6
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
C. Medar Eusi Kawih
Di handap aya opat kawih anu jejertémana béda- béda. Hidep nyieun kelompok jadi dalapan kelompok.
Unggal kelompok bakal kabagéan niténan salahsahiji kawih di handap. Jadi bakal aya dua kelompok anu
kawihna sarua. Teu nanaon, engké hasil paniténna bakal dibandingkeun. Geura titénan kawihna:
a. Pancén Kelompok 1 jeung 2:
Karatagan Pamuda Indonésia
Rempug jukung pamuda Indonésia tingkahna waspada ariyatna
raksa jaring raga sukma kukuh pengkuh kuat nahan cocoba
Lemah cai merdékana abadi urang kabéh pada kagiliran
teguh nempuh perjuangan rayat Indonésia ngajungjung darajat bangsa
Latihan
1. Kawihkeun babarengan jeung anggota kelompok
kawihna nepi ka lancar 2.
Téangan kekecapan anu teu kaharti, tuluy téangan hartina dina kamus
3. Kecap-kecap anu geus kapanggih hartina, larapkeun
kana kalimah 4.
Sebutkeun naon téma kawihna 5.
Téangan kecap-kecap anu murwakanti 6.
Caritakeun deui eusi kawihna maké basa sorangan 7.
Kelompok hiji jeung kelompok dua maju ka hareup, giliran ngahaleuangkeun kawih jeung midangkeun
hasil pedaranana
8. Kelompok séjén ngoméntaran kana pedaran ti
kelompok hiji jeung kelompok dua. Najan kawihna
7
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
sarua, tangtu hasil pedaranana bakal aya bédana. Bédana ieu jadi bahan diskusi kelas
9. Kelompok hiji jeung dua babarengan nyindekkeun
sagala rupa hal anu kapanggih dina kawih Karatagan Pamuda Indonésia
b. Pancén kelompok 3 jeung 4:
Sabilulungan
Sabilulungan dasar gotong- royong sabilulungan dasar silihrojong
sabilulungan genténg ulah potong sabilulungan persatuan témbong
Tohaga rohaka
teguh tanggoh perbawa sabilulungan sadia
sajiwa segut singkil ngabasmi pasalingsingan
Sabilulungan hirup sauyunan sabilulungan silihpikahéman
sabilulungan tulung tinulungan sabilulungan kukuh persatuan
Santosa samakta
teuneung ludeung ngajaring kawibawaan saihwan
sapaham nagri nanjung berekah sabilulungan
Latihan
1. Kawihkeun babarengan jeung anggota kelompok
kawihna nepi ka lancar
8
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
2. Téangan kekecapan anu teu kaharti, tuluy téangan
hartina dina kamus 3.
Kecap-kecap anu geus kapanggih hartina, larapkeun kana kalimah
4. Sebutkeun naon téma kawihna
5. Téangan kecap-kecap anu murwakanti
6. Caritakeun deui eusi kawihna maké basa sorangan
7. Kelompok tilu jeung kelompok opat maju ka hareup,
giliran ngahaleuangkeun kawih jeung midangkeun hasil pedaranana
8. Kelompok séjén ngoméntaran kana pedaran ti
kelompok tilu jeung kelompok opat. Najan kawihna sarua, tangtu hasil pedaranana bakal aya bédana.
Bédana ieu jadi bahan diskusi kelas
9. Kelompok tilu jeung kelompok opat nyindekkeun
sagala rupa hal anu kapanggih dina kawih Sabilulungan.
c. Pancén kelompok 5 jeung 6:
Ka Bulan
mun pareng nincak ka bulan hayang mawa nini aki jeung baraya
moal réa barangbawa nu dibawa ngan samping eujeung kabaya
Hayu batur saréréa di bulan engké urang nyieun nagara
bisi urang rumah tangga boga budak tong loba siga di dunya
Bulan mah ceuk béja béda jeung dunya hésé cai ngan ukur batu nu jadi sagara
mun rék mandi ngahaja kumpul baraya ceurik bareng bari nandéan sabatok cimata
9
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
Mun pareng nincak ka bulan hayang ngaronjatkeun budaya Sunda
ketuk tilu jaipongan moal leungit sanajan pindah ka bulan
Mun pareng nincak ka bulan hayang mawa nini aki jeung baraya
moal réa barangbawa nu dibawa ngan samping eujeung kabaya
Ka bulan urang ka bulan ka bulan urang ka bulan
ka bulan urang ka bulan
Latihan
1. Kawihkeun babarengan jeung anggota kelompok
kawihna nepi ka lancar 2.
Téangan kekecapan anu teu kaharti, tuluy téangan hartina dina kamus
3. Kecap-kecap anu geus kapanggih hartina, larapkeun
kana kalimah 4.
Sebutkeun naon téma kawihna 5.
Téangan kecap-kecap anu murwakanti 6.
Caritakeun deui eusi kawihna maké basa sorangan 7.
Kelompok lima jeung kelompok genep maju ka hareup, giliran ngahaleuangkeun kawih jeung
midangkeun hasil pedaranana
8. Kelompok séjén ngoméntaran kana pedaran ti
kelompok lima jeung kelompok genep. Najan kawihna sarua, tangtu hasil pedaranana bakal aya
bédana. Bédana ieu jadi bahan diskusi kelas
9. Kelompok lima jeung kelompok genep babarengan
nyindekkeun sagala rupa hal anu kapanggih dina kawih Ka Bulan
Sumber: htp:bp4.blogspot.com
10
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
d. Pancén kelompok 7 jeung 8:
Mojang Priangan
Angkat ngagandeuang bangun taya karingrang
nganggo sinjang dilamban mojang Priangan
Umat-imut lucu larak-lirik nyari
rarat-rérét keupat mojang Priangan
Diraksukan kabaya nambihan cahayana
dangdosan sederhana mojang Priangan
Mun disanggul ayu mun disinjang lenjang
mun dierok dénok mojang Priangan
Gareulis maranis disinjang lalenjang
éstu surup nu nempo mojang priangan
Latihan
1. Kawihkeun babarengan jeung anggota kelompok kawihna nepi ka lancar
2. Téangan kekecapan anu teu kaharti, tuluy téangan hartina dina kamus
3. Kecap-kecap anu geus kapanggih hartina, tuluy larapkeun kana kalimah
4. Sebutkeun naon téma kawihna 5. Téangan kecap-kecap anu murwakanti
Sumber: www.jahitkebaya.net
11
Pamekar Diajar
B A S A S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas VIII
6. Caritakeun deui eusi kawihna maké basa sorangan 7. Kelompok tujuh jeung kelompok dalapan maju ka hareup,
giliran ngahaleuangkeun kawih jeung midangkeun hasil pedaranana
8. Kelompok séjén ngoméntaran kana pedaran ti kelompok tujuh jeung kelompok dalapan. Najan kawihna sarua, tangtu
hasil pedaranana bakal aya bédana. Bédana ieu jadi bahan diskusi kelas
9. Kelompok tujuh jeung kelompok dalapan babarengan nyindekkeun sagala rupa hal anu kapanggih dina kawih
Mojang Priangan
D. Pancén