dileueut [kopina, lalawuhna, opakna]. Dina ungkara kalimah di luhur, nu di jero kurung tara dikedalkeun, tapi hal ieu teu mangaruhan kana kontéks kalimahna, alatan hal ieu dirojong ku situasi kondisina. Ungkara kalimah di luhur, remen kajadian dina basa lisan. Conto séjénna nalika interaksi nu aya di lingkungan pasar, antara nu meuli jeung nu ngajual sok tara lengkep unsur kalimahna, dina harti sok aya nu dileungitkeun. Contona “Néng, gula jeung tipung sadayana janten dua belas lima”. Dina ungkara kalimah nu bieu, jéntré pisan aya kecap nu ngalaman sirna nya éta kecap harga nu teu disebutkeun, sarta kecap bilangan nu ngan ukur disebut Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu dua belas lima, padahal kalimah nu sakuduna mah nya éta “Néng, pangaos gula jeung tipung téh sadayana janten d ua belas réwu lima ratus”. Tina katerangan di luhur ébréh yén dina kahirupan sapopoé kapanggih réa kalimah-kalimah nu sok dileungitkeun unsur-unsurna. Unsur-unsur kalimah nu dileungitkeun téh umumna unsur-unsur fungsional. Nurutkeun Sudaryat, spk. 2007: 181, unsur-unsur fungsional dina kalimah basa Sunda téh ngawengku jejer, caritaan, udagan, panglengkep, jeung katerangan. Nganalisis unsur-unsur nu sirna dina kalimah, bisa digunakeun rupa-rupa pamarekan di antarana waé pamarekan struktural jeung pamarekan transformasi. Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan transformasi dina nganalisis unsur sirnaan kalimah. Tiori transformasi méré wangenan yén transformasi téh salaku parobahan wangun kalimah tina wangun kalimah anu disebut kalimah dasar. Ciri- ciri kalimah transformasi téh nya éta mangrupa kalimah rangkepan ngantét, sumélér, tanlengkep tansampurna, pananya interogatif, panitah imperatif, pamungkir négatif, jeung dipigawé pasif. Konsép transformasi miboga sasaruaan jeung konsép strukturalisme, nya éta struktur basa anu alami mangrupa struktur, anu nétélakeun yén basa alami téh bisa ditepikeun ngaliwatan sistem anu logis anu miboga maksud ngaleungitkeun rasa samar, istilah anu kurang merenah, sarta méréskeun pasualan-pasualan basa sacara umum. Inti tina ieu tiori nya éta maluruh hubungan antara hiji kalimah jeung kalimah lianna dumasar kana tingkatan kacukupan, dina harti hiji basa nyumponan tingkatan kacukupan téh lamun ngaliwatan kacukupan observasi, kacukupan déskripsi, jeung kacukupan éksplanasi. Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sudaryat, spk.2007: 273 nétélakeun yén konsép transformasi kalimah didadasaran ku anggapan yén kalimah-kalimah anu dipaké dina komunikasi, anu rupa-rupa wangunna téh, lolobana mangrupa rékaan tina hiji wangun kalimah anu disebut kalimah dasar. Ditilik tina jihat transformasi, kalimah-kalimah nu aya dina hiji basa bisa diklasifikasikeun jadi dua rupa nya éta kalimah dasar inti jeung kalimah transformasi rékaan. Kalimah inti miboga ciri nya éta salancar tur sampurna, aktif, afirmatif, jeung déklaratif. Sabalikna tina kalimah salancar tur sampurna, aktif, afirmatif, jeung déklaratif disebut kalimah transformasi. Transformasi téh loba rupana, anu ngawujud dina prosés parobahan-parobahan tina kalimah dasar kana kalimah transformasi, saperti parobahan tina kalimah salancar kana kalimah rangkepan, tina kalimah wawaran kana kalimah pananya, jeung saterusna, anu patali jeung parobahan tina cirri-ciri kalimah dasar téa. Ieu parobahan téh lumangsung nurutkeun kaédah anu aya dina sistem basana, anu disebut kaédah transformasi. Anapon rupa kalimah transformasi nya éta pérmutasi paselup prosés parobahan susunan unsur-unsur kalimah, topikalisasi parobahan salasahiji unsur kalimah topik, négasipamungkir prosés ngarobah kalimah positif jadi kalimah negatif atawa kalimah ingkar, délisi elipsis kalimah sirnaan. Ieu panalungtikan leuwih nyoko kana prosés kalimah transformasi délisiélipsis. Transformasi kalimah saacanna geus aya nu nalungtik nya éta “Kalimah Transformasi Basa Sunda dina Média Citak Patalina jeung Adegan Batin katut Adegan Lahir ” Widyastuti, 2012, tapi bédana kalimah transformasi di dieu mah saukur dipaké pamarekanana. Sugono 1995:218 kungsi nalungtik sirnaan Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ngeunaan jejer Pelesapan Subjek dalam Bahasa Indonesia dina ragam basa tulis, sarta tina pangalaman nganalisis sirnaan jejer dina ambahan wacana katitén yén gejala sirnaan jejer leuwih alus dina ragam basa lisan alatan lain ukur kaédah basana wungkul nu mangaruhan téh tapi ngeunaan sababaraha paktor di antarana paktor budaya atawa pola pikir panyatur basa nu teu ngungkabkeun hiji hal kalawan écés pikeun panyatur jeung nu ngaregepkeun. Nepi ka ayeuna, can aya panalungtikan ngeunaan unsur sirnaan dina kalimah basa Sunda, komo deui dina basa Sunda lisan. Ku kituna, panalungtikan ngeunaan “Wangunan Sirnaan dina Kalimah Basa Sunda Lisan di Pasar Padayungan Tasikmalaya Tilikan Tata Basa Transformasi ” perlu diayakeun.

1.2 Identifikasi Masalah