S BD 1104541 Chapter3

BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
Dina ieu bab dipedar ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku opat
sub-bab, nya éta desain panalungtikan, ngumpulkeun data, lokasi panalungtikan
jeung sumber data, jeung téhnik ngolah data.
3.1

Desain Panalungtikan
Ieu panalungtikan téh kagolong kana panalungtikan kualitatif kalawan

pamarekan étnografi anu maké métode déskriptif. Pamarekan étnografi
digunakeun pikeun panalungtik turun langsung ka lapangan, nempo aya sakumaha
loba jeung naon waé kaulinan anu sok di ulinkeun ku barudak, tuluy nalungtik
hal-hal anu nyampak dina unggal kaulinanana. Anu jadi dasar dipakéna métode
déskriptif nya éta pikeun ngadéskripsikeun rupa-rupa kaulinan, prak-prakan jeung
unsur sémiotik nu ayadina kaulinan barudak di Désa Tanjungwangi.
Nurutkrun Sugiyono (2012, kc. 2), métode panalungtikan mangrupa cara
ilmiah pikeun meunangkeun data maké tujuan jeung kagunaan anu tangtu,
sedengkeun nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203), métode panalungtikan nya éta
cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Ieu
panalungtikan ngagunakeun panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif

numutkeun Moleong (2012, kc. 6) nya éta panalungtikan anu miboga maksud
pikeun maham fénoména ngeunaan hal anu kaalaman ku subjek panalungtikan,
misalna kalakuan, persépsi, motivasi, tindakan, jrrd., sacara holistik, sarta ku cara
déskripsi dina wangun kecap jeung basa, dina hiji kontéks husus nu alamiah jeung
ngamangpaatkeun rupa-rupa métode alamiah. Jadi, métode panalungtikan
mangrupa salah sahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan
panalungtikan.
Pamarekan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pamarekan
étnografi jeung métode déskriptif. Moleong (2012, kc. 22), nétélakeun yén usaha
pikeun maparkeun kabudayaan atawa aspék-aspék kabudayaan disebut étnografi.
Pamarekan étnografis sacara umum nya éta pengamatan-berperan sarta salaku
17
Aas Srimulyani, 2015
KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

18

bagian tina panalungtikan lapangan (Moleong, 2012, kc. 26). Luyu jeung
pamadegan Arikunto (2010, kc. 3), yén métode déskriptif mangrupa métode anu

digunakeun pikeun nalungtik kaayaan, kondisi, situasi, kajadian, kagiatan, jeung
sajabana, anu satuluyna hasil panalungtikan téh disusun dina wangun laporan.
Dina maké ieu métode diusahakeun dinangumpulkeun data, luyu jeung
waktu sarta kamampuan anu nyampak. Saterusna disusun jadi hiji runtuyan anu
sagemblengna sarta analisis tina éta data anu geus kakumpulkeun.
Minangka panalungtikan anu maké pamarekan étnografi, ieu panalungtikan
ogé maké desain étnografi. Ari Desain panalungtikan téh mangrupa bagan anu
ngagambarkeun léngkah-léngkah anu dilakukeun ku panalungtik dina prak-prakan
panalungtikan. Léngkah-léngkah dina ieu panalungtikan kagambar dina bagan 3.1
ngeunaan desain panalungtikan.
Bagan 3.1
Desain Panalungtikan

Aas Srimulyani, 2015
KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

19

Perencanaan


Nangtukeun topik panalungtikan jeung
ngawatesan masalah anu fokus kana istilah ani
aya dina kaulinan barudak

Obsérvasi

Néangan sumber keur data anu akurat ka
lapangan.

Talaah Pustaka

Ngumpulkeun data tina kamus, buku, jeung
internet.

Ngumpulkeun Data

Ngolah Data

Hasil


- Téhnik obsérvasi
- Téhnik wawancara
- Téhnik talaah pustaka

Léngkah anu dilaksanakeun sacara gurat badag,
nya éta: a) tahap nyadiakeun data, b) tahap
analisis data, jeung c) tahap midangkeun hasil
analisis data.

Hasil data anu geus di olah téh di deskripsikeun

Nyieun Kacindekan
3.2

Ngumpulkeun Data

3.2.1 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan mangrupa alat nu dipaké pikeun meunangkeun
data panalungtikan sarta nganalisis data panalungtikan. Instrumén panalungtikan

nya éta hiji alat nu dipaké pikeun ngukur fénoména alam atawa sosial nu
ditalungtik. Sacara spésifik sakabéh fénoména

éta téh disebut variabel

panalungtikan (Sugiyono, 2012, kc.102), sedengkeun Arikunto (2010, kc.203),
nyebutkeun yén instrumén panalungtikan nya éta pakakas atawa fasilitas anu
digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana jadi
leuwih babari sarta hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung
sistematis nepi ka leuwih babari dikokolakeunana.
Anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan téh nya éta :
Aas Srimulyani, 2015
KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

20

1) Alat pangrékam, anu dipaké pikeun ngumpulkeun data lisan ngeunaan
kaulinan barudak naon waé anu aya di Désa Tanjungwangi.
2) Kaméra, anu dipaké dina prosés panalungtikan pikeun dokuméntasi. Di mana

ieu kaméra dipaké pikeun nyokot foto narasumber jeung vidio nalika barudak
arulin.
3) Kartu panalungtikan, ieu kartu eusina ngawengku idéntitas narasumber jeung
hasil panalungtikan. Conto kartu panalungtikan :
Idéntitas Narasumber
Wasta :
Umur :
Alamat :
Pakasaban :
Katerangan :
Tanda tangan :
4) Daftar patalékan mangrupa naon anu dijadikeun patalékan dina prosés
wawancara dina ieu panalungtikan. Patalékan anu baris diajukeun nya éta:
a. Naon waé kaulinan barudak anu aya di ieu désa?
b. Kumaha kaayaan kaulinan barudak di ieu désa?
c. Kumaha antusias barudak kana kaulinan barudak anu masih tradisional?
d. Kumaha cara kolot ngawanohkeun sagala kaulinan barudak ka budakbudakna?
5) Pedoman instrumén panalungtikan nya éta:
1) Pedoman obsérvasi, nya éta patokan anu dipaké pikeun niténan anggota
sampel.

2) Pedoman wawancara, nya éta téknik nu dipaké pikeun nyangking
informasi lisan.
Arikunto (1997, kc. 231) nétélakeun aya dua jenis pedoman wawancara
nya éta:
a) Pedoman wawancara terstruktur, nya éta pedoman wawancara anu disusun
sacara rinci nu hasilna mangrupa check list.

Aas Srimulyani, 2015
KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

21

b) Pedoman wawancara tak terstruktur, nya éta pedoman wawancara anu
nanyakeun masalah ngan gurat badagna wungkul.
6) Catetan lapangan
3.2.2 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nya éta téhnik obsérvasi,
téhnik studi pustaka, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi.
a.


Téhnik Obsérvasi
Dina ieu panalungtikan, obsérvasi dilakukeun pikeun niténan objék
panalungtikan pikeun ngumpulkeun data diluareun kanyahona respondén. Ieu
panalungtikan téh bisa lumangsung dina kaayaan loma, bari ngobrol, sabab
obsérvasi mangrupa tahap munggaran dina panalungtikan.

b.

Téhnik Studi Pustaka
Téhnik studi pustaka digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu sipatna
dokumén, misalna data gambar-gambar atawa tinulis. Ieu téhnik digunakeun
pikeun ngumpulkeun tiori-tiori jeung data anu digunakeun pikeun
pangdeudeul panalungtikan.

c.

Téhnik Wawancara
Nurutkeun Sugiyono (2012, kc. 137), wawancara nya éta téhnik
ngumpulkeun data dimana panalungtik miboga kahayang pikeun ngalakukeun

studi pendahuluan pikeun meunangkeun masalah anu kudu ditalungtik jeung
mikanyaho hal-hal ti réspondén ogé jumlah réspondén anu leuwih nyosok
jero.

d.

Téhnik Dokuméntasi
Téhnik dokuméntasi nya éta téhnik nu digunakeun ku cara
ngadokuméntasikeun naon-naon nu patali jeung panalungtikan, saperti
ngadokuéntasikeun prak-prakanna kaulinan barudak, pakakas nu digunakeun
sarta ngadokuméntasikeun wawancara jeung narasumber.
Dumasar kana téhnik di luhur, ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan

léngkah-léngkah ieu di handap:
1) Tahap Tatahar
Aas Srimulyani, 2015
KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

22


Léngkah-léngkah anu dilaksankeun dina tahap tatahar nya éta: (1)
ngajukeun judul panalungtikan; (2) nyieun rarancang panalungtikan; (3)
nyieun rumusan masalah jeung objék nu rék ditalungtik; (4) ngumpulkeun
sumber data jeung kajian pustaka; (5) nyieun proposal; (6) nyieun surat ijin
panalungtikan; sarta (7) konsultasi jeung dosén pembimbing
2) Tahap Ngumpulkeun data
Léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina tahap ngumpulkeun data nya
éta: (1) néangan narasumber anu apal kana kamekaran kaulinan barudak di
Désa Tanjungwangi Kacamatan Cicalengka Kabupaten Bandung, sangkan
meunang informasi jeung data anu munel; (2) ngumpulkeun kajian pustaka
anu patali jeung objek panalungtikan; (3) ngalaksanakeun obsérvasi ka Désa
Tanjungwangi Kacamatan Cicalengka Kabupaten Bandung pikeun ngaguar
data ngeunaan kaulinan barudak.
3) Tahap Ngolah Data
Léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina tahap ngolah data nya éta: (1)
mariksa kalengkepan data; (2) ngolah data ku cara ngadéskripsikeun data
ngeunaan kaulinan barudak anu aya di Désa Tanjungwangi Kacamatan
Cicalengka Kabupaten Bandung nya éta ngadéskripsikeun kamekaran jeung
prak-prakan kaulinan barudak; jeung (3) nganalisis struktur sémiotik anu

nyampak dina kaulinan barudak.

4) Tahap Nyusun Skripsi
Nu pamungkas nya éta tahap nyusun skripsi. Hasil dina nganalisis data
dina tahap ngumpulkeun jeung ngolah data panalungtik nyusun hasil
panalungtikan kana wangun skripsi. Dina tahap ieu panalungtik nyusun hasil
panalungtikan ku cara ngadéskripsikeun hasil panalungtikan sacara sistematis
luyu jeung struktur nulis skripsi.
3.3

Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data

3.3.1 Lokasi Panalungtikan

Aas Srimulyani, 2015
KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

23

Ieu panalungtikan téh dilaksanakeun di Désa Tanjungwangi Kacamatan
Cicaléngka Kabupatén Bandung. Désa Tanjungwangi mangrupa pamekaran tina
Désa Dampit, ayana di beulah wétaneun kota Bandung, jarakna 215 km ti
pamaréntahan pusat Nagara, 49 km ti pusat pamaréntahanProvinsi Jawa Barat
jeung 40 km tipuseur dayeuh Kabupaten Bandung sarta 9 km ti Kacamatan
Cicaléngka.
Désa Tanjungwangi legana kira-kira 637,625 Ha/ m2, kabagi jadi
sababaraha bagéan, nya éta, lega pemukiman 94 Ha/m2, lega sawah 8 Ha/m2, lega
kebun/tegalan/ladang434 Ha/ m2, lega kuburan 3 Ha/ m2, lega pekarangan72,225
Ha/ m2, lega kantor 0,8 Ha/ m2, jeung lega prasarana umum 22 Ha/ m2.
Désa Tanjungwangi ngadeg minangka désa swakarya. Dititén tina topografi,
kaayaan wilayah Désa Tanjungwangi téh mangrupa daérah pagunungan. Ieu désa
téh minangka désa panungtung. Tapi sanajan kitu ieu désa téh kaasup désa anu
boga daya irutna utamana kaayaan alamna tina objék wisatana nu kasohor nya éta
Curug Cindulang jeung KW (Kawasan Wisata).
Désa Tanjungwangi ngawengku tilu kadusunan, nu eusina diwangun ku 7
RW jeung 31 RT. Aya 16 wilayah kampung anu katulis sacara administratif, sarta
genep wilayah kampung anu ngadeg sacara tradisional. Ieu dihandap dijéntrékeun
data statistik Désa Tanjungwangi.

Tabel 3.1
Batas géografis Désa Tanjungwangi
Batas

Désa/ Kalurahan
Kalér
Desa Sindulang
Wétan
K.S.D.A
Kidul
K.S.D.A
Kulon
Desa Dampit
K.S.D.A: Konservasi Sumber Daya Alam

Aas Srimulyani, 2015
KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

24

Gambar 3.1
Lokasi Désa Tanjungwangi

3.3.2 Sumber Data
Numutkeun Arikunto (2010, kc.172) sumber data nya éta subjék data-data
panalungtikan anu dicangking ku panalungtik. Anapon sumber data anu
diperlukeun dina panalungtikan nya éta kaulinan barudak naon waé anu masih aya
sarta sok diarulinkeun. Dumasar kana éta hal, sumber data ieu panalungtikan nya
éta narasumber/informan, nu mikanyaho kana kaulinan barudak anu aya di Désa
Tanjungwangi Kacamatan Cicalengka Kabupaten Bandung, boh ngeunaan palaku,
waktu, tempat, pakakas, jeung prak-prakanana, boh barudak anu sok arulin
kaulinanana.
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta jalma salaku narasumber atawa
informan dina waktu wawancara, lobana salapan urang, dua urang kolot, tujung
urang budak. Total kaulinan anu kapaluruh aya 30. Sangkan leuwih jéntré katitén
dina table narasumber ieu di handap.
Aas Srimulyani, 2015
KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

25

Tabel 3.2
Data Narasumber Kaulinan Barudak di Désa Tanjungwangi Kacamatan Cicalengka Kabupatén Bandung

Jumlah
No.

Ngaran

Umur

Alamat

Pakasaban

Kaulinan

No.

Ngaran Kaulinan

Waktu mupu kaulinan

1

2

3

4

5

6

7

8

9

6

1

Sondah

2

Ucing Sumput

1

2

3

Putri

Ramadhan

Widia

9

12

7

Tanjungwangi RT

Siswa

3

Ucing Témbok

04/04

kelas 3 SD

4

Ucing Dongko

5

Luncat Tinggi

6

Sapintrong

7

Hayam Careuh

8

Langlayangan

9

Ngadu kaléci

10

“Berama Kumbara”

11

“Jér-jér Ajujér”

12

“Gunung Meletus”

Tanjungwangi RT

Siswa

04/04

kelas 6 SD

Tanjungwangi RT

Siswa

04/04

kelas 1 SD

3

4

Aas Srimulyani, 2015
KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

24 Januari 2015

24 Januari 2015

24 Januari 2015

26

13
1

4

2

Bunga

3

8

4

5

“Cis Dolacis”

6

7

8

4

14

“Satu Sepatu”

Tanjungwangi RT

Siswa

15

“Kembali Cangkir”

04/04

kelas 2 SD

16

“Donal Bébék”

17

Béklen

9

24 Januari 2015

2
5

Maya

9

6

Helza

9

Tanjungwangi RT

Siswa

18

“Pérépet Jéngkol”

04/04

kelas 3 SD

19

Congkak

Tanjungwangi RT

Siswa

20

Ucing Jidar

04/04

kelas 3 SD

21

Ucing Bal

22

Ucing Kacugak

2

4

7

8

Sindi

Dayat

11

47

Tanjungwangi RT

Siswa

23

Ucing “Vivikingan”

04/04

kelas 5 SD

24

Ucing Beusi

25

Ucing teu Puguh-puguh

26

Pris-prisan/Bébénténgan

Tanjungwangi RT

Ketua

2

Aas Srimulyani, 2015
KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

24 Januari 2015

24 Januari 2015

30 Januari 2015

30 Januari 2015

27

1

9

2

Siti

3

53

04/04

LPMD

4

5

Tanjungwangi RT
02/04

Juru rias

27

Boy-boyan

6

7

8

3

28

Ucing Sendal

29

Ucing Kai

30

Ucing Kar-kub

9

30 Januari 2015

Diropéa ku Handayani (2013) tina Isnéndés

Aas Srimulyani, 2015
KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

28

Aas Srimulyani, 2015
KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

29

3.4

Téhnik Ngolah Data
Téhnik anu digunakeun dina ieu ngolah data nya éta:

1) ngidéntifikasi masalah. Masalah dina ieu panalungtikan nya éta kurang
ngartina barudak kana pentingna wanoh kana kaulinan barudak tradisional;
2) niténan data ngeunaan kaulinan barudak anu aya di Désa Tanjungwangi
Kacamatan Cicalengka Kabupaten Bandung;
3) milah-milah data anu dumasar kana wangunna;
4) data nu geus kakumpulkeun tuluy dianalisis; jeung
5)

nyieun kacindekan tina data nu geus diolah.

Aas Srimulyani, 2015
KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu