S BD 1105440 Chapter3
Fajriansyah Noviar Arief,2015
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Desain Panalungtikan
Panalungtikan ngeunaan kasenian Topéng Banjét “Pendul” ngagunakeun métodeu déskriptif kualitatif. Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 3) kecap déskriptif asalna tina basa Inggris to describe nu hartina ngajelaskeun hiji hal, misalna kaayaan, kajadian, kagiatan, atawa hal séjén nu hasilna dijelaskeun dina wangun laporan panalungtikan. Panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu tujuanna ngadéskripsikeun jeung nganalisis fénoména, kajadian, aktivitas sosial, sikep, kapercayaan, persépsi, pamikiran boh sacara individual boh sacara kelompok (Sukmadinata, 2012, kc. 60). Panalungtikan kualitatif boga dua tujuan utama, nya éta: 1) ngagambarkeun jeung ngungkab (to describe and explore); jeung 2) ngagambarkeun jeung ngécéskeun (to describe and explain).
David William (dina Moleong, 2007, kc. 5) nétélakeun nu disebut panalungtikan kualitatif, nya éta panalungtikan ngumpulkeun data tina hiji latar alamiah, ngagunakeun métodeu alamiah, sarta dilakukeun ku panalungtik anu ka irut sacara alamiah. Tegesna métodeu déskriptif kualitatif téh, nya éta panalungtikan nu miboga maksud pikeun maham fenomena naon nu kaalaman ku hiji subjék panalungtikan, misalna: paripolah, sawangan, motivasi, tindakan, jrrd. Sacara holistik panalungtikan kualitatif téh nalungtik ku cara ngadéskripsikeun kecap-kecap jeung basa tina hiji kontéks husus nu alamiah jeung ngamangpaatkeun métodeu alamiah.
Desain panalungtikan nya éta bagan guluyurna tahap panalungtikan anu ngagambarkeun léngkah-léngkah panalungtikan. Desain panalungtikan miboga sipat saheulaanan jeung bisa mekar sanggeus panalungtik asup kana objék panalungtikan (Sugiono, 2010, kc. 223). Ku kituna, desain dina ieu panalungtikan saperti bagan di handap.
(2)
Fajriansyah Noviar Arief,2015
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.2 Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan 3.2.1 Sumber Data
Sumber data panalungtikan nya éta subjek data anu ditalungtik (Arikunto, 2010, kc. 172). Sacara gurat badag sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta jalma (person), tempat (place), jeung keretas atawa dokumén (paper).
1) Jalma (person), nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angkét.
Tujuan Panalungtikan Ngadéskripsikeun ieu hal di handap.
1. Gambaran kasenian Topéng Banjét "Pendul".
2. Unsur-unsur seni nu nyampak dina kasenian Topéng Banjét "Pendul".
3. Ajén éstétika nu nyangkaruk dina kasenian Topéng Banjét "Pendul".
4. Ngalarapkeun hasil panalungtikan kasenian Topéng Banjét "Pendul" kana bahan pangajaran bahasan budaya di SMA kelas XI.
Ngumpulkeun data tina buku-buku sumber ngeunaan kasenian Topéng Banjét "Pendul"
Ngayakeun panalungtikan di Désa Lemahduhur jeung ngayakeun wawancara ka seniman kasenian Topéng Banjét
"Pendul"
Analisis jeung déskripsi data
(3)
Fajriansyah Noviar Arief,2015
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
cicing atawa gerak. Kaayaan cicing atawa gerak mangrupa objék pikeun métodeu observasi.
3) Keretas atawa dokumén (paper), nya éta sumber data nu mangrupa tanda-tanda, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjénna. Dokumén mangrupa objék pikeun métodeu dokuméntasi.
Luyu jeung pedaran di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta sumber data ti seniman Topéng Banjét “Pendul”, hasil rékaman tina pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul”, jeung data ti masarakat sabudeureunana. Sumber data dina ieu panalungtikan, nya éta Topéng Banjét “Pendul”.
Tabél 3.1 Data Informan Wasta jeung Foto
Informan
Umur Padumukan Pakasaban Kalungguhan dina kasenian Topéng Banjét “Pendul”
1 2 3 4 5
Abah Jaya 48 taun Kp. Bayur Desa
Lemahduhur Kabupaten Karawang
Seniman Pamingpin Topéng
Banjét “Pendul”
Pari Juhansyah/Wa Doris 51 taun Kp. Suagar
Desa
Pasurkamuning Kabupatén Karawang
Seniman Penaséhat Topéng
(4)
Fajriansyah Noviar Arief,2015
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Téh Darmi 29 taun Cikampek
Kabupatén Karawang
Seniman Panari Banjét
Kang Oman 53 taun Kp. Bayur Désa
Lemahduhur Kabupatén Karawang
Seniman Pamaén Rebab
3.2.2 Lokasi Panalungtikan
Désa Lemahduhur nya éta désa nu kaasup ka Kecamatan Tempuran Kabupatén Karawang. Lega wilayah Désa Lemahduhur téh aya 729,795 Ha, sacara administratif Désa Lemahduhur kabagi jadi 6 dusun 6 RW jeung 18 RT, nya éta Dusun Jarakah I, Dusun Jarakah II, Dusun Bayur I, Dusun Bayur II, Dusun Lemahduhur, jeung Dusun Néglasari. Wates Désa Lemahduhur nya éta:
(5)
Fajriansyah Noviar Arief,2015
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tempuran
beulah kidul : Désa Pasirkamuning Kecamatan Telagasari
beulah kalér : Désa Pancakarya jeung Lemahkarya Kecamatan Tempuran
Gambar 3.1
Péta Tempat Panalungtikan
3.3 Instrumén Panalungtikan jeung Téhnik Ngumpulkeun Data 3.3.1 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu dipaké ku nu nalungtik dina ngumpulkeun data pikeun mantuan panalungtikan sangkan leuwih gampang jeung hasil nu leuwih hadé. Dina harti leuwih taliti, jeung sistematis anu ngajadikeun datana leuwih gampang diolah. Rupa-rupa instrumén panalungtikan, nya éta angkét, céklis (check list), pedoman wawancara, jeung pedoman panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 203). Anu dipaké pikeun ngumpulkeun data
(6)

dina ieu panalungtikan, nya éta pedoman wawancara, alat rékam, jeung kaméra foto.
1) Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara nya éta alat pikeun nungtun panalungtik nalika wawancara jeung narasumber, anu eusina ngeunaan biodata informan jeung daptar pertanyaan. Pedoman wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.
Tabél 3.2 Pedoman Wawancara
Klasifikasi Patarosan
Asal-muasal/ Sajarah
1. Ti iraha ayana kasenian Topéng Banjét “Pendul”?
2. Kumaha kasang tukang ayana kasenian Topéng Banjét “Pendul’?
3. Naon sababna ieu kasenian dingaranan kasenian Topéng Banjét
“Pendul”?
4. Naon udagan tina kasenian Topéng Banjét “Pendul”?
Pra Pintonan 5. Naon waé nu kudu disiapkeun saacan prungna pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul’?
Prungna Pintonan 6. Kumaha pakem dina prak-prakan kasenian Topéng Banjét “Pendul”?
Kamekaran 7. Kamekaran naon waé nu kaalaman ku kasenian Topéng Banjét
“Pendul”?
Layang Pangajén 8. Pangajén naon waé anu geus dicangking ku kasenian Topéng Banjét
“Pendul”?
Unsur-unsur Seni
9. Pungsi kasenian naon waé nu kapanggih dina kasenian Topéng Banjét
“Pendul”?
10. Unsur-unsur seni naon waé nu nyampak dina kasenian Topéng Banjét
“Pendul”?
11. Naon ngaran babagéan dina busana nu dipaké panari jeung pamaén drama kasenian Topéng Banjét “Pendul”?
12. Waditra naon waé anu dipaké dina pintonan kasenian Topéng Banjét
“Pendul”?
13. Gerak tari naon waé anu dipaké dina prungna pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul”?
14. Carita jeung lalakon naon waé anu mindeng dipintonkeun dina
kasenian Topéng Banjét “Pendul”? nyokot tina sastra lisan atawa tulisan carita nu dipintokeunna téh?
Ajén Éstétika 15. Ajén éstétika naon waé anu nyampak dina kasenian Topéng Banjét “Pendul” ?
(7)

Tabél 3.3 Kartu Wawancara
2) Alat rékam
Alat rékam dipaké pikeun ngumpulkeun data dina téhnik wawancara jeung informan atawa rékaman pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul”. Ieu hal dilaksanakeun sangkan data anu dicangking akurat.
3) Kaméra foto
Kaméra foto dipaké pikeun ngadokuméntasikeun hal-hal anu aya patalina jeung ieu panalungtikan, sarta pikeun ngadokuméntasikeun prak-prakan pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul”.
3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta studi pustaka, observasi, wawancara, jeung studi dokuméntasi.
1) Studi Pustaka
Studi pustaka dipaké pikeun meunangkeun rupa-rupa tiori anu dijadikeun acuan dina ngalaksanakeun hiji panalungtikan (Suyatna, 2002, kc. 19). Studi pustaka dipaké pikeun ngumpulkeun bahan tulisan dina néangan jeung
Kartu Wawancara
Wasta :
Jenis kelamin :
Umur :
Kalungguhan :
Alamat :
Pakasaban :
(8)

nangtukeun dasar-dasar tiori anu aya patalina jeung objék panalungtikan. Panalungtikan studi pustaka dilaksanakeun di Perpustakaan Universitas Pendidikan Indonesia jeung Perpustakaan Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung.
2) Observasi
Nurutkeun Fathoni (2006, kc. 104) observasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara niténan sarta nyatet tina hasil observasi. Jalma nu ngobservasi disebut
observer, jeung objék anu diobservasi disebut observee.
Téhnik observasi dipaké pikeun nyangking gambaran ngeunaan kasenian Topéng Banjét “Pendul”. Gambaran anu dipiharep lian ti kasenianana ogé ngeunaan gambaran sosial masarakatna.
3) Wawancara
Margono (2004, kc. 165) nétélakeun yén wawancara nya éta téhnik anu dipaké pikeun nyangking informasi ku cara ngajukeun pertanyaan sacara lisan pikeun dijawab sacara lisan ogé. Ciri anu utama dina wawancara langsung, nya éta kontak langsung kalayan pahareup-hareup antara nu néngan informasi (interviewer) jeung sumber informasi (interviewee). Nurutkeun Esterberg (dina Sugiono, 2010, kc. 72) wawancara nya éta “pertemuan dua orang untuk bertukar informasi dan ide melalui tanya jawab, sehingga dapat dikonstruksikan makna dalam suatu topik tertentu”.
Wawancara mangrupa salah sahiji cara pikeun nyangking data, utamana dina panalungtikan kasenian Topéng Banjét “Pendul”. Téhnik wawancara dipaké pikeun ngadeudeulan data panalungtikan. Wawancara dina ieu panalungtikan, nya éta wawancara ka pihak-pihak anu sacara langsung aub dina kasenian Topéng Banjét “Pendul”, saperti seniman-seniman nu mintonkeun kasenian Topéng Banjét “Pendul” atawa nu kungsi kolaborasi jeung kasenian Topéng Banjét “Pendul”. Informan utama nu diwawancara nya éta Abah Jaya, salaku nu mingpin kasenian Topéng Banjét “Pendul”.
(9)
Fajriansyah Noviar Arief,2015
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4) Studi Dokuméntasi
Studi dokuméntasi nya éta téhnik pikeun ngumpulkeun data ku cara nalungtik jeung nganalisis dokumén-dokumén anu mangrupa dokumén tinulis, gambar, jeung éléktronik (Fathoni, 2006, kc. 112). Dokuméntasi dipaké pikeun meunangkeun data tina wangun arsip, gambar, video, jeung data séjénna anu dianggap perlu pikeun ngadeudeulan panalungtikan.
Objék dokuméntasi dina ieu panalungtikan, nya éta hal-hal nu patali jeung kasenian Topéng Banjét “Pendul”, boh nu sipatna tulisan boh lain tulisan. Objék dokuméntasi anu mangrupa wangun tulisan, nya éta dokumén data ti seniman, sedengkeun nu lain tulisan, nya éta foto atawa video anu patali jeung kasenian Topéng Banjét “Pendul”.
3.4 Téhnik Analisis Data
Dina nganalisis data atawa ngolah data dibutuhkeun katalitian. Panalungtik dipiharep bisa objéktif kana data anu geus dikumpulkeun, teu ngamanipulasi data pikeun tujuan-tujuan anu tangtu. Nurutkeun Suyatna (2002, kc. 25) gurat badag analisis data ngawengku opat hal, nya éta mariksa jeung milih data nu asup, klasifikasi data, tabulasi data, jeung téhnik analisis.
1) Mariksa jeung milih data nu asup. Data nu geus dikumpulkeun dipilih jeung dipariksa deui sangkan luyu jeung pedaran nu bakal ditepikeun. Data nu dipariksa, nya éta kalengkepan idéntitas narasumber jeung hasil wawancara sarta hasil dokuméntasi. Jadi, lamun aya kakurangan jeung aya data nu teu dibutuhkeun bisa gancang katitén.
2) Klasifikasi data, nya éta ngelompokkeun data atawa milah-milah data nu kakumpulkeun dumasar kana data kualitatif, instrumén nu dipaké (kaméra digital jeung pedoman wawancara), jeung tujuan panalungtikan nu hayang dihontal.
(10)

3) Tabulasi data, nya éta ngalaporkeun sakabéh data dina wangun tabél. Data dicangking tina hasil studi pustaka, observasi, wawancara, jeung studi dokuméntasi.
4) Téhnik analisis kabagi dua, nya éta analisis statistik jeung analisis nonstatistik. Dina ieu panalungtikan téhnik analisis data nu dipaké, nya éta nonstatistik.
(1)

beulah wétan : Désa Lemahmakmur jeung Lemahsubur Kecamatan Tempuran
beulah kidul : Désa Pasirkamuning Kecamatan Telagasari
beulah kalér : Désa Pancakarya jeung Lemahkarya Kecamatan Tempuran
Gambar 3.1
Péta Tempat Panalungtikan
3.3 Instrumén Panalungtikan jeung Téhnik Ngumpulkeun Data 3.3.1 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu dipaké ku nu nalungtik dina ngumpulkeun data pikeun mantuan panalungtikan sangkan leuwih gampang jeung hasil nu leuwih hadé. Dina harti leuwih taliti, jeung sistematis anu ngajadikeun datana leuwih gampang diolah. Rupa-rupa instrumén panalungtikan, nya éta angkét, céklis (check list), pedoman wawancara, jeung pedoman panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 203). Anu dipaké pikeun ngumpulkeun data
(2)
Fajriansyah Noviar Arief,2015
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dina ieu panalungtikan, nya éta pedoman wawancara, alat rékam, jeung kaméra foto.
1) Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara nya éta alat pikeun nungtun panalungtik nalika wawancara jeung narasumber, anu eusina ngeunaan biodata informan jeung daptar pertanyaan. Pedoman wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.
Tabél 3.2 Pedoman Wawancara
Klasifikasi Patarosan
Asal-muasal/ Sajarah
1. Ti iraha ayana kasenian Topéng Banjét “Pendul”?
2. Kumaha kasang tukang ayana kasenian Topéng Banjét “Pendul’?
3. Naon sababna ieu kasenian dingaranan kasenian Topéng Banjét
“Pendul”?
4. Naon udagan tina kasenian Topéng Banjét “Pendul”?
Pra Pintonan 5. Naon waé nu kudu disiapkeun saacan prungna pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul’?
Prungna Pintonan 6. Kumaha pakem dina prak-prakan kasenian Topéng Banjét “Pendul”?
Kamekaran 7. Kamekaran naon waé nu kaalaman ku kasenian Topéng Banjét
“Pendul”?
Layang Pangajén 8. Pangajén naon waé anu geus dicangking ku kasenian Topéng Banjét
“Pendul”?
Unsur-unsur Seni
9. Pungsi kasenian naon waé nu kapanggih dina kasenian Topéng Banjét
“Pendul”?
10. Unsur-unsur seni naon waé nu nyampak dina kasenian Topéng Banjét
“Pendul”?
11. Naon ngaran babagéan dina busana nu dipaké panari jeung pamaén drama kasenian Topéng Banjét “Pendul”?
12. Waditra naon waé anu dipaké dina pintonan kasenian Topéng Banjét
“Pendul”?
13. Gerak tari naon waé anu dipaké dina prungna pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul”?
14. Carita jeung lalakon naon waé anu mindeng dipintonkeun dina
kasenian Topéng Banjét “Pendul”? nyokot tina sastra lisan atawa tulisan carita nu dipintokeunna téh?
Ajén Éstétika 15. Ajén éstétika naon waé anu nyampak dina kasenian Topéng Banjét “Pendul” ?
(3)
Fajriansyah Noviar Arief,2015
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tabél 3.3 Kartu Wawancara
2) Alat rékam
Alat rékam dipaké pikeun ngumpulkeun data dina téhnik wawancara jeung informan atawa rékaman pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul”. Ieu hal dilaksanakeun sangkan data anu dicangking akurat.
3) Kaméra foto
Kaméra foto dipaké pikeun ngadokuméntasikeun hal-hal anu aya patalina jeung ieu panalungtikan, sarta pikeun ngadokuméntasikeun prak-prakan pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul”.
3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta studi pustaka, observasi, wawancara, jeung studi dokuméntasi.
1) Studi Pustaka
Studi pustaka dipaké pikeun meunangkeun rupa-rupa tiori anu dijadikeun acuan dina ngalaksanakeun hiji panalungtikan (Suyatna, 2002, kc. 19). Studi pustaka dipaké pikeun ngumpulkeun bahan tulisan dina néangan jeung
Kartu Wawancara
Wasta :
Jenis kelamin :
Umur :
Kalungguhan :
Alamat :
Pakasaban :
(4)
Fajriansyah Noviar Arief,2015
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
nangtukeun dasar-dasar tiori anu aya patalina jeung objék panalungtikan. Panalungtikan studi pustaka dilaksanakeun di Perpustakaan Universitas Pendidikan Indonesia jeung Perpustakaan Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung.
2) Observasi
Nurutkeun Fathoni (2006, kc. 104) observasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara niténan sarta nyatet tina hasil observasi. Jalma nu ngobservasi disebut observer, jeung objék anu diobservasi disebut observee.
Téhnik observasi dipaké pikeun nyangking gambaran ngeunaan kasenian Topéng Banjét “Pendul”. Gambaran anu dipiharep lian ti kasenianana ogé ngeunaan gambaran sosial masarakatna.
3) Wawancara
Margono (2004, kc. 165) nétélakeun yén wawancara nya éta téhnik anu dipaké pikeun nyangking informasi ku cara ngajukeun pertanyaan sacara lisan pikeun dijawab sacara lisan ogé. Ciri anu utama dina wawancara langsung, nya éta kontak langsung kalayan pahareup-hareup antara nu néngan informasi (interviewer) jeung sumber informasi (interviewee). Nurutkeun Esterberg (dina Sugiono, 2010, kc. 72) wawancara nya éta “pertemuan dua orang untuk bertukar informasi dan ide melalui tanya jawab, sehingga dapat dikonstruksikan makna
dalam suatu topik tertentu”.
Wawancara mangrupa salah sahiji cara pikeun nyangking data, utamana dina panalungtikan kasenian Topéng Banjét “Pendul”. Téhnik wawancara dipaké pikeun ngadeudeulan data panalungtikan. Wawancara dina ieu panalungtikan, nya éta wawancara ka pihak-pihak anu sacara langsung aub dina kasenian Topéng Banjét “Pendul”, saperti seniman-seniman nu mintonkeun kasenian Topéng Banjét “Pendul” atawa nu kungsi kolaborasi jeung kasenian Topéng Banjét “Pendul”. Informan utama nu diwawancara nya éta Abah Jaya, salaku nu mingpin kasenian Topéng Banjét “Pendul”.
(5)
Fajriansyah Noviar Arief,2015
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4) Studi Dokuméntasi