Kagiatan Diajar Latihan Kasus Pancén Tingkesan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 112 4 mana yang disorot pencerita, pusat perhatian, pusat sorotan atau fokus pengisahan si pencerita. b Basa dina Carita Pondok Carita pondok kagolong kana karya sastra naratif nu mindeng ngagunakeun basa nu cenderung sipatna stilistik atawa ngandung gaya basa. Ari basa nu stilistik téh sipatna mentingkeun kaéndahan, anu sakapeung nyimpang atawa patukang tonggong jeung kaédah basa sapopoé. Dina carita pondok, aspék kréativitas atawa karancgaéan jadi ciri pangarang dina midangkeun caritana ku cara maké basa nu éndah. Basa dina carita pondok mangrupa eunteung kaéndahan nu sipatna hayalan réfléksi artistik imajinatif pangarangna kana réalitas kehirupan. Unsur gaya basa dina carita nyoko kana dua maksud. Kahiji, raket patalina jeung basa injeuman figurative language anu aya dina carita pondok. c Judul Carita Judul atawa titél mangrupa étikét, labél, mérek, atawa ngaran anu dipaké ku wacana atawa karangan. Judul téh gedé gunana pikeun mikat kapanasaran nu maca kana pasualan nu keur dicaritakeun. Judul sipatna simbolis tur mangrupa slogan anu midangkeun topik dina wangun nu pikatajieun. Ku kituna, judul kudu saluyu tur ngawakilan sagemblengna eusi karangan, écés, tur singget. Judul carita mangrupa ngaran tina éta carita. Ilaharna judul carita dijieun sanggeus carita réngsé. Judul carita kudu luyu jeung eusi cari ta. Contona waé, judul carpon “Kembang Lili kanggo Ibu”

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar anu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Maca heula tujuan jeung indikator kahontalna diajar kalawan konsentrasi. 2. Baca pedaran matéri ajar Wangun jeung Adegan Pupuh jeung Carita Pondok nu dipidangkeun kalawan insténsif tur daria. 3. Nulis rangkuman matéri unggal-unggal kagiatan diajar kalawan sumanget. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 113 4 4. Ngaregepkeun pedaran matéri ti fasilitator, tanya jawab, sawala babarengan dina kelompok pikeun migawé LK kalawan dibarung kurasa kabungah. 5. Latihan soal-soal pilihan ganda pikeun nyanghareupan postes kalawan taliti tur konséntrasi. 6. Baca deui saliwat pedaran matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung tingkesan matéri ajar kalawan taliti tur daria. 7. Postes di TUK anu geus ditangtukeun kalawan konséntrasi jeung mandiri.

E. Latihan Kasus Pancén

1. Terangkeun wangenan pupuh 2. Béré conto wangun pupuh Sunda 3. Terangkeun unsur intriksik pupuh Sunda 4. Naon waé ciri-cirina karya sastra nu disebut carpon téh? 5. Naon sasaruaan katut bédana antara téma jeung amanat?

F. Tingkesan

Pupuh anu kaasup kana Sekar ageung: Pupuh Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh; Pupuh Kinanti, ngagambarkeun kesel nungguan, atawa kanyaah; Pupuh Asmarandana, ngagambarkeun rasa silihasih, silih pikanyaah; jeung Pupuh Dangdangula, ngagambarkeun katengtreman, kakawasaan, jeung kaagungan.Pupuh anu kaasup kana Sekar alit nyaéta Pupuh Balakbak,ngagambarkeun heureuy atawa banyol. Pupuh Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri. Pupuh Juru demung, ngagambarkeun nu bingung, susah pilakueun. Pupuh Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung. Pupuh Landrang, ngagambarkeunnu resep banyol bari nyindiran.Pupuh Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan. Pupuh Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol anu aya pikiraneunana. Pupuh Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, atawa sumanget. Pupuh Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté. Pupuh Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gede harepan. Pupuh Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 114 4 nyanghareupan tugas nu beurat. Pupuh Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan. Pupuh Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan Carita pondok téh nyaéta karangan fiksi pondok dina basa lancaran. Hartina naon-naon anu dicaritakeun ku pangarang téh henteu kudu enya-enya kajadian ku dirina. Tapi sok sanajan mangrupa fiksi, carpon téh kudu nyindekel kana réalita. Réalitas téh mangrupa kanyataan sapopoé nu kaharti ku akal. Kumpulan carita pondok Sunda nu judulna Dogdog Pangréwong karya G.S. 1930 kaasup kumulan carpon nu munggaran di Indonesia, malah genep taun leuwih ti heula batan kumpulan carpon Téman Duduk karya M. Kasim 1936. Carita pondok mibanda tilu unsur intrinsik, nyaéta 1 téma, 2 fakta carita galur, tokoh, jeung latar, katut 3 sarana sastra literary devices saperti puseur sawangan point of views, gaya, jeung judul.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku