S BD 1003143 Chapter5

BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan
Dumasar kana pedaran saméméhna, ieu panalungtikan téh maluruh naon waé
aspék sosiologi sastra dina buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén
karya Yus Rusyana anu dipatalikeun sarta dipaké pikeun bahan pangajaran di
SMA. Métodeu anu digunakeun nya éta déskriptif-analitik ngaliwatan studi
pustaka jeung pedoman wawancara.
Ieu panalungtikan ngawengku tilu aspék: (1) sosiologi pangarang, nya éta
riwayat hirup, prosés kréatif jeung interaksi sosialna di masarakat; (2) sosiologi
karya , nyaéta nganalisis aspék sosial dina karyana; (3) sosiologi nu maca karya ,

nyaéta maluruh pangaruh sosial karya kana kahirupan masarakat, anu diwakilan
ku kritikus sastra.
Tina sosiologi pangarang, kapanggih yén saenyana Yus Rusyana kacida
mikacinta kana élmu, seni jeung agama. Éta tilu perkara dipaké tatapakan hirup
lantaran sililengkepan sarta méré kanimatan dina neuleuman kahirupan. Ti mimiti
SGA Yus geus boga karep hayang neuleuman sastra.Mangsa kuliah, minat kana
sastra mimiti tumuwuh jeung beuki kaasah. Ieu kabuktian ku sajakna anu
munggaaran dimuat dinaSipatahoenan. Beukidieu, Yus beuki getol nulis karya

lianna kayaning carpon, drama jeung esai.
Tina sosiologi karya, carpon-carpon nu aya dinaJajatén Ninggang Papastén
leubeut ku téma-téma sosial anu ngangkat kahirupan rahayat leutik anu katideresa.
Ieu carita diwadahan ku pigura anu matak teu bosen ka nu maca.Lian ti éta,
kapanggih ogé yén carpon-carponna nu nyabit-nyabit masalah kapamingpinan nu
Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA
DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

81

kacida réligius. Ieu katitén tina amanat jeung piwuruk-piwuruk anu ditepikeun ku
pangarang dina unggal caritana.
Tina sosiologi pamaca anu diwakilan ku kritikus sastra nyebutkeun yén
karya-karya Yus Rusyana téh mangrupa karya réalis anu caritana nyampak di
sabudeureun urang. Sok sanajan kitu, ieu karya anu réalis téh dibungkus deui ku
basa-basa anu puitis sarta merlukeun pamahaman anu jero dina macana. Lian ti
éta ogé karya-karya Yus mah mangrupa karya anu dijieun sabada aya studi

kasajaarahan heula saméméhna, bohdina ngaran-ngaran tokoh jeung tempat, boh
dina guluyuran caritana anu dimamanis deui ku kaparigelan pangarang dina
ngarundaykeun kekecapan sarta ngarang caritana.
Dumasar kana analisis sosiologi sastra anu tilu éta, bisa dicindekkeun yén:
(1) hasil analisis ngeunaan aspék sosiologi pangarang bisa dipaké pikeun bahan
pangajaran maca biografi di SMA; (2) hasil analisi ngeunaan sosiologi karya
sastra bisa dipaké pikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra hususna ngeunaan
nulis carpon di SMA; (3) hasil analisis ngeunaan sosiologi nu maca karya anu

diwakilan ku kritikus sastra bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca artikel
budaya .

5.2 Rékoméndasi
Sanggeus ieu panalungtikan ngeunaan Aspék Sosiologi Sastra dina Buku
Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana pikeun Bahan
Pangajaran di SMA dilaksanakeun, panalungtik ngarasa perlu nepikeun

sababaraha rékoméndasi pikeun kapentingan panalungtikan satuluyna jeung
hususna pikeun kamekaran sastra Sunda.
Kahiji, panalungtikan sarupa kieu – maluruh aspék sosiologi sastra – perlu

terus dilaksanakeun boh ku masarakat akademisi atawa masarakat sacara umum.
Anu jadi tinimbangan mah sangkan kapanggih aspék sosiologidina karya-karya
Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA
DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

82

anu lianna, sarta sangkan ngeuyeuban hasil-hasil panalungtikan ngeunaan karya
sastra.
Kadua, buku Jajatén Ninggang Papastén kacida perlu dibaca ku masarakat
umum.Ieu buku eusina euyeub ku ajén sosial jeung moral, sarta nyaritakeun
perkara-perkara anu bisa ngadeukeutkeun nu maca kana hal-hal anu sipatna
religius.
Katilu, ieu hasil panalungtikan kudu dipaké pikeun bahan pangajaran di
SMA. Anu jadi tinimbanganna mah sangkan ngawanohkeun deui buku Jajatén
Ninggang Papastén ka para siswa, leuwih hususna mah ngawanohkeun carita anu


aya di jerona, ogé basa jeung kekecapan anu dipaké ku pangarang dina ngaréka
carita.

Iman Nurdin,2015
ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA
DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN
KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu