KONSTRUKSI KALIMAT SINGKAT BAHASA SUNDA.

(1)

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

(Tilikan Adegan jeung Harti Kalimah dina Majalah Manglé)

TESIS

disusun pikeun nyumponan sarat ngahontal Gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku

Wiwin Setiawati NIM 1302557

PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2015

(2)

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

(Tilikan Adegan jeung Harti Kalimah dina Majalah Manglé)

Oleh

Wiwin Setiawati, S.Pd.I. Bandung, 2015

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya

Sunda Sekolah Pascasarjana

© Wiwin Setiawati 2015 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2015

(3)

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

LEMBAR PENGESAHAN TESIS Wiwin Setiawati

1302557

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BAHASA SUNDA (Tilikan Adegan jeung Harti Kalimah dina Majalah Mangl)

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum NIP. 196302101987031001

Kauninga ku

Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana

(4)

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum

NIP. 196302101987031001 LEMBAR PENGESAHAN TESIS

Wiwin Setiawati 1302557

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BAHASA SUNDA (Tilikan Adegan jeung Harti Kalimah dina Majalah Mangl)

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping,

(5)

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

NIP. 196302101987031001

Kauninga ku

Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum NIP. 196302101987031001

(6)

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KONSTRUKSI KALIMAT SINGKAT BAHASA SUNDA

(Kajian Struktur dan Makna Kalimat dalam Majalah Mang)1

Wiwin Setiawati2

Abstrak. Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui dan mendeskripsikan konstruksi kalimat singkat bahasa Sunda dalam majalah Manglé, yang dikaji dari segi struktur dan semantik. Dalam penelitian ini digunakan metode deskriptif. Data dikumpulkan dengan tehnik studi pustaka melalui instrumen kartu data. Untuk mengolah data digunakan teknik analisis unsur langsung. Hasil penelitian menemukan 706 kalimat singkat yang frekuensi pemakaiannya sebanyak 2028 kalimat. Ditemukan enam tipe kalimat singkat, yakni kalimat salam, kalimat seruan, kalimat panggilan, kalimat judul, kalimat motto, dan kalimat inkripsi. Kalimat singkat memiliki pola tertentu, yakni A : Kal Sal  C + J + K; B : Kal Ser  J + C; C : Kal Ser  Kec Pang; D : Kal Jud  J + U; E : Kal Mot  FP/FS Koor; F : Kal Ins  FB N + FB Mod. Kalimat singkat mengandung sapuluh maknai, yakni rasa syukur, selamat, serua ganti dan nama, rasa sakit, rasa marah, rasa menerima, kagét, berita, pedoman, dan cita-cita.

Kata kunci: kalimat singkat, struktur, fungsi, makna

1

Tesis ini dibimbing oleh Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum 2

(7)

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

CONCISE SENTENCE CONSTRUCTION IN SUNDANESE

(The Study of Sentence Structure and Meaning in ManglMagazine)3

Wiwin Setiawati4

Abstract. This research intent to know and describe concise sentence construction in Mangle Magazine, which was investigated from structure and semantic component. In method utilizes this research descriptive. To gather data was utilized by bibliographies study by means of data card instrument. Data processing is done through method distribusional with immediate contituent analysis. Finding of this research result description about 706 concise sentence, one that concerns 2028 sentence frequency. To find six type of concise sentence, namely (1) greetings sentence, (2) aclamative sentence, (3) vacation sentence, (4) title or heading sentence, (5) motto sentence, and (6) inscription sentence. The concise sentence have formulas, that is A : Greet S  Pred + Subj + Adv; B : Aclam S  SubjJ + Pred; C : Vac S  Voc Words; D : Tittle S  Subj + Obj; E : Mott S  VP/AP Coord; F : Ins S  NF + PrepF. The concise sentence have ten meanings, that is fortunately, greetings, aclamatively, sickness, fury, acceptability, startled, informative, directive, and prospects.

Key words: concise sentence, structure, function, meaning

3

This Thesis supervised by Dr. H. Yayat Sudaryat. M.Hum 4

(8)

ix

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR EUSI

PERNYATAAN ………. i

CATUR NUHUN ………..……. ii

ABSTRAK ……….………. iv

DAPTAR EUSI ……….………. vii

DAPTAR TABEL ……….………. x

DAPTAR BAGAN ………. xi

DAPTAR LAMPIRAN ………. xii

BAB I BUBUKA ………. 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ………... 1

1.2 Rumusan Masalah ……….. 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ………. 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ……… 4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4

1.5 Raraga Tulisan ……… 5

BAB II ULIKAN PUSTAKA ………. 6

2.1 Kalimah ……….. 6

2.1.1 Wangeunan Kalimah ……… 6

2.1.2 Unsur Fungsional Kalimah ……….. 8

2.1.3 Wangun Kalimah ………. 12

2.1.3.1 Kalimah Salancar ……….. 12

2.1.3.2 Kalimah Rangkepan ……….. 13

2.1.3.3 Kalimah Ringkesan ………... 15

2.1.3.4 Kalimah Singget ……… 19

(9)

ix

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.3 Raraga Mikir ……….. 28

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ……….. 30

3.1 Desain Panalungtikan ………. 30

3.2 Data jeung Sumber Data ……… 32

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data ……… 32

3.4 Instrumén Panalungtikan ……… 33

3.5 Téhnik Ngolah Data ………... 33

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ………. 35

4.1 Hasil Panalungtikan ………... 35

4.1.1 Data Kalimah Singget ………. 35

4.1.2 Wanda Kalimah Singget ………. 36

4.1.2.1 Kalimah Salam ………. 37

4.1.2.2 Kalimah Panyeluk ………. 38

4.1.2.3 Kalimah Panggero ………. 39

4.1.2.4 Kalimah Judul ……… 40

4.1.2.5 Kalimah Motto ……….. 41

4.1.2.6 Kalimah Inkripsi ……… 42

4.1.3 Adegan Kalimah Singget ………. 43

4.1.3.1 Adegan Kalimah Salam ………. 43

4.1.3.1.1 Pola A1: Kal Sal  K ……….. 44

4.1.3.1.2 Pola A2: Kal Sal  C + K ……….. 44

4.1.3.1.3 Pola A3: Kal Sal  C + J ………. 44

4.1.3.2 Adegan Kalimah Panyeluk ……… 44

4.1.3.2.1 Pola B1 : Kal Celuk  J ……….. 45

4.1.3.2.2 Pola B2: Kal Celuk C + J ……….. 45

4.1.3.3 Adegan Kalimah Panggero ……… 46

4.1.3.4 Adegan Kalimah Judul ……….. 46

(10)

ix

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.1.3.4.2 Pola D2: Kal Ju  J + U ……….. 47

4.1.3.5 Adegan Kalimah Motto ………. 48

4.1.3.5.1 Pola E1 : Kal Motto  FP ………... 48

4.1.3.5.2 Pola E2 : Kal Motto  FP Kod ……… 48

4.1.3.5.3 Pola E3 : Kal Motto  FS Kod ………..…. 49

4.1.3.6 Adegan Kalimah Inkripsi ……….. 49

4.1.4 Harti Kalimah Singget ………. 50

4.1.4.1 Harti Kalimah Salam ………. 50

4.1.4.2 Harti Kalimah Panyeluk ……… 51

4.1.4.3 Harti Kalimah Panggero ……… 51

4.1.4.4 Harti Kalimah Judul ……….. 53

4.1.4.5 Harti Kalimah Motto ………. 53

4.1.4.6 Harti Kalimah Inkripsi ………... 54

4.2 Pedaran ………... 55

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ……… 57

5.1 Kacindekan ………. 57

5.2 Saran ………... 57

DAPTAR ACUAN ………. 60

LAMPIRAN ………..……. 62

(11)

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Basa Sunda kaasup basa indung pikeun urang Sunda sarta sakaligus jadi basa daérah di Jawa Barat. Kalungguhan basa Sunda salaku basa daérah jinek dina UUD 1945, Bab XV, penjelasan pasal 36. Kitu deui, dina kacindekan hasil Seminar Politik Bahasa Nasional di Jakarta (1975) jeung dina RUU kebahasaan (2006). Dina kalungguhanana jadi basa daérah, nurutkeun kacindekan Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 di Jakarta, basa Sunda miboga sababaraha fungsi, di antarana, jadi (1) lambang kareueus daérah, (2) lambang jatidiri daérah, (3) pakakas atawa alat gaul di kulawarga jeung masarakat daérah, (4) pangdeudeul basa nasional, (5) basa panganteur di SD kelas-kelas awal di Jawa Barat, jeung (6) pakakas pikeun mekarkeun jeung ngadeudeul budaya Sunda (Halim dina Sudaryat, 2009:88)

Pikeun nguatan légalisasi pamumulé basa Sunda, Gubernur Jawa Barat medalkeun Perda Nomer 5 taun 2003 ngeunaan Pemeliharaan Basa, Sastra, dan Aksara Daérah. Minangka wujud (réalisasi) dina widang atikan jeung pangajaran, Gubernur Jawa Barat ogé medalkeun surat putusan No.423.5/Kep.674-Disdik/2006 tanggal 25 juli 2006 ngeunaan Standar Kompeténsi dan Kompeténsi Dasar Serta Panduan Penyusunan Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda TK/RA, SD/MI, SMP/MTS, SMA/MA/SMK. Atuh dina Taun 2013, Gubernur Jawa Barat medalkeun putusan No.69, Taun 2013 ngeunaan Kompeténsi Inti dan Kompeténsi Dasar ngeunaan pangajaran basa jeung sastra Sunda. Ieu téh saluyu jeung rékomédasi UNESCO tahun 1999 ngeunaan ngamumulé basa-basa indung di dunya, anu dina tanggal 21 Fébruari ditetepkeun jadi "Poé Basa Indung Internasional".

Basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat Sunda katut budayana. Ku kituna, dina pakumbuhanana masarakat Sunda ngayakeun patali marga ngagunakeun basa Sunda salaku pakakas komunikasina. Basa Sunda henteu ngan

(12)

2

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dipaké keur ngaraketkeun patali marga hungkul, tapi ogé dipaké keur sadirieun. Keur sadirieun nyaéta waktu urang ngimpi, ngadunga, kukulutus, ngitung, jeung nyieun catetan poéan dina agénda pribadi. Ari basa Sunda nu dipaké pakakas komunikasi mah nyaéta basa Sunda anu dipaké pikeun ngirim jeung narima pesan (rasa, pikiran, jeung kahayang) ti pangirim ka panampa (pamiarsa) ngaliwatan médium basa. Basa Sunda dipaké waktu urang komunikasi; nyatana pikeun alat campur gaul jeung papada urang Sunda atawa anu lain urang Sunda tapi bisa basa Sunda.

Dina prosés komunikasi, pangirim atawa panampa bisa ngedalkeun naon waé anu dirasa, boh rasa gumbira, nalangsa, atawa ambek ka jalma anu diajak nyarita atawa nu dicaritakeun. Kedalna rasa, pikiran, jeung kahayang dina sistem sora waktu campur gaul disebut adegan eusi basa (deep structure). Ari sistem sora manusa anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa disebutna adegan cangkang (surface structur). Hal anu dikomunikasikeun ku pangirim ka panampa kedal dina wangun kalimah. Prawirasumantri (2000: 12) nétélakeun yén kalimah téh nyaéta kontruksi gramatik maksimal, mangrupa bagian pangleutikna, ngandung pikiran tina hiji wacana, diwatesan ku randegan panjang tur miboga lentong pamungkas turun atawa naék, anu rélatif éta kontruksi téh bisa madeg mandiri. Ku kituna, kalimah téh mangrupa wangun atawa kontruksi anu dipaké pikeun ngedalkeun eusi komuniksi; rasa, pikiran, jeung kahayang.

Kalimah anu dipaké waktu komunikasi aya anu wangunna lengkep aya ogé anu wangunna teu lengkep. Eta dua wangunan kalimah téh dina prakna dipaké waktu komunikasi, bisa dina médium basa lisan bisa dina medium basa tulis. Medium basa lisan umumna dipaké waktu ngobrol sapopoé, ngajar, ceramah, atawa biantara, médium basa tulis umumna dipaké dina majalah, koran, jeung buku-buku.

Wangun kalimah téh boh lengkep boh teu lengkep bisa kapanggih dina rupa-rupa medium komunikasi. Ari medium komunikasi basa téh bisa ragam lisan bisa ragam tulisan. Dina ragam lisan, wangun kalimah bisa kapanggih dina omongan atawa paguneman atawa karya sastra prosa anu memang

(13)

3

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngagambarkeun ayana paguneman. Dina ragam tinulis, wangun kalimah téh bisa kapanggih dina koran, majalah, jeung buku-buku karya sastra atawa pangajaran.

Ieu panalungtikan téh museur kana ulikan wangun kalimah singget dina ragam tinulis anu kapanggih dina majalah basa Sunda, nyaéta majalah Manglé.

Panalungtikan ngeunaan struktur basa Sunda geus loba dipilampah boh nu patalina jeung subsistem fonologis, subsistem gramatikal (morfologi jeung sintaksis), boh subsistem léksikal. Kitu deui, panalungtikan nu patali jeung adegan kalimah minangka subsistem gramatikal geus kaitung réa. Nepi ka kiwari, panalungtikan anu ngagarap kalimah singget basa Sunda can kungsi aya nu ngalaksanakeun.

Dina tulisan-tulisan anu maké basa Sunda réa digunakeun kalimah singget. Salasahiji média tulisan anu réa ngadung kalimah singget nyaéta majalah Manglé. Tapi, nepi ka kiwari can aya nu nalungtik kumaha adegan anu lengkep jeung harti kalimah singget nu aya dina éta majalah. Ku kituna, panalungtikan anu judulna ”Wangun Kalimah Singget Basa Sunda dina Majalah Manglé: Tilikan Adegan jeung Semantik” dilaksakeun.

1.2 Rumusan Masalah

Analisis kalimah téh bisa disawang tina rupa-rupa segi saperti wangun, fungsi pragmatis, hubungan antara unsur, jeung wandana. Wangun kalimah ngawengku kalimah salancar jeung kalimah ngantét, fungsi pragmatis kalimah ngawengku kalimah wawaran, kalimah pananya, kalimah paréntah, kalimah panyeluk, hubungan antar unsur kalimah ngawengku hubungan satata jeung hubungan sumélér, ari wanda kalimah ngawengku kalimah langsung jeung teu langsung, kalimah aktif, pasif, médial, jeung résiprokal (Sudaryat, Spk, 2007:236).

Ku lantaran ambahan analisis kalimah téh kacida legana, dina ieu panalungtikan diwatesanan kana wangun kalimah singget basa Sunda. Ari sumber datana tina tulisan atawa karangan anu aya dina majalah Manglé.

(14)

4

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana éta watesan aya sababaraha masalah anu perlu dirumuskeun. Eta rumusan masalah téh ditepikeun dina wangun pertanyaan ieu di handap.

1) Kalimah singget naon waé anu kapanggih dina majalah Manglé? 2) Kumaha wanda kalimah singget dina éta majalah Manglé? 3) Kumaha adegan kalimah singget dina éta majalah Manglé? 4) Kumaha harti kalimah singget dina éta majalah Manglé?

1.3Tujuan Panalungtikan

Tujuan ieu panalungtikan téh nyaéta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun adegan jeung harti kalimah singget basa Sunda dina majalah Manglé. Ari deskripsina ngawengku opat hal, nyaéta:

1) kalimah singget basa Sunda anu kapanggih dina majalah Manglé; 2) wanda kalimah singget dina majalah Manglé;

3) adegan kalimah singget dina majalah Manglé, jeung, 4) harti kalimah singget dina majalah Manglé.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan téh bisa méré wawaran anu jembar pikeun ngeuyeuban paélmuan tata basa tur kamekaran élmu pangaweruh dina widang tata basa Sunda, utamana dina tataran sintaksis nyaéta pikeun ngeuyeuban pangawéruh ngeunaan kalimah singget.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun guru, siswa, jeung nu maca. Pikeun guru, ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan ajar jeung pangajaran basa. Pikeun siswa, bisa ngajembaran pangaweruh ngeunaan élmu kabahasaan jeung sastra Sunda sarta pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina kaparigelan maké basa, hususna dina aspék nyarita. Ari

(15)

5

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pikeun nu maca, bisa ngeuyeuban pangaweruh kabasaan leuwih jembar deui, utamana dina masalah kabasaan jeung pangajaran.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu panalungtikan disusun ku lima bab, kalawan raraga tulisanana saperti ieu di handap.

Bab I Bubuka, anu eusina mertélakeun kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan istilah, jeung sistematika tésis.

Bab II Ulikan tiori, anu eusina ngadadarkeun sajumlahing konsép poko anu dijadikeun tatapakan pikeun analisis pasualan anu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan liannna salaku rujukan konsép jeung tiori. Sawangan anu didadarkeun ngawengku tiori perkara kalimah, wangun kalimah, peran, jeung hubungan semantis dina kalimah, jeung kawih. Salian ti éta, didadarkeun anggapan dasar jeung raraga mikir.

Bab III Métode panalungtikan, anu eusina mertélakeun perkara métode panalungtikan, desain panalungtikan, nangtukeun data, instrumén panalungtikan, jeung prosedur analisis data.

Bab IV Timuan jeung pedaran, anu eusina mangrupa déskripsi jeung analisis ngeunaan kalimah singget dina majalah Manglé. Didadarkeun ogé pedaran hasil panalungtikan.

Bab V Kacinbekan jeung saran, anu eusina mangrupa kacindekan tina hasil analisis anu dipedar dina bab IV, jeung saran anu dianggap penting pikeun panalungtikan lianna.

(16)

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 30

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kualitatif, kalayan ngagunakeun métodeu déskriptif. Métodeu déskriptif digunakeun pikeun ngadéskripsikeun salasahiji gejala, kajadian nu kaalaman dina waktu panalungtikan lumangsung kalayan ngébréhkeun hal-hal nu jadi puseur analisis sangkan nyangking pedaran nu teleb ngeunaan struktur sintaksis dina majalah Manglé satuluyna dianalisis. Ari anu didéskripsikeunana nya éta perkara adegan, wanda, jeung harti kalimah anu aya dina majalah Manglé.

Desain panalungtikan nya éta gemblengan rencana pikeun ngumpulkeun data dina raraga ngajawab patalékan panalungtikan, sarta téknik analisis atawa métodeu husus anu rék digunakeun ku panalungtik.

Ieu panalungtikan dipuserkeun kana kalimah singget anu aya dina majalah Manglé. Anu ditalungtik dina kalimah singget nya éta wanda kalimah singget, adegan kalimah singget, jeung harti kalimah singget.

Ieu panalungtikan kagolong kana panalungtikan kualitatif anu maké métodeu déskriptif. Panalungtikan dilaksanakeun kalawan ngagundakkeun desain saperti ieu di handap.

(17)

31

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bagan 3.2: Paradigma Panalungtikan

Jejer Panalungtikan

Wangunan Kalimah Singget Basa Sunda

(Tilikan Kana Adegan jeung Harti Kalimah dina Majalah Manglé)

Tujuan Panalungtikan

Ngadéskripsikeun:

1) wangun kalimah singget basa Sunda anu kapanggih dina majalah Manglé;

2) wanda kalimah singget dina éta majalah Manglé;

3) adegan kalimah singget dina éta majalah Manglé, jeung 4) harti kalimah singget dina éta

majalah Manglé.

Rumusan Masalah

1) Naon waé kalimah singget basa Sunda anu kapanggih dina majalah Manglé?

2) Kumaha wanda kalimah singget dina éta majalah Manglé?

3) Kumaha adegan kalimah singget dina éta majalah Manglé?

4) Kumaha harti kalimah singget dina éta majalah Manglé?

Téhnik Ngumpulkeun Data

- Téhnik : Ulikan Pustaka

Analisis jeung Déskripsi Data

- Kalimah singget

- Wanda kalimah singget - Adegan kalimah singget - Harti kalimah singget

Kacindekan

Instrumén

(18)

32

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Data jeung Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nya éta kalimah singget dina majalah Manglé. Ku kituna, sumber data tina ieu panalungtikan mangrupa data tinulis. Data tinulis miboga fungsi salaku panglengkep tina data primer anu geus diolah ku lembaga-lembaga anu tangtu. pangna leuwih milih ragam basa tinulis, lantaran data tinulis miboga ciri anu leuwih konsisten, data dina wangun tinulis leuwih baku tibatan basa lisan. Dokumén laporan, saperti koran, majalah, atawa tabloid Sunda dianggap rélévan jeung tujuan panalungtikan.

Data dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh kalimah singgget dina sumber tinulis basa Sunda. Ieu data kalimah singget téh nyoko kana adegan, wanda, jeung harti kalimah.

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta majalah Manglé opat édisi salila sabulan. Jumlahna aya opat majalah anu medal ti mimiti minggu kahiji nepi ka minggu kaopat bulan Novémber. No. 2499, 2500, 2501, jeung 2502, taun 2014. Data kalimah singget diayak tina sakumna rubrik majalah Manglé. Ari rubrik majalah Manglé, nya éta (1) Lawang Sakéténg, (2) Kaca Tilu, (3) Koropak, (4) Tamu, (5) Laporan, (6) Kolom, (7) Nyusur Galuh, (8) Munara Cahaya, (9) Tanya Jawab, (10), Aweuhan Pasundan, (11) Gedong Saté, (12) Katumbiri, (13) Balé Bandung, (14) Tarucing Cakra, jeung (15) Lempa Lempi Lempong.

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data

Sugiono (2008:224) nétélakeun téhnik data téh nya éta mangrupa léngkah anu pangstratégisna dina panalungtikan, lantaran tujuan dina ieu panalungtikan nya éta ngahasilkeun data. Lamun teu apal kumaha carana ngumpulkeun data, panalungtikan moal meunang data anu sampurna.

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data nya éta téhnik studi dokuméntasi, ulikan pustaka atawa studi bibliografis. Téhnik studi dokuméntasi disebut ogé téhnik téks. Ieu téhnik digunakeun dina ngumpulkeun data anu dipikabutuh dina ieu panalungtikan, nyaéta pikeun meunangkeun data atawa informasi anu aya patalina jeung masalah anu ditalungtik. Ieu téhnik dirojong ku

(19)

33

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

téhnik obérvasi pikeun ngumpulkeun data langsung tina objék anu ditalungtik. Léngkah-léngkah ngumpulkeun data, di antarana waé:

1) Nangtukeun sumber data; 2) Maca majalah Manglé;

3) Nyirian jeung nyatet anu asup kana kalimah singget dina majalah Manglé kana kartu data; jeung

4) Nyalin kalimah singget tina majalah Manglé kana kartu data.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta sistim kartu data. Dina kartu data dipidangkeun informasi nu patali jeung runtuyan abjad (alfabétis), data kalimah ringkesan, sumber data nu eusina singggetan sumber data, kaca, paragrap, jeung kalimah.

Conto instrumén nu mangrupa kartu data ébréh ieu di handap. A

Assalamu’alaikum Wr. Wb. (M2500/4/1/1)

Wanda : Kalimah Salam Adegan : katerangan Harti : sanduk-sanduk

Bagan 3.1: Format Kartu Data

3.5 Téhnik Ngolah Data

Bogdan dina Sugiono (2008:244) nétélakeun yén analisis data nya éta prosés néangan jeung nyusun sacara sistematis data anu kapanggih dina hasil wawancara, cutatan, jeung bahan-bahan anu lain, supaya paham sarta pamanggihna bisa diinformasikeun ka nu séjén.

Susan Stainback dina Sugiono (2008:244) nétélakeun yén analisis data nya éta mangrupa hal anu kritis dina prosés panalungtikan kualitatif. Analisis

(20)

34

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

digunakeun pikeun maham patalina jeung konsép dina data supaya hipotésis bisa dimekarkeun.

Spradley dina Sugiono (2008:224) nétélakeun yén analisis data nya éta mangrupa cara fikir. Hal éta patali jeung ujian sacara sistematis pikeun nandeskeun bagian, hubungan antara bagian, jeung hubunganana.

Tina sawatara wangenan di luhur, bisa dicindekkeun yén analisis data nya éta prosés néangan jeung nyusun sacara sistematis data anu kapanggih dina hasil wawancara, cutatan lapangan, jeung dokuméntasi, ku cara dipasing-pasing data kana kategori, ngajabarkeun kana unit-unit, ngalakukeun sintésis, nyusun kana pola, milih mana anu penting jeung anu bakal dipaké diajar, nyieun. kaicindekan sangkan diri sorangan jeung anu lian paham kana éta kacindekan.

Dina ieu panalungtikan digunakeun téknik analisis unsur langsung, nya éta téhnik nu digunakeun pikeun meunangkeun gambaran nu jéntré ngeunaan objék nu ditalungtik. Ngaliwatan ieu téhnik, panalungtik bisa ngaanalisis data nepi ka réngsé. Ieu téhnik téh miboga ogé fungsi salaku éksplorasi nu bisa méré gambaran kalayan jéntré ngeunaan masalah jeung méré pituduh ngeunaan cara ngungkulanana.

Data kalimah singget dina majalah Manglé jadi garapan utama panalungtikan. Data anu geus dikumpulkeun jeung diréduksi téh tuluy dianalisis dumasar léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Niténan deui data nu geus dikumpulkeun; 2) Méré nomer kode data sacara alfabétis;

3) Nyieun papasingan kalimah singget dumasar kana adegan, wanda, jeung hartina;

4) Nganalisis jeung ngadéskripsikeun data kalimah singget; jeung 5) Napsirkeun jeung nyieun kacindekan tina hasil panalungtikan.

(21)

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data saperti nu dipidangkeun dina bab saméméhna, aya sababaraha perkara anu bisa dicindekkeun.

a. Kalimah singget dina majalah Manglé mangrupa kalimah anu umumna wangunna pondok. Jumlahna aya 706 anu frékwénsi makéna aya 208 kalimah.

b. Kalimah singget kapanggih mibanda genep wanda, nya éta (1) kalimah salam, anu jumlahna aya 2,41( %); (2) kalimah panyeluk, anu jumlahna aya 63,32( %); (3) kalimah panggero, anu jumlahna aya 12,04 (%); (4) kalimah judul, anu jumlahna aya 18,56 (%); (5) kalimah motto, anu jumlahna aya 2,41 (%); jeung (6) kalimah inkripsi, anu jumlahna aya 0,85 (%). Kalimah singget mibanda pola nu tangtu. Kapanggih aya 12 Pola kalimah singget, nya éta (1) A1 : Kal Sal  K; (2) A2 : Kal Sal (3) A3 : Kal Sal  C + J; (4) B1 : Kal Celuk  J; (5) B2 : Kal Celuk  C + J; (6) C : Kal Gero  Kec Panyeluk; (7) D1 : Kal Jud  J; (8) D2 : Kal Ju  J + U; (9) E1 :Kal Motto  FP; (10) E2 :Kal Motto  FP Kod; (11) E3 : Kal Motto  Fs Kod; (12) F : Kal Ins  FB N + FB Mod.

c. Kalimah singget katut wandana mibanda harti nu tangtu. Kapanggih aya 10 harti kalimah singget, nya éta (1) rasa sukur, (2) pangwilujeng, (3) panyeluk gaganti jeung ngaran, (4) kanyeri, (5) kakeuheul, (6) tumamprak, (7) kagét, (8) wawaran, (9) papagon, jeung (10) cita-cita.

5.2. Saran

Dumasar kana kacindekan di luhur aya sawatara saran nu perlu ditepikeun, di antarana waé, saperti ieu di handap.

a. Ieu panalungtikan téh kakara nganalisis tur medar kalimah singget tina médium basa tinulis, nya éta majalah Manglé. Masih perlu panalungtikan kalimah singget anu sumber datana lengkep boh médium basa tulis boh

(22)

59

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

médium basa lisan. Ku kituna, perlu aya panalungtikan séjén anu ngulik kalimah singget anu sumberna médium basa lisan.

b. Ieu panaungtikan téh sipatna panalungtikan kualitatif data basa nu sipatna murni. Perlu panalungtikan séjén anu sipatna ngalarapkeun hasil panalungtikan kualitatif dina widang atikan, boh di sakola boh di luar sakola. Mudah-mudahan ieu panalungtikan jadi sumber bahan ajar pangajaran basa Sunda di sakola.

c. Salian ti bisa dimangpaatkeun dina widang pendidikan atawa pangajaran basa Sunda di sakola, ieu hasil panalungtikan ogé malahmandar bisa ngadeudeul kamekaran basa Sunda dina média massa. Jadi bahan pangjembar pangaweruh boh pikeun praktisi jurnalistik (wartawan), boh pikeun para rédaktur média massa basa Sunda.

(23)

Wiwin Setiawati, 2015

WANGUNAN KALIMAH SINGGET BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR ACUAN

Alwi, Hasan, dkk. 1993. Tata Bahasa Baku Bahasa Indonesia, Edisi

Kedua.Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Republik Indonesia. Alwasilah, A Chaedar.2009. Pokoknya Kualitatif : Dasar – dasar merancang dan

melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta:Pustaka Jaya. Bandung: Angkasa. Chaer, Abdul. 2007. Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta.

Cook, Walter A. 1971. Introduction to Tagmemic Analysis. New Yrk: Holt,Rinehart, and Winston.

Danadibrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Besar Bahasa Indonesia Pusat

Bahasa Edisi Keempat. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Djajasudarma, T. Fatimah.1993. Metode Linguistik (Ancangan Metode Penelitian dan Kajian). Bandung: PT Eresco.

Putrayasa, Ida Bagus. 2009. Tata Kalimat Bahasa Indonesia. Bandung: Rafika Aditama.

Ramlan. 2005. Ilmu Bahasa Indonesia Sintaksis. Jogjakarta: CV. Karyono. Samsuri. 1987. Analisis Bahasa. Jakarta: Erlangga.

Sudaryat, Yayat. 1995. Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. Sudaryat, Yayat. 2003. Struktur Diatesis Kalimat dalam Bahasa Sunda. Bandung:

Program Pendidikan Bahasa Sunda, FPBS, UPI. Sudaryat, Yayat. 2004. Elmuning Basa Bandung: Walatra

Sudaryat, Yayat. 2005. Kamus Istilah Elmuning Basa Sunda Bandung: Penerbit CV Karya IPTEK.

Sudaryat, Yayat. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Penerbit Yrama Widya.

Sugiyono. 2013. Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif dan R&G. Bandung: Penerbit Alfabeta

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Tarigan, Henry Guntur. 1984. Pengajaran Sintaksis. Bandung: Angkasa. 60

(24)

61

Tarigan, Henry Guntur. 2009. Prinsip-prinsip Dasar Sintaksis. Bandung: Angkasa.

Tim UPI. 2013. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2013. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.