UTS Bhs Sunda KELAS 5 SEMESTER II

ULANGAN TENGAH SEMESTER II
SD NEGERI SUKAMANDI II
TAUN AJARAN 2009 / 2010
Pangajaran

: Basa Sunda

Kelas

: V (Lima)

Nami :
Tawisan

Peunteun

Guru

Sepuh murid

Dinten / Kaping : Rebo, 24 Maret 2010

Waktos

Yati Handarajati, S.Pd.

: 09.30 – 11.00

I . Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !
1. Dina babagean surat nu ditulis pangluhurna nyaeta . . . .
A. tujulna surat
B. titimangsa
C. eusi surat

D. bubuka surat

2. Kecap rundayan make pika + eun contona . . .
A. picontoeun
B. pikeseleun
C. pikalucueun

D. pikantoreun


3. Abdi kamari teu kasakola da . . . tos tilu dinten.
A. udur
B. gering
C. teu walakaya

D. teu damang

4. Dongeng fabel nyaeta dongeng nu nyaritakeun kahirupan . . . .
A. manusa
B. bungbuahan
C. tatangkalan

D. sasatoan

5. Parafraseu sajak nyaeta ngarobah wangun sajak kana wangun . . . .
A. prosa/carita
B. puisi
C. lagu


D. dongeng

6. Ucing maling paisan lauk. Ieu kalimah teh jejerna . . . .
A. ucing
B. maling
C. paisan

D. lauk

7. Alat musik dina seni sunda biasana disebut . . . .
A. kendang
B. goong
C. waditra

D. saron

8. Galur carita biasana disebut oge . . . .
A. plot
B. watek


D. padalisan

C. karakter

9. Sonona, wassalam atawa baktos abdi dina bagean surat kaasup kana . . . .
A. salam pamuka
C. bubuka
B. salam panutup
D. tawisan
10. Ema keur nyeuseuh mukena.
Kalimah diluhur mun dirobah kana kalimah pasip jadi . . . .
A. Seuseuh heula mukena teh, Ma !
B. Ema teh keur nyeuseuh mukena ?
C. Mukena keur diseuseuh ku Ema.
D. Keur nyeuseuh mukena, Ema teh ?
11. Pamadegan dina basa Indonesiana nyaeta . . . .
A. kehendak
B. kira-kira
C. kemauan


D. pendapat

12. Karangan anu eusina midangkeun hiji perkara anu ngagunakeun katerangan sacara detail disebut . . . .
A. argumentasi
B. deskripsi
C. narasi
D. eksposisi
13. . . . mawa buku ge cumah, ari teu dibaca mah.
A. Lamun
B. Sanajan
C. Atawa

D. Basa

14. Maut nyere kacongonakeun hartina . . . .
A. Sangsara kakolotnakeun
B. Sangsara tileleutik
C. Sangsara tibubudak
D. Sangsara saumur-umur
15. Paribasa peujit koreseun hartina . . . .

A. babari neunggeul
B. babari ceurik

C. babari ambek
D. babari lapar

II. Eusian titik – titik di handap ieu ku jawaban nu merenah !
16. Ulah bala teuing buruan teh ! Sapukeun ngarah . . . .
17. Uyah mah tara tees ka . . . .
18. Dina ngaran patukangan nu sok ngajaga pabeasan dinu kariaan/hajat disebut . . . .
19. Enggal tuang heula bilih kabujeng tiis, da abdi mah nembe tos . . . .
20. Cik pangnyandakeun buku basa sunda diluhur meja !
Kalimah diluhur kaasup kalimah . . . .
21. Neng Tuti mah keur geulis teh amis budi, hartina amis budi nyaeta . . . .
22. Bapa presiden ngaresmikeun pabrik gula.
Kalimah diluhur lamun dirobah kana kalimah pasip . . . .
23. Harti paribasa ceuli lentaheun nyaeta . . . .
24. Dongeng nu nyaritakeun kahirupan sasatoan disebut . . . .
25. Kecap rajekan dwipurwa contona . . . .
26. Ngaran kaulinan barudak diantarana . . . .

27. Alat musik dina seni sunda disebut . . . .
28. Si Adun mah ambekna sakulit bawang , hartina . . . .
29. Puisi disusun dina basa . . . .
30. Kecap menta make rarangken pang + keun jadi . . . .
III. Prak jawab luyu jeung parentahna !
31. Tulis tilu conto kecap rajekan trilingga !
32. Naon hartina paribasa “kudu tungkul ka jukut tanggah ka sadapan” ?
33. Jelaskeun naon bedana prosa jeung puisi !
34. Tulis sacara urut bagean – bagean dina surat !
35. Tuliskeun palanggeran (guru lagu jeung guru wilangan) dina pupuh mijil !