123
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
D. Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan
Minangka wangun sastra, guguritan saenyana bisa digunakeun média keur ngébréhkeun rasa, harepan,
pikiran, atawa angen-angen nu ngarangna. Munasabah nepi ka kiwari aya kénéh nu ngarang guguritan téh, lantaran
dianggap cocog keur ngébréhkeun rupa-rupa masalah.
Hidep gé saenyana bisa ngarang guguritan, basajan- basajan baé mah. Saratna apal kana patokan pupuh
jeung watekna. réa pasualan sosial kiwari anu bisa diébréhkeun maké wangun guguritan. Upamana soal
karuksakan lingkungan, soal korupsi, soal kateuadilan, atawa soal patriotisme jeung nasionalisme. Atawa, bisa
ogé ngébréhkeun hal-hal nu patali jeung rasa pribadi, upamana soal cinta, réligi, atawa soal-soal nu dicita-
citakeun ku urang.
Pék karang sapada guguritan. léngkah-léngkahna kawas ieu di handap:
1. Pilih heula topik atawa jejerna. Masalah naon nu ku
urang rék diébréhkeun dina guguritan téh? 2.
Pilih pupuhna. Alusna mah pupuh nu populér. Upamana kinanti, asmarandana, balakbak, atawa
sinom.
3. Ngarah énténg, kekecapan nu rék digunakeun dina
guguritan téh nu babari baé. Contona urang nganggit guguritan dina pupuh kinanti:
Lamun urang resep nabung loba sisimpenan pasti
harta téh tuluy nambahan tong dihambur-hambur teuing
pikeun bekel engké jaga lamun butuh henteu rungsing
Pancén 4
Di unduh dari : Bukupaket.com
124
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
4. Ku sabab kudu tumut kana patokan guru wilangan
jeung guru lagu téa, urang kudu bisa milih-milih kekecapan anu luyu keur disimpen di tungtung
jajaran. Lian ti éta ogé kudu pinter ngatur-ngatur jumlah engang dina jajaran. Lamun aya nu kagok
bisa diseselan ku kecap panyambung jeung atawa reujeung. Bisa ogé ku kecap pangantéb téh, mah, téa
jeung sajabana. Bisa ogé ku katerangan-katerangan pondok anu merenah.
5. Hasil karangan urang pék tembangkeun saurang-
saurang di hareupeun kelas. 6.
Sanggeus ditembangkeun, kumpulkeun guguritan karangan urang téh. Pék dokuméntasikeun ku cara
dijilid sarta dijudulan “Antologi Guguritan Karya Siswa Kelas .... SMA .... Taun .....”. Alus lamun jilidna
maké ilustrasi siga buku.
Di unduh dari : Bukupaket.com
PA N
G
AJ A
R
A
N
SISINDIRAN
125
Sumber: dokumen pribadi
Di unduh dari : Bukupaket.com
126
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
D
ina jaman kiwari, ana nyarita urang Sunda téh resep togmol. Langsung kana bukur caturna. béda jeung baheula. Dina kahirupan
karuhun urang baheula kapanggih paribasa “malapah gedang”.
Hartina, saméméh nyaritakeun maksud nu saenyana, nyaritakeun heula perkara séjén minangka bubukana, supaya nu ngadéngékeun ulah reuwas
atawa leutik haté Satjadibrata, 2005.
Hartina, nyarita téh kudu aya senina. Nu sok kapanggih téh lain baé kabiasaan malapah gedang, urang Sunda ogé boga kabiasaan-
kabiasaan séjén nu patali jeung seni nyarita atawa seni komunikasi. Di antarana baé seni nyarita téh diébréhkeun dina sisindiran. Ngan baé,
sisindiran urang Sunda baheula mah lain sisindiran siga jaman ayeuna nu sakapeung ngahaja dijieun keur kaperluan pagelaran. Sisindiran jaman
baheula éstuning dalit jeung kahirupan sapopoé, biasa digunakeun dina komunikasi sapopoé, malah antukna jadi idiom.
Dina ieu pangajaran hidep bakal diwanohkeun kana rupa-rupa wangun sisindiran, nyangkem padika-padikana, nganalisis wangun puisi
sisindiran jeung eusina, sarta muga-muga ahirna hidep bisa ngarang sisindiran anu basajan.
A. Mikawanoh Sisindiran