Wacana Iklan Dina Média Massa Basa Sunda : ulikan sintaksis jeung pragmatik.

(1)

WACANA IKLAN DALAM MEDIA MASSA BAHASA SUNDA (Ulikan Sintaksis dan Pragmatik)1

SANDRI SANDIANSYAH2

ABSTRAK

Tesis ini dilatarbelakagi fakta bahwa wacana iklan merupakan informasi yang disampaikan ke masyarakat. Tujuannya untuk mendeskripsikan wacana iklan bahasa Sunda dikaji dari jihat sintaksis dan pragmatisnya. Pengumpulan data menggunakan studi bibliografi dan sadap rekam selanjutnya dianalisis dan dideskripsikan. Data terkumpul sebanyak 201 wacana. Dikaji dari struktur sintaksis, wacana iklan bahasa Sunda meliputi kohesi, konjungsi, dan koherensi. Kohesi gramatikal di antaranya ada kohesi referensial 61, elipsis 11, dan paralelisme 5. Kohesi leksikal di antaranya ada sinonimi 4, antonimi 39, hiponimi 3, kolokasi 2, répétisi 27, dan ékuivalénsi 5. Konjungsi ditemukan yaitu koordinatif 119, subordinatif 4, korelatif 2, dan antarkalimat 19. Koherensi referensial kausalitas 5, komparatif 1, parafratis 1, implikasi 1, identifikasi 5, aditif 13, dan resultatif 62. Koherensi tekstual terdapat 11. Dikaji dari jihat pragmatis meliputi deiksis, presuposisi, implikatur, tindak tutur, dan struktur koversasi. Deiksis eksoforis di antaranya persona 43, temporal 30, lokatif 20, dan sosial 20. Deiksis endoforis yaitu anaforis 13 dan kataforis 4. Presuposisi eksistensial sebanyak 61, faktif 124, leksikal 13, struktural 2, dan konterfaktual 1. Implikatur tidak mutlak sebanyak 3 dan mutlak 1. Tindak tutur kalimat komisif memberitakan 21, memerintah 4, dan menegaskan 5. Kalimat impositif menyuruh 6, meminta 43, mendesak 3, berharap 50, melarang 12, mengajak 24, menyarankan 4, dan memperingatkan 2. Kalimat ekspresif memberi selamat 98, mengakui 7, gembira 1, kesakitan 1, dan mengucapkan sungkawa 9. Kalimat asertif analitis 1 dan sintetis 17. Struktur konversasi meliputi pada prinsip kerja sama dan kesopanan. Prinsip kerja sama terdapat maksim kuantitas 3 dan relevansi 1. Prinsip kesopanan terdapat maksim kecocokan 4 dan kesimpatian 1.

Kata kunci: wacana iklan, sintaksis, pragmatis

1 Tesis ini dibawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. 2

(2)

ADVERTISEMENT DISCOURSE IN SUNDANESE MASS MEDIA (Syntax and pragmatic attention)3

SANDRI SANDIANSYAH4

ABSTRACT

This thesis was caused the fact that advertisement discourse is the information conveyed to the public. The aim was to describe the Sundanese advertisement discourse discussed from syntax and pragmatic side. Collecting data used bibliographic studies and tapping record. Then, the data was analyzed and described. Data collected as many as 201 of discourse. The data examined from syntax structures, Sundanese advertisement discourse covering cohesion, conjunctions, and coherence. Grammatical cohesion among whom are 61 referential cohesion, 11 ellipsis, and 5 parallelisms. Cohesion lexical synonymy of which there are four, 39 antonyms, 3 hyponymy, 2 collocations, 27 reps, and 5 equivalences. Conjunctions found are coordinative conjunctions, 4 subordinating, 2 correlatives, and 19 inter- sentences. There are 5 referential coherence causalities, 1 comparative, 1 parafrastis, 1 implication, 5 identifying, 13 additive, and 62 resultatif. There are also 11 textual coherences. Assessed of pragmatic side include deixis, presupposition, implicature, speech acts, and conversations structure. Deixisendophora is 13 anaphora and 4 cataphora. Existential presupposition is that as many as 61, 124 factive, 13 lexicals, 2 structurals, and a counterfactual. Implicatures were not absolute as much as three and one absolute. Commissive sentence speech acts proclaim 21, 4 ruled, and 5 asserted. Impositive sentence ordered 6, 43 asking for, 3 urge, 50 expects, 12 prohibiting, 24 took, 4 recommends, 2 warning. The expressive sentence of congratulated are 98, admitted are seven, happy is one, pain is 1, and express condolences are 9. There is also one analytical assertive sentence and 17 sinthetic. Structure of conversations covers the principles of cooperation and courtesy. The principle of cooperation contained 3 maxims of quantity and relevance 1. Principles of decency are the maxim suitability 4 and sympathy 1.

Key words: advertisement discourse, syntax, pragmatic

3 A thesis under the guidance of Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. 4

(3)

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Basa teu bisa dilepaskeun tina kahirupan manusa dina masarakat, lantaran basa mah mangrupa média komunikasi. Salasahiji fungsi basa téh nyaéta salaku alat gawébareng jeung papada jalma. Dina hirup-kumbuh di masarakat, unggal manusa tangtu moal leupas tina interaksi atawa komunikasi jeung papadana ngaliwatan basa. Basa téh minangka alat komunikasi anu kalintang penting pikeun manusa, lantaran ku ayana basa bisa ngaéksprésikeun naon waé anu aya dina pikiran manusa. Sangkan komunikasi lumangsung merenah, manusa kudu parigel dina ngagunakeun basa. Samsuri (1983, kc. 4) ngébréhkeun yén basa téh moal bisa dipisahkeun ti manusa jeung moal leupas tina unggal pagawéanana. Ti mimiti isuk-isuk nepikeun ka peuting waktu maranéhna leleson, manusa moal bisa leupas tina ngagunakeun basa, malah dina waktuna saré ogé teu jarang “maké basana”. Dina waktu manusa kaciri teu nyarita, dina hakékatna mah masih kénéh maké basa, lantaran basa mah pakakas nu dipakéna pikeun ngawangun pikiran jeung parasaan, karep jeung laku-lampahna; pakakas anu dipakéna pikeun mangaruhan jeung dipangaruhan, ogé basa mah tatapakan nu utama jeung anu ngakar tina masarakat manusa. Basa téh tanda anu jelas tina kapribadian, boh nu hadé boh anu goréng; tanda anu jelas tina kulawarga jeung bangsa; tanda anu jelas tina budi kamanusaan. Tina paguneman saurang jalma urang bisa nyangkem lain kahayangna hungkul, tapi motif kahayangna ogé, kasang tukang pendidikanana, gaulna, adat istiadatna, jeung nu séjénna.

Ku kituna, ngaliwatan basa, manusa bisa silih tukeuran informasi boh ngeunaan dirina boh ngeunaan produk-produk anu dihasilkeunana. Sacara lisan jeung tulisan bisa ditepikeun ngaliwatan média massa anu bisa dibaca atawa diregepkeun ku sakumna masarakat.

Média massa lisan jeung tulisan anu aya di masarakat danget ayeuna réa pisan. Média massa téh alat pikeun nepikeun informasi ngeunaan rupa-rupa hal kaasup produk-produk atawa jasa anu dihasilkeun ku produsén. Éta informasi ngeunaan hiji produk atawa jasa téa leuwih dipikawanoh ku istilah iklan. Dina Kamus Besar

(4)

Bahasa Indonesia (Sugono, 2008, kc. 369) iklan téh 1. warta pesenan pikeun

mangaruhan jalma réa sangkan kairut kana barang jeung jasa nu ditawarkeunana, 2. iber ka jalma réa ngeunaan barang atawa jasa nu dijual dina média massa (saperti surat kabar jeung majalah) atawa di tempat umum. Iklan mangrupa salasahiji alat komunikasi antara konsumén jeung produsén. Iklan mangrupa informasi nu ditepikeun ka masarakat ngeunaan barang atawa jasa boh dilakukeun ku hiji jalma, pausahaan swasta, boh pamaréntah.

Iklan salaku sarana komunikasi massa, miboga sasaran nyaéta, nu maca, nu ngaregepkeun, jeung pamiarsa sacara massa. Dina komunikasi aya sababaraha faktor nu mangaruhan, di antarana talatah nu ditepikeun, panyatur salaku nu méré pesen, pangregep atawa pihak nu narima pesen jeung média naon nu rék digunakeun dina méré pesen. Alat nu dipaké bisa dihartikeun salaku sarana komunikasi, misalna; koran, majalah, radio, télévisi, jeung sajabana. Komunikasi nu digunakeun dina iklan téh mangrupa wawaran nu sifatna persuasif, nyaéta miharep aya pangaruhna atawa réaksi ti pihak séjén.

Nu nyieun iklan téh miboga pancén nyieun talatah pikeun kapentingan nu méré tugas—nu mayarna, kalawan némbongkeun ciri has jeung kaonjoyan produk atawa jasa jadi hiji hal nu tangtu supaya jalma réa bisa ngarti jeung narima pesen nu ditepikeun. Dina nyieun iklan biasana mah ngagunakeun basa nu singget tur tétéla ogé munel supaya gampang dipikaharti ku para konsumén atawa calon nu meuli. Effendi (2012, kc. 1) ngébréhkeun yén basa téh sumber daya pikeun kahirupan masarakat. Urang dipikawanoh jeung jadi kawéntar di lingkungan saupama bisa mikaharti batur jeung nyieun batur mikaharti urang. Urang suksés dina diajar atawa dagang, misalna, ogé saupama urang bisa mikaharti batur jeung nyieun batur mikaharti ka urang. Beuki parigel urang mikaharti batur jeung batur mikaharti ka urang, beuki kawéntar jeung suksés urang dina kahirupan di masarakat. Cindekna, kawéntarna jeung suksésna gumantung kana ayana silih mikaharti di papada manusa.

Iklan miboga rupa-rupa tindak tutur salaku implikatur. Rupa-rupa tindak tutur nu dipaké ku panyatur jeung lawanna dipangaruhan ku sababaraha faktor, salasahijina nyaéta udaganana. Salian ti éta, panalungtikan nu nalungtik iklan dina média massa Sunda kurang malah jigana mah tacan kungsi aya. Sakabéh jenis

(5)

3

ungkara iklan dina média massa Sunda pantes pikeun ditalungtik lantaran di sagédéngeun ungkara téh aya udagan nu bisa nangtukeun éféktif atawa henteuna basa nu digunakeun, nepikeun bisa mangaruhan kana kasuksésan udagan ti panyatur. Ieu ngabuktikeun yén makéna basa dina iklan kalintang penting lantaran boga sifat mangaruhan pangregep pikeun meuli produk anu ditawarkeun.

Perlu dijadikeun catetan yén komunikasi sacara lisan jeung tulisan fungsina téh teu ukur méré informasi anu sahinasna, tapi leuwih jero deui méré

penerangan, méré katerangan, paréntah, intruksi, papatah, ngajak, ngarayu, jeung

sajabana. Kitu deui dina iklan. Iklan minangka produk tina média masa, tangtu ngagunakeun basa minangka pakarangna. Anapon basa anu digunakeun dina iklan téh enas-enasna mah digunakeun pikeun alat komunikasi dina nepikeun gagasan-gagasan dina ngajual produk barang atawa jasa, sangkan konsumen kairut, karayu, pikeun meuli produk anu diiklankeunana. Ku cara maké basa nu ngirut kalawan ngagunakeun diksi atawa pilihan kecap anu cocog bisa ngarojong pangregep atawa nu maca pikeun meuli produk nu ditawarkeun. Ku sabab geus kapangaruhan heula ku basa iklan nu kalintang ngirutna.

Kabutuh manusa pikeun informasi nu ditepikeun ku média massa méré peluang nu gedé ka para produsén pikeun nawarkeun produk-produk atawa jasana ngaliwatan pamasangan iklan. Ieu hal dilakukeun ku produsén kalawan harepan mangsa saurang nu maca atawa ngaregepkeun eusi iklan nu ditepikeun ku éta média massa, sanggeus maca atawa ngaregepkeun jeung kairut tuluy éta jalma kairut pikeun meuli atawa maké jasa nu ditawarkeun. Di dieu écés jéntré yén makéna basa dina wacana iklan kalintang pentingna, lantaran miboga sifat mangaruhan nu maca atawa nu ngaregepkeun pikeun meuli produk atawa maké jasa nu ditawarkeun. Daya irut iklan biasana aya dina struktur basa jeung kontéks wacanana.

Dina wangun wacana, basa iklan miboga ciri jeung karakter anu tangtu. Dina iklan, makéna basa jadi salasahiji aspék penting pikeun suksésna iklan. Ku lantaran kitu, basa iklan kudu mampu jadi gambaran atawa ngajéntrékeun tina hal anu dipikahayang pihak nu masang iklan ka sakumna masarakat. Tujuanana nyaéta pikeun mangaruhan masarakat pikeun kairut kana naon anu diiklankeun.

(6)

Kurang mekarna kajian kawacanaan bisa jadi lantaran pamikiran anu heureut jeung statis, anu ngébréhkeun yén leuwih babari nalungtik jenis wacana wangun tulisan hungkul bari jeung teu maliré wacana wangun lisanna. Ku kituna, dina ieu panalungtikan mah wacana anu rék dipedar téh ngeunaan wacana iklan boh lisan boh tulisan. Lantaran, basa téh sistem lambang arbiter nu digunakeun pikeun gawé bareng, interaksi, atawa ngaidéntifikasi diri. Ngaronjatkeun basa minangka lambang makna dina basa lisan, éta lambang diwujudkeun dina wangun tindak tutur jeung dina basa tinulis minangka wujud simbol tulisan, duanana ngabogaan tempatna séwang-séwang. Boh basa lisan, boh basa tulisan digunakeun manusa pikeun komunikasi.

Salaku objék kajian jeung panalungtikan kabasaan, wacana kaasup wacana iklan bisa dipaluruh tina sababaraha unsur. Ti sagédéngeun éta, aspék-aspék sajeroeun ti éta nyangkaruk jenis kajian anu rupa-rupa. Nepi ka danget ayeuna, panalungtikan ngeunaan wacana masih kénéh nyoko kana pasualan kabasaan sacara internal jeung gramatikalna hungkul. Tacan loba panalungtikan anu ngaéksplorasi wacana tina sisi éksternalna, saperti: kumaha patalina wacana kana pasualan sosial, lingkungan, psikologis, ékonomi, jeung hubungan interdisiplinér séjénna.

Dina ieu panalungtikan, boh unsur internal boh éksternal dina wacana iklan duanana dipaluruh. Pikeun maluruh unsur internalna atawa kabasaanana ngagunakeun tilikan sintaksis, ari unsur éksternalna atawa kontéksna ngagunakeun tilikan pragmatik. Duanana gé silih rojong sakumaha nu dipedar ku Lubis (2011, kc. 22) yén tiap pamarekan panalungtikan dina basa nu ngawengku tinimbangan kontéks kaasup kana widang studi basa nu disebut pragmatik. Analisis wacana ogé tinangtu ngalibetkeun analisis sintaksis. Dina analisis wacana salaku nu kaasup analisis pragmatik, patali jeung naon nu dilakukeun ku nu maké basa jeung nétélakeun ciri-ciri linguistik dina wacana. Ku kituna, urang bisa mikanyaho naon anu dipimaksud pragmatik téh, nyaéta analisis studi basa kalawan maké tinimbangan-tinimbangan kontéks jeung dina analisis wacana ti sagédéngeun merhatikeun sintaksisna ogé pragmatikna kudu leuwih diperhatikeun.

(7)

5

Sintaksis téh pangaturan jeung tatali antar kecap jeung kecap, atawa jeung beungkeutan anu leuwih jembar, atawa antara beungkeutan-beungkeutan anu leuwih jembar dina kabasaan (Kridalaksana, 2008, kc. 223). Ku kituna, lamun urang maluruh ngeunaan wacana tangtu anu dipaluruhna téh ngeunaan wacana jeung unsur-unsur pangwangunna. Unsur pangwangun wacana nu dimaksud téh nyaéta nu patali jeung kohési (patali harti antara kalimah-kalimah atawa proposisi dina wacana), konjungsi (dipaké pikeun nyambungkeun unsur-unsur sintaksis—frasa, klausa, jeung kalimah dina wangun nu leuwih jembar/wacana), jeung kohérénsi (unsur eusi basa dina wacana) kalimah-kalimah pangwangunna.

Ieu panalungtikan henteu saukur nganalisis strukturna sabab dina wacana iklan ngabutuhkeun ogé indikasi-indikasi basa nu ngalantarankeun ayana éta kalimah. Panalungtikan kudu dibarengan ku kasang tukang ungkara sacara pragmatik. Sabenerna, beungkeutan basa nu lengkep lain ukur kalimah tapi téks (wacana).

Pragmatik téh sarat-sarat nu ngalantarankeun luyu henteuna makéna basa dina komunikasai—aspék-aspék makéna basa atawa kontéks luar basa nu méré

sumbangan kana ma’na ungkara (Kridalaksana, 2008, kc. 198). Ku kituna,

saupama urang maluruh wacana iklan, urang kudu apal kontéksna. Biasana kontéks téh dipikaharti salaku hiji hal anu geus aya saacan wacana jeung situasina. Cindekna mah upama urang hayang paham harti nu saenyana dina wacana, kudu dianalisis maké pamarekan pragmatik. Éta wacana karék dipikanyaho harti nu saenyana upama urang paham kana kontéksna, saha nu jadi panyatur, kumaha situasina, jsb.

Tujuan ieu tulisan téh pikeun méré pamahaman ka masarakat hususna nu maraca atawa nu ngararegepkeun wacana iklan dina média massa naon baé ngeunaan sakabéh unsur basa dina wacana iklan, supaya bisa iyatna dina meuli produk atawa maké jasa naon baé jeung henteu gampang kaolo ku basa dina wacana iklan. Contona baé wacana iklan pemutih kulit, dina éta wacana ditegeskeun yén kulit anu alus tur dipikaresep téh anu bodas. Masarakat nu nampa info saperti kitu bisa jadi bakal kapangaruhan, utamana kaum wanoja anu kulitna kurang bodas pahayang-hayang maké éta produk. Padahal tacan tangtu éta produk

(8)

téh cocog pikeun kulit maranéhna, bisa jadi bakal aya éfék anu négatif sanggeus maké éta produk. Da sabenerna kulit anu alus téh nyaéta nu séhat jeung bersih.

Hasil panalungtikan dipiharep bisa dimangpaatkeun pikeun matéri panglengkep pangajaran basa Sunda di sakola-sakola menengah dina kaparigelan basa jeung mikapaham iklan sarta nganalisis wacana.

Nilik kana rupa-rupa hal di luhur, bawirasa perlu diayakeun panalungtikan wacana iklan dina média massa Sunda. Ku kituna, nu nyusun méré judul kana ieu

panalungtikan téh “Wacana Iklan dina Média Massa Basa Sunda: Ulikan Sintaksis

jeung Pragmatik”.

1.2Rumusan Panalungtikan

Sangkan teu lega teuing, ieu panalungtikan téh diwatesan ukur maluruh struktur sintaksis jeung unsur-unsur pragmatik anu aya dina wacana iklan basa Sunda. Dumasar kana éta hal, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan téh dirumuskeun dina kalimah pananya di handap:

a. Wacana iklan basa Sunda naon baé nu sumebar dina média massa?

b. Kumaha struktur sintaksis wacana iklan patali jeung kohési, konjungsi, jeung kohérénsi kalimah-kalimah pangwangunna?

c. Kumaha unsur-unsur pragmatis nu aya dina wacana iklan patali jeung déiksis, présuposisi, implikatur, laku basa, jeung adegan konvérsasina?

1.3Tujuan Panalungtikan

Dumasar kana rumusan masalah di luhur, tujuan ieu panalungtikan téh pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun

a. wacana iklan anu sumebar dina média massa Sunda;

b. struktur sintaksis wacana iklan patali jeung kohési, konjungsi, jeung kohérénsi kalimah-kalimah pangwangun; jeung

c. unsur-unsur pragmatis nu aya dina wacana iklan patali jeung déiksis, présuposisi, implikatur, laku basa, jeung adegan konvérsasina.

(9)

7

1.4Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat hasil dina ieu panalungtikan diantarana pikeun:

a. Nu nalungtik, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan.

b. Lembaga, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban hasil panalungtikan basa Sunda jeung jadi dokuméntasi dina kamekaran basa Sunda.

c. Masarakat, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi sumber pikeun napsirkeun, laju nangtukeun sorangan pilihan dina narima pesen dina wacana iklan nu katampa.

a. Widang paélmuan, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi sumber référénsi keur mahasiswa basa jeung sastra, jeung akademisi basa dina nalungtik basa Sunda.

1.5Raraga Tulisan

Raraga tulisan dina nyusun ieu tésis ngawengku lima bab, nyaéta: Bab I bubuka; medar ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan operasional, anggapan dasar, jeung sistematika nyusun tésis. Bab II ngeunaan ulikan pustaka anu ngawengku; wacana iklan, sintaksis dina wacana, pragmatik dina wacana. Salian ti éta, dina ieu bab ogé dipedar ngeunaan panalungtikan-panalungtikan saméméhna boh ngeunaan wacana, pragmatik, boh wacana iklan, jeung saperti kumaha kalungguhan tiori dina ieu panalungtikan. Bab III eusina ngeunaan; desain panalungtikan, métode panalungtikan, sumber data, téhnik panalungtikan, jeung instrumen panalungtikan. Bab IV ngadéskripsikeun hasil tina panalungtikan nyaéta; ngeunaan struktur sintaksis jeung unsur-unsur pragmatik dina wacana iklan basa Sunda. Bab V ngeunaan kacindekan jeung implikasi tina hasil panalungtikan katut saran ti panalungtik ngeunaan hal-hal anu aya patalina jeung panalungtikan ka hareupna.

(10)

DAPTAR PUSTAKA

A. Référénsi Buku

Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Black, Elizabeth. 2011. Stilistika Pragmatik (Ditarjamahkeun ku Erdianto, dkk.). Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Darma, Yoce Aliah. 2014. Analisis Wacana Kritis: dalam Multiperspektif. Bandung: Refika Aditama.

Djajasudarma, Fatimah. 2006. Metode Linguistik. Bandung: Refika Aditama.

___________, Fatimah. 2010. Wacana Pemahaman dan Hubungan Antar Unsur. Bandung: Refika Aditama.

____________, Fatimah. 2012. Wacana & Pragmatik. Bandung: Refika Aditama.

Effendi, S. 2012. Panduan Berbahasa Indonesia dengan Baik dan Benar. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya.

Jefkins, Frank. 1997. Periklanan: Edisi Ketiga (Ditarjamahkeun ku Haris Munandar). Jakarta: Erlangga.

Kridalaksana, Harimurti. 2008. Kamus Linguistik: Edisi Keempat. Jakarta: Gramedia.

Kuswari, Usep & Hernawan. 2010. Sintaksis Basa Sunda. Bandung: Wahana Karya Grafika.

Leech, Geoffrey. 2011. Prinsip-prinsip Pragmatik (Ditarjamahkeun ku M.D.D. Oka dan Setyadi Setyapranata). Jakarta: Penerbit Universitas Indonesia.

Lubis, Hamid Hasan. 2011. Analisis Wacana Pragmatik. Bandung: Angkasa Bandung.

Moleong, Lexy J. 2001. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Remaja Rosdakarya Offset.

Morissan. 2014. Periklanan: Komunikasi Pemasaran Terpadu. Jakarta: Kencana Prenadamedia Grup.

Mulyana. 2005. Kajian Wacana: Teori, Metode dan Aplikasi Prinsip-prinsip

(11)

155

Nadar, F.X. 2013. Pragmatik dan Penelitian Pragmatik. Yogyakarta: Graha Ilmu.

Pei, Mario. 1971. Kisah Daripada Bahasa (Ditarjamahkeun ku Nugroho Notosusanto). Jakarta: Bhratara.

Ramlan. 2005. Sintaksis: Ilmu Bahasa Indonesia. Yogyakarta: Karyono.

Salmun, M.A. 1970. Kandaga Tatakalimah: Anggoeun di S.L.P., S.L.A. sareng

Kanggo Umum. Djakarta: Ganaco.

Samsuri. 1983. Analisis Bahasa: Memahami Bahasa Secara Ilmiah. Jakarta Pusat: Erlangga.

Sudaryanto. 1993. Metode dan Aneka Teknik Analisis Bahasa. Yogyakarta: Duta Wacana University Press.

Sudaryat, Yayat, spk. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

_______, Yayat. 2007. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten Bandung.

_______, Yayat. 2011. Makna dalam Wacana: Prinsip-prinsip Semantik dan

Pragmatik. Bandung: Yrama Widya.

_______, Yayat. 2014. Struktur Bahasa Sunda: Sintaksis dalam Gamitan

Pragmatik. Bandung: Sekolah Pascasarjana UPI Bandung.

Sugono, Dendy, dkk. 2008. Kamus Bahasa Indonesia. Jakarta: Pusat Bahasa Departemen Pendidikan Nasional.

Tarigan, Henry Guntur. 2009. Pengajaran Wacana. Bandung: Angkasa Bandung.

______, Henry Guntur. 2011. Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa Bandung.

Yule, George. 2014. Pragmatik (Ditarjamahkeun ku Indah Fajar Wahyuni). Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

B. Référénsi Séjén

Helvina, Ellis (2013), Wacana dina Display Picture Blackberry Messenger. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

(12)

Yudha, Septiadi Angga (2012), Analisis Kalimah Pragmatis dina naskah Drama

Budah Si Narko Karya Dadan Sutisna. (Skripsi). Jurusan Pendidikan

Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Purwanti, Erwita Novia (2013). Fungsi jeung Wanda Pragmatis Kalimah Ébréhan

dina Novel Rajapati di Pananjung Karangan Ahmad Bakri. Jurusan

Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Gilang, Sarah (2014). Acara Golémpang pikeun Alternatif Bahan Pangajaran

Ngaregepkeun di SMA: Tilikan Aspék Pragmatik jeung Tindak Komunikatif. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan

Indonesia, Bandung.

Ritonga, Mara Untung (2005), Analisis Pragmatik Wacana Penggunaan Bahasa

dalam Iklan, Reklame, dan Judul Berita Harian Waspada dan Analisa.

(Tesis). Sekolah Pascasarjana Universitas Sumatra Utara, Medan.

Notasiah, Diah Rohmawati (2013), Wacana Iklan Tertulis Berbahasa Indonesia

pada Produk Makanan dan Minuman dalam Majalah. (Skripsi). Program

Studi Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia, Jember.

Briliyanti, Galuh Windyasmara (2014), Analisis Wacana Iklan Masyarakat Berbahasa Jawa Kabupaten Kebumen. Jurnal Program Studi Pendidikan Bahasa dan Sastra Jawa Universitas Muhammadiyah Purworejo, Vol./05/No.02, kaca 1-13.

(1)

5

Sandri Sandiansyah, 2015

Wacana Iklan Dina Média Massa Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sintaksis téh pangaturan jeung tatali antar kecap jeung kecap, atawa jeung beungkeutan anu leuwih jembar, atawa antara beungkeutan-beungkeutan anu leuwih jembar dina kabasaan (Kridalaksana, 2008, kc. 223). Ku kituna, lamun urang maluruh ngeunaan wacana tangtu anu dipaluruhna téh ngeunaan wacana jeung unsur-unsur pangwangunna. Unsur pangwangun wacana nu dimaksud téh nyaéta nu patali jeung kohési (patali harti antara kalimah-kalimah atawa proposisi dina wacana), konjungsi (dipaké pikeun nyambungkeun unsur-unsur sintaksis—frasa, klausa, jeung kalimah dina wangun nu leuwih jembar/wacana), jeung kohérénsi (unsur eusi basa dina wacana) kalimah-kalimah pangwangunna.

Ieu panalungtikan henteu saukur nganalisis strukturna sabab dina wacana iklan ngabutuhkeun ogé indikasi-indikasi basa nu ngalantarankeun ayana éta kalimah. Panalungtikan kudu dibarengan ku kasang tukang ungkara sacara pragmatik. Sabenerna, beungkeutan basa nu lengkep lain ukur kalimah tapi téks (wacana).

Pragmatik téh sarat-sarat nu ngalantarankeun luyu henteuna makéna basa dina komunikasai—aspék-aspék makéna basa atawa kontéks luar basa nu méré

sumbangan kana ma’na ungkara (Kridalaksana, 2008, kc. 198). Ku kituna,

saupama urang maluruh wacana iklan, urang kudu apal kontéksna. Biasana kontéks téh dipikaharti salaku hiji hal anu geus aya saacan wacana jeung situasina. Cindekna mah upama urang hayang paham harti nu saenyana dina wacana, kudu dianalisis maké pamarekan pragmatik. Éta wacana karék dipikanyaho harti nu saenyana upama urang paham kana kontéksna, saha nu jadi panyatur, kumaha situasina, jsb.

Tujuan ieu tulisan téh pikeun méré pamahaman ka masarakat hususna nu maraca atawa nu ngararegepkeun wacana iklan dina média massa naon baé ngeunaan sakabéh unsur basa dina wacana iklan, supaya bisa iyatna dina meuli produk atawa maké jasa naon baé jeung henteu gampang kaolo ku basa dina wacana iklan. Contona baé wacana iklan pemutih kulit, dina éta wacana ditegeskeun yén kulit anu alus tur dipikaresep téh anu bodas. Masarakat nu nampa info saperti kitu bisa jadi bakal kapangaruhan, utamana kaum wanoja anu kulitna kurang bodas pahayang-hayang maké éta produk. Padahal tacan tangtu éta produk

(2)

téh cocog pikeun kulit maranéhna, bisa jadi bakal aya éfék anu négatif sanggeus maké éta produk. Da sabenerna kulit anu alus téh nyaéta nu séhat jeung bersih.

Hasil panalungtikan dipiharep bisa dimangpaatkeun pikeun matéri panglengkep pangajaran basa Sunda di sakola-sakola menengah dina kaparigelan basa jeung mikapaham iklan sarta nganalisis wacana.

Nilik kana rupa-rupa hal di luhur, bawirasa perlu diayakeun panalungtikan wacana iklan dina média massa Sunda. Ku kituna, nu nyusun méré judul kana ieu

panalungtikan téh “Wacana Iklan dina Média Massa Basa Sunda: Ulikan Sintaksis

jeung Pragmatik”.

1.2Rumusan Panalungtikan

Sangkan teu lega teuing, ieu panalungtikan téh diwatesan ukur maluruh struktur sintaksis jeung unsur-unsur pragmatik anu aya dina wacana iklan basa Sunda. Dumasar kana éta hal, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan téh dirumuskeun dina kalimah pananya di handap:

a. Wacana iklan basa Sunda naon baé nu sumebar dina média massa?

b. Kumaha struktur sintaksis wacana iklan patali jeung kohési, konjungsi, jeung kohérénsi kalimah-kalimah pangwangunna?

c. Kumaha unsur-unsur pragmatis nu aya dina wacana iklan patali jeung déiksis, présuposisi, implikatur, laku basa, jeung adegan konvérsasina?

1.3Tujuan Panalungtikan

Dumasar kana rumusan masalah di luhur, tujuan ieu panalungtikan téh pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun

a. wacana iklan anu sumebar dina média massa Sunda;

b. struktur sintaksis wacana iklan patali jeung kohési, konjungsi, jeung kohérénsi kalimah-kalimah pangwangun; jeung

c. unsur-unsur pragmatis nu aya dina wacana iklan patali jeung déiksis, présuposisi, implikatur, laku basa, jeung adegan konvérsasina.

(3)

7

Sandri Sandiansyah, 2015

Wacana Iklan Dina Média Massa Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.4Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat hasil dina ieu panalungtikan diantarana pikeun:

a. Nu nalungtik, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan.

b. Lembaga, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban hasil

panalungtikan basa Sunda jeung jadi dokuméntasi dina kamekaran basa Sunda.

c. Masarakat, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi sumber pikeun

napsirkeun, laju nangtukeun sorangan pilihan dina narima pesen dina wacana iklan nu katampa.

a. Widang paélmuan, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi sumber référénsi keur mahasiswa basa jeung sastra, jeung akademisi basa dina nalungtik basa Sunda.

1.5Raraga Tulisan

Raraga tulisan dina nyusun ieu tésis ngawengku lima bab, nyaéta: Bab I bubuka; medar ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan operasional, anggapan dasar, jeung sistematika nyusun tésis. Bab II ngeunaan ulikan pustaka anu ngawengku; wacana iklan, sintaksis dina wacana, pragmatik dina wacana. Salian ti éta, dina ieu bab ogé dipedar ngeunaan panalungtikan-panalungtikan saméméhna boh ngeunaan wacana, pragmatik, boh wacana iklan, jeung saperti kumaha kalungguhan tiori dina ieu panalungtikan. Bab III eusina ngeunaan; desain panalungtikan, métode panalungtikan, sumber data, téhnik panalungtikan, jeung instrumen panalungtikan. Bab IV ngadéskripsikeun hasil tina panalungtikan nyaéta; ngeunaan struktur sintaksis jeung unsur-unsur pragmatik dina wacana iklan basa Sunda. Bab V ngeunaan kacindekan jeung implikasi tina hasil panalungtikan katut saran ti panalungtik ngeunaan hal-hal anu aya patalina jeung panalungtikan ka hareupna.

(4)

DAPTAR PUSTAKA

A. Référénsi Buku

Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Black, Elizabeth. 2011. Stilistika Pragmatik (Ditarjamahkeun ku Erdianto, dkk.). Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Darma, Yoce Aliah. 2014. Analisis Wacana Kritis: dalam Multiperspektif. Bandung: Refika Aditama.

Djajasudarma, Fatimah. 2006. Metode Linguistik. Bandung: Refika Aditama. ___________, Fatimah. 2010. Wacana Pemahaman dan Hubungan Antar Unsur.

Bandung: Refika Aditama.

____________, Fatimah. 2012. Wacana & Pragmatik. Bandung: Refika Aditama.

Effendi, S. 2012. Panduan Berbahasa Indonesia dengan Baik dan Benar. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya.

Jefkins, Frank. 1997. Periklanan: Edisi Ketiga (Ditarjamahkeun ku Haris Munandar). Jakarta: Erlangga.

Kridalaksana, Harimurti. 2008. Kamus Linguistik: Edisi Keempat. Jakarta: Gramedia.

Kuswari, Usep & Hernawan. 2010. Sintaksis Basa Sunda. Bandung: Wahana Karya Grafika.

Leech, Geoffrey. 2011. Prinsip-prinsip Pragmatik (Ditarjamahkeun ku M.D.D. Oka dan Setyadi Setyapranata). Jakarta: Penerbit Universitas Indonesia. Lubis, Hamid Hasan. 2011. Analisis Wacana Pragmatik. Bandung: Angkasa

Bandung.

Moleong, Lexy J. 2001. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Remaja Rosdakarya Offset.

Morissan. 2014. Periklanan: Komunikasi Pemasaran Terpadu. Jakarta: Kencana Prenadamedia Grup.

Mulyana. 2005. Kajian Wacana: Teori, Metode dan Aplikasi Prinsip-prinsip

(5)

155

Sandri Sandiansyah, 2015

Wacana Iklan Dina Média Massa Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Nadar, F.X. 2013. Pragmatik dan Penelitian Pragmatik. Yogyakarta: Graha Ilmu.

Pei, Mario. 1971. Kisah Daripada Bahasa (Ditarjamahkeun ku Nugroho Notosusanto). Jakarta: Bhratara.

Ramlan. 2005. Sintaksis: Ilmu Bahasa Indonesia. Yogyakarta: Karyono.

Salmun, M.A. 1970. Kandaga Tatakalimah: Anggoeun di S.L.P., S.L.A. sareng

Kanggo Umum. Djakarta: Ganaco.

Samsuri. 1983. Analisis Bahasa: Memahami Bahasa Secara Ilmiah. Jakarta Pusat: Erlangga.

Sudaryanto. 1993. Metode dan Aneka Teknik Analisis Bahasa. Yogyakarta: Duta Wacana University Press.

Sudaryat, Yayat, spk. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. _______, Yayat. 2007. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten

Bandung.

_______, Yayat. 2011. Makna dalam Wacana: Prinsip-prinsip Semantik dan

Pragmatik. Bandung: Yrama Widya.

_______, Yayat. 2014. Struktur Bahasa Sunda: Sintaksis dalam Gamitan

Pragmatik. Bandung: Sekolah Pascasarjana UPI Bandung.

Sugono, Dendy, dkk. 2008. Kamus Bahasa Indonesia. Jakarta: Pusat Bahasa Departemen Pendidikan Nasional.

Tarigan, Henry Guntur. 2009. Pengajaran Wacana. Bandung: Angkasa Bandung.

______, Henry Guntur. 2011. Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa Bandung.

Yule, George. 2014. Pragmatik (Ditarjamahkeun ku Indah Fajar Wahyuni). Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

B. Référénsi Séjén

Helvina, Ellis (2013), Wacana dina Display Picture Blackberry Messenger. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

(6)

Yudha, Septiadi Angga (2012), Analisis Kalimah Pragmatis dina naskah Drama

Budah Si Narko Karya Dadan Sutisna. (Skripsi). Jurusan Pendidikan

Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Purwanti, Erwita Novia (2013). Fungsi jeung Wanda Pragmatis Kalimah Ébréhan

dina Novel Rajapati di Pananjung Karangan Ahmad Bakri. Jurusan

Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung. Gilang, Sarah (2014). Acara Golémpang pikeun Alternatif Bahan Pangajaran