s bd 0900204 chapter1
                                                                                1
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Basa téh nya éta sistem lambang sora omongan nu sifatna arbitrér anu dipaké
ku masarakat pikeun tujuan komunikasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan Sudaryat
(2004:6) anu nyebutkeun yén basa nya éta sistem lambang sora omongan anu
dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis)
tur ragem (konvénsional) antaranggota masarakatna pikeun tujuan patali marga
atawa komunikasi.
Dina prak-prakanna, kaparigelan ngagunakeun basa ngawengku opat
komponén nya éta: (1) kaparigelan ngaregepkeun (listening skills); (2)
kaparigelan nyarita (speaking skills); (3) kaparigelan maca (reading skills); jeung
(4) kaparigelan nulis (writing skills).
Nulis mangrupa salasahiji komponén tina kaparigelan ngagunakeun basa di
sagigireun ngaregepkeun, nyarita, jeung maca. Nulis téh mangrupa kaparigelan
basa anu digunakeun pikeun komunikasi anu sifatna teu langsung paamprok
jonghok jeung nu diajak nyarita. Nulis nya éta kagiatan ékspresif jeung produktif.
Ku sabab teu langsung paamprok jeung nu diajak nyarita, kagiatan nulis
merlukeun hiji média anu disebut aksara.
Urang Sunda ti jaman baheula mula geus mibanda ciri mandiri dina wangun
aksara anu disebut aksara Sunda. Aksara Sunda mangrupa hasil ciciptan manusa
Sunda jaman baheula anu jadi ciri “jati diri” jeung simbul kareueus masarakat
Sunda. Aksara Sunda digunakeun ku karuhun urang Sunda pikeun ngawangun
komunikasi tinulis atawa tradisi tulisan. Ku ayana tradisi tulisan éta, mangka
generasi saterusna bisa manggihan informasi penting ngeunaan sajarah, ajén-ajén
budaya, jeung aspék budaya lianna anu diwariskeun ti karuhun. Aksara Sunda
minangka hasil karya urang Jawa Barat, mangka masarakat Jawa Barat kudu bisa
nulis aksara Sunda, hususna paraguru jeung siswa.
Aksara Sunda ditangtayungan ku payung hukum anu mangrupa Perda
Provinsi Jawa Barat Nomor 6 taun 1996 ngeunaan Ngamumulé, Ngabina, jeung
Sri Nurbaeti, 2013
Memorization model of mnemonics method In learning aksara sunda writing
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
2
Ngamekarkeun Basa, Sastra, jeung Aksara Sunda. Saterusna dituturkeun ku Surat
Keputusan Gubernur Kepala Daerah Tingkat I Jawa Barat No. 434/SK-614Dis.PK/99 ngeunaan Ngabakukeun Aksara Sunda. Perda No. 6 taun 1996 tadi
diropéa deui jadi Perda Nomer 5 Taun 2003 ngeunaan Miara Basa, Sastra, jeung
Aksara Daérah. Dina éta Perda ditétélakeun yén“Aksara daerah adalah sistem
ortografi hasil masyarakat daerah yang meliputi aksara dan sistem pengaksaraan
untuk menuliskan bahasa daerah”.
Ieu hal téh mangrupa salasahiji tarékah pamaréntah Provinsi Jawa Barat
pikeun nangtayungan aksara daérah anu geus jarang digunakeun ku masarakat
lantaran teu diwanohkeun. Ngaliwatan éta Perda jeung ngaliwatan pangajaran di
sakola dipiharep masarakat Sunda bisa wanoh kana dirina jeung kana budayana.
Nulis aksara Sunda kaunggel dina Standar Isi (Kompetensi dan Kompetensi
Dasar) KTSP Pangajaran Basa Sunda 2006 anu unina, “Mampu menulis untuk
mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan dalam bentuk terjemahan,
menggunakan aksara Sunda, serta menulis surat dan biografi”.
Pangajaran aksara Sunda di sakola-sakola mangrupa salasahiji cara anu paling
éféktif pikeun ngawanohkeun aksara Sunda jeung sistem tata tulisna. Sok sanajan
kitu, pangajaran aksara Sunda tétéla dipangaruhan ku sawatara faktor anu jadi
bangbaluh jeung mangaruhan kana kamekaranana, di antarana alokasi waktu nu
disadiakeun, jeung kurangna minat siswa kana pangajaran aksara Sunda. Aksara
Sunda dianggap hésé diapalkeunna, hésé diulikna, sarta aksarana béda jauh jeung
aksara latén. Di sagigireun éta ogé, faktor séjén anu jadi bangbaluh nya éta
kurangna kamampuh guru dina ngawasa pangajaran aksara Sunda. Guru teu
nyangking kana bahan pangajaran aksara Sunda sarta ditambah modél pangajaran
anu digunakeunna masih ngagunakeun modél tradisional.
Salasahiji modél pangajaran anu bisa mantuan ngamekarkeun pangajaran
nulis aksara Sunda nya éta modél memorization métode mnemonik. Modél
pangajaran memorization métode mnemonik kaasup kana rumpun modél-modél
pemrosésan informasi (information-processing modéls), sabab ieu
modél
pangajaran museurkeun kana cara-cara dina ngaronjatkeun sikep alamiah manusa
pikeun ngawangun ma’na ngeunaan dunya (sense of the world) ku cara

3
meunangkeun
jeung
ngolah
data,
ngarasakeun
masalah-masalah,
sarta
ngamekarkeun konsép jeung basa pikeun nepikeun solusi (Joyce jeung Weil,
2011: 31).
Modél memorization métode mnemonik dina enas-enasna mangrupa modél
pangajaran anu miboga oriéntasi sangkan siswa mampuh atawa parigel dina
nginget-nginget barang-barang atawa informasi-informasi anu kacangking dina
kagiatan diajar. Aksara Sunda minangka pangajaran nulis anu mikabutuh
kaparigelan dina hal nginget-nginget lambang grafik anu kawilang hésé. Salasahiji
cara pikeun maham hiji aksara tangtuna waé kudu diapalkeun, diinget-inget,
dipraktékeun (ngalakukeun latihan) sarta ngalakukeun pengulangan.
Niténan kana sawatara masalah anu dipedar di luhur, perlu diayakeun
panalungtikan ngeunaan éféktivitas modél memorization métode mnemonik dina
pangajaran nulis aksara Sunda. Panalungtikan ngeunaan modél memorization
métode mnemonik ieu lain anu munggaran dilaksanakeun. Saméméhna ogé aya
panalungtikan anu sarua nalungtik ngeunaan modél pangajaran memorization
métode
mnemonik.
Judul
panalungtikana
nya
éta,
“Éféktivitas
Modél
Memorization (Mnemonik) pikeun Ngaronjatkeun Pangaweruh Léksikon Siswa
Kelas XI SMA (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas IPA 9 SMA Negeri 3
Bandung taun
ajaran
2011-2012)”. Tujuanana pikeun ngadéskripsikeun
kamampuh siswa kelas XI IPA 9 SMA Negeri 3 Bandung taun ajaran 2011-2012
dina pangaweruh léksikon saméméh jeung sabada ngagunakeun modél
Memorization. Hasil tina éta panalungtikan nétélakeun yén modél memorization
métode mnemonik éféktif pikeun ngaronjatkeun pangaweruh leksikon anu katitén
tina ayana béda anu signifikan antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél
memorization dina prosés diajar ngajar. Anu paling ngabédakeun ieu
panalungtikan jeung panalungtikan saméméhna nya éta kompetensi anu
digunakeunna, antara pangaweruh léksikon jeung nulis aksara Sunda. Salian ti éta,
hal anu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung pananlungtikan saméméhna nya éta
téhnik anu digunakeunna antara téhnik kata-link jeung téhnik asosiasi.
Ku kituna, dumasar kana masalah anu diébréhkeun di luhur, ieu
panalungtikan anu dijudulan “Modél Memorization Métode Mnemonik dina

4
Pangajaran Nulis Aksara Sunda (Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas X-C SMA
Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajaran 20122013)” perlu dilaksanakeun.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah
1.2.1
Watesan Masalah
Kaparigelan basa (ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis) téh kacida
legana, mangka diperlukeun hiji watesan masalah sangkan ieu panalungtikan
henteu lega teuing ambahanna tur ieu panalungtikan anu dilaksanakeun téh bisa
museur. Ku kituna, ieu panalungtikan téh, leuwih museurkeun objék
panalungtikana kana kaéféktifan modél pangajaran memorization métode
mnemonik dina nulis aksara Sunda anu ngawengku aksara ngalagena, aksara
swara, jeung rarangkén ka siswa kelas X-C SMA sekolah LaboratoriumPercontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013.
1.2.2
Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah, panalungtikan ieu dirumuskeun dina
wangun kalimah pananya saperti ieu di handap:
1) Kumaha kamampuh nulis aksara Sunda saméméh ngagunakeun modél
memorization métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas
X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun
ajaran 2012-2013?
2) Kumaha kamampuh nulis aksara Sunda sabada ngagunakeun modél

3) Naha aya béda anu signifikan kamampuh siswa kelas X-C SMA
Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran
2012-2013 dina nulis aksara Sunda antara saméméh jeung sabada
ngagunakeun modél memorization métode mnemonik?

5
1.3 Tujuan Panalungtikan
Tujuan dina ieu panalungtikan ngawengku kana tujuan umum jeung tujuan
husus, nya éta sakumaha anu dipedar di handap.
1.3.1 Tujuan Umum
Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum tina ieu
panalungtikan téh nya éta pikeun nambahan référénsi ngeunaan kaéféktifan modél
pangajaran anu bisa dilaksanakeun di sakola-sakola utamana dina pangajaran basa
Sunda.
1.3.2
Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:
1) Kamampuh nulis aksara Sunda saméméh ngagunakeun modél memorization
métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X-C SMA

2012-2013.
2) Kamampuh nulis aksara Sunda sabada ngagunakeun modél memorization

3) Bédana kamampuh siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan
Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013 dina nulis aksara
Sunda antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél memorization
métode mnemonik.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat tina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat téoritis jeung
mangpaat praktis, sakumaha anu dipedar ieu di handap.
1.4.1
Mangpaat Téoritis
Sacara téoritis, ieu panalungtikan téh bisa méré pangdeudeul pikeun élmu
pangaweruh utamana dina ngamekarkeun kaéféktifan modél pangajaran basa

6
jeung sastra Sunda dina pangajaran nulis aksara Sunda pikeun siswa SMA kelas
X.
1.4.2
Mangpaat Praktis
Panalungtikan ieu miboga mangpaat praktis, diantarana:
1) Mangpaat pikeun siswa
Ku digunakeunna modél memorization métode mnemonik dina pangajaran
nulis aksara Sunda, siswa bisa kataji, balukarna siswa leuwih daria sarta
kamotivasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh dina nulis aksara Sunda.
2) Mangpaat pikeun guru
Ieu panalungtikan bisa méré référénsi pikeun Guru ngeunaan stratégi anu bisa
digunakeun dina pangajaran nulis aksara Sunda. Salian ti éta, bisa méré
alternatif pikeun guru sangkan teu monoton dina nalika nepikeun pangajaran,
hususna nepikeun pangajaran nulis aksara Sunda.
3) Mangpaat pikeun panalungtik
Pikeun panalungtik sorangan nya éta panalungtik bisa mikanyaho kaéféktifan
modél pangajaran, nya éta éféktivitas modél memorization métode mnemonik
dina pangajaran nulis aksara Sunda, sarta bisa méré pangalaman dina widang
akademik hususna pangalaman panalungtikan hiji modél pangajaran.
1.5 Raraga Tulisan
Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Dina Bab I dideskripsikeun bubuka nu
ngawengku kasang tukang tina masalah anu baris ditalungtik, watesan jeung
rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung
tujuan husus, mangpaat panalungtikan boh anu ngawengku mangpaat praktis boh
mangpaat téoritis, sarta raraga tulisan dina ieu skripsi.
Dina Bab II didéskripsikeun rupaning tatapakan téori nu ngawengku tiori
nulis, aksara Sunda, jeung model pangajaran memorization métode mnemonik
sarta léngkah-léngkah dina pangajaran nulis aksara Sunda ngagunakeun modél
pangajaran memorization métode mnemonik. Salian ti éta, dina ieu bab dipedar
ngeunaan asumsi sarta hipotésis tina panalungtikan anu dilaksanakeun.

7
Dina Bab III didéskripsikeun ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu
panalungtikan, boh jenis métode panalungtikan boh cara prak-prakan ngolah data
tina hasil panalungtikan, sumber data anu digunakeun dina panalungtikan, desain
panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, sarta wangenan
operasional.
Dina Bab IV didéskripsikeun ngeunaan hasil panalungtikan anu ngawengku
prak-prakana panalungtikan, analisis data hasil panalungtikan, jeung medar
kaéféktifan modél pangajaran memorization métode mnemonik dina nulis aksara
Sunda.
Dina Bab V didéskripsikeun ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan
sarta
saran
atawa
rékoméndasi-rékoméndasi
pikeun
dilaksanakeun sabada ieu panalungtikan.

panalungtikan
anu