Warta Lisan Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 11 PDF 2014

119 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI Naha Kumaha 4 Palebah mana anu ngabédakeunana nepi ka warta nu judulna “Helaran Jampana Kota Tasikmalaya 2013” kaasup kana wanda straight news report sarta “Liverpool Ngudag Big Four” kaasup kana wanda dept news. Straight News Report Dept News “Helaran Jampana Kota Tasikmalaya 2013” Cirina: … - “Liverpool Ngudag Big Four” - Cirina: …

B. Warta Lisan

Warta nu ditepikeun sacara lisan bisa ngagunakeun media pengeras suara, radio, televisi, telepon, jeung sajabana. Upama warta ditepikeun langsung paaduhareupan jeung paregep kudu merhatikeun lentong jeung tatakrama basana. Warta nu ditepikeun ngagunakeun média radio leuwih ngutamakeun lentong. Réngkak jeung pasemon nepikeun warta dina radio mah moal katingali ku nu ngaregepkeun. Tapi, warta nu ditepikeun maké media televisi mah, salian ti lentong, pasemon ogé kudu ditalingakeun, sajaba ti kudu nempo kaméra salila nepikeun éta eusi warta. Tengetan ieu conto warta wanda wawaran biasa atawa pangumuman, nu ditepikeun langsung, upamana di kelas atawa di lapangan sakola. 1 di handap Lead: OSIS SMA urang téh badé ngayakeun Pasinggiri Musik Karinding antar kelas. Assalamu’alaikum wrwb. Seja nguningakeun ka sadérék sadayana, réhna OSIS SMA urang téh badé ngayakeun Pasinggiri Musik Karinding antar kelas. 120 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI Body: sakur siswa ti kelas 10 nepi ka kelas 12 nu aya minat ngiring dina éta acara tiasa daptar, jsté. Pasanggiri bakal dilaksanakeun tanggal 17 Agustus 2013, tempatna di Aula Serba Guna, tahuh 09.00 nepi ka réngsé. Ka sakur siswa ti kelas 10 nepi ka kelas 12 nu aya minat ngiring dina éta acara tiasa daptar ka panitia unggal istirahat pelajaran ti kaping 11–15 Agustus 2013. Ka Kelompok Karinding anu pangalusna bakal narima hadiah ti Bapa Kepala Sakola. Upami peryogi katerangan nu langkung lengkepna mah, sadérék sadayana tiasa nepengan panitia di sekretariat Panitia. Pék tengetan deui ieu di handap conto warta straight news nu ditepikeunana dina radio Lead: Dina raraga ngamumulé budaya Sunda, Walikota Bandung geus ngaluarkeun aturan anyar nu eusina nganjurkeun ka sakumna pelajar jeung mahasiswa sangkan maraké pakéan adat Sunda unggal poé Rebo . Body : Ku cara kitu, dipiharep para pelajar ngabogaan sikep nu hadé kana budayana sorangan, anu ahir-ahir ieu ku geus kadéséh ku nerekabna budaya deungeun. Wartos-wartos salajengna. Dina raraga ngamumulé budaya Sunda, Walikota Bandung geus ngaluarkeun aturan anyar nu eusina nganjurkeun ka sakumna pelajar jeung mahasiswa sangkan maraké pakéan adat Sunda unggal poé Rebo. Pikeun pelajar putra disarankeun maké pakéan sabangsa pangsi jeung iket. Pelajar putri maké kabaya. Ieu aturan téh minangka komitmen Walikota dina ngalaksanakeun program ngaronjatkeun raga katineung para pelajar kana budayana sorangan. Ku cara kitu, dipiharep para pelajar ngabogaan sikep nu hadé kana budayana sorangan, anu ahir-ahir ieu ku geus kadéséh ku nerekabna budaya deungeun. Sajaba ti éta, Walikota Bandung dina Apél Bendéra poé Senén tadi negeskeun sangkan aparan pamaréntah kota ogé ajeg jeung leuwih daria dina ngalaksanakeun program ngagunakeun basa Sunda unggal poé Rebo, boh dina suasana resmi boh teu resmi. 121 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI Pék tengetan deui ieu di handap conto warta dept news tina siaran langsung nu ditepikeunana dina televisi. Pamiarsa di mana waé ayana, luyu sareng jadwal pertandingan, wengi Senén, tanggal 7 September 2013, tabuh tujuh waktu Indonesia bagian kulon urang baris nyaksian kumaha tapisna Tim Nasional U-13 nu baris tandang makalangan ngalawan Tim Singapura. Ieu Tim U-13 nu digembléng ku Pelatih nu tiis leungeun téh dipiharep bisa ngunggulan lawanna. Parapamaén nu masih kénéh belekesenteng ieu téh dipilih ti unggal provinsi nu aya saantéro Nusantara. Pikeun ngahontal éta juara, parapamaén ti dua kasawelasan geus digembléng ku masing-masing pelatihna. Pajoang Si Kulit Buleud Nasional nu geus dibekelan ku rupa-rupa téhnik dribbling jeung passing ieu nargétkeun unggul 1-0 ti lawanna, anu basa dua minggu ka tukang kungsi adu hareupan di Stadion Bung Karno, kalawan unggul 5-0. Kabandungan di layar televisi pamiarsa, parapamaén ti dua kasawelasan geus mimiti arasup ka lapangan pikeun ngalakukeun pamanasan kalawan tur dipapag salusurakan nu ayeuh-ayeuhan ti para suporter anu ngabobotohanana. Pamiarsa, wasit nu mingpin ieu duél maut dua kasawelasan pikeun nangtukeun juara tingkat Asean ieu téh didatangkeun ti India. Dipiharep kapamingpinan wasit dina ngajalankeun tugasna teu nogéncang. Pancén 2 Di luhur téh aya tilu warta anu masing-masing ditepikeun kalawan media anu béda. Warta kahiji ditepikeun langsung kalawan adu hareupan, kadua ditepikeun dina radio, jeun katilu ditepikeun dina televisi. Tugas hidep ayeuna ngaréngsékeun ieu pasualan di handap 1 Naon kira-kirana pijuduleun atawa topik warta nu kahiji, kadua, jeung katilu di luhur 2 Naon anu ditepikeun dina warta nu kahiji, kadua, jeung katilu di luhur 3 Mana tina tilu warta di luhur anu kaasup kana Straight News Report jeung mana nu kaasup kana Dept News? 122 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XI 4 Tuliskeun poko pikiran utama nu aya dina unggal paragrap katilu warta di luhur 5 Tuliskeun contona nu ngandung unsur 5 W jeung 1H dina warta kahiji jeung kadua di luhur?

C. Maca Warta