S BD 1202454 Chapter3

(1)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar métode panalungtikan anu ngawéngku (1) desain panalungtikan, (2) subjék panalungtikan, (3) sumber data, (4) ngumpulkeun data: instrumén tur prosedur panalungtikan, sarta (5) analisis data.

3.1 Desain Panalungtikan

Salasahiji cara pikeun ngahontal tujuan panalungtikan nya éta ku ayana métode panalungtikan. Luyu jeung judul panalungtikan sarta rumusan masalahna, métode panalungtikan nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode korélasional. Nurutkeun Fraenkel & Wellen dina Annisa (2010) métode korélasional mangrupa hiji métode panalungtikan anu mibanda tujuan pikeun meunangkeun gambaran ngeunaan tingkat hubungan antara dua variabel atawa leuwih. Tanpa ayana parobahan, tambahan atawa manipulasi kana data anu geus aya. Dina ieu panalungtikan variabel anu dikorélasikeun nya éta variabel

pangaweruh kandaga kecap (x) jeung variabel kamampuh nulis karangan narasi (y).

Lian ti métode panalungtikan, unggal panalungtikan ogé pasti mikabutuh desain panalungtikan. Desain panalungtikan nya éta prosés anu diperlukeun dina ngararancang sarta ngalaksanakeun panalungtikan (Sukardi, 2003, kc. 183). Desain panalungtikan korélasional dina ieu panalungtikan nya éta saperti dina Gambar 3.1.

r

Gambar 3.1 Desain Panalungtikan Sugiyono (2014, kc. 4)

X

Pangaweruh Kandaga Kecap

Y

Kamampuh Nulis Karangan Narasi

(2)

Kat:

X : Pangaweruh kandaga kecap Y : Kamampuh nulis karangan narasi

r : Korélasi antara pangaweruh kandaga kecap jeung kamampuh nulis karangan narasi

3.2 Subjék Panalungtikan

Anu jadi subjék dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas XI IPA SMA Pasundan 7 Bandung taun ajaran 2015/2016. Dipilihna siswa kelas XI IPA jadi subjék dina ieu panalungtikan sabab ieu kelas dianggap miboga sipat homogén dimana mibanda karakteristik anu sarua jeung sakabéh siswa kelas XI SMA Pasundan 7 Bandung.

3.3 Sumber Data

Sumber data nya éta subjék ti mana éta data dimeunangkeun (Arikunto, 2010, kc. 172). Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas XI IPA SMA Pasundan 7 Bandung Taun Ajaran 2015/2016, anu ngawéngku 7 siswa lalaki jeung 17 siswa awéwé.

3.4 Ngumpulkeun Data

Dina ieu subbab dipedar instrumén panalungtikan jeung téhnik ngumpulkeun data.

3.4.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan mangrupa hal penting dina ngayakeun panalungtikan. Ku ayana instrumén panalungtikan, prosés ngumpulkeun data bisa leuwih babari. Instrumén panalungtikan ngawéngku sakabéh alat atawa cara anu dipaké pikeun ngumpulkeun data nu diperlukeun. Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203) Instrumén nya éta alat anu dipaké ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan naon anu dilakukeunna bisa leuwih gampang tur hasilna leuwih alus, dina harti anu leuwih cermat, lengkep, jeung sistematis nepi ka bisa leuwih gampang

(3)

diolah. Dina ieu panalungtikan, instrumén anu dipaké nya éta lembar tés jeung lembar invéntori.

a. Lembar tés

Instrumén kahiji anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés nulis karangan narasi. Tés nulis karangan narasi dipaké pikeun ngukur kamampuh nulis karangan narasi siswa kelas XI IPA SMA Pasundan 7 Bandung. Sangkan leuwih jéntré, ieu di handap digambarkeun lembar tés nulis karangan narasi.

Sakola : SMA Pasundan 7 Bandung Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas : XI IPA Waktu : 45 Menit

Pék jieun hiji karangan narasi kalawan katangtuan di handap; 1. karangan narasi minimal opat paragraf

2. téma bébas (teu ditangtukeun) 3. aspék anu dipeunteun

a. Eusi

b. Organisasi Eusi

c. Kandaga Kecap (diksi) d. Basa

e. Mékanik (éjahan)

b. Lembar invéntori

Instrumén kadua anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta lembar invéntori. Lembar invéntori nya éta lembar jawaban siswa anu teu maké kritéria bener-salah. Sakabéh jawaban siswa bener salila éta siswa nétélakeun anu sabenerna. Ieu instrumen dipaké pikeun ngukur pangaweruh kandaga kecap siswa kelas XI IPA SMA Pasundan 7 Bandung, jumlahna aya 200 kecap anu ngawengku 15 kandaga kecap istilah pancakaki; 30 kandaga kecap ngaran babagian awak; 5 kandaga kecap sulur; 10 kandaga kecap bilangan poko; 65 kandaga kecap pagawéan poko; 55 kandaga kecap kaayaan poko; sarta, 20 kandaga kecap barang-barang universal. Lembar soal tés anu dipaké bisa ditingali dina lampiran.

(4)

3.3.2 Prosedur Panalungtikan

Dina panalungtikan, prosedur panalungtikan kawilang pentingna sabab prosedur panalungtikan mangrupa rarancang léngkah-léngkah anu bakal dilaksanakeun ku panalungtik. Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan kuantitatif anu ngagunakeun métode korélasional. Sangkan leuwih jéntré prosedur panalungtikan bisa katitén dina Bagan 3.1.

Bagan 3.1 Prosedur Panalungtikan

Metode Korélasional

Kamampuh Nulis Karangan narasi

Tés Pangaweruh Kandaga Kecap

Tés Kamampuh Nulis Karangan narasi

Analisis Data

Kelas XI IPA SMA Pasundan 7

Bandung Pendekatan

Kuantitatif

Masalah nu Karandapan dina Pangajaran Basa Sunda

Pangaweruh Kandaga Kecap

(5)

Sangkan leuwih jéntré, prosedur panalungtikan baris ditétélakeun deui di handap.

a. Tatahar

Saacan ngalaksanakeun panalungtikan, panalungtik niténan pasualan anu aya di siswa kelas XI IPA SMA Pasundan 7 Bandung. Satuluyna panalungtik nyusun léngkah-léngkah anu baris dilaksanakeun pikeun ngungkulan éta pasualan. Pasualan anu ditalungtik nya éta pangaweruh kandaga kecap jeung kamampuh nulis karangan narasi. Dina ieu panalungtikan aya dua variabel, nya éta variabel bébas jeung variabel kauger. Variabel bébas nya éta variabel anu dipangaruhan ku variabel séjén, sedengkeun variabel kauger nya éta variabel anu dipangaruhan ku variabel bébas.

Dina ieu panalungtikan variabel bébasna nya éta pangaweruh kandaga kecap sarta variabel kaugerna nya éta kamampuh nulis karangan narasina. b. Ngalaksanakeun Panalungtikan jeung Ngumpulkeun Data

Dina ngalaksanakeun panalungtikanna tangtu panalungtik mikabutuh data-data anu bisa ngarojong kana panalungtikanna. Éta data bisa dipiboga ku cara ngayakeun panalungtikan di kelas. Téhnik nu dipaké pikeun meunangkeun data dina ieu panalungtikan nya éta, téhnik tés. Téhnik Tés mangrupa téhnik pikeun ngukur aya-henteuna sarta luhur-handapna kamampuh objék nu ditalungtik (Arikunto, 2010, kc. 266). Husus pikeun tés préstasi diajar nu biasa dipaké di sakola bisa dibédakeun jadi dua, nya éta (1) tés buatan guru, jeung (2) tés terstandar. Tés nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés nulis karangan narasi sarta lembar invéntori nu asup kana tés buatan guru.

Dumasar kana téhnik di luhur, ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Ngalaksanakeun tés ngeunaan kandaga kecap siswa kelas XI IPA SMA Pasundan 7 Bandung ku cara ngabagikeun lembar invéntori; sarta 2) Ngalaksanakeun tés nulis karangan narasi ka siswa kelas XI IPA SMA

Pasundan 7 Bandung ku cara méré lembar tés nulis karangan narasi. Korélasi antara pangaweruh kandaga kecap jeung kamampuh nulis karangan narasi anu dipiboga ku siswa bakal katitén tina hasil lembar

(6)

invéntori pangaweruh kandaga kecap jeung tés kamampuh nulis karangan narasi.

c. Nganalisis Data

Hasil data tina dua tés anu geus dilaksanakeun saterusna dianalisis ngagunakeun rumus-rumus statistik.

d. Kacindekan

Sanggeus tatahar, ngalaksanakeun panalungtikan, ngumpulkeun data, jeung nganalisis data, panalungtik kudu nyieun kacindekan tina sakabéh prosés panalungtikan anu geus dilaksanakeunna.

3.5 Analisis Data

Sabada data geus dikumpulkeun, data tuluy dianalisis. Léngkah-léngkah analisisna saperti ieu di handap.

a. Analisis lembar invéntori tina pangaweruh kandaga kecap (ngasupkeun data kana coding form);

b. Analisis kamampuh nulis karangan narasi. Aspék nu diajén dina kamampuh nulis karangan narasi nyoko kana sababaraha aspék, nya éta eusi, organisasi eusi, kandaga kecap (diksi), basa, sarta mékanik. Sangkan leuwih jéntré, bisa katitén tina Tabél 3.1

Tabél 3.1

Aspék Penilaian Kamampuh Nulis

No Aspek Kamampuh Nulis Skor Kritéria

(1) (2) (3) (4)

1. Eusi

27-30

Hadé pisan : kamekaran ide

caritana sampurna,

nyambung jeung pasualan anu dipedar.

22-26

Cukup-hadé : ide carita cukup, kamekaran pedaran

kawatesanan, caritana

(7)

(1) (2) (3) (4)

17-21

Sedeng-cukup : informasi kawatesanan, ide carita kurang, pedaran kurang

dimekarkeun, pasualan

kurang.

13-16

Kurang-sedeng : euweuh ide carita, euweuh kamekaran pedaran, euweuh pasualan.

2. Organisasi eusi

18-20

Hadé pisan : ekspresi lancar, gagasan anu diébréhkeun jéntré, padet, susunanana geus hadé, runtuyanna logis sarta kohésif.

14-17

Cukup-hadé : ekspresi

kurang lancar, kurang

terorganisir, tapi ide utamana bisa katingali,

kawatesanan bahan

pangrojongna, runtuyannana logis tapi teu lengkep.

10-13

Sedeng-cukup : ekspresi teu lancar, gagasan pabaliut, kapotong-potong, runtuyan sarta kamekaranana teu logis.

7-9

Kurang-hadé : henteu

komunikatif, teu

terorganisir, teu cukup pikeun diajén.

(8)

(1) (2) (3) (4)

3. Kandaga kecap (diksi)

18-20

Hadé-pisan : jembar, kecap éféktif, milih kecap jeung

ngébréhkeun kecapna

merenah, sarta ngawasa pisan pangwangunan kecap.

14-17

Cukup-hadé : kurang

jembar, kecap éféktif, milih kecap jeung ngébréhkeun kecapna kadang-kadang teu merenah tapi teu ngaganggu.

10-13

Sedeng-cukup : sedeng, kurang éféktif, kawatesanan dina milih kekecapan sarta

maké kandaga kecapna

sering salah nepi ka

ngabalukarkeun salah

ma’nana.

7-9

Kurang-hadé : teu éféktif, asal-asalan dina milih

kekecapanana, kurangna

pangaweruh ngeunaan

kandaga kecap atawa

kurangna kabeungharan

kecap, teu cukup pikeun diajén.

4. Basa 22-25

Hadé-pisan : konstruksi kompléks tapi éféktif, saeutik kasalahan dina maké jeung nyusun kalimah sarta kekecapan.

(9)

(1) (2) (3) (4)

18-21

Cukup-hadé : konstruksi basajan tapi éféktif, saeutik kasalahan tata basa, teu ngaleungitkeun ma’na.

11-17

Sedeng-cukup : hésé dina maké jeung nyusun kalimah sederhana, kasalahan tata basa ma’nana teu puguh.

5-10

Kurang-hadé : teu ngawasa kana aturan sintaksis, loba kasalahan tata basa, teu komunikatif, teu cukup pikeun diajén.

5. Mékanik

5

Hadé-pisan : ngawasa kana aturan panulisan, ngan aya sababaraha éjahan anu salah.

4

Cukup-hadé :

kadang-kadang aya kasalahan ejahan tapi teu ngarobah mana.

3

Sedeng-cukup : sering aya kasalahan éjahan, ma’nana teu puguh.

2

Kurang-hadé : teu ngawasa kana aturan panulisan, loba pisan kasalahan éjahan, tulisan teu kabaca.

(10)

Tabél 3.2

Padika Meunteun Karangan Narasi

Kode Siswa Aspék Jumlah Skor

(∑) Katégori

A B C D E

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)

Katerangan:

A = Eusi

B = Organisasi eusi

C = Kandaga Kecap (diksi)

D = Basa

E = Mékanik (éjahan)

Pikeun nangtukeun standarisasi kamampuh nulis karangan narasi siswa, dina ieu panalungtikan digunakeun katégori kamampuh karangan narasi siswa, nya éta saperti Tabél 3.3.

Tabél 3.3

Katégori Kamampuh Nulis Karangan Narasi Rentang Nilai Konversi Katerangan

81 – 100 61 – 80 41 – 60 21 – 40 10 – 20

A

B

C

D

E

Hadé Pisan

Hadé

Cukup

Kurang

Goréng

(11)

c. Ngitung korélasi jeung nguji hipotésis kalawan ngagunakeun rumus korélasi kontigénsi. Léngkah-léngkah ngitung korélasi jeung nguji hipotésis, nya éta saperti ieu di handap.

a) Ngitung perséntase kamampuh nulis karangan narasi siswa dina masing-masing katégori;

b) nyieun tabél kontigénsi frékuénsi ékspéktasi / harapan;

c) Ngitung nilai ;

Numutkeun Sugiyono (2014, kc. 243), rumus pikeun ngitung Chi Kuadrat ( ), nya éta:

Katerangan:

X² = Chi Kuadrat

Oij = frékuénsi nu ditalungtik (observation / fo)

Eij = frékuénsi nu dipiharep (expectation / fh)

d) Ngitung koéfisién kontigénsi C;

Numutkeun Sugiyono (2014, kc. 244), rumus pikeun ngitung koefisien kontingensi C, nya éta:

Katerangan:

C = Koefisien Kontingensi X² = Chi Kuadrat hitung N = loba data

e) Nangtukeun derajat kebébasan (dk);

(12)

Katerangan: k = jumlah sampel

r = jumlah katégori kamampuh karangan narasi

f) Nangtukeun nilai X² dina tabél;

g) Nguji hipotésis.

Pangabéan dina Permana (2013, kc. 49) nétélakeun yén H0 ditolak, lamun X²

dina tabél leuwih leutik tibatan x²hitung, atawa H0 ditarima lamun X² dina tabél

leuwih gedé tibatan x²hitung. Saperti Gambar 3.2.

atawa H0 ditarima, lamun:

Gambar 3.2 Padika Hipotesis

Dina ieu panalungtikan, aya tujuh sub variabel anu dikorélasikeun, nya éta: a) pangaweruh kandaga kecap istilah pancakaki jeung kamampuh nulis karangan

narasi;

b) pangaweruh kandaga kecap ngaran babagian awak jeung kamampuh nulis karangan narasi;

c) pangaweruh kandaga kecap sulur jeung kamampuh nulis karangan narasi; d) pangaweruh kandaga kecap bilangan poko jeung kamampuh nulis karangan

narasi;

e) pangaweruh kandaga kecap pagawéan poko jeung kamampuh nulis karangan narasi;

f) pangaweruh kandaga kecap kaayaan poko jeung kamampuh nulis karangan narasi; sarta

g) pangaweruh kandaga barang-barang universal jeung kamampuh nulis karangan narasi.

x² hitung > x² tabél, mangka H0 ditolak

(1)

(1) (2) (3) (4)

17-21

Sedeng-cukup : informasi kawatesanan, ide carita kurang, pedaran kurang

dimekarkeun, pasualan

kurang.

13-16

Kurang-sedeng : euweuh ide carita, euweuh kamekaran pedaran, euweuh pasualan.

2. Organisasi eusi

18-20

Hadé pisan : ekspresi lancar, gagasan anu diébréhkeun jéntré, padet, susunanana geus hadé, runtuyanna logis sarta kohésif.

14-17

Cukup-hadé : ekspresi

kurang lancar, kurang

terorganisir, tapi ide

utamana bisa katingali,

kawatesanan bahan

pangrojongna, runtuyannana logis tapi teu lengkep.

10-13

Sedeng-cukup : ekspresi teu lancar, gagasan pabaliut, kapotong-potong, runtuyan sarta kamekaranana teu logis.

7-9

Kurang-hadé : henteu

komunikatif, teu

terorganisir, teu cukup

(2)

(1) (2) (3) (4)

3. Kandaga kecap (diksi)

18-20

Hadé-pisan : jembar, kecap éféktif, milih kecap jeung

ngébréhkeun kecapna

merenah, sarta ngawasa pisan pangwangunan kecap.

14-17

Cukup-hadé : kurang

jembar, kecap éféktif, milih kecap jeung ngébréhkeun kecapna kadang-kadang teu merenah tapi teu ngaganggu.

10-13

Sedeng-cukup : sedeng, kurang éféktif, kawatesanan dina milih kekecapan sarta

maké kandaga kecapna

sering salah nepi ka

ngabalukarkeun salah

ma’nana.

7-9

Kurang-hadé : teu éféktif, asal-asalan dina milih

kekecapanana, kurangna

pangaweruh ngeunaan

kandaga kecap atawa

kurangna kabeungharan

kecap, teu cukup pikeun diajén.

4. Basa 22-25

Hadé-pisan : konstruksi kompléks tapi éféktif, saeutik kasalahan dina maké jeung nyusun kalimah sarta kekecapan.

(3)

(1) (2) (3) (4)

18-21

Cukup-hadé : konstruksi basajan tapi éféktif, saeutik kasalahan tata basa, teu ngaleungitkeun ma’na.

11-17

Sedeng-cukup : hésé dina maké jeung nyusun kalimah sederhana, kasalahan tata basa ma’nana teu puguh.

5-10

Kurang-hadé : teu ngawasa kana aturan sintaksis, loba kasalahan tata basa, teu komunikatif, teu cukup pikeun diajén.

5. Mékanik

5

Hadé-pisan : ngawasa kana aturan panulisan, ngan aya sababaraha éjahan anu salah.

4

Cukup-hadé :

kadang-kadang aya kasalahan ejahan tapi teu ngarobah mana.

3

Sedeng-cukup : sering aya kasalahan éjahan, ma’nana teu puguh.

2

Kurang-hadé : teu ngawasa kana aturan panulisan, loba pisan kasalahan éjahan, tulisan teu kabaca.

(4)

Tabél 3.2

Padika Meunteun Karangan Narasi

Kode Siswa Aspék Jumlah Skor

(∑) Katégori

A B C D E

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)

Katerangan:

A = Eusi

B = Organisasi eusi

C = Kandaga Kecap (diksi)

D = Basa

E = Mékanik (éjahan)

Pikeun nangtukeun standarisasi kamampuh nulis karangan narasi siswa, dina ieu panalungtikan digunakeun katégori kamampuh karangan narasi siswa, nya éta saperti Tabél 3.3.

Tabél 3.3

Katégori Kamampuh Nulis Karangan Narasi Rentang Nilai Konversi Katerangan

81 – 100 61 – 80 41 – 60 21 – 40 10 – 20

A

B

C

D

E

Hadé Pisan

Hadé

Cukup

Kurang

Goréng

(5)

c. Ngitung korélasi jeung nguji hipotésis kalawan ngagunakeun rumus korélasi kontigénsi. Léngkah-léngkah ngitung korélasi jeung nguji hipotésis, nya éta saperti ieu di handap.

a) Ngitung perséntase kamampuh nulis karangan narasi siswa dina masing-masing katégori;

b) nyieun tabél kontigénsi frékuénsi ékspéktasi / harapan;

c) Ngitung nilai ;

Numutkeun Sugiyono (2014, kc. 243), rumus pikeun ngitung Chi Kuadrat ( ), nya éta:

Katerangan: X² = Chi Kuadrat

Oij = frékuénsi nu ditalungtik (observation / fo) Eij = frékuénsi nu dipiharep (expectation / fh)

d) Ngitung koéfisién kontigénsi C;

Numutkeun Sugiyono (2014, kc. 244), rumus pikeun ngitung koefisien kontingensi C, nya éta:

Katerangan:

C = Koefisien Kontingensi X² = Chi Kuadrat hitung N = loba data

(6)

Katerangan: k = jumlah sampel

r = jumlah katégori kamampuh karangan narasi

f) Nangtukeun nilai X² dina tabél;

g) Nguji hipotésis.

Pangabéan dina Permana (2013, kc. 49) nétélakeun yén H0 ditolak, lamun X² dina tabél leuwih leutik tibatan x²hitung, atawa H0 ditarima lamun X² dina tabél leuwih gedé tibatan x²hitung. Saperti Gambar 3.2.