S BD 1002771 Chapter5

73

BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1

Kacindekan
Puisi mantra mangrupa salah sahiji wangun karya sastra dina wangun puisi

heubeul anu sumebarna sacara lisan. Puisi mantra masih kénéh bisakapanggih di
sabudeureunDésa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes Kabupatén Sukabumi, hususna
ku masyarakat anu kagolong umurna geus kolot, contona nalika rék ka cai atawa rék
milampah hiji pagawéan anu butuh hiji kaayaan anu beresih atawa suci. Ieu hal bisa
katitén atawa dibuktikeun ku cara diayakeun panalungtikan ngeunaan puisi mantra di
Désa Sasagaran Kecamatan Kebonpedes Kabupatén Sukabumi.
Bisa dicindekkeun yén puisi mantranu kapanggih di Désa Sasagaran
Kecamatan Kebonpedes Kabupatén Sukabumi téh aya 20 Puisi mantra. Saterusna
dina nangtukeun puisi mantra anu rék dianalis dipilih nu dianggap mindeng dipaké ku
masyarakat Désa Sasagaran, tina 20 puisi mantra téh nu dianalisisna aya 13 nya éta
wangun asihan aya 4: asihan sukma prabu siliwangi, asihan kabut sadana, asihan si

gunung puntang, asihan brajamusti. Wangun jampé aya 2nya éta: jampé raheut,
jampé kaséhatan. Wangun Ajian aya 3 nya éta: katimbulan, kajayaan, pamusnah
rajawisuna. Wangun Singlar ngan hiji nya éta: paranti ka reuma. Dina Wangun
jangjawokan aya 3nya éta: paranti dahar, paranti leumpang, paranti ngising.
Analisis dumasar kana wangun ngadéskripsikeun ngeunaan basa nu
ngawangun puisi mantra, citraan anu aya dina puisi mantra, eusi anu kacangking dina
puisi mantra, sarta fungsina. Malah aya sababaraha puisi mantra anu ditétélakeun
kumaha cara meunangkeun jeung ngagunakeunna. Aya ogé analisis dumasar adegan
struktur nya éta, anu dibagi kana opat unsur nya éta unsur judul, unsur bubuka, unsur
sugésti, jeung unsur tujuan.
Basa anu digunakeun dina puisi mantra anu dianalisis nya éta basa Sunda,
sabab daérah Sukabumi mangrupa salasahiji daérah di Jawa Barat anu dominan
Khairul Fridarmawan, 2014
ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES
KABUPATÉN SUKABUMI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

74

masyarakat ngagunakeun budaya Sunda. Ogé tina hasil panalungtikan téh kapanggih

yén basa Sunda anu digunakeun téh lolobana Sunda buhun atawa arkaik. Tapi aya
oge puisi mantra anu kapangaruhan ku basa Sanskerta, Jawa, jeung kawi.
Eusi puisi mantra nu ditalungtik biasana mangrupapaménta atawa paréntah
sangkan kahayang nu maké jangjawokan éta ditedunan ku nu gaib “Mahluk Gaib”,
jeung lian ti paménta, bisa dicindekkeun ogé yén puisi mantra téh méh sarua jeung
pidu’a ka Alloh SWT anu bentukna béda, biasana ngadu’a ngagunakeun bahasa Arab,
sedengkeun puisi mantra dina basa Sunda. Tapi eusina méh sarua.
Fungsina dina unggal puisi mantra téh béda-béda dumasar wangun jeung
tujuanna, tapi anu rék dihontalna hiji nya éta kahadéan dina milampah hiji pagawéan.
Dasarna sarua, dina ngagunakeun élmu naon waé ogé urang kudu disiplin jeung ulah
gedé hulu lamun geus bisa, sarta kaayan haté urang kudu bersih. Dumasar hasil
panalungtikan, kolot anu ngagunakeun puisi mantra dina kahirupan sapopoéna getol
puasa senén kemis jeung tarapti dina ngagawéan hiji pagawéan.

5.1

Saran
Sabada ngayakeun panalungtikan puisimantra ngeunaan wangun, eusi, jeung

fungsina karasa pisan mangpatna pikeun nu nalungtik, di antrana bisa nambahan élmu

pangaweruh ngeunaan karya sastra Sunda, jeung bisa mikanyaho karya sastra wangun
puisi mantra di wewengkon sorangan. Lian ti éta eusi nu aya dina pusi mantra ogé
miboga mangpaat pikeun neuleuman hal-hal séjén nu aya hubunganna jeung puisi
mantra. Tétéla anu ngawangun hiji puisi mantra téh loba pisan unsurna.
Dumasar kana éta hal aya sababaraha hal anu perlu ditepikeun diantarana,
pikeun nu maca penting pisan mikanyaho kana karya sastra Sunda nu salah sahijina
puisi mantra. Sangkan nu maca wanoh yén Sunda ogé beunghar ku karya sastrana.
Alusna mah ditalungtik atawa minimal diinventarisasi sangkan salasahiji kabudayaan
nu aya di tatar Sunda teu leungit kadeséh ku parobahan jaman.

Khairul Fridarmawan, 2014
ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES
KABUPATÉN SUKABUMI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

75

Pikeun masarakat puisi mantra téh terus diriksa sangkan tetep hirup kucara
dipaké dina kahirupan sapopé atawa bisa dibikeun ka anak incu, pikeun sakadar
mikanyaho mah moal mantak dosa éstu salasahiji tarékah dina miara kabudayaan nu

geus aya ti jaman baheula.

Khairul Fridarmawan, 2014
ADEGAN (STRUKTUR) MANTRA JEUNG FUNGSINA DI DÉSA SASAGARAN KECAMATAN KEBONPEDES
KABUPATÉN SUKABUMI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu