2
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas V
Urang Sunda boga rupa-rupa kaulinan barudak. Kaulinan barudak téh ngandung rupa-rupa ajén kahirupan, di antarana waé, ajén hiburan,
ajén olahraga, jeung ajén masarakat. Ayeuna ogé hidep bakal diajar ngeunaan kaulinan barudak
A. Metakeun Kaulinan Barudak
Ieu di handap aya bacaan. Eusina perkara kaulinan barudak. Cing di antara hidep aya nu terang kaulinan cingciripit? Sok ngacung,
tuluy terangkeun Upama can tarerang, pék baca dina jero haté, tuluy titénan eusina
Cingciripit
Baralik sakola Deni, Tanu, Hari, jeung Neng Uni karumpul di imah Féri, Barudak téh limaanana natangga jeung sosobatan. Sosobatanana
téh ti kelas hiji kénéh. Malah di sakolana ogé sakelompok. Ka ditu ka dieu layeut tara papisah. Mémang sosobatan maranéhna téh raket
pisan.
Déni : Fér, urang ulin cingciripit, yu
Féri : Hayu Témbal Héri haget.
Déni : Nu, Fér, Ni, arék moal?
Tanu : Enya, hayu Ceuk Tanu bari cengkat.
Néng Uni : Di mana tempatna? Féri
: Urang di dieu wé dina téras imah. Hari
: Ké heula, kumaha carana Fér? Féri
: Babari atuh. Salasaurang namprakkeun dampal leungeun. Nu séjénna nunjukkeun curuk kana luhur dampal
leungeun. Hari :
Tuluy kumaha?
Féri : Engké bari ngawih pagancang-gancang metot curukna.
Anu telat metot sarta kacekel jadi ucing. Kudu tuluy jadi nu namprakkeun dampal leungeun.
Hari : Enya kaharti ari kitu mah. Hayu atuh
Di unduh dari : Bukupaket.com
3
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas V
Tuluy Féri namprakkeun dampal leungeun. Barudak séjénna: Déni, Tanu, Hari, jeung Néng Uni ngantelkeun curuk kana dampal leungeun
Féri. Bari namprakkeun dampal leungeun, Féri ngawih kieu.
Cingciripit tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu paré bulu paré seuseukutna
jol pa dalang mawa wayang jrék-jrék nong….
Lebah ngucapkeun “jrék-jrék nong” barudak pagancang-gancang metot curukna. Anu telat metot téh Héri. Atuh curukna kakeupeul ku
Féri. Féri
: “Hari ucing. Ceuk Féri bari ngaleupaskeun keupeulanana” Hari
: “Enya, ayeuna giliran Héri nu namprakkeun dampal leungeun”.
Geus kitu mah, barudak téh lalumpatan, diudah ku Hari. Maranéhna arulin nepi ka kadéngé sora adan Asar. Atuh baruiak ka
imahna sewang-séwangan. Rék marandi jeung solat Asar. Féri ogé tuluy asup ka imahna.
Di unduh dari : Bukupaket.com
4
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SDMI Kelas V
B. Medar Kaulinan