T PBBS 1103674 Chapter1

BAB I
BUBUKA

1.1

Kasang Tukang Panalungtikan
Basa mangrupa alat komunikasi nu dipaké ku manusa pikeun ngayakeun

interaksi atawa hubungan jeung papada jalma. Ku cara maham tur ngawasa
sawatara basa, tangtu manusa bisa meunangkeun sawatara informasi jeung
meunangkeun pangalaman nu saméméhna can pernah kapikiran tur karandapan
ku manéhna. Ngaliwatan basa ogé, manusa bisa ngébréhkeun sagala ide
pikiranana boh dina wangun lisan boh dina wangun tulisan. Dina prosésna
ngedalkeun pikiranana, manusa tangtu kudu ngaronjatkeun kaparigelan makéna
basa, salah sahijina kaparigelan nulis.
Kagiatan nulis diwujudkeun ku média basa tulis, anu ngajanggélék jadi téks
atawa wacana tulis. Palebah dieu, wacana mangrupa media prosés tina
mekarkeun komunikasi kalawan ngagunakeun simbol-simbol sarta kajadiankajadian nu lumangsung dina sistem kamasarakatan. Ngaliwatan wacana, sagala
hal nu hayang ditepikeun ngaliwatan komunikasi, contona dina wangun kecap,
tulisan, gambar, sarta nu lianna, baris ditangtukeun ku jalma-jalma nu makéna.
Ieu hal luyu jeung pamadegan Sudaryat (2007:284), nu nétélakeun yén wacana

téh nyaéta wangun basa pangjembarna anu disusun tina runtuyan kalimahkalimah anu sambung-sinambung, tatali unsurna ngéntép seureuh tur tatali
ma’nana dalit luyu jeung kontéks situasi.
Dumasar kana médium anu dipakéna, wacana bisa dibédakeun jadi dua
wanda, nyaéta wacana lisan jeung wacana tulis. Ieu dua rupa wacana téh aya
sasaruaan jeung aya bédana. Sasaruaan wacana lisan jeung wacana tulis nyaéta
pada-pada miboga kaédah tata basa (gramatikal) jeung kandaga kecap (léksikon).
1
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1

2

Ari bédana nyaéta lebah médiumna, wacana lisan patali jeung ucapan atawa
omongan (fonologis), wacana tulis patali jeung aksara katut éjahan (grafologis).
Wacana bisa dianalisis tina rupa-rupa aspék, boh nu sipatna internal boh nu
sipatna éksternal. Analisis wacana internal museurkeun paniténna kana struktur
basa kayaning frasa, klausa, kalimah, kohési, kohérénsi, jeung sajabana.

Sedengkeun analisis wacana éksternal museurkeun paniténna kana hal nu aya di
saluareun téks saperti kumaha situasi sosial politik nalika téks dijieun, kumaha
éta téks mangaruhan ka masarakat nu macana, jeung sajabana.
Pamahaman dasar ngeunaan analisis wacana nyaéta wacana teu bisa
dicangkem ku nu maca, ngan ukur jadi objék dina studi basa wungkul. Basa
tangtu dipaké pikeun nganalisis téks, tapi basa nu dipaké teu ukur disawang tina
sisi linguistik tradisional. Basa dina analisis wacana kritis, salian tina téks ogé
disawang tina kontéks basa minangka alat nu dipaké pikeun tujuan sarta prakték
nu tangtu kaasup prakték idéologi. Idéologi pangarang nu diébréhkeun dina
wangun wacana can tangtu bisa kacangkem tur dipikaharti ku nu macana, sabab
dina ngedalkeun pamanggihna loba pangarang nu nyamunikeun maksud anu
sabenerna, komo lamun anu diébréhkeunana téh patali jeung ideologi pulitikna.
Ieu hal biasana mah disababkeun lantaran pangarang niténan kaayaan sosial nu
aya di sabudeureun masarakat.
Analisis wacana anu maluruh adeganana dipatalikeun kana widang sosial
pulitik ilaharna aya dina wengkuan analisis wacana kritis. Ulikan wacana kritis
kana téks basa Sunda anu sumebar dina koran atawa majalah langka
dilaksanakeun, komo anu eusina ulikan ngeunaan patalina wacana jeung pasualan
sosial pulitik mah. Upamana waé, kumaha ciri-ciri wacana pulitik kasundaan dina
mangsa orde lama, orde baru, jeung orde réformasi.


Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2

3

Di nagara deungeun mah ulikan analisis wacana kritis téh geus kaitung lila.
Salasahiji inohong analisis wacana kritis anu kawéntar nyaéta Teun Adrianus van
Dijk. Inyana kagolong salah saurang sarjana dina widang linguistik téks, analisis
wacana, jeung analisis wacana kritis. Van Dijk mah niténan hiji téks téh
diwangun ku sababaraha struktur/tingkatan anu unggal-unggal bagianana
silirojong. Dina nganalisis hiji téks, van Dijk ngabagi jadi tilu tingkatan. Kahiji
struktur makro, nu mangrupa ma’na sacara umum tina hiji téks, nu bisa disurahan
kalawan ningali topik atawa téma nu diasongkeun dina hiji wacana. Tingkatan nu
kadua nyaéta superstruktur, mangrupa struktur wacana nu aya patalina jeung
rangka hiji téks, kumaha bagian-bagian téks ngajanggélék jadi hiji wacana sacara
gembleng. Tingkatan katilu struktur mikro, nyaéta ma’na tina wacana nu bisa

dititénan tina sababaraha bagian nu ngarojong kana téks saperti kecap, kalimah,
proposisi, anak kalimah, paraprase, jeung gambar.
Nurutkeun van Dijk, najan hiji wacana téh diwangun ku sababaraha bagian,
tapi éta bagian-bagian téh tetep mangrupa hiji beungkeutan nu silih deudeul.
Ma’na global tina hiji téks (téma) dirojong ku ayana rangkay téks, nu ahirna mah
éta rangkay téh baris dimekarkeun jadi hiji wacana anu gembleng ngaliwatan
pilihan kecap sarta kalimah nu dipaké ku pangarang.
Makéna runtuyan kecap, kalimah, proposisi sarta rétorika nu tangtu ku
média citak disurahan ku van Dijk mah mangrupa bagian tina stratégi wartawan.
Makéna kecap-kecap, kalimah, gaya nu tangtu lain ukur disawang minangka alat
komunikasi, tapi disawang ogé minangka pulitik dina komunikasi. Ieu hal
mangrupa salah sahiji cara pikeun mangaruhan pamadegan masarakat,
nyiptakeun pangrojong masarakat, nguatkeun légitimasi, atawa ngabeubeutkeun
sarta nyingkirkeun lawan pulitikna. Struktur tina wacana mangrupa cara nu
éféktif pikeun niténan prosés rétorika jeung persuasi nu dipigawé waktu
wartawan nepikeun pamadeganana ka masarakat nu maca.

Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3

4

Sakumaha nu geus ditétélakeun yén analisis wacana kritis nu objékna
wacana basa Sunda mah kaitung langka, boa teu aya. Upama macaan daptar hasil
panalungtikan boh nu mangrupa skripsi atawa tésis, ulikan kana analisis wacana
kritis nu objékna wacana basa Sunda teu kapaluruh ayana. Ku kituna panalungtik
nyobaan nyurahan wacana ngagunakeun analisis wacana kritis dumasar modél
Teun A. van Dijk dina rubrik “Balé Bandung” nu aya dina majalah Manglé. Ieu
rubrik mangrupa salah sahiji conto tina wacana tulis. Dina ieu rubrik, nu biasa
diluluguan ku Karno Kartadibrata, dipedar sawatara pamadegan ti pangarang nu
biasana patali jeung kajadian-kajadian ahéng di masarakat sarta karandapan ogé
ku pangarangna. Karno salaku panulis dina ieu rubrik, remen ngébréhkeun
pamadegan-pamadegan pulitikna ngaliwatan wacana anu ditulisna.
Dumasar kana kasang tukang di luhur, karasa perluna diayakeun
panalungtikan ngeunaan analisis wacana nu aya dina rubrik “Balé Bandung”. Ku
kituna ieu panalungtikan téh dijudulan “Adegan Wacana Rubrik Balé Bandung
dina Majalah Manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)”


1.2

Watesan jeung Rumusan Masalah
Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, ieu di handap dijelaskeun

ngeunaan watesan jeung rumusan masalah panalungtikan.

1.2.1 Watesan Masalah
Analisis kana téks “Balé Bandung” dina majalah Manglé sabenerna kaitung
loba, di antarana aya nu medar perkara analisis eusi, analisis wacana kritis,
analisis

semiotik

jeung

analisis

Framing.


Tiap-tiap

analisis

mibanda

kapunjulanana sorangan-sorangan. Sangkan panalungtikan bisa leuwih museur,
nya dipilih analisis wacana kritis dumasar kana téks nu aya dina rubrik “Balé
Bandung” dina majalah Manglé. Ari pamarekan nu dipaké pikeun nganalisis ieu

Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4

5

téks nyaéta analisis wacana kritis modél Teun A. van Dijk. Ieu pamarekan

nekenkeun kana tilu unsur panalungtikan, nyaéta: (1) struktur makro nu
ngawengku tématik; (2) superstruktur nu ngawengku skématis; jeung (3) struktur
mikro nu ngawengku semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris. Ari wacana nu
dijadikeun bahan analisis nyaéta rubrik “Balé Bandung” nu aya dina majalah
Manglé taun 2012. Rubrik nu dijadikeun bahan gé henteu dianalisis sadayana, tina
rubrik nu medal dina taun 2012 téh ditalungtik tujuh wacana rubrik “Balé
Bandung” nu saméméhna geus dipasing-pasing heula dumasar kana témana
séwang-séwangan. Éta sakabéh wacana téh dianggap bisa ngagambarkeun idé-idé
pulitik ti Karno salaku nu nulisna. Ieu hal diluyukeun jeung analisis wacana kritis
Teun A. van Dijk nu mémang leuwih museurkeun panalungtikanana tina segi
pulitik.

1.2.2 Rumusan Masalah
Sangkan dina maluruh masalah-masalah dina ieu panalungtikan leuwih
gampang dilakukeunana, dirumuskeun dina kalimah pananya saperti ieu di
handap.
a. Kumaha struktur makro nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina
téma puseurna?
b. Kumaha superstuktur nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina
skématisna?

c. Kumaha struktur mikro nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina
semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétorisna?
d. Kumaha karakteristik wacana kritis basa Sunda nu aya dina rubrik “Balé
Bandung” majalah Manglé?

1.3

Tujuan Panalungtikan

Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
5

6

Tujuan nu hayang dihontal tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun manggihan
jeung medar wacana rubrik “Balé Bandung” dina majalah Manglé. Ari pedaran
atawa déskripsina nyoko kana widang:

a.

struktur makro nu ngawengku unsur téma puseur;

b.

superstruktur nu ngawengku unsur skématis;

c.

struktur mikro nu ngawengku unsur semantik, sintaksis, stilistik, jeung
rétoris; jeung

d.

karakteristik wacana kritis basa Sunda nu aya dina rubrik “Balé Bandung”
majalah Manglé.

1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat ieu panalungtikan dijembarkeun kana dua bagian, nyaéta mangpaat

tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nambahan
kabeungharan élmu wacana tina segi analisis wacana kritis. Salian ti éta, tina ieu
panalungtikan ogé bisa manggihan alternatif anyar dina nganalisis wacana. Mun
biasana mah nu dianalisis wacana téh ukur unsur kabasaanana hungkul, saterusna
mah bisa ngagunakeun rupa-rupa analisis wacana salah sahijina analisis wacana
kritis dumasar pamarekan Teun A. van Dijk.

1.4.2 Mangpaat Praktis
Tina jihat praktis, ieu panalungtikan téh gedé mangpaatna, di antarana:
a.

Pikeun mahasiswa, ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun référénsi dina prakprakan nganalisis wacana.

Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
6

7

b.

Pikeun panalungtik, hasil panalungtikan bisa méré gambaran ngeunaan
kumaha sawangan idéologi pulitik pangarang nu nyangkaruk dina rubrik
“Balé Bandung”.

c.

Pikeun guru, hasil panalungtikan bisa dipaké salasahiji sumber bahan ajar
kaparigelan basa di sakola, utamana tahapan atikan menengah kayaning
SMA.

1.5

Ragaga Tulisan
Eusi ieu tésis téh kabéhanana ngawengku lima bab, anu eusina ngébréhkeun

ngeunaan sistematika raraga tulisan dumasar kana maksud judul bab nu
dipedarna.
Bab I Bubuka, medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi
jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan (tujuan umum jeung tujuan husus),
mangpaat panalungtikan (mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis), jeung raraga
tulisan.
Bab II Ulikan Tiori, Raraga Mikir, jeung Anggapan Dasar, medar ngeunaan
(1) ulikan tiori (wacana, analisis wacana kritis, jeung analisis wacana kritis model
Teun A. van Dijk), (2) raraga mikir panalungtikan, jeung (3) anggapan dasar
panalungtikan.
Bab III Métode Panalungtikan, medar ngeunaan (1) data jeung sumber data
panalungtikan, (2) desain panalungtikan, (3) métode panalungtikan, (4) wangenan
operasional, (5) instrumén panalungtikan, (6) téhnik ngumpulkeun data, jeung (7)
téhnik ngolah data.
Bab IV Analisis jeung Pedaran, medar ngeunaan data wacana “Balé
Bandung”, analisis jeung déskripsi wacana “Balé Bandung”, struktur makro nu
aya dina rubrik “Balé Bandung”, analisis superstruktur nu aya dina rubrik “Balé
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
7

8

Bandung”, analisis struktur mikro nu aya dina rubrik “Balé Bandung”, jeung
analisis karakteristik wacana kritis basa Sunda dina rubrik “Balé Bandung”.
Ari dina Bab V Kacindekan jeung Saran, dipedar perkara kacindekan sarta
saran pikeun individu/lembaga anu aya patalina jeung eusi panalungtikan tina ieu
panalungtikan.

Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A.
van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
8