S BD 1003143 Chapter3

BAB III
MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.1 Métodeu jeung Désain Panalungtikan
3.1.1 Métodeu Panalungtikan
Numutkeun Djahiri (dina Heriawan,spk., 2012, kc. 73) métodeu nya éta
léngkah-léngkah atawa panta-panta ngalaksanakeun atawa ngahontal hiji hal
kalayan maké sajumlahing téhnik. Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia métodeu
nya éta cara “teratur” anu dipaké pikeun ngalaksanakeun hiji pagawéan sangkan
kahontal luyu jeung kahayang (KBBI, 2008, kc. 740).
Leuwih jero deui dijelaskeun yén métodeu asalna tina basa Latin nya éta tina
kecap methodos. Methodos éta sorangan asalna tina kecap meta jeung hodos.
Meta

berarti

“menuju”,

ngaliwatan,

nuturkeun,


saenggeus,

sedengkeun

hodoshartina jalan, cara, arah. Wangenan anu leuwih lega deui nyebutkeun yén
métodeu téh dianggap salaku cara-cara, stratégi pikeun maham kana réalitas,
léngkah-léngkah sistematis pikeun maluruh runtuyan kajadian.Métodeu miboga
fungsi pikeun ngabasajankeun masalah, sangkan leuwih gampang pikeun
dipaluruh jeung dipikaharti (Rattna, 2013, kc. 34).
Métodeu anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métodeu déskriptif
analisis. Métodeu déskriptif analisis mangrupa métodeu anu dilakukeun ku cara
ngadéskripsikeun pakta-pakta anu satuluyna dianalisis. Sacara épistimologis,
déskripsi jeung analisis berarti maluruh sarta méré pamahaman jeung
ngajéntrékeun sacukupna (Rattna, 2013, kc. 53).

3.1.2 Désain Panalungtikan
Désain panalungtikan dina ieu panalungtikan diwincik jadisababaraha pantapanta, nya éta: 1) tatahar jeung niténan buku-buku réferénsi, 2) ngumpulkeun
Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

19

data, 3) nganalisis data, 4) nyieun kacindekan, 5) nyusun laporan. Sangkan leuwih
jéntré, alur panalungtikan digambarkeun saperti ieu di handap.

Bagan 3.1
Désain Panalungtikan
Tatahar Panalungtikan

Ngumpulkeun Data

Nganalisis Data

Nyieun Kacindekkan

Nyusun Laporan


3.2 Wangenan Operasional
Judul dina ieu panalungtikan dijéntrékeun dina wangenan operasional ieu di
handap:
1. Sosiologi sastra mangrupa salasahiji élmu anu ngulik karya sastra dumasar
kana hubungan social masarakatna; masarakat anu dimaksud nya éta
pangarang jeung pamaca anu jadi bagian tina masarakatna éta sorangan.
Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA
DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

20

Numutkeun klasifikasi Wellek jeung Warren, pasualan kajian sosiologi sastra
ngawengku aspék pangarang, eusi karya anu aya patalina jeung pasualan
sosial jeung aspék pamaca (Wellek jeung Warren, 1989, kc. 111)
2. Carpon nya éta carita pondok anu mangrupa karangan singget hasil tina
beungkeutan ideu. Sakabéh bagian tina carpon kudu museur kana hiji

beungkeutan jiwa anu padet tur lengkep (Rosidi dina Koswara, 2007, kc. 36).
Sedengkeun buku kumpulan carpon nya éta buku anu eusina kumpulan carpon
ti saurang atawa sababaraha pangarang.
3. Buku kumpulan carpon anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta buku
kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana. Dina ieu
buku euyeub pisan ku téma-téma sosial anu jadi dasar panalungtikan sosiologi
sastra.
4. Yus Rusyana, pangarang kalih akademisi Sunda anu lahir di Pameungpeuk
Garut ping 24 Maret 1938. Nyuprih élmu di Fakultas Sastra dan Seni IKIP
Bandung (1958-1964). Taun 1971 kungsi milu kuliah pascasarjana di Fakultas
Sastra Universitas Leiden Walanda. Taun 1975 ngaréngsékeun program
doktorna di Fakultas Satra Universitas Indonésia. Buku kumpulan carpon
Jajatén Ninggang Papastén anu medal munggaran taun 1988 ku pamedal

Rahmat Cijulang meunang Hadiah Sastra Rancagé munggaran taun 1989
(Rusyana, 2010, kc. 1).
5. Bahan pangajaran nya éta sagala wangun bahan anu dipaké ku guru, anu
ngawengku fakta, konsép, prinsip anu ngindung kana kurikulum, rék tinulis
atawa lain, anu méré informasi jeung disusun kalayan sistematis sangkan
kacipta lingkungan diajar anu kondusip pikeun ngahontal tujuan pangajaran.


3.3 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman
wawancara jeung studi dokuméntasi. Pedoman wawancara dipaké pikeun
Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA
DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

21

ngumpulkeun data jeung informasi ti pangarang sarta kritikus sastra Sunda.
Pedoman wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman
wawancara semi struktur nya éta pedoman wawancara anu saméméh prung
wawancara panalungtik nyieun heula daftar patalékan anu rék ditepikeun.
Sedengkeun studi dokuméntasi dipaké pikeun maluruh aspék sosial pangarang,
karya jeung kritikus sastra.

3.4 Téhnik Ngumpulkeun jeung Nganalisis Data

3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta
wawancara jeung studi dokuméntasi. Wawancara dipaké pikeun ngumpulkeun
data ti pangarang salaku narasumber utama dina ieu panalungtikan ogé ti kritikus
sastra Sunda, sedengkeun studi dokuméntasi mangrupa panglengkep pikeun
ngawewegan data-data lianna anu ngarojong kana réferénsi panalungtikan.

3.4.2 Téhnik Nganalisis Data
Arikunto (2010, kc. 278) nétélakeun yén gurat badagna mah dina nganalisis
data téh ngawengku tilu léngkah dasar nya éta tatahar, tabulasi jeung
ngaplikasikeun data luyu jeung pamarekan panalungtikan. Atuh dina ieu
panalungtikan, léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina nganalisis data nya éta:
1. maca karya sastrana pikeun maluruh pasualan anu ngawengku aspék sosiologis
dina buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana;
2. léngkah satuluyna nyaéta nganalisis carpon dumasar kana tiori kajian sosiologi
sastra: sosiologi pangarang, karya, jeung masarakat anu aya di jero jeung
saluareun karya sastra;

Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

22

3. milih jeung masing-masing carpon mana anu luyu dipaké jeung anu henteu
pikeun pangajaran aprésiasi sastra di sakola; sarta
4. méré gambaran anu gembleng jeung kacindekan sabada

réngséna tahap

analisis data.

3.5 Sumber Data Panalungtikan
Dina ieu panalungtikan, sumber data anu dipaké nya éta buku kumpulan
carita pondok Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana terbitan P.T.
Kibalat Buku Utama (citakan kahiji, 2010) anu ngamuat sabelas carpon. Sumber
data lianna nya éta informasi ti para sastrawan atawa kritikus sastra anu paham
kana karya sastra, hususna buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén

karya Yus Rusyana ogé tina sumber dokuméntasi lianna anu bisa méré informasi
pikeun ieu panalungtikan.
3.5.1 Idéntitas Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén
Buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén téh buku kumpulan
carpon kadua Yus Rusyana sabadana Di Luhureun Jukut Reumis anu munggaran
wedalan C.V. Pusaka Sunda, Bandung, taun 1965. Sakumaha anu dipedar di
luhur, Jajatén Ninggang Papastén ngamuat sabelas carpon diantarana:
1. Putri Jin anu kungsi dimuat dina Mangléno. 443, Séptémber 1974;
2. Di Pasaréan anu kungsi dimuat dina Manglé no. 361, Pébruari 1973;
3. Rerempon anu kungsi dimuat dina Manglé no. 399, Nopémber 1973;
4. Pasang Subaya anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 41, Pébruari 1977;
5. Apun Gencay anu kungsi dimuat dina Hanjuang no. 26, Januari 1973;
6. Kotala anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 7, Agustus 1972;
7. Nyingkur anu kungsi dimuat dina Manglé no. 418, Maret 1974;
8. Pugerwangi anu kungsi dimuat dina Manglé no. 366, Maret 1973;
9. Du’a keur Umi anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 17, Januari 1973;

Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA
DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

23

10. Geuning Gamparan Sumping anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 13, Juli
1972; sarta
11. Miang anu kungsi dimuat dinaGondéwa no. 25, Désémber 1972 (Rusyana,
1977, kc. 7).

Gambar 3.1
Cover Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén
3.5.2 Ringkesan Carpon Jajatén Ninggang Papastén
Sangkan méré gambaran ngeunaan eusi buku Jajatén Ninggang Papastén,
hususna eusi carita, ieu di handap dipedar ringkesan carita sabelas carpon anu aya
di jerona.
1.

Carpon Putri Jin nyaritakeun kumaha campuhna suasana haté Wiratanudatar,


putra Aria Wangsagorapana, anu ngarasa can sanggup saupama dijadikeun
pamingpin sarta keur néangan katingtriman batin. Anjeunna neneda ka Nu Maha
Kawasa sangkan dibéré pituduh meunangkeun jajatén dirina ku anjeun; salasahiji
carana ku jalan menekung di tempat anu nyingkur (Sagarahérang).
Dina hiji mangsa keur menekung téh, Wiratanudatar disumpingan ku saurang
awéwé anu geulis, katelah puti jin anu ngaranna Éndang Kusumah. Éta putri jin
Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA
DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

24

kataji ku kasoléhan Wiratanudatar anu antukna ménta diwurukan bagbagan élmu
kamulyaan hirup. Wiratanudatar ogé kataji pisan ku éta putri jin nepika wani
ngadatangan alam jin ménta ka ibu ramana sangkan bisa mileuleuheungkeun Nyi
Éndang Kusumah nepi ka oléng pangantenanana; malah nepi ka boga turunan,
lalaki-awéwé. Anu lalaki dingaranan Aria Suryakancana, anu awéwéna
dingaranan Radén Ajeng Éndang Kancana.

Salila-lila hirup di alam jin, Wiratanudatar sok rajeun inget ka alam manusa;
inget ka lemburna jeung inget ka ibu ramana anu antukna kasurti ku Éndang
Kusumah. Wiratanudatar turun deui ka alam manusa – ka Sagarahérang – nepi ka
boga pamajikan, ogé ngarundaykeun turunan nepi ka maotna.

2.

Carpon Di Pasaréan nyaritakeun buyutna si “Kaula” anu geus dikurebkeun

di Wates. Ari Wates téh tempat anu geus turun-tumurun dirusiahkeun, nya aya
karep hayang kapanggih raratanana, naha mani nepi ka dibunikeun sagala.
“Kaula” nyorang lalampahanana téh henteu sorangan, babarengan jeung Ki
Megat.
Bada solat subuh Ki Megat hariweusweus bangun anu geus manggihan
nanahaon.Barang disalusur horéng kapanggih aya imah leutih hateup injuk anu di
jerona aya nu nungguan, jalma anu geus kacida kolotna, sok majar disebut
Olot.Olot

nyaritakeun

téh.Sakabéhna

kumaha-kumaha

dicaritakeun.Tuluy

Olot

waé

piwuruk

ngajakan

buyut

“Kaula”

“Kaula”

mapay-mapay

leuweung anu antukna nepi ka pajaratan.
Moal salah deui éta téh pajaratan buyut “Kaula”.Laju didungakeun sangkan
salamet dunya ahératna. Sabada éta, ras inget naha éta tempat téh dingaranan
Wates. Horéng sabada dilelemah mah sagalana gé aya wawatesanana.Rék awak,
alam sakuriling jeung anu lianna geus puguh patokanana.
Laju “Kaula” nanya ka Olot naha éta pasaréan téh dingaranan Wates.
Mimitina

mah

ngajelaskeun

ti

mimiti

perang

buyut

“Kaula”

Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA
DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nepika

25

ngalolosna.Tapi anu leuwih jero deuina mah kecap Wates téh mangrupa hiji siloka
hirup yén urang téh hirup kudu pinuh ku aturan, kudu puguh palanggeranana ulah
sagawayah nandangan hirup.Hirup téh lir ibarat buuk dibagi tujuh –
ngagambarkeun jembatan Sirotol Mustaqim – anu dimana urang bisa
ngaliwatanana tangtu urang bakal pinanggih jeung kabagjaan (surga).Béda deui
saupama urang tisolédat, tangtu urang téh bakal pinanggih jeung cilaka (naraka).

3.

Carpon Rerempon nyaritakeun kaguligahan rasa Radén Raksagati anu indit

ka padaleman mélaan kasangsaraan rahaya bari dibarengan ku Ki Jelat. Ka
padaleman téh saenyana mah rék nepungan adina – anu jadi dalem. Nya kitu téa
ceuk saliwat kayakinan mah rék mélaan rahayat anu katideresa.
Geuning kayakinan anu samodél kitu téh samar. Da geuning matak indit ka
padaleman téh pédah ngadéngé yén kuburan Ramana Radén Raksagati rék kasabet
ku jalan anu rék dijieun jalan ku Kumpeni – tangtuna alatan Rai Dalem anu
nyatujuan kana éta rencana Kumpeni anu rék muka lahan keur nyieun jalan téa.
Di padaleman téh tangtuna Radén Raksagati gugujrudan jeung adina nu
pabéntar paham jeung manéhna. Da dina ieu carita pondok dicaritakeun kumaha
lalampahan Radén Raksagati anu susulumputan jeung Ki Jelat ngalolos ti para
kapetengan adina anu keur ngarudag. Nyumput dina rembetna tatangkalan
sabadana ngadagoan salila-lila di sisi walungan anu keur caah umpalan. Ari geus
meuntas mah laju indit ka tempat panyumputanana sabada papanggih jeung Aki
Mayuki anu mukakeun lawang guha keur manéhna.
4. Carpon Pasang Subaya nyaritakeun lalampahan hiji Dalem (pamingpin) anu
rék ngajorag tegal jarong pédah rék papanggih jeung Dira – kapala karaman anu
purah nyieun karusuhan. Sanggeus ngaliwatan tegal jarong, eureun di pencelut
batu – Dalem jeung Dira papanggihna lebah dinya.
Sanggeus sabaraha lila, duanana ngawarangkong nepikeun maksud anu keur
dikemu ku masing-masing. Dalem nepikeun keretegna anu manghanjakalkeun
Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA
DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

26

naon anu dilakukeun ku Dira purah nyieun rurusuhan téh matak nyangsarakeun
rahayat.Kitu ogé Dira, nepikeun keretegna yén kikituan téh – nyieun karusuhan –
pédah geus bosen nempo rahayat anu sangsara.
Beuki ka dieu paguneman beuki ragot. Dira nanya ka Dalem naha bet leuwih
milih ngaula ka deungeun-deungeun – sigana mah maksudna ka Walanda atawa
ka Jepang dina mangsa harita – nguruskeun kebon kopi anu nguntungkeun bangsa
deungeun daripada ngabagéakeun rahayatna. Jeung deuih naha loba dalem (atawa
para ménak) anu ngan saukur mentingkeun kapentingan soranganana, babanda
pupulut pakaya keur ngabeungharkeun dirina séwang-séwang.
Dalem ngajelaskeun jawaban tina patalékan Dira. Nu matak Dalem milih
jalan kieu téh da puguh geus aya jalanna séwang-séwangan.Dalem ogé némbal
ulah nyaruakeun sakabéh Dalem atawa ménak téh boga talajak anu goréng
kabéh.Da pasti aya kénéh anu paduli mikiran kumaha nasib rahayatna. Lamun
kadaleman sakabéhna dicekel lain ku nu paduli ka rahayat, tangtu baé rahayat
bakal beuki sangsara.
Pondok carita, Dalem meredih sangkan Dira ulah nyieun karusuhan deui
sabab talajak kitu téh matak nyangsarakeun ka rahayat.Pon kitu deui jeung Dira,
geus nepikeun keretegna ka Dalem ngeunaan kaayaan anu kaciri ku manéhna.

5.

Carpon Apun Gencay nyaritakeun Apun Gencay urang Cikembar anu jadi

béntang di lemburna. Apun Gencay katelah panggeulisna sarta dipikahayang ku
jalma réa boga papacangan urang Cipamingkis. Papacanganana urang
Cipamingkis geus boga karep lamun datang usum panén bakal datang ngalamar ka
Cikembar. Tapi salila ngadagoan usunm panén téh aya ménak anu
mileuleuheungkeun Apun Gencay ka kolotna. Ku kolotna téh dibaékeun, Apun
Gencay dipasrahkeun ka éta Ménak. Apun Gencay dijieun selir da ménak anu
mileuleuheungkeuna téh puguh geus boga pamajikan. Apun Gencay laju dibawa
ka Cianjur.
Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA
DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

27

Sanggeus Apun Gencay ngarasa betah cicing di Cianjur jadi selir Dalem
Wiratanudatar, dina hiji mangsa, ka Pajuaran Kangjeng Dalem téh aya nu
nyampeurkeun. Barang ku dalem disampeurkeun, Dalem langsung dibedol laju
palebah manahna téh ditewek ku condré.Nu newekna diudag laju galungan.
Puguh waé jadi éar sanagara.Apun Gencay milu kabawa-bawa dipikaceuceub
ku balaréa. Ari anu newek Kangjeng Dalem téh lain sasahana, puguh urang
Cipamingkis téa anu ku Apun dipikatineung. Matak urang Cipamingkis nepi ka
kieuna gé saking ku nyaah jeung kuciwa da pédah baheula kungsi dipegat duriat.

6.

Ieu carpon nyaritakeun hiji awéwé anu miharep bisa ngarundaykeun turunan

anu pinilih. Manéhna mindeng tatanya kumaha sakuduna lampah anu kudu
dilakonan. Hiji mangsa keur ngadu’a di hareupeun Kabah, manéhna panggih
jeung lalaki anu ceuk panyangkana bakal jadi cukang lantaran manéhna
ngalahirkeun turunan pinilih. Tapi éta lalaki teu narima kana pangajak éta awéwé.
Beuki lila éta awéwé beuki baluweng lantaran can manggih lalaki anu bisa
diajakan babarengan pikeun ngarundaykeun turunan pinilih téa. Tungtungna mah
turunan pinilih geus gumelar di tempan anu lian, lain ngaliwatan manéhna.

7.

Carpon Nyingkur nyaritakeun Nyi Putri Damarséwu (salakina), Aki jeung

Nini Johén anu rék nyingkur da pédah dibeberik ku musuh. Di satengahing
lalampahan nyorang walungan, Pangéran Damarséwu mah balik deui,boga
maksud sangkan nahan anu keur ngabeberik ambéh ngungudag deui. Damarséwu
perlaya sanggeus tarung jeung anu ngabeberik.
Di tempat séjén Nyi Putri geus nepi ka Singkur tempat panyumputan anu
kacida dirusiahkeunana.Harita téh Nyi Putri keur kakandungan, teu lila laju babar,
dibarengan ku béja yén salakina geus perlaya taya di kieuna. Tapi Nyi Putri anger
teger, malah boga kayakinan kudu neruskeun perjoangan anu geus perlaya ku

Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA
DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

28

budakna. Kudu gedé wawanén, ulah nyeungceurikan anu geus pasti nandangan
kana kadar.

7.

Carpon Pugerwangi nyaritakeun katunggaraan si Engkang anu ditilar ku

pamajikanana nalika ngababarkeun anak kembar, lalaki duanana. Carita
katunggara si Engkang diwawaas ku carita rumahtanggana anu kakara sawelas
bulan, pamajikanana geus kaburu dipulut ku Nu Maha Kawasa. Da puguh si
Engkang mah jalma sabar, jalma kuat imanna,teu katutuluyan ngarumas pédah

ditinggalkeun ku pamajikanana. Balik deui kana kabiasaanna anu harita,
nyalabarkeun deui élmu agama mapay lembur-lembur.

9.

Carpon Du’a keur Umi nyaritakeun lalampahan Kuring anu nyiar agama ka

pasantrén-pasantrén nepi ka cunduk di pasantrén Sukamanah, pasantrén H. Zaenal
Mustafa.Di éta pasantrén Kuring papanggih jeung Umi Umaro, awéwé anu
maheutkeun jangji jeung manéhna.
Pondok carita Pasantrén Sukamanah dijorag ku soldadu Jepang anu néangan
pemberontak.Kuring ngadéngé béja yén imah Umi Umaro ogé teu kaliwat milu
dipapay diacak-acak.Mimitina mah Umi Umaro cicing teu ngalawan, tapi ari
nempo kitab jeung Qur’an anu kaluluh katincakan mah Umi Umaro tungtungna
mah baruntak ogé.Ti dinya Umi Umaro jeung soldadu Jepang galungan.Ngadéngé
aya anu paciweuh di jero, soldadu Jepang anu lianna anu keur aya di luar laju
asup.Ti dinya kadéngé sora bedil jedar-jedor.Umi Umaro perlaya ngabéla
kayakinana.

10. Carpon Geuning Gamparan Sumping nyaritakeun Mamang anu kasumpingan
ku Gamparan.Mamang téh puguh geus lila teu panggih jeung Gamparan.Barang
papanggi, Gamparan hayang ngariksakeun alam sakurilingna.Barang ditengetan
deui, leuweung-leuweung téh geus loba nu ngarogahala, kai-kai geus pada loba
Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA
DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

29

anu naluaran, leuweung larangan geus teu dipaliré deui.Gamparan sumping téh
hayang mastikeun yén anak-incuna kahareupna bakal rahayu, bisa nyekel pageuh
kana bebeneran. Ieu carpon ogé nyaritakeun kritik ka para pamingpin anu teu bisa
ngajaga alam, ukur bisa ngamangpaatkeun bari jeung teu bisa ngajaga ngariksana.

11. Carpon Miang nyaritakeun hiji jalma anu rék miang ninggalkeun tempatna
ngumbara.Manéhna geus aya di setasion nalika haténa masih guligah mikiran
dirina anu di pangumbaraan hirup nyorangan. Di setasion geus kari sajungjungeun
indit. Kahayangna mah miang téh aya anu ngajajapkeun atawa miang téh teu jadi
da puguh geus bumetah hirup di pangumbaraan. Sanggeus lila ngalelemah,
kahayangna teu burung ngaléngkah nyorang lampah da geus puguh cunduk kana
waktu anu geus dipasinikeun.

Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA
DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu