Téhnik Ngolah Data Léngkah-léngkah Panalungtikan

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014 AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta prosedur anu sistematis pikeun meunangkeun data anu diperlukeun Satori, 2009:103. Panalungtikan nu dilakukeun ngaliwatan sumber-sumber lisan jeung tinulis. Ku sabab kitu, sangkan data maksimal, aya sababaraha léngkah dina ieu panalungtikan, nya éta :

3.6.1 Studi Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi mangrupa téhnik ngumpulkeun data nu mangrupa catetan, transkrip, buku, jsb Arikunto, 2010:231. Téhnik dokuméntasi digunakeun ogé pikeun analisis struktur intrinsik dongéng.

3.6.2 Wawancara

Wawancara mangrupa lawungan antara dua orang atawa leuwih pikeun tukeur informasi jeung ide ngaliwatan tanya jawab sangkan bisa dikontruksikeun dina hiji topik nu tangtu. Wawancara mangrupa alat pikeun pambuktian kana informasi atawa katerangan anu geus dimeunangkeun saacanna jeung magrupa téhnik komunikasi langsung antara panalungtik jeung sampel. Data dongéng nu didongéngkeun bisa direkam tuluy ditulis, tapi kudu sakanyaho informan. Dina ieu panalungtikan, panulis nya éta instrumén utama. Tapi, tetep dibantuan ku instrumén séjénna. Instrumén dina ieu panalungtikan nya éta panalungtik éta sorangan, sabab ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan kualitatif Sugiono, 2010:305. Tapi panalungtik ogé dibantuan ku instrumén séjénna saperti alat rekam, buku catetan, jeung pedoman wawancara, nu digunakeun dina pangumpulan data.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Data anu geus dikumpulkeun tangtuna kudu diolah pikeun didéskripsikeun sangkan bisa dijieun kacindekan ngeunaan data panalungtikan. Data anu geus dikumpulkeun mangrupa kartu data anu diolah ngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta : Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014 AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 Data analisis struktur instrinsik dongéng Pikeun ngolah ieu data, panalungtik ngalakukeun sababarah léngkah nya éta: 1 panalungtik nganalisis kartu data ; 2 hasil analisis dibaca jeung dibéré tanda; 3 hasil maca dianalisis tur diklasifikasikeun dumasar strukturna; 4 hasil analisis ditulis dina kartu data; 5 kartu data disusun dina tabél; jeung 6 nyieun kacindekan tina data anu geus diolah dina wangun perséntase. 2 Data hasil wawancara Pikeun mikanyaho dongéng, panalungtik ngayakeun wawancara ka tokoh. Anu jadi réspondén dina ieu panalungtikan nya éta tokoh anu dianggap weruh boh anu aya di lingkungan formal saperti guru boh di lingkungan informal saperti jalma anu jadi tokoh di lingkungan sabudeureunna. Léngkah anu dilakukeun nya éta: 1 panalungtik ngawawancara narasumber; 2 hasil wawancara dianalisis; jeung 3 nyieun kacindekan.

3.8 Léngkah-léngkah Panalungtikan

Ieu panalungtikan disusun ngaliwatan opat léngkah, nya éta: 1 tahap tatahar, 2 tahap ngumpulkeun data, 3 tahap ngolah data, jeung 4 tahap nyusun laporan. Léngkah-léngkah panalungtikan dijéntrékeun ieu di handap: 1 Tahap Tatahar Léngkah-léngkah anu dilakukeun dina tahap tatahar, nya éta 1 obsérvasi awal, 2 ngajukeun judul panalungtikan, 3 nyusun rarancang panalungtikan, jeung 4 konsultasi jeung dosén pangaping. 2 Tahap Ngumpulkeun Data Léngkah-léngkah dina tahap ngumpulkeun data, nya éta: 1 ulikan pustaka pikeun pamahaman awal kana masalah anu ditalungtik, 2 ngayakeun wawancara jeung narasumber ngeunaan dongéng , jeung 6 hasil wawancara dicatet atawa dirékam Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014 AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3 Tahap Ngolah Data Léngkah-léngkah dina ngolah data, nya éta: 1 data dongéng dipasing- pasing, 2 data dianalisis tuluy diklasifikasi, 3 nyieun kacindekan tina hasil analisis data dina wangun déskripsi, 4 data ngeunaan dongéng disusun, 5 nyieun kacindekan tina data wawancara dina wangun déskripsi, 6 ngabandingkeun dua data, 7 nyieun kacindekan. 4 Tahap Nyusun Laporan Tahap nyusun laporan panalungtikan mangrupa tahap anu pamungkas. Data- data anu geus dikumpulkeun, dianalisis, tuluy dicindekkeun disusun dina wangun laporan kalayan sistematis dina wangun tésis.