100
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas V
F. Ngajembaran Dongéng
Ayeuna hidep kudu maca deui dongéng pikeun ngajembaran kaweruh hidep. Geura pék baca dina jero haté
Sasakala Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
Kacaturkeun jaman baheula di Pulo Jawa béh kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu boga anak dua. Anu
cikal ngaranna Radén Sundana, ari anu bungsu ngaranna Radén Topobrana. Harita mah Pulo Jawa jeung Pulo Sumatra téh masih
ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata téh geus kolot pisan, karajaan téh dibagi dua tur diwarsikeun ka anakna. Karajaan béh wétan bagéan Radén
Sundana, ari karajaan béh kulon bagéan Radén Topobrana. Geus kitu mah, Sang Prabu tuluy ngabagawan di wates éta dua karajaan. Sang
Prabu miang teu mawa nanaon, ngan mawa guci pusaka.
Hiji mangsa dina taun kagenep, Sang Prabu téh ngadéngéeun yén anakna paraséa. Radén Sundana ngarurug karajaan adina Radén
Topobrana. Sang Prabu téh ceg kana guci anu geus diseusi ku cai laut téa, tuluy miang ka médan laga. Kasampak dua anakna keur perang
campuh, atuh Sang Prabu téh kacida benduna.
Sumber: www.belantaraindonesia.org
101
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas V
Nempo Sang Parbu datang, reg wéh perang téh eureun. Radén Sundana jeung Radén Topobrana langsung nyampeurkeun, cedok
nyembah ka Prabu Rakata. Kitu deui, para prajuritna. Atuh Radén Sundana jeung Radén Topobrana téh beak beresih dicarékan ku Prabu
Rakata, teu kaliwat para prajuritna. Duanana tarungkul da rumasa salah.
Ti dinya Sang Prabu Rakata nangtung, ceg kana guci pusaka téa. Tuluy cai laut anu aya dina guci téh dikucurkeun di sapanjang wates
dua karajaan. Ari guci kosongna diteundeun di tapel wates éta dua karajaan. Ti dinya mah, Prabu Rakata miang deui ka patapaanana.
Teu lila ti harita, wates karajaan anu dicébor ku cai laut téh dadak sakala jadi laut anu meulah dua karajaan. Laut anu meulah pulo téh
disebutna selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda, nyokot tina ngaran Radén Sundana, anu sarakah hoyong wilayah raina. Ari guci nu
diteundeun dina wates karajaan téa ngajanggélék jadi gunung, anu katelah Gunung Rakata atawa Gunung Krakatau. Tah, kitu sasakala
Selat Sunda jeung Gunung Krakatau téh.
Ngaruntuykeun Kecap anu Hésé
Sanggeus maca dongéng Sasakala Selat Sunda jeung Gunung Krakatau, ku hidep runtuykeun heula kecap-kecap anu dianggap hésé.
Geus kitu, téangan hartina. Hidep diskusi jeung babaturan, néangan dina kamus, atawa nanyakeun ka babaturan. Hasilna laporkeun dina
buku pancen.
G. Néangan Dongéng