Gangliosida Ningkatkeun Daya Kognitif.

o

o Se/asa o Rabu

Sen;n

123
17
.Jan

4
18

19
OPeb

6

5
20


.....

7
22

.

8
23

0

Jumat o Sabtu o M;nggu
9
10
11
12
13
14
15

24
25
26
27
28
29
30

Kam;s

o Mar OApr o Me; OJun

OJul

0 Ags OSep

.~.In

Gangliosida


OOkt

OHov

....

Ningkatkeun

Daya Kognitif

M

ekarkeUn daya Piki'r (kognitiO,
ningkatna kacerdasan
jeung daya
.
tahan awak, hususna p~eun orok
anu umur 0-6 bulan, ASI (cai susu indung)
kacida pisan nangtukeuriana. Ku kituna,
nanjeurna hiji kanyaah indung ka anak,

sacara psikologis oge mangrupa aspek
sosial nu kalintang raket dalitna.
Sakeclak cai susu indung, mangrupa
pirang-pirang kanyaahjeung kahadean anu
ajenna teu bisa kaukur wiwilanganaIia.Ku
kituna cai susu indung atawa ASI (air susu
ibu) keur orok mangrupa kabutuh utama,
boh keur kabutuh "tumbuh" si budak boh
keur nanjeurna hiji wangun karakter
("Kembang")budak.
Jaman moderen kiwari, kalintang pisan
gede pangaruhna kana rupa-rupa aspek
kahirupan manusa. Salasahijina, aspek
sosial upamana tembong aya interaksi anu
pegat antara mdung jeung anak, alatan si
indung boga kasibukan (pagawe) anu oge
tujuanna pikeun nyumponan pangabutuh
kulawargana. Tah kumaha ngungkulanana?
Suplementasi gangliosida dina susu formula ajenna meh banding jeung ASI nu
fungsina pikeun ningkatkeun. kamekaran

daya poor (kognitiOorok. Gangliosidaboga
peran nu fungsina mekarkeun kognitif. Kitu
diantarana rangkuman disertasi Dida
Akhmad Gurnida nu temana "OptimaIisasi
Fungsi Perkembangan KognitifBayiUsia 6
Bulan Dengan Suplementasi Gangliosida
Dalam Susu Formula" basa sidang ujian
. promosi gelar Doktor Bidang DmuKedokteran, sawatara. waktu kaliwat di gedong
Pasca Sarjana Universitas Padjadjaran
Bandung. Putusan sidang terbuka nu dipingpin ku Prof. Dr. Ir. Mahfud Arifin, MS
dibarengan ku rengrengan, Sekretaris
sidang Prof. Dr. Engkus Kuswamo, MS,
sarta Prof. Dr. dr. H. Ponpon S.. Idjradinta,
SpA(K) (ketua tim promotor), Prof. Dr. dr.
Nanan Sekarwana, SpA(K).,MARSjeung
Prof. Dr. Ir. Deddy Muchtadi, MS (anggota
tim promotor). Lian ti eta oponen ahli/tim
penyanggah, Prof. Dr. Johanes C.Mose,dr.,
SpOG(K), Prof. Heny Gama, dr.,SpA(K).,
Ph.D, Prof. Dr. Abdurrachman Sukadi, dr.,

SpA(K),Prof. Dr. O. Suprijana, M.Sc.jeung
Prof. Dr. Dany Hilmanto, dr., SpACK).
Sedeng Representasi guru besar ti Unpad
nyaeta Prof. Dr. Firman F. Wirakusumah,
dr., SpOG.(K). mutuskeun yen Dida
Akhmad Guntida lulus nyangking gelar
Doktor Bidang Dmu Kedokteran kalawan
Cumlaude. leu Doktor nu lahir di Bandung
4 Juli 1958 kiwari nyepeng kalungguhan
Wakil Kepala Subbagian Nutrisi dan
Penyakit Metabolik Dmu Kesehatan Anak
Fakultas Kedokteran Universitas Padja-

Dr. Dida Aklunad GunJida, SpA(K) sabada rengse sidang terbuka promosi doktor.

djaran IRS Hasan Sadikin Bandung. Studi
nu dilaksanakeunana ti bulan Mei2008
nepi ka Februari 2009 ngeunaan orok normal umur 0-6 bulan di Bandung minangka
studi- murni anu ngagunakeun rancangan
'double blind randomized clinical trial'

(RCT) munggaran di Indonesia ngeunaan
pangaruh suplementasi Gangliosida dina
. susu formula pikeun ningkatkeun jeung
mekarkeun fungsi kognitif.
Panalungtikan nu dilakonan 10 bulan
lilana di Puskesmas Garuda, Puskesmas
Bojong Soang, Klinik Tumbuh Kembang
Rumah Sakit Santosa International Bandung, Fontera Research Centre Palmerson
North, New Zealand.
Hasil panalungtikan nembongkeun yen

suplementasi gangliosidadina susuformula
jumlahna 530 ugj100 ml susu formulaboga
pangaruh kana kadar gangliosida serum
(orok nu meunang suplementasi vs tanpa
suplementasi) sarta aya pangaruh kana.
fungsi kamekaran kognitif (IQ total), utamana ngaliwatan peningkatan IQ koordinasi leungeun jeung panon sarta IQ performa. Dr. Dida netelakeun, fungsi perkembangan kognitif (IQ total) orok nmur 6
bulan nu qisusuan ku formula suplemen~i
gangliosida leuwih onjoy dibanding jeung
orok nu disusuan formula tanpa suplementasi gangliosida.

.
Fungsi mekarkeun kognitif (IQ total)
orok umur 6 bulan anu disusuan formula
suplementasi gangliosida meh sarna jeung
fungsi mekarkeun kognitif orok anu disusuan ASI eksklusifSalila6 bulan.
Salian ti eta Dr. Dida netelakeun, faktor
biopsikososial eta kacida ditangtukeunana
ku faktor biologis anu kalintang potensial
enggoning tumuwuhmekama orok nyaeta
faktor nutrisi. NutrlSikeur orok mah mangrupa hiji 'Pangabutuh poko, sabab, dina
mangsa eta pisan lumangsungna tingkat
pertumbuhanjeung perkembangan nu kacida gancangna.
Kahontalna jumlah nutrisi dina kadaharan orok teh kudu ditalinga-keun pisan
lebah jumlah nutrienna boh makronutrien
boh mikronutrienna.
"Gangliosida mangrupa senyawa .anu
boga peran enggoningproses pembentukan
struktur jeung fungsi sinaps. Utamana dina
. genep bulan mimiti.
Mangpaatna teh keur ningkatkeun

kamekaran kognitif," pokna Doktor Dida
Akhmad Gurnida, SpA(K).***

Dr. Dida Akhmad GunJida, SpACK)dihapit leu

~

promotorna

41

Mangle No. 2255

Kliping Humas Unpad 2010