Instumén Panalungtikan MÉTODE PANALUNGTIKAN

Firdaus Ahsan R, 2014 Téhnik Tarucing Cakra Pikeun Évaluasi Pangajaran Maca Carpon di SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tarucing cakra salaku alat évaluasi nya éta salah sahiji aternatif dina prosés kagiatan diajar-ngajar pikeun ngarojong jeung ngalancarkeun prosés pangajaran di kelas. Tarucing cakra mangrupa média nu sederhana jeung teu bireuk deui di sakabéh kalangan masarakat, kaasup siswa. 2 Carpon Carita pondok nya éta carita wangun prosa anu rélatif pondok. Pondok di dieu maksudna nya éta bisa dibaca kurang ti sajam; karakter dina carita, plotna galur, sarta setting-na kawatesanan, henteu rupa-rupa tur teu kompleks. Carpon mangrupa salasahiji materi nu diajarkeun dina pangajaran Bahasa Sunda. Dina carpon aya nu disebut unsur intrinsik. Eta nsur intrinsik téh di antarana nya éta : 1 téma, 2 plot, 3 tokoh, 4 setting, 5 Sudut pandang, 6 amanat. 3 Carpon Rumaja Carpon rumaja mangrupa salasahiji rubrik nu aya dina majalah mingguan basa Sunda Manglé.

3.5 Instumén Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés sacara tinulis. Siswa dibéré soal, tuluy siswa dititah migawé atawa ngajawab soal nu dibikeun ka manéhna. Tés dilaksanakeun dua kali, saméméh jeung sanggeus ngagunakeun tarucing cakra. Dina ieu panalungtikan digunakeun observasi langsung, nya éta observasi anu dilaksanakeun sacara langsung ka objék nu ditalungtik. Tes I dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh ngaidéntifikasi unsur-unsur intrinsik carpon saméméh ngagunakeun tarucing cakra. Sedengkeun Tés II dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh ngadéntifikasi unsur-unsur intrinsik carpon sanggeus ngagunakeun tarucing cakra salaku alat évaluasina. Lambaran tés anu diujikeun dina ieu panalungtikan mangrupa paréntah, anu kudu dilaksanakeun ku siswa salila ngalaksanakeun pangajaran maca carpon. Firdaus Ahsan R, 2014 Téhnik Tarucing Cakra Pikeun Évaluasi Pangajaran Maca Carpon di SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu SOAL 1. Naon téma tina carpon nu tadi dibaca ku hidep? 2. Saha tokoh utama dina éta carpon? 3. Naon judul carpon nu dibaca ku hidep? 4. Disebut naon hal anu jadi dasar atawa jadi inti carita tina carpon? 5. Istilah séjén tina latar nya éta? 6. Naon amanat tina carpon “Pésbuk Asih”? 7. Saha nu jadi tokoh utama dina carpon “Pésbuk Asih”? 8. Saha ngaran lalaki nu kungsi jadi babaturan deukeutna Asih nu kenalna tina pésbuk téh? 9. “hey Sih Pasti keur ngecék FB, nya” Sintia, babaturan sakelasna nyampeurkeun. Asih ukur unggeuk, paneuteupna ukur manco kana layar computer hareupeunana. Ngaran babaturanna tokoh Asih nya éta? 10. Runtuyan jalanna carita disebut? 11. Sabubarna sakola, paling henteu satengah jam Asih nongkrong di dinya. Komo apan waktu buka perpustakaan téh nepi ka jam 4 soré. Atuh sabataé Asih loba pisan waktu pikeun ngadukdukan FB di dinya. Latar tempat dina sempalan ieu carpon nya éta? 12. Kaayaan jiwa si palaku dina carita, naha si tokoh dina kaayaan sedih, gumbira atawa nu séjénna disebut … 13. Pesen ti pangarang nu hayang ditepikeun ka nu maca disebut … 14. “Haaah?” Sintia reuwas kacida, “terus… éta HP canggi ka mana ayeuna? Diinjeum … dijual ku manéhna nya?” kareuwas Sintia nu kacida, marengan ceurik Asih nu beuki ngagukguk dina tangkeupanana. Suasana dina sempalan carpon di luhur nya éta … 15 Sebutkeun tokohpalaku nu aya dina carpon “Pésbuk Asih Gambar 3.1 Conto Soal Tés I Firdaus Ahsan R, 2014 Téhnik Tarucing Cakra Pikeun Évaluasi Pangajaran Maca Carpon di SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Gambar 3.2 Conto Soal Tés II TARUCING CAKRA 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 Firdaus Ahsan R, 2014 Téhnik Tarucing Cakra Pikeun Évaluasi Pangajaran Maca Carpon di SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data Kagigir 1. Disebut naon inti carita atawa ide pokok nu bisa dijadikeun sumber carita dibalikeun 2. Naon judul carpon nu dibaca 4. “hey Sih Pasti keur ngecék FB, nya” Sintia, babaturan sakelasna nyampeurkeun. Asih ukur unggeuk, paneuteupna ukur manco kana layar computer hareupeunana. Ngaran babaturanna tokoh Asih nya éta? 5. Dina ieu carpon, pangarang ngagunakeun alur nu kumaha ? 6. “Haaah?” Sintia reuwas kacida, “terus… éta HP canggih ka mana ayeuna? Diinjeum … dijual ku manéhna nya?” kareuwas Sintia nu kacida, marengan ceurik Asih nu beuki ngagukguk dina tangkeupanana. Suasana dina sempalan carpon di luhur nya éta … 8. Itilah séjén tina alur nya éta … 10. Pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca disebut … 13. Dina ieu carpon, pangarang ngagunakeun sudut pandang jalma kasabaraha ? Kahandap 1. Kaayaan jiwa si palaku tokoh dina carita, naha gumbira, sedih jeung nu séjénna disebut ? dibalikeun 2. Sabubarna sakola, paling henteu satengah jam Asih nongkrong di dinya. Komo apan waktu buka perpustakaan téh nepi ka jam 4 soré. Atuh sabataé Asih loba pisan waktu pikeun ngadukdukan FB di dinya. Latar tempat dina sempalan ieu carpon nya éta? 3. Saha ngaran lalaki nu kungsi jadi babaturan deukeutna Asih nu kenalna tina pésbuk téh? 7. Sih … lieur nya, kamu mah kadé kapanggih ku Pa Samsu … bisa gawat geura Déwi babaturan sabangkuna ngingetan. Alah … tenang wi. Tuh tingali, si Bapana ogé asik sorangan kitu … urang gé anteng wé …, pokna bari nunjuk Pa Samsu nu keur anteng nyatet dina bor. Déwi ukur garo-garo teu ateul. Dina sempalan carpon di luhur, saha nu jadi babaturan sabangkuna tokoh Asih téh ? 9. Istilah séjén tina setting nya éta 11. Tokoh utama dina ieu carpon nya éta … 12. Palaku nu aya dina carita disebut … Firdaus Ahsan R, 2014 Téhnik Tarucing Cakra Pikeun Évaluasi Pangajaran Maca Carpon di SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Ieu téhnik miboga tujuan pikeun nyangking data saméméh dibéré perlakuan jeung sanggeus dibéré perlakuan dina prosés diajar-ngajar maca carpon, utamana dina ngaidéntifikasi unsur-unsur intrinsik carpon. Ieu tés dilaksanakeun ku sabab data utama nu dibutuhkeun téh nya éta data ngeunaan kamampuh siswa dina ngaidéntifikasi unsur-unsur intrinsik carpon. Ieu data bisa dicangking ngaliwatan hiji ukuran ngagunakeun téhnik tés. Léngkah-léngkah dina téhnik ngumpulkeun data ngawengku sababaraha tahapan, di antarana : 1 ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar matéri carpon jeung unsur-unsur intrinsikna teu ngagunakeun tarucing cakra; 2 siswa migawé pancén anu mangrupa tés I pikeun mikanyaho kamampuh siswa dina ngaidéntifikasi unsur-unsur intrinsik carpon; 3 sanggeus mikanyaho kamampuh awal siswa ngaliwatan tés I, tuluy panalungtik nyiapkeun tarucing cakra pikeun diterapkeun dina pangajaran maca carpon utamana dina ngaidéntifikasi unsur-unsur intrinsik carpon; 4 ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun tarucing cakra salaku alat évaluasi dina pangajaran maca carpon; 5 ngalaksanakeun tés II pikeun mikanyaho kamampuh siswa sanggeus dibéré soal dina wangun tarucing cakra. Naha aya parobahan atawa henteu.

3.7 Téhnik Nganalisis Data