Mangpaat Panalungtikan Sistematika Nyusun Skripsi

pangajaran basa Sunda bisa leuwih dipikaresep jeung nimbulkeun kréativitas siswa.

1.3.2 Tujuan Khusus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan, nya éta ngadéskripsikeun: a. modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC dina pangajaran maca carita pondok ka siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 20122013 dina unggal siklus; b. hasil diajar maca carita pondok siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 20122013 ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC unggal siklus; jeung c. modél Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC bisa nyiptakeun suasana diajar maca carita pondok anu pikaresepeun pikeun siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari Kuningan Taun Ajaran 20122013.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan téh miboga mangpaat pikeun ngeuyeuban élmu pangaweruh ngeunaan modél-modél pangajaran hususna pangajaran maca.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nyaéta: 1 Pikeun siswa Ieu panalungtikan dipiharep kabéh siswa bisa aktif dina prosés pangajaran sarta bisa nambahan élmu pangaweruh jeung kaparigelan siswa dina maca carita pondok. 2 Pikeun guru Ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan alternatif stratégi pangajaran utamana dina maca carita pondok. Tati Rosmiati, 2013 Model Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 3 Pikeun sakola Ieu panalungtikan dipiharep bisa dijadikeun asupan pikeun sakola lantaran modél pangajaran kooperatif tipe CIRC éféktif pikeun guru-guru dina pangajaran maca carita pondok. 4 Pikeun panalungtik Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh ngeunaan modél pangajaran. Pangaweruh ieu modél bisa digunakeun di sakola séjén.

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi

Eusi ieu skripsi kabéhanana ngawengku lima bab, anu dijerona ngébréhkeun ngeunaan penjelasan-penjelasan anu sistematis dumasar kana maksud judul bab anu didadarkeunana. Dina bab I dipedar ngeunaan kasang tukang masalah; watesan jeung rumusan masalah; tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus; mangpaat panalungtikan anu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis; jeung sistematika nyusun skripsi. Dina bab II dipedar ngeunaan modél pangajaran kooperatif tipe CIRC, kamampuh maca carita pondok, modél pangajaran kooperatif tipe CIRC dina pangajaran maca carita pondok, anggapan dasar, jeung hipotésis tindakan. Dina bab III dipedar ngeunaan desain panalungtikan, setting panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun data, analisis data, jeung prosedur panalungtikan. Dina bab IV dipedar ngeunaan prak-prakan modél pangajaran kooperatif tipe CIRC dina pangajaran maca carita pondok, hasil diajar maca carita pondok ngagunakeun modél pangajaran kooperatif tipe CIRC, jeung suasana diajar maca carita pondok ngagunakeun modél pangajaran kooperatif tipe CIRC. Ari dina bab V dipedar ngeunaan kacindekan jeung rékoméndasi. 30 Tati Rosmiati, 2013 Model Pangajaran Kooperatif Tipe CIRC Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Setting Panalungtikan

Setting panalungtikan ngawengku lokasi panalungtikan, subjék panalungtikan jeung waktu pelaksanaan panalungtikan.

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi ieu panalungtikan dilaksanakeun di MTsN Sindangsari, Jl. Eyang Hasan Maolani Desa Sindangsari Kecamatan Sindangagung Kabupatén Kuningan.

3.1.2 Subjék Panalungtikan

Anu dijadikeun subjék panalungtikan dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII-A MTsN Sindangsari, kalawan jumlah siswa 42 urang, anu ngawengku 25 urang siswa lalaki jeung 17 urang siswa awéwé.

3.1.3 Waktu Panalungtikan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun dina waktu kurang leuwih sabulan nya éta dina ahir bulan Januari nepi ka awal bulan Fébruari 2013, anu diwincik saperti dina tabél ieu di handap. Tabél 3.1 Kagiatan jeung Waktu Panalungtikan No. Kagiatan Waktu Panalungtikan 1 Pra-Panalungtikan Sabtu, 26 Januari 2013 2 Siklus I Sabtu, 2 Februari 2013 3 Siklus II Sabtu, 9 Februari 2013

3.2 Desain Panalungtikan

Panalungtikan nu dilaksanakeun di MTsN Sindangsari ngabogaan tujuan pikeun ngukur kaparigelan siswa dina maca carita pondok maké modél pangajaran

Dokumen yang terkait

MIND MAPPING AS COOPERATIVE LEARNING TO INCREASE STUDENTS’ ABILITY IN WRITING DESCRIPTIVE PARAGRAPH AT SECOND GRADE OF RADEN FATAH JUNIOR HIGH SCHOOL

0 27 18

MICRO-BLOGGING ASSISTED LEARNING STRATEGY IN TEACHING WRITING (A Classroom Action Research at the Tenth Year Students of SMA Al-Azhar BSD in 2011/2012 Academic Year)

0 11 188

EMPLOYING QUESTION – ANSWER RELATIONSHIPS (QAR) STRATEGY TO IMPROVE STUDENTS’ READING COMPREHENSION (A Classroom Action Research at the Eleventh Year Students of SMA Negeri 1 Rangkasbitung in 2012/2013 Academic Year)

5 22 256

THE IMPLEMENTATION OF QUESTIONING TECHNIQUE TO INCREASE THE STUDENTS READING COMPREHENSION ABILITY USING SHORT FUNCTIONAL TEXT AT THE SECOND YEAR OF SMPN 2 NATAR

3 6 118

ANALYSIS OF STUDENTS’ MATHEMATICAL COMMUNICATION ABILITY BY USING COOPERATIVE LEARNING TALKING STICK TYPE

0 0 12

THE DIFFERENCE OF STUDENTS’ MATHEMATICAL ACHIEVEMENT BY USING GUIDED-DISCOVERY AND COOPERATIVE LEARNING MODEL JIGSAW TYPE

0 0 10

IMPROVING STUDENTS’ VOCABULARY MASTERY THROUGH SONGS A Classroom Action Research in The Third Grade Students of SD Negeri Tangkil 1 in the Academic Year 20102011

0 1 96

ENRICHING VOCABULARY MASTERY USING SHORT TEXTS A Classroom Action Research in the Second Year of SMP N 5 Sukoharjo in the Academic Year of 20092010

0 0 99

THE USE OF DICE GAME TO IMPROVE THE STUDENTS’ WRITING SKILL OF DESCRIPTIVE TEXT (A Classroom Action Research for the Tenth Grade Students of MA NU Ibtidaul Falah Kudus in Academic Year 20142015)

2 5 18

THE USE OF SECRET MESSAGE GAME TO IMPROVE THESTUDENTS’ VOCABULARY MASTERY (A Classroom Action Research for the Fifth Grade Students of SD 1 Prambatan Kidul Kudus in Academic Year 20142015)

0 1 17