Désain Panalungtikan S BD 1100714 Chapter3

Anisa Chairunisa, 2015 Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III METODE PANALUNGTIKAN Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah meunangkeun data pikeun tujuan atawa mangpaat nu tangtu Sugiyono, 2010, kc. 2. Métode nu dipaké nyaéta métode déskriptif. Métode déskriptif nyaéta métode panalungtikan nu digunakeun pikeun nalungtik kaayaan objék alamiah. Hasil panalungtikanana leuwih nekenkeun ma’na tibatan generalisasi. Ieu métode loba digunakeun pikeun panalungtikan bidang antropologi budaya Sugiyono, 2010, kc. 8. Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun gambaran umum tempat panalungtikan, gelarna Kasenian Surak Ibra, prak-prakan Kasenian Surak Ibra, analisis sémiotik tina unsur nu ngawangun Kasenian Surak Ibra, ajén sosial nu aya dina kasenian Surak Ibra, sarta matalikeun ajén sosial nu aya dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupaten Garut pikeun pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII.

3.1 Désain Panalungtikan

Ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif. Dina panalungtikan kualitatif sagala hal nu rék ditéangan tina objék panalungtikan masih can jelas masalahna, sumber datana, jeung hasil nu dipiharep. Rarancang panalungtikan mekar sanggeus panalungtik asup kana objék panalungtikan Sugiyono, kc. 2010, 223. Ku kituna, rarancang dina ieu panalungtikan saperti bagan di handap. Anisa Chairunisa, 2015 Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3.1 Désain Panalungtikan Anisa Chairunisa, 2015 Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sacara umum, désain panalungtikan nu dirancang dina ieu panalungtikan nyaéta: tahap tatahar, tahap pelaksanaan, tahap ngumpulkeun data, tahap analisis Nyieun Laporan Sajarah Kasenian Surak Ibra Prak-prakan Kasenian Surak Ibra Ajén Sosial dina Kasenian Surak Ibra Bahan Pangajaran Tahap Analisis Data Ngolah Data Hasil Observasi Ngadéskripsikeun Data Nganalisis Data Tahap Ngumpulkeun Data Observasi Wawancara Studi Pustaka Tahap Pelaksanaan Ngimeutan Prak-prakan Surak Ibra Ngadokumentasikeun Prak-prakan Surak Ibra Tahap Tatahar Survey Tempat Perizinan Mastikeun Waktu Observasi Nyieun Daftar Patarosan Tujuan Panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun: 1. gelarna Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut; 2. prak-prakan gelarna Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut; 3. unsur-unsur seni nu aya dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut; 4. ajén sosial nu nyangkaruk dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut; 5. bahan ajar nu dijieun pikeun pangajaran ngaregepkeun pedaran kasenian daérah kelas VIII. Anisa Chairunisa, 2015 Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu data, jeung tahap nyusun laporan. Dina tahap tatahar, nu dilakukeun nyaéta nyiapkeun kalengkepan obsérvasi lapangan saperti survéy tempat, mastikeun waktu obsérvasi, jeung nyieun daftar patarosan. Dina tahap pelaksanaan, prosés panalungtikan ku cara niténan jeung ngimeutan prak-prakan pagelaran Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut, tuluy wawancara pikeun nanya leuwih rinci ngeunaan objék nu ditalungtik, jeung studi pustaka sangkan nambahan pangaweruh ngeunaan Kasenian Surak Ibra. Dina tahap pelaksanaan, sacara teu langsung data nu rék dianalisis geus kakumpulkeun ngaliwatan obsérvasi, wawancara, jeung studi pustaka. Ku kituna, tahap pelaksanaan téh sakaligus tahap ngumpulkeun data. Dina tahap analisis data hasil panalungtikan, data diolah sarta déskripsikeun hasilna dina laporan panalungtikan. Eusina nyaéta gambaran umum tempat panalungtikan, sajarah, prak-prakan, ulikan sémiotik, ajén sosial, sarta pedaran matéri ngeunaan ajén sosial Kasenian Surak Ibra nu aya di Kecamatan Wanaraja Kabupatén Garut pikeun pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII, tuluy nyieun kacindekan tina hasil ngolah data.

3.2 Partisipan jeung Tempat Panalungtikan