2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
20
Nyanghareupan kaayaan modél kitu, éta guru maluruh naon anu ngalantarankeunana. Nya salah sahijina téh, upamana waé métodeu
pangajaran anu digunakeunana matak teu pikaresepeun muridna. Métode anu dipakéna ukur ceramah, murid teu kaaping dina
ngalaksanakeun tugas, arang langka ngagunakeun alat peragamédia pangajaran, jeung arang langka ngayakeun tés atawa evaluasi.
Sanggeus ngaidentifikasi rupa-rupa hal anu ngalantarankeun héngkérna kualitas jeung handapna hasil diajar murid, éta guru satuluyna
ngararancang hiji kagiatan pikeun ngungkulan éta masalah.
Lajuning laku mangrupa kagiatan nu dilaksanakeun sanggeus réfléksi. Dina ieu kagiatan guru perlu maluruh aspék-aspék nu dianggap héngkér
kénéh tur perlu dioméan. Éta aspék anu nyababkeunana téh jadi titik pamiangan pikeun ngalaksanakeun kagiatan saterusna.
2. Léngkah-léngkah Lajuning Laku Réfléksi Pangajaran
Ieu di handap minangka lajuning laku hasil réfléksi pangajaran anu ditataharkeun saméméh prung nagalaksanakeun PTK. Ari léngkah-
léngkahna anu kudu diparhatikeun ku calon panalungtik téh kayaning ieu di handap.
a. Aya Ide Awal, minangka gagasan pikeun maluruh rupa-rupa tarékah anu
kudu dipilampah. Di antarana nataharkeun hiji panalungtikan pikeun manggihan jeung ngaréngsékeun masalah anu karandapan di hiji kelas.
b. Prasurvei, pikeun mikanyaho kalawan detil kondisi nu aya di éta kelas nu
rék ditalungtik. Prasurvei mah biasana dilaksanakeun ku calon panalungtik anu jolna ti luar, atawa lain guru di éta kelas. Tapi pikeun guru anu sapopoé
ngajar di éta kelas mah tangtu geus apal kana masalah anu disanghareupana.
c. Diagnosis, pikeun maluruh aspék-aspék anu mangaruhan kana gagalna hasil
diajar. Dilaksanakeun ku calon panalungtik séjén atawa jalma anu teu biasa ngajar di éta kelas. Hasil diagnostik bisa ditangtukeun dasar pikeun
ngalaksanakeun PTK. Masalah anu kapanggih tina hasil diagnostik, upamana masalah strategi pangajaran, média pangajaran, jeung matéri
pangajaran. Diagnosis teu perlu dilaksanakeun ku guru nu teu ngalaksanakeun PTK di kelasna sorangan.
2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
21 d. Ngarencanakeun, bisa dibagi jadi 2 jenis, nyaéta rencana umum jeung
rencana husus. Rencana umum maksudna pikeun nyusun rarancang nu ngawengku sakabéh aspek nu aya patalina jeung PTK. Rencana husus
maksudna pikeun nyusun rarancang unggal siklus. Ku lantaran kitu, dina rencana husus mah sok ditangtukeun deui rencana replanning.
e. Impleméntasi, pikeun ngaréalisasikeun atawa ngalaksanakeun tindakan
luyu jeung nu geus direncanakeun saméméhna. PTK sipatna emansipatoris jeung ngabébaskeun liberating lantaran ngarojong kabébasan guru dina
mikir jeung nepikeun alesan dina ngalaksanakeun ékspérimen, nalungtik, jeung netepkeun putusan atawa ngasongken judgment.
f.
Ngimeutanmaluruh, bisa ku cara obsérvasi atawa monitoring nu
dilaksanakeun ku panalungtik atawa kolaborator. Salila monitorng pangamat kudu nyatetkeun sakur nu katingali, kajadian, atawa peristiwa aya
di kelas. Métodeu pikeun ngumpulkeun data nu digunakeun nu perlu méakkeun waktu lila sangkan teu ngaganggu kana prosés pangajaran.
g. Réfléksi, minangka hiji tarékah panalungtik pikeun maluruh deui hal-hal