S BD 1003285 Chapter 1

BAB I
BUBUKA
1.1

Kasang Tukang Panalungtikan
Manusa nyaéta mahluk nu miboga akal, beda jeung mahluk séjénna. Ku

kituna, lantaran éta hal nu ngajadikeun manusa minangka mahluk anu miboga
adab jeung aturan nu tangtu. Éta adab jeung aturan téh dilarapkeun dina kahirupan
sapopoé. Salaku mahluk sosial, manusa teu bisa dipisahkeun jeung proses
komunikasi anu dijerona aya unsur nu kalintang penting, nyaéta basa. Basa
mangrupa pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Prosés komunikasi pikeun
ngedalkeun eusining pikir katut haté. Ku kituna, manusa salaku mahluk sosial teu
leupas tina patali marga antar anggota kelompokna. Basa ogé miboga fungsi
penting pikeun nepikeun maksud jeung tujuan kalawan ngedalkeun pikiran,
gagasan, jeung rarasaan, boh lisan boh tulisan.
Manusa umumna, hususna urang Sunda hirup kumbuh dumasar kana
palanggeran nu aya, sangkan hirup lungsur-langsar aya dina karahayuan.
Sedengkeun pikeun mikawanoh jati diri, salaku urang Sunda, kudu apal kana
karakter atawa idéntitasna sorangan anu kawengku dina wangun budaya jeung
tradisi. Salasahiji warisan budaya nu nyampak dina kahirupan urang Sunda nyaéta

babasan jeung paribasa.
Babasan jeung paribasa minangka warisan para karuhun urang Sunda, anu
mangrupa budaya koléktif, tur sumebarna sacara lisan. Babasan jeung paribasa
mangrupa salasahiji bukti beungharna basa Sunda, warisan para karuhun anu
susunan basa katut hartina henteu robah nepi ka kiwari. Babasan jeung paribasa
beunghar ku siloka, lantaran ngaliwatan babasan jeung paribasa urang bisa
nepikeun maksud jeung tujuan omongan sacara teu langsung atawa malibir,
pikeun nyingget caritaan anu panjang maksudna.
Babasan jeung paribasa sok disebut peribahasa, pepatah, atawa ungkapan
dina basa Indonesia salaku gaganti kecap idiom atawa proverb dina basa Inggris,
anu hartina mah sarua, nyaéta ungkara maneuh anu miboga harti injeuman,
Femy Firmansyah,2014
BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN
BABAGIAN AWAK
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

maksudna nyaéta anu henteu saujratna minangka salasahiji wanda kamonésan
basa.
Minangka kamonésan basa, babasan jeung paribasa téh loba pisan patalina
jeung kahirupan di sabudeureun urang. Salasahijina nyaéta patali jeung awak

urang sorangan, utamana dina ngaran babagian awak sakujur. Ateul biwir, jeung
tiis ceuli hérang mata, mangrupa salasahiji conto larapna ngaran babagian awak
dina babasan jeung paribasa. Babasan jeung paribasa Sunda lain ukur kamonésan
basa, tapi ngabogaan fungsi séjén, nyaéta: (1) eusina aya nu digunakeun pikeun
méré naséhat; (2) bisa dipaké pikeun meupeuh arguméntasi lawan; (3) bisa
ngagambarkeun situasi atawa kaayaan hiji jalma (Rosidi, 2005, kc. 7).
Dina kahirupan sapopoé urang Sunda, utamana dina prosés komunikasi,
mindeng katitén kalimah atawa kekecapan nu dibalibirkeun atawa nalika
diucapkeun henteu togmol. Tapi angger miboga sipat jeung maksud anu sarua
pikeun ngupamakeun atawa ngabandingkeun. Minangka keur nyaruakeun jeung
ngabandingkeun maksud omongan anu sabenerna, babasan jeung paribasa sok
diganti ku istilah nu aya disabudeureun urang. Kayaning ngaran babagian awak
sakujur.
Gelarna babasan jeung paribasa téh nyaéta taya lian ti sesebutan atawa
ngaran sagala rupa anu kanyahoan ku urang: katénjo, kadéngé, kaambeu, karasa,
jeung kapikir. Sagala rupa anu kanyahoan ku urang téh disebut atawa dingaranan
ku kecap-kecap anu tangtu. Loba faktor-faktor anu mangaruhan kana gelarna
babasan jeung paribasa, katut lega pisan ambahanana. Aya nu disebut mijalma,
misato, mituwuhan, sarta aya nu nuduhkeun sipat, paréntah, ogé dumasar sumber
babandingan, dumasar harti atawa maksudna, jrrd. Salasahijina patali jeung

ngaran babagian awa, anu nuduhkeun sawangan tina sumber babandinganana.
Babasan jeung paribasa ngaran babagian awak téh nyaéta babasan jeung paribasa
anu raket patalina jeung ngaran-ngaran anggota awak nu aya dina diri manusa.
Katitén tina pedaran di luhur, tétéla salasahiji fungsi larapna ngaran
babagian awak sakujur dina babasan jeung paribasa téh pikeun ngagambarkeun
situasi, atawa kaayaan hiji jalma, anu mémang jaman harita, kabiasaan masarakat
Femy Firmansyah,2014
BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN
BABAGIAN AWAK
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sunda dina nepikeun maksud omongan téh tara togmol atawa sajalantrahna, tapi
disumputsalindungkeun.
Pedaran perkara babasan jeung paribasa Sunda geus diguar dina buku
katatabasaan hususna basa Sunda sarta dina panalungtikan-panalungtikan nu geus
dilaksanakeun di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Dina buku katatabasaan,
upama baé: Ulikan Semantik Sunda (Sudaryat, 2010). Laju aya sababaraha
panulis nu ngumpulkeun babasan jeung paribasa Sunda jadi hiji buku. Contona
waé Ajip Rosidi anu ngumpulkeun babasan jeung paribasa Sunda anu kapanggih
dina karya sastra meunang pangarang Sunda anu geus teu bireuk deui. Laju aya

Disparbud Provinsi Jawa Barat anu ngabukukeun ungkapan tradisional Jawa
Barat. Sakumaha anu kauger yén babasan jeung paribasa Sunda téh miboga
kalungguhan anu kawilang penting dina kahirupan urang Sunda.
Lian ti éta, pedaran perkara babasan jeung paribasa Sunda ogé kapanggih
dina hasil panalungtikan-panalungtikan anu geus dilaksanakeun, di antarana
“Unsur Purwakanti dina Babasan jeung Paribasa pikeun Bahan Pangajaran di
SLTP” (Kurniawati, 2004), “Babasan jeung Paribasa Sunda dina Kumpulan
Carpon Kanyaah Kolot Karangan Karna Yudibrata” (Siswandi, 2005), “Babasan
jeung Paribasa (Tilikan Linguistik Antropologis)” (Novianti, 2012), jeung “Aspék
Psikolinguistik Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda” (Pertiwi, 2013), “Gaya
Basa dina Babasan jeung Paribasa Basa Sunda (Tilikan Stilistika jeung
Semantik)” (Fauziah, 2014) .
Éta panalungtikan téh medar babasan jeung paribasa Sunda tina jihat
purwakanti, pangajaran, aspék psikolinguistik, antropologi, jeung kabasaan. Tina
jihat purwakanti dianalisis kumaha sasaruaan sora kecap dina babasan jeung
paribasa katut larapna dina prosés pangajaran. Tina jihat psikolinguistik dianalisis
gambaran watek urang Sunda. Tina jihat antropologi dianalisis unsur budaya
pakasaban jeung pakakas dina babasan jeung paribasa. Tina jihat kabasaan
dianalisis gaya basa métafora dina babasan jeung paribasa Sunda.
Dumasar


tina

panalungtikan-panalungtikan

nu

geus

aya,

tétéla

panalungtikan ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda téh geus dilaksanakeun.
Femy Firmansyah,2014
BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN
BABAGIAN AWAK
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dina ieu panalungtikan aya sasaruan jeung panalungtikan nu geus dilaksanakeun,

nyaéta sarua museurkeun panalungtikanana kana babasan jeung paribasa Sunda.
Najan kitu, dina ieu panalungtikan ogé aya bédana, nyaéta nalungtik jeung
nganalisis ngeunaan ngaran babagian awak dina babasan jeung paribasa Sunda,
anu saméméhna mémang can aya nu nalungtik dina wengkuan skripsi. Lian ti éta,
dina ieu panalungtikan, babasan jeung paribasa baris dipedar jeung dianalisis tina
jihat semantik, nyaéta aspék harti jeung warna harti.
1.2

Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah
Perkara babasan jeung paribasa téh bisa dianalisis tina rupa-rupa jihat,
filsafat, atikan, basa, budaya, pangajaran, jsté. Dina ieu panalungtikan, babasan
jeung paribasa téh dianalisis tina jihat semantik, nyaéta tina aspék harti jeung
warna harti, anu matalikeun babasan jeung paribasa Sunda jeung ngaran babagian
awak.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah téh baris dirumuskeun
sakumaha ieu di handap.
a.


Babasan jeung paribasa naon waé anu ngandung ngaran babagian awak?

b.

Ngaran babagian awak naon waé nu aya dina babasan jeung paribasa
Sunda?

c.

Kumaha maksud babasan jeung paribasa ngaran babagian awak?

d.

Kumaha harti idiomatis babasan jeung paribasa ngaran babagian awak?

1.3

Tujuan Panalungtikan


1.3.1 Tujuan Umum
Ieu panalungtikan miboga tujuan umum sangkan maham jeung bisa
ngagunakeun babasan jeung paribasa Sunda, boh sacara lisan boh sacara tulisan.

Femy Firmansyah,2014
BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN
BABAGIAN AWAK
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3.2 Tujuan Husus
Luyu jeung rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan
pikeun ngadéskripsikeun babasan jeung paribasa Sunda, ngawengku:
a.

Babasan jeung paribasa naon waé anu ngandung ngaran babagian awak;

b.

Ngaran babagian awak naon waé nu aya dina babasan jeung paribasa Sunda;


c.

Kumaha maksud babasan jeung paribasa ngaran babagian awak;

d.

Kumaha harti idiomatis babasan jeung paribasa ngaran babagian awak.

1.4

Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis
Ieu panalungtikan miboga mangpaat tioritis pikeun ngeuyeuban élmu
pangaweruh dina widang tata basa Sunda, nyaéta dina tataran semantik, hususna
ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Ieu panalungtikan miboga mangpaat praktis nyaéta pikeun dilarapkeun
dina kahirupan sapopoé, di antarana waé;
a.


Bahan bacaan atawa referensi pikeun mahasiswa jurusan Basa jeung Budaya
Sunda.

b.

Salasahiji ambahan pikeun neuleuman tata basa Sunda, hususna dina
babasan jeung paribasa Sunda dumasar ulikan semantik.

c.

Méré wawaran ka masarakat ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda nu
aya patalina jeung ngaran babagian awak.

1.5

Raraga Tulisan
Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab, nya éta: bab I eusina bubuka nu

ngawengku kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan

panalungtikan nu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat
Femy Firmansyah,2014
BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN
BABAGIAN AWAK
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

panalungtikan boh nu ngawengku mangpaat tioritis boh mangpaat praktis, sarta
raraga tulisan dina ieu skripsi. Bab II eusina rupaning tatapakan tiori nu
ngawengku ulikan pustaka, raraga mikir jeung anggapan dasar. Bab III medar
ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku data jeung sumber data, désain
panalungtikan,

métode

panalungtikan,

wangenan

operasional,

instrumén

panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data. Laju bab IV
mangrupa hasil analisis data jeung pedaran hasil panalungtikan. Anu pamungkas
bab V mangrupa kacindekan jeung saran.

Femy Firmansyah,2014
BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA NU NGANDUNG NGARAN
BABAGIAN AWAK
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu