T PBBS 1103674 Chapter5

BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan
Dumasar kana pedaran hasil panalungtikan dina bab saméméhna, ieu
panalungtikan téh dicindekkeun kana sababaraha hal saperti ébréh ieu di handap.
a. Struktur Makro dina Rubrik “Balé Bandung”
Struktur makro dina analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk
nyurahan téma puseur nu nyampak dina wacana. Téma nu diasongkeun ku Karno
salaku nu nulis dina wacana rubrik “Balé Bandung” éstuning mangrupa gambaran
tina kajadian nu karandapan ku masarakat dina jaman kiwari. Téma puseur nu
diasongkeun dina ieu rubrik, éstuning béda-béda. Najan béda, tapi kabéhanana
ngagambarkeun naon nu karandapan tur karasa ku masarakat. Hal nu ditepikeun
téh mangrupa kritik sosial ti masarakat ka pamaréntahan nu keur kumawasa
kiwari, boh ka individu boh ka lembaga nu keur nyekel kakawasaan di ieu nagara.
b. Superstruktur dina Rubrik “Balé Bandung”
Dina superstruktur, nu dipedar téh ngeunaan skéma atawa galur dina hiji
wacana. Skéma nu ditepikeun ku Karno dina wacana nu ditulisna téh ngaguluyur
tur gampang dipikaharti ku nu maca. Ieu Hal disababkeun ayana tingkesan jeung
lalakon nu mangrupa bagian tina unsur skéma. Dina tingkesan mah disebutkeun
judul jeung kalimah pangukuhna, sedengkeun dina lalakon mah bisa katitén

situasi nu diasongkeun sarta koméntar ti Karno salaku nu nulis, kana wacana nu
ditulisna. Tina sawatara tingkesan jeung lalakon anu dipidangken dina wacana
rubrik “Balé Bandung”, nyatana bisa nyababkeun eusi carita nu ditepikeun
ngaguluyur tur gampang dipikaharti ku nu maca. Naon-naon nu hayang
ditepikeun minangka pamadegan ti nu nulis, satékah polah bisa ditarima ku nu

Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
157

157

158

maca alatan naon nu ditepikeun téh mémang luyu jeung kahirupan nu karandapan
ku masarakatna sorangan.

c. Struktur Mikro dina Rubrik “Balé Bandung”

Struktur mikro dina analisis rubrik “Balé Bandung”, dibagi jadi opat bagian,
nyaéta semantik (medar ngeunaan latar, wincik, jeung maksud), sintaksis (medar
ngeunaan

kohérénsi, wangun kalimah, jeung kecap sulur), stilistik (medar

ngeunaan pilihan kecap), jeung rétoris (medar ngeunaan grafis jeung métafora).
Sanajan aya sawatara unsur nu teu dipiboga ku salasahiji wacana, nyaéta unsur
métafora dina rubrik “Balé Bandung” nu judulna “Gebragan Buyung” jeung
“Kakuciwa ka Partéy Pulitik. Ieu sakabéh analisis téh ébréh tina wacana “Balé
Bandung”.
d. Karakteristik Wacana Kritis basa Sunda dina Rubrik “Balé Bandung”
Karakteristik wacana kritis basa Sunda dina rubrik “Balé Bandung”, bisa
katitén dumasar kana dua hal, nyaéta disawang tina ciri-ciri téks jeung idéologi nu
nulis sarta tina lima prnsip karakteristik wacana kritis nu ngawengku: (1)
tindakan, (2) kontéks, (3) historis, (4) kakawasaan, jeung (5) idéologi. Éta prinsip
téh geus katémbong sakabéh unsurna saupama disawang tina analisis wacana
kritis model Teun A. van Dijk. Ieu analisis téh mesék wacana tina tilu unsur,
nyaéta struktur makro nu medar ngeunaan téma puseur, superstruktur nu medar
ngeunaan skéma, jeung struktur mikro nu medar ngeunaan semantik, sintaksis,

stilistik, jeung rétoris. Tina hasil analisis gé, bisa katitén idé-idé pulitik nu hayang
ditepikeun ku Karno salaku nu nulis ngaliwatan wacana nu ditulisna, nyaéta nu
sipatna kritik ka pamaréntahan, kritik kana kapamingpinan, kritik ka parapulitisi
jeung partéy pulitik, kritik ka masarakat jeung pamaréntah nu mopohokeun
sajarahna, gambaran tokoh nasional nu némbongkeun kawanina, jeung kritik
ngeunaan ngariksa lingkungan nu aya di sabudeureun urang.

Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
158

159

5.2 Saran
Panalungtikan ngeunaan analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk kana
rubrik “Balé Bandung” dina ieu tésis téh ukur museurkeun kana unsur téksna
wungkul. Tangtu waé perlu aya panalungtikan séjén anu ngaguar leuwih jero
kana sakabéh élemén analisis wacana kritis, nyaéta kognisi sosial jeung

kontéksna. Ieu hal perlu dilakukeun sangkan bisa ngajembaran tur ngalengkepan
deui analisis wacana kritis ngagunakeun model Teun A. van Dijk. Dina data nu
dijadikeun sumber panalungtikan gé, dipiharep bisa leuwih jembar tur rupa-rupa
wangunna, boh dina wacana fiksi saperti carpon jeung novel boh dina wacana
nonfiksi sapert artikel, rubrik, jeung tajuk rencana. Kitu ogé model analisis nu
dijadikeun keureutanana, naha ngagunakeun analisis Framing, analisis basa kritis,
jeung réa-réa deui.
Majalah Manglé nu dijadikeun sumber dina ieu panalungtikan, mangrupa
hiji-hijina majalah Sunda nu terus medal ti baheula nepi ka ayeuna. Ieu majalah
tangtuna mawa kahadéan pikeun sakumna urang Sunda, lantaran salian ti jadi
sumber panalungtikan, ieu majalah gé bisa dijadikeun sumber pikeun saha waé nu
hayang diajar basa Sunda. Ku kituna, perlu dironjatkeun panalungtikan nu
ngajadikeun majalah Manglé minangka sumber utamana, bisa panalungtikan
ngeunaan kabasaanana, sastrana, budayana jeung sajarahna.

Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
159