Guru, bisa ditalungtik sajeroning kagiatan pangajaran atawa Matéri pangajaran, bisa ditalungtik sajeroning guru keur Sarana atawa pakakas pendidikan, bisa ditalungtik sajeroning guru Lingkungan, boh lingkungan murid di kelas, sakola, at

3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 27 kagiatan karyawisata, atawa di tempat séjénna kalawan diaping ku guru. Nu penting mah bisa ngaronjatkeun poténsi nu aya dina diri murid. Ceuk hasil panalungtikan, sanajan sacara alamiah kamekaran intelegénsi, bakat, minat, kréativitas, kacerdasan émosi, kapribadian, kamandirian, jasmani, jeung sosialna murid teu sarua tapi saupama dirangsang otakna pikeun mikir tangtu poténsi-poténsi nu aya dina dirina téh bakal ngaronjat.

2. Komponen Sasaran Panalungtikan PTK

Dumasar watesan di luhur, komponén anu dijadikeun sasaran PTK ngawengku: 1 murid, 2 guru, 3 matéri ajar, 4 saranapakakas, 5 hasil pangajaran, 6 lingkungan, jeung 7 prosés ngokolakeun pengelolaan. a. Murid, bisa dipaluruh dina waktu prosés kagiatan diajar lumangsung. Conto panalungtikan nu patalina jeung murid dina PTK di antarana perilaku disiplin murid, motivasi atawa sumanget diajar murid, kaparigelan mikir kritis, kamampuh ngaréngsékeun masalah, jeung sajabana.

b. Guru, bisa ditalungtik sajeroning kagiatan pangajaran atawa

lumangsungna ngaping murid. Conto masalah nu patalina jeung guru dina PTK di antarana ngeunanan métodeu atawa strategi pangajaran, pembelajaran, pamarekan pangajaran, jeung sajabana.

c. Matéri pangajaran, bisa ditalungtik sajeroning guru keur

nerangkeun atawa midangkeun materi pangajaran nu ditugaskeun ka murid. Conto masalah nu patalina jeung matéri dina PTK, upamana runtuyan dina midangkeun matéri, ngaorganisasi materi, integrasi bahan ajar, jeung sajabana.

d. Sarana atawa pakakas pendidikan, bisa ditalungtik sajeroning guru

keur ngagunakeun atawa ngamangpaatkeun sarata jeung pakakas pendidikan. Conto masalah anu patalina jeung sarana atawa pakakas pendidikan di antarana ngamangpaatkeun laboratorium, ngagunakeun média pangajaran, jeung ngagunakeun sumber pangajaran. 3 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 28 e. Hasil pangajaran bisa ditilik tina tilu ranah kognitif, aféktif, psikomotorik, mangrupa produk nu kudu ditingkatkeun ku cara PTK. Hasil pangajaran bakal aya patalina jeung tindakan anu dilaksanakeun sarta unsur séjén dina prosés pangajaran, kayaning métodeu, média, guru, atawa perilaku diajar murid éta sorangan.

f. Lingkungan, boh lingkungan murid di kelas, sakola, atawa imah.

Dalam PTK, wangun perlakuan atawa tindakan anu dilaksanakeun nyaéta ngarobah kondisi lingkungan jadi leuwih kondusif, upamana ku cara nata rohangan kelas, nata lingkungan sakola, jeung tindakan séjénna.

g. Pengelolaan, mangrupa kagiatan anu bisa diaturdirekayasa ku

wangun tindakan. Conto masalah anu patalina jeung pengelolaan dina PTK di antarana ngatur kelompok murid, merenahkeun jadwal pangajaran, menerahkeun tempat diuk murid, ngatur rohangan kelas, jeung sajabana.

3. Nangtukeun Masalah dina PTK