PUISI PERPISAHAN PRAMUKA 2019

e.r. JABANIAH

Nyerenkeun Andik ka Orang Tua
PUISI PERPISAHAN PRAMUKA 2019
Pangjajap Penutupan
Hiliwir angin pasisian
Marengan rasa nu aya
Jangjang peuting geus ngalingkup
Nyimbutan hate urang sewang-sewangan
Anu ayeuna babareungan
Ngariung ngahuap lingkung
Sajatina di sakola...
Mangsa geuneup taun gulangkeup
Hirup kumbuh sauyunan
Silih asih,silih asah,silih asuh
Rupaning kagiatan nu kungsi dilakonan
Diantarana pikeun kasatriaan
Ngambah kamandirian
Pramuka dijadikeun harepan
Kemping nu pernah di ayakeun
Persami nu kungsi di sungsi

Kiwari bakal kapeugat
Ku lajuning kahirupan.

Pembina
Baheula mangsa na kandungan
Dua bulan herang,tilu bulan kukumalenggang
Opat bulan ngawujud,Salapan bulan medal
Dirawu dipangku na kanyaah sepuh
Bihari mangsa pang inditan
Lengkah-lengkah leutik marengan
Da puguh aya nu bakal ecag tina aisan
Tina pangrumrum indung nu nyusuan
Kamari mangsa amanat tiban ka atikan
Lain wungkul pangaweruh talaran
Kudu ngabina saujratna, sakabehna
Sangkan budak pinanggih jeung dirina
Tina lengkah kana lengkah
Kasatriaan diwejang
Kawiraan dilakonan
Pikeun ngawangun karakter atikan

Kiwari......
Satutas lengkah-lengah marengan
Waktu wanci tomper keur pamiangan
Pucuk-pucuk pamiangan nembongan
Kawates ku wanci panungtungan
Wanci ieu nyanggakeun
Ka ibu, rama atikan
Di mangsa panutupan kapramukaan
Nyanggakeun kasadayana....
Teraskeun di atikan sateurasna.

e.r. JABANIAH

Budak Lalaki

Budak awewe

Peuting ayeuna.....!!!
Ieu peuting mawa tangara panungtungan
Dina kagiatan-kagiatan

Di SD nu ku urang dipikaheman

Peuting ieu hate bet rehe
Aya lirih ku kapiati
Nyungsi diri nu sayakti
Kasurung kutungtung wanci

Peuting ayeuna ... !!!
Mawa harewos kanu rek mios
Kaurang-urang nu bakal paturay
Dina kagiatan kagiatan anu saperti kieu

Bapa... ibu....
Abdi seja amitan
Tina kagiatan kapramukaan
Kagiatan di atikan urang

Kuring rek nanya?
Kadiri pribadi, pikeun aranjeun babaturan...!!
Ti saha urang bisa panghiap

Unggah ungguh kasopanan

Panungtungan...
Ku ngagayuhna waktu
Teu tiasa muterkeun wanci
Kahoyong mah sasarengan salalawasna
Tapi dalah dikumaha
Abdi sadaya bakal miang
Nyorang jugjugan

Tangtu bakal satuju..
Eta kabeh ...ngan ti guru-guru urang
Nu kungsi ngalatih diri
Nu kungsi mere kaheman
Kuring nyaksi ti mimiti kelas hiji
Nepi kapeuting panungtungan
Urang mo bisa nanaon
Tong nyapirakeun kasadaya pangatik
Peuting ieu urang anteur
Paninengan pikeun urang sarerea

Ka aranjena nu ngareka pangabisa
Urang ayeuna unjukan...
Unjukan kasadayana...
Ka guru nu ngawuwuh elmu..
Ka sakola ....
Tempat nyiar pangabisa
Kuring rek indit...
Ayeuna bakal miang.

Hapunten ...
Bapa.... ibu...
Abdi nampi sagala kasatriaan
Hasil Atikan ti sadayana
Pami lampah nyandang leupat
Hapunten kana datna sifat
Da puguh apanan atah
Sewu beebndu laksa duduka
Pamitan abdi rek miang
Sapu nyere pegat simpay
Mugia jadi panyepret

Ka hate anu keur rehe
Pileuleuyan ...pileuleuyan..
Abdi miang naratas jugjugan
Pido’a ti sadayana
Mugi cita-cita tinekanan
Hapunteun abdi hapunteun.......

e.r. JABANIAH

e.r. JABANIAH

e.r. JABANIAH

e.r. JABANIAH

e.r. JABANIAH

e.r. JABANIAH

e.r. JABANIAH


e.r. JABANIAH

e.r. JABANIAH

e.r. JABANIAH