T PBBS 1302589 Chapter I

1

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah
Nalika maca, urang ngalakukeun hiji kagiatan mutalaah kana hiji téks.
Téksna bisa mangrupa téks sastra atawa nonsastra. Nu kaasup téks sastra di
antarana fiksi, puisi, jeung naskah drama. Éta sakabéh téks téh diaktualisasikeun
kana basa. Ayana basa pikeun nepikeun sarta ngomunikasikeun informasi,
gagasan, idé, rarasaan, amanat, jeung naon waé nu baris ditepikeun ku panulis ka
nu maca. Singetna, basa téh mangrupa pakakas utama pikeun komunikasi.
Umumna kagiatan komunikasi bisa dilakukeun ku cara verbal atawa
nonverbal. Verbal biasa diungkapkeun sacara lisan jeung tinulis. Béda jeung
nonverbal nu biasa diungkapkeun ku basa isyarat maké gerak awak, panon, jeung
sajabana.
Raharjo (dina Nurgiyantoro, 2014) nétélakeun yén komunikasi bisa
dihartikeun salaku hiji prosés nepikeun kode atawa simbol basa ti pangirim ka nu
narima. Carana bisa sacara langsung ku lisan atawa teu langsung ku tinulis. Ka
dua hal éta miboga kahadéan jeung kakuranganana. Dina situasi lisan panyatur
bisa langsung nepikeun tujuan komunikasina didukung ku faktor situasi jeung

konteks nu sabenerna, saumpama aya nu ambigu gé bisa langsung ditanyakeun
satra langsung aya jawabanana. Sabalikna, dina tinulis nu maca teu bisa langsung
nanyakeun hal-hal naon waé nu teu dipikaharti.
Saluyu jeung hal nu di luhur, dina maca teks sastra nu maca ngan saukur
nyingharepan buku atawa naskah. Otomatis, mun aya tulisan nu teu jelas
maksudna nu maca kudu sababaraha kali maca éta teks, atawa miboga inisiatif
pikeun langsung nanya ka nu ahlina ngeunaan naon anu dipimaksud.
Pamakéan basa dipangaruhan ku dua faktor; faktor-faktor linguistik jeung
faktor-faktor non linguistik. Ayana faktor éta dina pamakéan basa nimbulkeun

Zainah Asmaniah, 2015
NASKAH D RAMA RAJAPATI KARANGAN AHMAD BAKRI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2

varéasi basa. Varéasi basa éta muncul ku sabab ayana kabutuhan panyatur kana
basa nu saluyu jeung situasi nu aya dina konteks sosialna. “Wujud varéasi basa éta
mangrupa idiolék, dialék, ragam basa, régister, jeung undak-usuk” (Suwito dina
Nurhadi, 2013, kc.8).

Basa umumna dipaké ku panyatur disaluyukeun jeung lingkungan tempat
lumangsungna omongan. Dina wuwujudanana aya sagala rupa ragam atawa
varéasi basa. Chaer jeung Agustina (1995, kc.56) ngabagi varéasi basa kana opat
kategori, nya éta (1) varéasi tina jihat panyatur, (2) varéasi tina jihat pamaké, (3)
varéasi tina jihat kaformalan, jeung (4) varéasi tina jihat sarana. Salah sahiji
varéasi basa tina jihat pamakéna nya éta basa nu dipaké dina paguneman naskah
drama.
Sababaraha

waktu

ieu,

di

Jawa

Barat

loba


dipintonkeun

jeung

dilombakeun pintonan drama Sunda. Hal ieu ku sabab loba kénéh masyarakat nu
résep tur reeus kana ieu kagiatan. Pangarang naskah dramana loba ngasupkeun
rupa-rupa kajadian nu ampir sarua jeung kahirupan sapopoé nu nongtonna. Tapi
dikemas ku basa tur gaya panulisan anu khas sarta unik. Sok sanajan éta naskah
drama téh lolobana sindiran (sésébréd jeung pépéling) tapi nu nongton méré
aprésiasi nu hadé, yén éta karangan alus tur ngahibur.
Pamarekan basa dina paguneman naskah drama ngébréhkeun sagala rupa
aspék kahirupan dina jihat émosi. Ti mimiti nanya, ngajawab, ngomong sorangan,
seuri,

nyeungseurikeun,

diseungseurikeun,

nyarekan,


dicarékan,

ceurik,

diceurikan, ambek, diambekan, jsb. Basa dina naskah drama éta nyumpon kana
tilu cara pikeun mangaruhan masyarakat saperti nu ditétélakeun ku Aristoteles nya
éta ethos, logos, jeung pathos.
Rakhmat (dina Nurhadi, 2013:9) nétélakeun batasan ethos, pathos, jeung
logos. Ethos nya éta kasanggupan pikeun némbongkeun kamampuh nu lega, sikep
nu bisa dipercaya, jeung status panyatur nu hadé. Pathos kamampuh pikeun
ngaragap haté pamiarsa; rarasaan, emosi, harepan, kaambek, jeung kanyaah.
Logos nya éta mangaruhan pamiarsa ku cara logika (utek).
Cara nepikeun basa nu nyumponan kana katilu hal nu di luhur aya dina
retorik. Badib (dina Nurhadi, 20013:10) nétélakeun yén retorik mangrupa hiji
Zainah Asmaniah, 2015
NASKAH D RAMA RAJAPATI KARANGAN AHMAD BAKRI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3


widang élmu anu mayungan pragmatik, wacana (discourse), stilistika, jeung seni
nuturkeun omongan (elocution).
Ku

sabab

pamakéan

basa

dina

prosés

panulisan

naskah

drama


ngabutuhkeun pamanfaatan stratégi basa ku kituna diwujudkeun dina pamanfaatan
wanda linguistik, pamanfaatan gaya basa nu tangtu, pamanfaatan konteks tutur,
jeung pamanfaatan klien (minta tutur). Kajian retorik ieu ngamanfaatkeun hal-hal
éta kana interaksi antara pragmatik jeung stilistika.
Panalungtikan pragmatik loba dilakukeun ku panalungtik strategi tindak
tutur, implikatur, pamanfaatan prinsip kerja sama jeung prinsip kasopanan. Sajauh
ieu panalungtik néangan panalungtikan khusus ngeunaan pragmastilistik naskah
drama can aya. Aya ogé panalungtikan “Pragmastilistik Bahasa Indonesia (Kajian
Omongan Hipnoterapi)” karangan Jatmika Nurhadi, S.S.,M.Hum
Manfaat pragmastilistik dina kahirupan sapopoé urang nya éta ayana seni
dina paguneman sapopoé sarta jadi bahan pikiraneun pikeun saha waé anu
ngarang hiji naskah drama yén naskah drama téh eusina lain ngan saukur
paguneman biasa. Tapi miboga hiji nilai nu bisa dipaluruh ku urang saréréa, mun
éta naskah drama eusina mangrupa pesan atawa amanat nu ajén-inajénna luhung.
Salian ti éta pastina ogé bakal ngeyeban kajian kabasaan, utamana pikeun maluruh
strategi, sistem, jeung gaya basa nu dipaké dina basa naskah drama. Salian ti
pragmastilistik, struktur naskah dramana ogé kudu pikeun dipaluruh, ku sabab
leuwih ngajéntrékeun bagéan-bagéan naon waé nu aya dina éta naskah drama.
Ku ayana kitu, panalungtik kataji pikeun maluruh hiji naskah drama nu

saéstuna

bisa ngeuyeban jeung maparin pangaweuruh sarta ngaleungitkeun

kapanasaran panalungtik.

Panalungtik

ngayakeun panalungtikan ngeunaan hiji

naskah drama nu judulna “Naskah Drama Rajapati Karangan Ahmad Bakri
(Tilikan Stuktural jeung Pragmastilistik)”.

1.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah jeung kasang tukang di luhur, ieu
panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya di handap:
1) Kumaha deskripsi naskah drama rajapati?
Zainah Asmaniah, 2015
NASKAH D RAMA RAJAPATI KARANGAN AHMAD BAKRI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu


4

2) Kumaha struktur carita dina naskah drama rajapati?
3) Kumaha aspek-aspek pragmastilistik nu aya dina naskah drama rajapati
karangan Ahmad Bakri?

1.3 Tujuan Panalungtikan
Luyu jeung masalah anu dipedar, ieu panalungtikan ngabogaan tujuan anu
baris dihontal, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.
1.3.1

Tujuan Umum
Tujuan umum ieu panalungtikan nyaéta pikeun maluruh naskah drama

Rajapati karangan Ahmad Bakri ngaliwatan tilikan struktur jeung pragmastilistik.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan nu hayang dihontal, nyaéta
ngadéskripsikeun:
1. Deskripsi naskah drama Rajapati;

2. Struktur carita dina naskah drama Rajapati; jeung
3. Aspek-aspek pragmastilistik nu aya dina naskah drama Rajapati karangan
Ahmad Bakri.

1.4. Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan téh di antarana mangpaat
nu sipatna téoritis jeung nu sipatna praktis.
1.4.1

Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis ieu panalungtikan nyaéta sangkan bisa méré sumbangan

pikeun sistim atikan dina hal sastra, hususna ngeunaan élmu sastra, élmu basa,
jeung pragmatik nu nyangkaruk dina naskah drama Rajapati karangan Ahmad
Bakri tilikan struktur jeung pragmastilistik nu bisa ngalemeskeun budi jeung
ngalempengkeun akal, sarta ngeuyeuban nilai budaya sastra Sunda.
1.4.2

Mangpaat Praktis
Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat praktis hususna pikeun nu


nalungtik, guru, siswa, jeung masarakat.

Zainah Asmaniah, 2015
NASKAH D RAMA RAJAPATI KARANGAN AHMAD BAKRI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5

1) Pikeun nu Nalungtik
Ku ayana ieu panalungtikan, panalungtik bisa ngaplikasikeun kanyaho kana
hiji naskah drama sarta ngulik leuwih teleb ngeunaan naskah drama Rajapati
karangan Ahmad Bakri tilikan struktur jeung pragmastilistik.
2) Pikeun Siswa
Hasil ieu panalungtikan bisa dipaké siswa pikeun mikawanoh kana seni
drama ogé ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan kasenian tradisional Sunda.
3) Pikeun Guru
Ngaliwatan

ieu


panalungtikan

bisa ngeuyeuban pangaweruh guru dina

ngamekarkeun bahan ajar basa Sunda ku cara ngalarapkeun naskah drama
Rajapati jadi bahan pangajaran.
4) Pikeun Masarakat
Hasil ieu panalungtikan dipiharep bisa numuwuhkeun minat jeung karesep nu
balukarna bisa nimbulkeun karep pikeun ngamumulé seni tradisional Sunda,
nyaéta seni drama di tengah-tengah pangaruh budaya modern.

1.5 Rangkay Tulisan
Sistematika anu dipaké pikeun nyusun ieu tésis, nya éta:
1.5.1

BAB I ngeunaan bubuka. Eusina ngawengku kasang tukang masalah,
watesan

jeung

panalungtikan,

rumusan
mangpaat

masalah,

tujuan

panalungtikan,

panalungtikan,
asumsi,

mangpaat

jeung

métode

panalungtikan.
1.5.2

BAB II ngeunaan tiori. Eusina ngawengku tiori nu baris dipaké dina
nganalisis naskah drama Rajapati. Anapon tiori nu dipedar ngeunaan
wangenan naskah drama, sturtur naskah drama, jeung pragmastilistik,.

1.5.3

BAB III ngeunaan metodologi panalungtikan. Eusina ngawengku desain
panalungtikan,

wangenan

operasional,

instrumén panalungtikan,

panalungtikan, jeung sumber data panalungtikan.

Zainah Asmaniah, 2015
NASKAH D RAMA RAJAPATI KARANGAN AHMAD BAKRI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

téhnik

6

1.5.4

BAB IV ngeunaan analisis naskah drama Rajapati karangan Ahmad Bakri.
Eusina ngawengku pedaran naskah drama, analisis struktural, verba
perfomatif, jeung gaya basa dumasar kana hasil ulikan pragmastilistik.

1.5.5

BAB V ngeunaan kacindekan panalungtikan

jeung rékoméndasi. Eusina

ngawengku kacindekan panalungtikan jeung rékoméndasi.

Zainah Asmaniah, 2015
NASKAH D RAMA RAJAPATI KARANGAN AHMAD BAKRI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu