Wangenan Operasiolnal MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

Dési Éndah Puspitaningsih, 2012 Karakteristik Kapamingpinan Dina Carita Pantun Badak Pamalang Universitas Pendidikan Indonesia | Repository.Upi.Edu

3.2 Wangenan Operasiolnal

Sangkan leuwih maham sarta nyindekel kana tujuan panalungtikan, perlu ayana wangenan operasional anu patalina jeung judul panalungtikan saperti dihandap.

1. Karakteristik Kapamingpinan Sunda

Karakteristik asal kecapna tina karakter atawa dina basa Inggris character nu hartina watek, peran, huruf Echols dan Shadily, 1982:107. Karakteristik sacara husus mangrupa gambaran tina watek hiji hal. Kapamingpinan éta jalma anu bisa mawa pangaruh sarta boga kakuatan pikeun ngatur, ngararancang, jeung nunjukeun jalan pikeun ngahontal udagan dina hiji kelompok. Sunda, nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, Lembaga Basa jeung sastra Sunda LBSS nya éta, a Ngaran salah sahiji daerah di basisir Malabar India; b Ngaran salah sahiji sélér bangsa Indonesia nu nyicingan daérah Jawa Barat. Jadi panalungtikan ieu miboga tujuan pikeun medar watek pamingpin nu aya di tatar Sunda. Sok sanajan teu témbong sacara gembleng, tapi bisa diidéntifikasikeun ngaliwatan paripolah manusa nu digambarkeun dina sastra. Dési Éndah Puspitaningsih, 2012 Karakteristik Kapamingpinan Dina Carita Pantun Badak Pamalang Universitas Pendidikan Indonesia | Repository.Upi.Edu

2. Carita Pantun

Carita pantun nya éta carita nu biasa dilalakonkeun ku juru pantun dina pargelaran ritual nu disebut mantun. Nurutkeun kabisaaan mah pagelaran mantun téh lumangsungna méh sapeuting jeput, ti mimiti ba’da Isya nepi ka subuh. Nurutkeun Sumardjo, pantun teu bisa dicaritakeun sagawayahna. Pantun dicaritakeun dina hiji situasi ritual, tempat ritual, waktu ritual, jeung tema ritual. Tema ritual nu biasa dicaritakeun nya éta para pahlawan Sunda di jaman baheula 2009:50. Paripolah jeung kahirupanana mangrupa conto pikeun kahirupan masarakat Sunda kiwari. Dina jero pantun kagambar harepan-harepan urang Sunda pikeun kahirupannana. Tokoh-tokoh pantun mangrupa gambaran idéal pikeun masarakat. Ku kituna pantun bisa dijadikeun tatapakan pikeun mikawanoh harepan jeung pamikiran idéal di mangsa harita.

3. Struktural

Struktural asal kecapna tina struktur. Struktur nya eta susunan unsur-unsur inti tina hiji barang. Struktur tina carita hartina susunan unsur anu ngawangun hiji carita. Nurutkeun strukturalis, sastra téh nya éta téks nu diwangun ku bagian- bagian intrinsik nu boga gantar kakaitan. Struktural dipaké pikeun ngajujut unsur nu ngawengku dina carita pantun, sangkan katémbong bagian-bagian nu ngawangun carita pantun. Dési Éndah Puspitaningsih, 2012 Karakteristik Kapamingpinan Dina Carita Pantun Badak Pamalang Universitas Pendidikan Indonesia | Repository.Upi.Edu

4. Semiotik

Semiotik nya éta studi ngeunaan tanda, jeung sagala rupa nu aya patalina jeung hal tadi: cara fungsina, hubunganna jeung tanda-tanda lian, pangirimna, jeung nu narimana. Nurutkeun Peirce, makna tanda nu sabenerna nya éta ngungkabkeun hiji hal representmen . Naon anu diungkabkeun ku tanda, naon anu diacuna, nu ditunjukeunana, disebut objék 1996: 7. Dina prinsipna, aya tilu hubungan antara tanda jeung acuan. 1 Hubungan tanda jeung acuan bisa mangrupa kamiripan; tanda nu siga kitu disebutna ikon . 2 Hubungan nu timbul sabab ayana éksisténsi tur disebut indéks . 3 Hubungan anu geus konvénsional anu disebut simbol . Téori sémiotika digunakeun pikeun ngagambarkeun karakter tina tokoh- tokoh nu aya dina carita pantun kalawan écés.

3.3 Prosedur Ngumpulkeun Data