soal UTS BHS SUNDA Kelas 2 semester 1

Yudithea.blogspot.com

Soal Ulangan Tengah Semester Bahasa Sunda Kelas 2 Semester 1
MATA PELAJARAN
KELAS

: Bahasa Sunda
: II (Dua)

NAMA :

Nilai :

TATA TERTIB DIAJAR
Isuk keneh barudak teh geur ngagarimbung di sakola. teeeet teeet teeet...!
Barudak ribut muru ka hareupeun kelasna masing-masing, baris heula. Tuluy ku ibu guru diparios kuku,
baju seragam, beubeur jeung sapatu.
Hey Mardi, Naha sapatuna bet bodas? kapan kuduna oge hideung, kaos kakina anu bodas, "saur bu
guru"
Sapatu anu itu baseuh bu, kamari kahujanan, tembal mardi.
"Naha kahujanan sosoranganan? lain batur oge sarua kamari teh kahujanan? "saur ibu guru deui

Mardi tungkul teu nembalan. Sok rek balik deui di ganti sapatu atawa cicing didieu, tapi teu meunang
asup ka kelas, ngandung harti teu meunang milu diajar, saur bu guru.
Ieu aturan teh mangrupa tata tertib sakola, lamun ku hidep dirumpak ngandung harti hidep geus salah.
Sok ayeuna mah itung-itung kawijaksanaan ti ibu, karunya hidep rek ulangan, meunang asup tapi
sapatuna di buka, wayahna nyeker wae. Saputa teundeun di kantor guru, engke ari rek balik disampeur,
jeung poma ulah sakali-kali deui. Bu guru nyeukseukan Mardi, Muhun bu, ceuk Mardi lalaunan bari terus
ngalaan sapatuna.
Kengeng : Ade wikana
I. Jawab pananya di handap ieu!
1.
2.
3.
4.
5.

Naon judul bacaan di luhur?
Dimana barudak barisna?
Naha Mardi make sapatu bodas?
Wayah kumaha barudak geus ngagarimbung di kelas?
Naon wae anu diparios ku ibu guru teh?


II. Cakra (X) huruf a, b atawa c dina jawaban nu bener!

1. Ieu anu kaasup huruf kapital (aksara ageung)
anu bener nyaeta....
A. budi murid kelas dua
B. Budi murid kelas dua
C. budi Murid kelas dua

6. Ibak teh tong hilap nganggo sabun. Hilap
hartina....
A. teu poho
B. poho
C. inget

2. Ieu anu kaasup huruf kapital (aksara ageung)
anu bener nyaeta....
A. Dadan tumpak sapedah
B. dadan Tumpak sapedah
C. dadan tumpak Sapedah


7. Mimma keur dahar. Anu kaasup jejer (subyek)
nyaeta....
A. Mimma
B. keur
C. dahar

3. Anu kaasup kalimah pangajak nyaeta....
A. Din, urang maen bal, yu!
B. Didin keur maen bal.
C. Keur naon Din?

8. Nani keur maca. Anu kaasup caritaan
(predikat) nyaeta....
A. Nani
B. keur
C. keur maca

4. Anu kaasup kalimah pangajak nyaeta....
A. "Urang ucing-ucingan, yu!

B. barudak keur naon?
C. Barudak keur ucing-ucingan.
5. Jadi budak mah salawasna kudu berseka.
berseka hartina....
A. teu beresih
B. kotor
C. beresih

III. Eusian titik-titik di handap ieu!
1. Upami hoyong pinter kedah rajin.....

9. Acuk kotor kedah....
A. dikumbah
B. diseuseuh
C. diistrika
10. Abdi nuju neda, bapa nuju....
A. tuang
B. emam
C. mayor


Yudithea.blogspot.com

2. Barudak teh geus tepi kanu dituju. Dituju hartina....
3. Mardi rek nganjang kaimah babaturanana. nganjang hartina....
4. Sapatu teh ayeuna mah awis, kapungkurna mah....
5. Nu tugasna ngajaga gawang nyaeta....
6. Nu mingpin pertandingan disebut....
7. Ulangan basa sunda teh jiga hese padahal....
8. Abdi nuju mondok, bapa nuju....
9. Ambeh alus tutuwuhan teh kudu di....
10. Bapa nuju....dina korsi.
Kalimah diluhur eusina nyaeta....