Ngajembaran Kaweruh Biantara Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 6 PDF 2014

81 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI Ngajawab pertanyaan Urang ngajawab pertanyaan ieu di handap. 1. Saha nu nyusun bahan biantara? 2. Naon intigurat badag bahan biantara? 3. Kudu kumaha urang miara kaséhatan huntu? 4. Dimana dokter gigi prakték? 5. Catét kecap-kecap nu digunakeun dina widang kedokteran gigi Geus bérés nulis biantara, bacakeun di hareupeun kelas. Bagilir baé saurang-saurang.

G. Ngajembaran Kaweruh Biantara

Ieu di handap aya deui bahan biantarakeuneun. Pék baca deui dina jero haté, tuluy tepikeun deui di hareupeun babaturan. Biasakeun Ngumbah Leungeun Disabunan Ngumbah leungeun disa- bunan téh kacida pentingna pikeun nyinglar panyakit nu nerekab saperti infeksi saluran pernapasan “akut”, nu sok jadi deui, infl uenza, jeung diaré. Tapi, kasadaran jeung kanyaho barudak kana hal éta masih can biasa. Kagiatan ngumbah leungeun disabunan téh keur barudak mah kacida pentingna, kawas kolot-kolotna. Kitu, nu ditétélakeun ku pejabat kaséhatan. Cék pamanggihna, 25 panyakit diaré kusabab toilét teu beresih. Sakaluarna ti jamban, kamar mandi, jalma-jalma téh tara ngumbah leungeun disabunan, nerekabna panyakit diaré kacida gancangna. Sumber: www.rsiafamily.com 82 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SDMI Kelas VI Éta pejabat nétélakeun, aya lima waktu penting pikeun barudak ngalaksanakeun ngumbah leungeun disabunan téh saméméh sarapan, saméméh dahar, waktu peuting, jeung waktu kaluar ti toilét. Keur jalma déwasa mah saméméh dahar, sakaluarna ti toilét, saacan nyadiakeun dahareun, sanggeus ngaganti popok orok, jeung sanggeus nyekel ingon-ingon. Ceuk éta Pejabat Kaséhatan kénéh, ngumbah leungeun disabunan téh hal nu kacida sederhanana, tapi kacida pentingna. Biayana murah, jeung deui bisa jadi kabiasaan masarakat. Salian ti éta muga-muga baé kabiasaan ngumbah leungeun disabunan téh lian ti dipilampah ku murid-murid sakola dasar, bisa diajarkeun ka murid TK jeung PAUD. Disarungsum tina: “Biasakan Cuci Tangan Menggunakan Sabun”, Pikiran Rakyat, 30 Oktober 2013 Ngajawab pertanyaan Urang ngajawab pertanyaan, yu 1. Ngumbah leungeun disabunan kacida pentingna, naha? 2. Saha nu kudu ngumbah leungeun disabunan téh? 3. Iraha “lima waktu penting” ngumbah leungeun téh? 4. Naon sababna, ngumbah leungeun disabunan disebut kagiatan sederhana? 5. Ari hidep kungsi ngalaksanakeun program ngumbah leungeun disabunan? Pék baé ku hidep sebutan kabiasaan nu dipilampah, nu matak séhat kana awak.

H. Ngahariringkeun Kawih