S BD 0902423 Chapter 1

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Guguritan di kalangan masarakat Sunda mah geus teu anéh deui, tapi
barudak jaman kiwari geus teu wanoh deui kana guguritan komo anu di kota
mah ngan saukur apal pupuh wungkul, biasana pupuh anu apal ogé masih hiji
dua.

Ku kituna, pangajaran guguritan kudu bisa dimumulé deui sangkan teu

leungit, teu kaéléhkeun ku mekarna jaman. Guguritan ogé kaasup kana karya
sastra anu perlu dimekarkeun deui ku masarakat Sunda, ku sabab salasahiji
warisan anu mangrupa karya sastra titinggal kolot jaman baheula. Ku kituna éta
titinggal kolot jaman baheula téh ulah nepikeun ka leungit.
Dina pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, guguritan kaasup kana
salasahiji pangajaran anu penting diajarkeun ku sabab dina ieu pangajaran
siswa

teu


ngan

saukur

diajar

nyieun

guguritan

tapi ogé kudu bisa

nembangkeunana. Nembangkeun guguritan teu bisa sagawayah, ku sabab
guguritan diwangun ku guru lagu jeung guru wilangan dina unggal pupuh anu
dipakéna. Guguritan biasana diwangun minimal ku hiji pupuh, pupuh naon waé
bisa dipaké asal eusi guguritan kudu bisa disesuaikeun jeung eusi pupuhna.
Lamun geus apal kana guru lagu jeung guru wilangan dina pupuh, nyieun
guguritan téh moal hésé kusabab guguritan

mah teu béda jauh jeung pupuh,


anu ngabédakeunna eusi jeung runtuyan jalan caritana. Ari guguritan mah
mangrupa karangan déskriptif dina wangun pupuh.
Nurutkeun data hasil wawancara jeung guru mata pelajaran basa Sunda
SMP Kartika Siliwangi XIX- 2 Kota Bandung,

kamampuh siswa dina

pangajaran nyusun guguritan siswa kelas VIII, masih loba kenéh bangbaluh
anu karandapan dina pangajaran nyusun guguritan. Misalna, siswa masih can
apal kana pupuh jeung jenis-jenis pupuh, sedengkeun dina pangajaran
Nurunnisa Suminar, 2014
MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF
TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD)
DINA NYUSUN GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

2

guguritan mah aya pangaruhna anatara pangajaran guguritan jeung pangajaran

pupuh téh. Kitu ogé dina pangajaran basa Sunda umumna masih kénéh kurang
nyugemakeun. Masih aya sababaraha urang siswa anu peunteun basa
Sundana masih sahandapeun peunteun rata-rata, tapi aya ogé sababaraha urang
anu peunteunna leuwih gedé. Rata-rata peunteun siswa dina pangajaran basa
Sunda masih di handapaeun KKM (70). Mata pelajaran basa Sunda masih
kaéléhkeun ku mata pelajaran basa deungeun. Ku kituna dina pangajaran basa
Sunda di sakola kudu bisa leuwih ngirut ati sangkan siswa bisa jadi resep kana
pangajaran basa jeung sastra Sunda.
Anu jadi bangbaluhna nyaéta cara ngajar guru anu masih perlu
dironjatkeun, kumaha carana sangkan siswa bisa leuwih sugema diajar basa
Sunda. Métode ceramah anu monoton, atawa cara pangajaran nu ngan saukur
ngajelaskeun tapi teu diajarkeun ogé prak-prakanna, bisa ngabalukarkeun siswa
kurang ngarti kana naon anu diajarkeun ku guru. Ku lantaran kitu, unggal guru
perlu ngagunakeun cara-cara séjén anu leuwih ngirut ati siswa dina kagiatan
pangajaran basa Sunda. Salasahiji cara sangkan siswa bisa kairut ku cara
ngagunakeun média atawa modél dina kagiatan diajar ngajar di jero kelas,
sangkan siswa teu ngarasa bosen.
Patali jeung masalah nu dipedar di luhur, panalungtik boga sawangan
salasahiji tarékah pikeun ngungkulan ieu masalah téh nyaéta ngagunakeun
modél pangajaran. Modél pangajaran mangrupa pedoman dina ngalaksanakeun

kagiatan diajar pikeun guru jeung murid. Modél pangajaran jaman ayeuna geus
rupa-rupa, tapi aya salasahiji modél anu bisa dipaké dina pangajaran sastra
wangun pupuh nyaéta modél STAD.
Modél Student Teams Achievement Division (anu saterusna disingget
jadi STAD) mangrupa salasahiji modél pangajaran cooperative learning nu
ngutamakeun ayana aktivitas jeung intéraksi unggal siswa pikeun silitulungan
jeung ngamotivasi dina ngawasa materi pangajaran sacara maksimal anu

Nurunnisa Suminar, 2014
MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF
TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD)
DINA NYUSUN GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

3

ditepikeun ku guru. Modél pangajaran ieu dimekarkeun ku Slavin dina taun
1995 (Isjoni, 2009: kc. 28).
Modél


pangajaran

kooperatif

tipe

STAD

mangrupa

tipe

modél

pangajaran kooperatif sacara kelompok anu luyu digunakeun pikeun pemula,
ku sabab pangajaran kooperatif tipe STAD ieu kaasup kana modél anu babari
teu hésé saperti modél anu sején dina ngalarapkeunna. Ku kituna panalungtik
milih modél diajar kelompok kooperatif tipe STAD. Salian tina ngalakukeun
kagiatan diajar sacara kelompok, unggal siswana ogé ditungtut bisa diajar
mandiri lantaran di ahir pangajaran diayakeun kuis pikeun ngukur kamampuh

unggal siswana.
Panalungtikan

saméméhna

ngeunaan

nyusun

guguritan

nyaéta:

”Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTS YPPA Cipulus Taun
Ajaran 2012-2013” anu ditulis ku Purwanti Indra Sumantri eusi skripsina
ngadeskripsikeun

hasil

tina


pangajaran

nyusun

guguritan.

Dina

skripsi

Purwanti, pangajaran guguritan anu ditalungtikna téh teu ngagunakeun modél
atawa

média,

tapi

ngalakukeun


pangajaran

guguritan

biasa

pangajaran guguritan éta téh dideskripsikeun dina skripsina.

hasil tina

”Média Visual

dina Pangajaran Nulis Guguritan di kelas VIII SMPN 15 Bandung (Studi Kuasi
Eksperimen)” anu ditulis ku Haat Rahmawati eusi skripsina nerangkeun
ngeunaan kamampuh nulis guguritan ngagunakeun media visual. Dina skripsi
Haat, pangajaran guguritan anu ditalungtikna téh

ngagunakeun média visual.

Bedana jeung panalungtikan anu baris dilaksanakeun ayeuna mah ngagunakeun

modél, bakal diuji coba ngagunakeun modél naha sanggeus ngagunakeun
modél hasil dinapangajaran nulis guguritan bakalan aya bedana atawa henteu.
Dumasar kana kasang tukang di luhur, panalungtikan anu dijudulan
“Modél Pangarajan Kooperatif Tipe Student Teams Achievement Division
(STAD) dina Nyusun Guguritan (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas VIII
A SMP Kartika Siliwangi 2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)” perlu
dilaksanakeun.

Nurunnisa Suminar, 2014
MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF
TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD)
DINA NYUSUN GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

4

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Identifikasi Masalah
Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, masalah dina ieu
panalungtikan diidentifikasi ieu di handap.

1) Siswa masih kurang motivasi diajarna, ku sabab métode pangajaran guru
anu monoton, ku kituna siswa babari ngarasa bosen sarta kagiatan diajarna
ogé jadi kurang éféktif.
2) Kréativitas guru anu masih kurang motekar dina kagiatan pangajaran di
kelas, anu jadi sabab pangajaran basa Sunda kurang ngirut ati siswa. Guru
kuduna bisa leuwih kréativ dina nyiptakeun kayaan sarta kagiataan ngajar
anu bisa ngirut ati siswa sangkan siswa bisa leuwih daria diajar basa
Sunda.
3) Média di sakola masih kurang loba dina ayana média ogé, kadang masih
jarang dipaké. Média di sakola téh

kudu bisa dimangpaatkeun sanajan

ngan saeutik ogé ari médiana sok dimangpaatkeun mah bisa ngarojong
lumangsungna prosés diajar ngajar di kelas.
Sangkan

masalah

dina


ieu

panalungtikan

puguh

jujutanana,

sarta

kawatesanan ku waktu jeung kamampuh panalungtik, ku kituna panalungtikan
ieu diwatesanan ngan maluruh kumaha nerapkeun modél pangajaran kooperatif
tipe STAD dina nyusun guguritan.

1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana identifikasi masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu
panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
1) Kumaha kamampuh siswa SMP Kartika Siliwangi 2 Bandung dina nyusun
guguritan saméméh ngagunakeun modél kooperatif tipe STAD?
2) Kumaha kamampuh siswa SMP Kartika Siliwangi 2 Bandung dina nyusun
guguritan sabada ngagunakeun modél kooperatif tipe STAD?

Nurunnisa Suminar, 2014
MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF
TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD)
DINA NYUSUN GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

5

3) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa SMP Kartika
Siliwangi

2

Bandung

saméméh

jeung

sabada

ngagunakeun

modél

pangajaran kooperatif tipe STAD?

1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta hayang nguji modél
kooperatif tipe STAD pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nyusun
guguritan.

1.3.2 Tujuan Husus
Dina ieu panalungtikan miboga sawatara tujuan anu sifatna husus, nyaéta
ngadeskripsikeun:
1) Kamampuh siswa dina nyusun guguritan saméméh ngagunakeun modél
kooperatif tipe STAD;
2) Kamampuh siswa dina nyusun guguritan sanggeus ngagunakeun modél
kooperatif tipe STAD;
3) Béda anu signifikan antara kamampuh siswa SMP Kartika Siliwangi 2
Bandung

saméméh

jeung

sabada

ngagunakeun

modél

pangajaran

kooperatif tipe STAD

1.4 Mangpaat Panalungtikan
Sacara

tioritis

mangpaat

tina

ieu

panalungtikan

nyaéta

pikeun

ngeuyeuban élmu pangaweruh hususna dina widang pangajaran nulis guguritan
ngagunakeun modél pangajaran kooperatif tipe STAD
Sacara praktis mangpaat tina ieu panalungtikan nyaéta, pikeun:

Nurunnisa Suminar, 2014
MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF
TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD)
DINA NYUSUN GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

6

1) Siswa, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa
dina nyusun guguritan;
2) Guru, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi bahan timbangan pikeun guru
nepikeun materi pangajaran nyusun guguritan ka siswana; jeung
3) Panalungtik, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh
jeung

wawasan

ngunaan

pangajaran

nyusun

guguritan

ngagunakeun

kooperatif tipe STAD.

1.5 Raraga Nulis
Ieu skripsi ngawengku lima bab, bab I ngawengku kasang tukang, watesan
jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung
raraga tulisan.
Dina bab II dipedar ngeunaan tatapakan tiori anu dimimitian ku hakékat
modél pangajaran, Rumpun modél pangajaran, komponen modél pangajaran,
jeung modél pangajaran kooperatif tipe STAD. Pedaran ngeunaan guguritan
nyaéta wangenan, papasingan jeung conto guguritan. Pedaran pupuh dina
guguritan nyaéta wangenan, wanda pupuh jeung watekna, guru wilangan, guru
lagu, pada, padalisan sarta conto pupuhna. Salian ti éta dina ieu bab ogé medar
ngeunaan raraga mikir sarta hipotésis panalungtikan.
Bab III eusina ngawengku

ngeunaan métodologi panalungtikan. Eusina

ngawengku lokasi jeung jejer panalungtikan, desain panalungtikan, variabel
panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan sarta téknik
panalungtikan.
Dina

bab

IV

didéskripsikeun

ngeunaan

hasil

panalungtikan

anu

ngawengku prak-prakan panalungtikan, kamampuh awal jeung ahir siswa tina
hasil panalungtikan sarta ngadéskripsikeun bédana hasil antara saméméh jeung
sabada ngagunakeun modél pangajaran STAD dina nyusun guguritan siswa
SMP.

Nurunnisa Suminar, 2014
MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF
TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD)
DINA NYUSUN GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

7

Bab

V

eusina

ngawengku

kacindekan

jeung rékomendasi kana

panalungtikan anu geus dilakukeun.

Nurunnisa Suminar, 2014
MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF
TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD)
DINA NYUSUN GUGURITAN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu