Kacindekan KACINDEKAN JEUNG SARAN

145 Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar hasil analisis data dina bab IV, aya sababaraha hal anu bisa dicindekkeun : a. Kahanan Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana magrupa novél anu nyaritakeun mangsa digjayana karajaan Sunda. Dina ieu novél, mimitina karajaan Sunda masih diratuan ku Prabu Bunisora Suradipati, adina Maharaja Linggabuana anu tiwas suci di Bubat. Tapi Prabu Bunisora Suradipati geus hayang ngécagkeun kalungguhanna sarta ngistrénan Prabu Wangisutah pikeun jadi gagantina. Mimitina Prabu Wangisutah nolak lantaran masih boga kapanasaran ngeunaan Gajah Mada jeung Karajaan Majapait. Sanggeus kapanasaranna cacap, Prabu Wangisutah sayaga dijenengkeun jadi Ratu Nagri Sunda. Sanggeus kitu, Nagri Sunda digjaya sarta beuki tohaga dina pingpinan Prabu Wangisutah. b. Struktur intrinsik Novél Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana bisa dianalisis struktur intrinsik sarta unsur budayana pikeun dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra di SMA. Struktur intrinsik nu dianalisis dina ieu pananglutikan nya éta téma, galur, palaku, latar, judul, puseur sawangan, jeung gaya basa. Téma dina novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana nya éta ngeunaan pamingpin nu miboga sikep tanggungjawab kana pancénna, sarta tara sagawayah dina milampah tiap hal. Nu bisa ngadalikeun hawa napsu nu bakal mawa kagoréngan. Sarta miboga sikep toléransi kana ageman séjén. Galurna kaasup kana galur mérélé atawa maju. Lantaran péréléan kajadianna tuluy maju sacara témporal, henteu nyaritakeun kajadian anu saméméhna atawa nyawang ka tukang sarta henteu bulak-balik. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Dina ieu novél kacatet aya 104 palaku. Nu jadi palaku utama dina ieu novél nya éta Prabu Wangisutah. Prabu Wangisutah mangrupa puseur dina carita, Prabu Wangisutah nu ngalalakon ti mimiti nepi ka ahirna. Palaku kadua dina ieu novél aya 10 palaku. Sakabéh palaku kadua mangrupa palaku nu raket patalina jeung Prabu Wangisutah sarta mangaruhan kana jalan carita. Palaku tambahan dina ieu novél loba pisan. Lantaran Prabu Wangisutah sababaraha kali alampahan ka tempat-tempat anu jauh. Ku kituna, dina unggal wewengkon pasti aya palaku nu miboga peran dina ngajeujeuhkeun atawa ngan saukur nuduhkeun jalan ka Prabu Wangisutah. Dina ieu novél, latar tempat anu kagambarna loba pisan lantaran mindengna palaku utama ngalaksanakeun lalampahan. Latar waktu jeung latar suasana nu jadi panglengkep tina latar tempat teu salawasna kagambar sacara éksplisit atawa disebutkeun langsung. Lantaran aya sawatara latar waktu jeung latar suasana nu kudu ditafsirkeun heula tina cutatan caritana. Najan kitu, teu weléh aya waé latar waktu jeung latar suasana nu teu kapaluruh atawa teu bisa ditafsirkeun lantaran informasi nu dimeunangkeun tina cutatan caritana kawatesanan. Sacara gurat badag, latar dina ieu novél bisa dibagi dua, nya éta Nagri Sunda jeung Nagri Majapait. Ieu hal patali jeung lalampahan nu dilaksanakeun ku Prabu Wangisutah. Puseur sawangan nu digunakeun dina ieu novél nya éta caturan jalma katilu. Caturan jalma katilu anu digunakeunna nya éta nu teu kawatesanan atawa sarwa terang. Dina caturan jalma katilu sarwa terang ieu, pangarang nyoko kana kabéh karakter sarta nempatkeun karakterna di jalma katilu lantaran sok disebutkeun ngaranna langsung atawa maké kecap sulur manéhna. Pangarang ogé bisa nieun karakter-karakterna sarwa nempo, sarwa ngadéngé, jeung sarwa nyaaho. Pangarang bisa nempo kana alam pikiran palaku sarta nyaho naon eusi batinna para palaku. Sedengkeun gaya basa nu dipaké nya éta ya gaya basa babandingan, mindoan, paradoks, mijalma, lalandian, hiperbola, babasan, paribasa, jeung basa buhun. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu c. Unsur Budaya dina Novél Salian ti struktur intrinsik, nu dianalisis dina ieu pananglutikan ogé nya unsur budaya. Unsur budaya nu dipedar nyoko kana tujuh unsur budaya nurutkeun Koentjaraningrat nya éta basa, sistem pangaweruh, sistem jeung organisasi kamasarakatan, sistem téknologi, sistem pakasaban, sistem religi jeung upacara kaagamaan, jeung kesenian. Unsur basa nu kapanggih dina ieu novél aya lima, basa kawi, basa Jawa, basa Sunda, kecap serepan tina basa Arab, jeung basa Sunda buhun. Sedengkeun sistem pangaweruh anu kapanggih dina ieu novél kasampak dina pangaweruhna ngeunaan alam, nya éta ngeunaan tutuwuhan anu bisa di dahar. Dina ieu novél, teu kacarikateun ngeunaan cara ngubaran. Aya ogé dina ngubaran, ngagunakeun kasaktén, nya éta tenaga dalam. Jadi teu maké unsur alam. Dina ieu novél, katitén sawatara hal anu kaasup kana sistem jeung organisasi kamasarakatan, di antarana nya éta ngeunaan ngaran pangkat di lingkungan karajaan jeung gotong royong dina ngawangun parigi. Aya sababaraha sistem téknologi anu kapanggih dina ieu novél. Téknologi sorangan nya éta pakakas anu bisa bisa nyieun pagawéan manusa karasa leuwih gampang. Téknologi nu kapanggih dina ieu novél nya éta alat-alat produktif, pakarang, wadah, pakakas pikeun ngahurungkeun seuneu, dahareun jeung inuman, pakéan, patempatan, jeung alat transportasi. Pakasaban anu kapanggih dina ieu novél loba rupana. Nepika aya kana 18 rupana. Éta kabéh pakasaban urang Sunda lumrahna. Sistem réligi jeung upacara kaagamaan nu kapanggih dina novél aya sababaraha rupa, di antarana nya éta agama Hindu Wisnu, agama Hindu Siwa, agama Budha, agama Islam, jeung agama Karuhun Sunda. Iwal ti upacara-upacara kaagamaanna. Nu disorot dina ieu novél nya éta upacara kaagamaan nu aya di ageman karuhun Sunda lantaran dina wengkuan daérah karajaan jeung sabudeureunna mah masih ngaragem agama Karuhun Sunda. Unsur nu terakhir nya éta kasenian. Dina ieu novél aya rupa-rupa Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu kasenian anu kagambar. Di antarana waé aya tarawangsa, kacapi, pantun, dogdog, calung, gending karesmén, jsb. d. Bahan Ajar Struktur Intrinsik jeung Unsur Budaya dina Novél Ieu novél bisa dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra di tingkat SMA dumasar kana SKKD pangajaran basa sunda di SMA ngeunaan maca sempalan novél. Dina maca sempalan novél ieu, siswa ogé diperedih pikeun maham lain ngan saukur novél nu dibacana hungkul, tapi ogé jeung struktur intrinsik novél. Di dieu aya pangdeudeul dina unsur budaya. Sangkan siswa leuwih kairut deui dina mata pelajaran basa Sunda pangajaran aprésiasi sastra.

5.2 Saran