s bd 0906527 chapter1

BAB I
BUBUKA

1.1. Kasang Tukang
Kabudayaan nya éta hasil tanaga, karep, pikiran sarta perasaan jelema guna
nambahan kasenangan jeung kani’matan jelema ku rupa-rupa akalna (Danadibrata,
2006: 108). Manusa jeung kabudayaan téh raket patalina, sabab ayana kabudayaan di
hiji tempat téh lantaran ayana manusa nu hirup kumbuh di éta tempat. Ayana
kabudayaan nu dipimilik ku hiji masarakat ngajadikeun ciri mandiri anu ngabédakeun
hiji masarakat jeung masarakat séjénna.
Nagara Indonésia beunghar pisan ku kabudayaan, kabudayaan éta téh diwangun
tina kabudayaan-kabudayaan daérah anu ngawujud jadi kabudayaan nasional. Salaku
bagian tina nagara Indonésia, tatar Sunda ogé méré sumbangan dina ngawangun
kabudayaan nasional, salah sahijina nya éta tina basa. Basa mangrupa salasahiji unsur
kabudayaan anu didadarkeun ku Koentjaraningrat (1985: 2), tujuh unsur kabudayaan
téh nya éta; 1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem jeung organisasi
kamasarakatan, 3) sistem élmu pangaweruh, 4) basa, 5) kasenian, 6) sistem
pakasaban, jeung 7) sistem téhnologi jeung pakakas.
Basa miboga sipat nu produktif, ngaliwatan basa manusa bisa ngaéksprésikeun
kahayang, pikiran tur gagasana boh sacara langsung ngaliwatan omongan boh sacara
tinulis. Basa bisa dipaké pikeun nepikeun éksprési jiwa dina wangun karya sastra.

Karya sastra nya éta karya nu digelarkeun ngaliwatan médium basa, boh lisan boh
tinulis. Masarakat tatar Sunda geus teu bireuk deui kana karya sastra lantaran geus
gelar ti béh ditu kénéh. Masarakat baheula produktif dina nyiptakeun rupaning karya
sastra anu éndah tur euyeub ku ajén-inajén nu luhung salah sahijina nyampak dina
sawér.
Harti kecap sawér nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda (LBSS, 2007: 426) nya
éta: 1) cai hujan asup ka tepas imah; kasawéran, kabaseuhan ku sawér; panyawéran,

1

2

taweuran tempat ragragna cihujan tina hateup jeung nu sok kasawéran; 2) nyawér,
salah sahiji upacara dina kariaan ngawinkeun, nya éta ngawurkeun béas dicampur
duit ka pangantén jeung ka nu ngariung bari ngahaleuangkeun rupa-rupa piwulang,
tempatna di panyawéran; sawér pangantén, piwulang ka pangantén nu mangrupa
sa’ir.
Di masarakat tatar Sunda sawér téh aya rupa-rupa gumantung kana tujuannana,
upamana baé sawér tingkeban, sawér ganti ngaran, sawér orok, sawér ruatan, jeung
sawér pangantén.

Masarakat kiwari hususna generasi ngora teu pati maliré kana puisi sawér
lantaran basa nu digunakeunana arkais jarang dipikaharti ku maranéhanana, salian ti
éta ayana puisi sawér kiwari ukur kapanggih dina acara hajat ngawinkeun wungkul
éta ogé upama dina prosésina dibarung ku upacara adat. Puisi sawér kaasup kana
karya sastra buhun ku kituna jarang anu ngarasa kataji ku ieu karya nepi ka kadéséh
ku sastra modern saperti novel jeung sajak anu basana leuwih gampang dipikaharti.
Padahal dina karya sastra buhun hususna pusi sawér loba kakandung ajén-ajén anu
luhung, papatah-papatah anu bisa dijadikeun cecekelan hirup manusa, ku kituna
tarékah pikeun ngamumuléna pohara diperlukeuna.
Sangkan kakayaan daérah hususna dina widang sastra teu beuki lalangitan kudu
aya tarékah pikeun ngamumuléna, sangkan anak incu urang jaga wanoh kana naon nu
jadi budayana sorangan. Salasahiji tarékah pikeun ngungkulan éta pasuaalan nya éta
dijadikeuna karya-karya sastra heubeul pikeun bahan pangajaran basa Sunda.
Sangkan aya landasan hukum anu kuat pamaréntah geus netepkeun Perda No. 5/2003
ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Sunda.
Tarékah pikeun ngamumulé kakayaan sastra sunda hususna ngeunaan puisi
sawér datang ogé ti kaum akademisi kabuktian ku ayana panalungtikan-panalungtikan
anu medar ngeunaan sawér di antarana:
1. Puisi Sawér Bahasa Sunda karangan Yetty Kusmiyati Hadish saparakanca (1986)
terbitan Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen pendidikan dan

Kebudayaan.

3

2. Ajén Falsafah Upacara Sawér Pangantén piken Bahan Pangajaran Basa Sunda di
SMPN 12 Bandung Kelas VIII Ngagunakeun Modél Démonstrasi, skripsi Temmy
Widyastuti (2005).
3. Puisi Sawér Pangantén anu aya di Kacamatan Nyalindung Kabupatén Sukabumi
pikeun Bahan Pangajaran Maca Puisi di SMA, skripsi Siti Maesaroh (2010).
Nilik kana judul-judul ngeunaan sawér di luhur, tacan aya anu husus nalungtik
ngeunaan puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan nu
dilarapkeun pikeun bahan pangajaran. Panalungtikan ngeunaan puisi sawér di ieu
tempat perlu dilaksanakeun pikeun ngainvéntarisir, nambahan pangaweruh ngeunaan
puisi sawér sarta pikeun salah sahiji alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun di
SMP. Ku kituna ieu panalungtikan dibéré judul “Puisi Sawér Pangantén Di
Kacamatan

Nusahérang

Kabupatén


Kuningan

Pikeun

Bahan

Pangajaran

Ngaregepkeun Di SMP”

1.2. Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah
1.2.1. Idéntifikasi Masalah
Puisi sawér mangrupa salah sahiji bukti kabeungharan sastra Sunda, dijerona
ngandung papatah-papatah anu guna pikeun kahirupan manusa. Generasi ngora
kiwari langka nu apal kana ieu karya sastra ku kituna, ieu panalungtikan ngangkat
masalah ngeunaan puisi sawér pikeun dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca
dina mata pelajaran basa Sunda.
Masalah anu baris dipedar dina ieu panalungtikan nya éta ngeunaan puisi sawér
nu kapanggih di Kacamatan Nusahérang, nu nyoko kana masalah wangun puisi

sawér, eusi puisi sawér, luyu henteuna puisi sawér pangantén pikeun bahan
pangajaran ngaregepkeun di SMP.

4

1.2.2. Rumusan Masalah
Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu
panalungtikan téh baris dirumuskeun dina wangun kalimah pananya, sakumaha ieu di
handap.
1. Kumaha kaayaan karya puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang
Kabupatén Kuningan?
2. Kumaha wangun puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén
Kuningan?
3. Kumaha eusi puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén
Kuningan?
4. Luyu henteu puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén
Kuningan pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP?

1.3. Tujuan Panalungtikan
1.3.1


Tujuan Umum
Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngainvéntarisasi puisi

sawér nu aya di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan.

1.3.1

Tujuan Husus
Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

1. kaayaan puisi sawér di di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan.
2. wangun puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan.
3. eusi puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan.
4. puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan anu luyu
dijadikeun bahan pangajaran ngeregepkeun di SMP.

5

1.4. Mangpaat Panalungtikan

1.4.1. Mangpaat Tioritis
Mangpaat ieu panalungtikan, sacara tioritis bisa méré sumbangan kana
kamajuan paélmuan dina widang basa jeung sastra Sunda hususna ngeunaan karya
sastra buhun nya éta puisi sawér.

1.4.2. Mangpaat Praktis
1. Pikeun nu nalungtik
Tina ieu panalungtikan bisa ngajembaran pangaweruh ngeunaan hasanah
sastra Sunda hususna ngeunaan puisi sawér.
2. Pikeun kelompok akademik
Ieu hasil panalungtikan téh bisa dijadikeun bahan ajar di sakola atawa bahan
perkuliahan di tingkat paguron luhur.
3. Pikeun masarakat
Mangpaat pikeun masarakat nambahan pangaweruh ngeunaan adat istiadat di
tatar Sunda hususna ngeunaan sawér pangantén.

1.5 Struktur Organisasi Skripsi
Ieu panalungtikan disusun dina lima bab anu sistematikana saperti ieu di
handap:
1. Bab I Bubuka

Dina Bab I medar ngeunaan kasang tukang masalah, idéntifikasi jeung rumusan
masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi
skripsi.
2.

Bab II Puisi Sawér jeung Pangajaranana
Dina Bab II medar ngeunaan tiori-tiori anu aya patalina jeung puisi sawér

pangantén katut pangajaranana.

6

3. Bab III Métodologi Panalungtikan
Bab III medar ngeunaan lokasi jeung sumber data panalungtikan, desain
panalungtikan,

métode

panalungtikan,


wangenan

operasional,

instrumén

panalungtikan, téknik ngumpulkeun data, jeung analisis data.
4. Bab IV Puisi Sawér Pangantén Di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan
Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Di SMP
Dina Bab IV medar ngeunaan data jeung analisis puisi sawér pangantén di
Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan.
5. Bab V Panutup
Bab V medar ngeunaan kacindekan jeung saran tina hasil panalungtikan.