TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA: ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK.

(1)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA

(ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK)

TÉSIS

disusun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Magister Pendidikan

ku

REKHA ROSDIANA DEWI NIM 1202201

PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014

(2)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

LEMBAR PENGESAHAN

REKHA ROSDIANA DEWI NIM 1202201

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA

(ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK)

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr.H.Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

Pangaping II,

Dr.H.Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Kauninga ku Ketua Program Studi

Dr.H.Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

(3)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

==================================================================

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA

(ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK)

Oleh

Rekha Rosdiana Dewi S.Pd UPI Bandung, 2014

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

© Rekha Rosdiana Dewi 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(4)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

BABARIT TRADITION AT VILLAGES IN SUB-DISTRIC OF PALASAH ON DISTRICT OF MAJALENGKA

(STRUCTURAL - SEMIOTIC ANALYSIS)

Oleh

Rekha Rosdiana Dewi S.Pd UPI Bandung, 2014

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

© Rekha Rosdiana Dewi 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(5)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA

(Ulikan Struktural-Sémiotik)

Rekha Rosdiana Dewi 1202201

e-mail: rekharosdianad@yahoo.com

ABSTRAK

Ieu tésis dijudulan “Tradisi Babarit Désa di Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka (Ulikan Struktural-Sémiotik)”. Disusun pikeun sarat ujian sidang

Magister Pendidikan Prodi Bahasa dan Budaya Sunda. Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan budaya ngeunaan upacara tradisi Babarit Désa anu dilaksanakeun ku masarakat Désa Waringin. Tujuan diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho kasang tukang, fungsi, struktur, jeung simbol-simbol nu aya dina upacara tradisi Babarit Désa. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Ieu métode digunakeun pikeun ngungkab hal-hal anu aya di lapangan. Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun datana nya éta téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi. Sedengkeun cara nu digunakeun pikeun ngulik data-datana nya éta ku cara ulikan struktural-sémiotik. Ieu ulikan digunakeun pikeun ngungkab simbol-simbol anu aya dina sasajén upacara tradisi Babarit Désa. Dina ieu panalungtikan kapanggih data, nya éta upacara tradisi Babarit Désa mangrupa salasahiji tradisi warisan karuhun Désa Waringin. Ieu tradisi dilaksanakeun sataun sakali saméméh usum panén. Tujuanana sangkan sawah-sawah disinglarkeun tina mamala anu bakal ngabalukarkeun panénna gagal. Tradisi Babarit Désa mangrupa ungkapan rasa sukur masarakat Désa Waringin ka Gusti Allah sangkan Gusti Allah salawasna ngalimpahkeun sagala kani’matan ka masarakat Désa Waringin. Ieu tradisi miboga tilu fungsi nya éta pikeun fungsi spiritual, sosial, jeung kamekaran pariwisata. Dina ieu tradisi aya dua rupa wangun sasajén. Tilu rupa wangun pakakas sasajén jeung 16 rupa wangun bahan sasajén. Ieu sasajen-sasajén téh mangrupa bukti ungkapan rasa sukur ka Gusti Allah jeung unggal sasajén miboga masing-masing simbol di jerona. Ahirna, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun nambahan élmu pangaweruh utamana ngeunaan budaya Sunda jeung dipiharep bisa nambahan pangaweruh ngeunaan simbol-simbol nu aya di jerona.

(6)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DESA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATEN MAJALENGKA

(Kajian Struktural-Sémiotik)

Rekha Rosdiana Dewi 1202201

e-mail: rekharosdianad@yahoo.com

ABSTRAK

Tesis ini berjudul “Tradisi Babarit Desa di Kacamatan Palasah Kabupaten Majalengka (Ulikan Struktural-Sémiotik)”. Disusun untuk memenuhi syarat ujian sidang Magister Pendidikan Prodi Bahasa dan Budaya Sunda. Penelitian ini merupakan penelitian budaya mengenai upacara tradisi Babarit Desa yang dilaksanakan setahun sekali oleh masarakat Desa Waringin. Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui latar belakang, fungsi, struktur, dan simbol-simbol yang terkandung di dalamnya. Adapun metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah menggunakan metode deskriptif. Metode ini digunakan untuk mengungkapkan gejala-gejala empirik yang ada di lapangan. Teknik yang digunakan dalam pengumpulan data adalah teknik observasi, teknik wawancara, dan teknik dokumentasi. Sedangkan cara yang digunakan untuk menganalisis data-datanya adalah dengan cara analisis Struktural-Sémiotik. Analisis ini digunakan untuk mengungkapkan simbol-simbol yang terdapat pada sesajen yang digunakan pada upacara Tradisi Babarit Desa. Dalam proses penelitian ini ditemukan data, yaitu upacara tradisi Babarit Desa merupakan salah satu tradisi yang diwariskan oleh para karuhun Desa Waringin. Tradisi ini dilaksanakan setahun sekali sebelum musim panen tiba dan bertujuan agar sawah-sawah terhindar dari marabahaya yang mengakibatkan gagalnya panen. Tradisi Babarit Desa merupakan gambaran rasa sukur masarakat Desa Waringin kepada Tuhan YME agar Tuhan YME selalu melimpahkan segala kenikmatan kepada masarakat Desa Waringin. Upacara tradisi ini mempunyai tiga fungsi yaitu fungsi spiritual, sosial, dan perkembangan pariwisata. Dalam upacara tradisi ini, terdapat dua bentuk sesajen yang disediakan yaitu tiga macam sesajen yang berbentuk alat dan 16 macam sesajen yang berbentuk bahan. Sesajen-sesajen ini merupakan bukti ungkapan rasa sukur terhadap Tuhan YME dan pada setiap sesajen mempunyai simbol masing-masing di dalamnya. Pada ahirnya, penelitian ini bermanfaat untuk menambah ilmu pengetahuan mengenai budaya Sunda dan diharapkan bisa menambah pengetahuan tentang simbol-simbol yang terkandung di dalamnya.

(7)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

BABARIT TRADITION AT VILLAGES IN SUB-DISTRIC OF PALASAH ON DISTRICT OF MAJALENGKA

(Structural - Semiotic Analysis)

Rekha Rosdiana Dewi 1202201

e - mail : rekharosdianad@yahoo.com

ABSTRACT

This thesis entitled "Babarit Village Tradition in Sub-Distric of Palasah, Majalengka (Structural-Semiotic Analysis)" is written to fulfill the exam session requirement of Education Magister of Sundanese Language and Culture Department. This study aims to determine the background, functions, structures, and symbols contained in Babarit Village tradition. This study used a descriptive method, framed in a structural-semiotic analysis to reveal the symbols contained in an offering that is used in Babarit village tradition ceremony. The techniques used in data collection are observation, interview, and documentation. The data were the Babarit Village tradition ceremony which is one of the traditions inherited by the ancestor of Waringin Village. This tradition is held annually before the harvest season and aims to avoid the rice fields from distress which results crop failure. Babarit Tradition at the Village is a picture of the village ancestor to show grateful to the almighty God so that He always bestows all the pleasures to people of Waringin Village. This traditional ceremony has three functions, namely the function of spiritual, social, and tourism development. In this tradition ceremony, there are two forms of provided offerings; 3 kinds of offerings in the form of tools and 16 kinds of offerings in the form of materials. The offerings is a grateful expression to the Almighty God and each offering has each symbol in it. In the end, this research was useful to increase knowledge about the Sundanese culture and expected to increase knowledge about the symbols contained in the Babarit Village Tradition.

(8)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... iv

PANGBAGÉA ... vi

DAPTAR EUSI... ix

DAPTAR SINGGETAN ... xii

DAPTAR TABÉL ... xiii

DAPTAR GAMBAR ... xiv

DAPTAR LAMPIRAN ... xv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan Masalah ... 3

1.3 Rumusan Masalah ... 4

1.4 Tujuan Panalungtikan... 4

1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.5.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.5.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.6 Raraga Nulis ... 5

BAB II ULIKAN TIORI TRADISI BABARIT JEUNG STRUKTURAL-SÉMIOTIK 2.1 Tradisi ... 6

2.1.1 Wangenan Tradisi ... 6

2.1.2 Fungsi Upacara Tradisi ... 7

2.1.3 Struktur Upacara Tradisi ... 8

2.1.4 Wanda Upacara Tradisi ... 9

2.1.5 Tradisi Salaku Bagian Tina Budaya ... 10

2.2 Babarit Désa ... 13

2.2.1 Wangenan Babarit ... 13

(9)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

2.2.3 Waktu jeung Tempat Pelaksanaan ... 14

2.2.4 Palaku dina Tradisi Babarit Désa ... 15

2.2.5 Pakakas dina Tradisi Babarit Désa ... 15

2.3 Struktural Sémiotik ... 15

2.3.1 Ulikan Struktural ... 16

2.3.2 Strukturalisme dina Ulikan Kabudayaan ... 16

2.3.3 Sémiotik ... 17

2.3.4 Sémiotik Modél Charles Peirce ... 18

2.3.5 Simbol dina Upacara ... 20

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data ... 22

3.1.1 Data Panalungtikan ... 22

3.1.2 Sumber Data ... 22

3.1.3 Lokasi Panalungtikan ... 23

3.1.3.1Lokasi Géografis ... 23

3.1.3.2Sosial, Budaya, jeung Ékonomi ... 23

3.2 Désain Panalungtikan ... 28

3.3 Métode Panalungtikan ... 29

3.4 Wangenan Operasional ... 30

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 30

3.6 Instrumén Panalungtikan ... 31

3.6.1 Alat Rékam... 31

3.6.2 Pedoman Wawancara ... 32

3.6.3 Pedoman Obsérvasi ... 32

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 33

BAB IV TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA 4.1 Kasang Tukang jeung Pungsi Upacara Tradisi babarit Désa ... 34

(10)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

4.1.2 Pungsi Upacara Tradisi Babarit Désa ... 35

4.2 Struktur Upacara Tradisi Babarit Désa ... 37

4.2.1 Tempat, Waktu, jeung Tata Cara Pelaksanaan Upacara Tradisi Babarit Désa ... 37

4.2.2 Pakakas atawa Properti dina Upacara Tradisi Babarit Désa ... 38

4.2.2.1Pakakas Waditra Mantun ... 38

4.2.2.2Pakakas dina Sasajen... 39

4.2.2.3Runtuyan Pelaksanaan Upacara Tradisi Babarit Désa ... 40

4.2.3 Para Pelaku dina Pelaksanaan Upacara Tradisi Babarit Désa ... 46

4.3 Déskripsi Simbol-simbol anu Nyampak dina Sasajén Tradisi Babarit Désa ... 46

4.3.1 Simbol dina Pakakas Sasajén ... 47

4.3.2 Simbol dina Bahan Sasajén ... 51

4.4 Pedaran ... 69

BAB V PANUTUP 5.1 Kacindekan ... 71

5.2 Saran ... 72

DAPTAR PUSTAKA ... 73

LAMPIRAN ... 77

(11)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Manusa disebut mahluk nu ngabogaan budaya sabab paripolahna kauger sarta dipangaruhan ku budi jeung akalna. Pikeun ngabédakeun antara manusa jeung mahluk séjénna bisa katitén tina paripolahna. Koentjaraningrat (1990, kc. 9) nétélakeun yén “kabudayaan asalna tina basa Sansekerta nya éta buddhayah, mangrupa wangun jamak tina budhi anu hartina budi atawa akal”. Jadi, kabudayaan bisa dicindekkeun sakumna gagasan, paripolah jeung hasil karya manusa dina tatanan kahirupan masarakat ku jalan diajar.

Unggal kabudayaan anu aya di masarakat tangtuna merlukeun prosés ngawariskeun ka unggal generasi sangkan éta kabudayaan téh tetep kajaga. Prosés ngawariskeun budaya anu sipatna turun-tumurun tur geus jadi kabiasaan di masarakatna disebut salaku tradisi. Ieu hal luyu jeung katerangan Esten (1999, kc. 60) anu nétélakeun yén ”tradisi nya éta kabiasaan turun-tumurun sakelompok masarakat nurutkeun ajén budaya”. Tapi teu sakabéh tradisi nu aya di masarakat salawasna bisa langsung diwariskeun tur ditarima ku generasi saterusna. Perlu ayana gawé bareng antara generasi kolot jeung generasi ngora pikeun prosés pewarisan éta tradisi. Ku ayana pintonan-pintonan, konsisténsi pelaksanaan acara, tur pelatihan-pelatihan mangrupa cara pikeun ngajaga pewarisan hiji tradisi. Masarakat Sunda miboga sababaraha tradisi nu dijaga sarta terus dimekarkeun ku masarakatna. Salasahiji tradisi anu aya di Sunda hususna di Désa Waringin Kacamatan Palasah Kabupatén Majaléngka nya éta Babarit Désa.

Ieu tradisi téh diayakeun pikeun acara-acara salametan. Saperti babarit pikeun salametan nikahan, salametan nu keur kakandungan, salametan lembur, jrrd. Tradisi Babarit Désa dilaksanakeun sataun sakali pikeun mapag panén. Sangkan panénna berhasil tur ngajauhkeun lembur tina mamala. Aya sababaraha acara dina Babarit Désa, nya éta tahlilan, mintonkeun carita pantun, sarta nyieun rujak bebek. Luyu jeung pamadegan Danadibrata (2006, kc. 45) nétélakeun yén

(12)

2

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

“Babarit nya éta dikir bareng, maksudna nyinglarkeun panyakit nular nu meujeuhna keur nerekab”. Nurutkeun Faturohman spk (2007, kc. 42-43) anu disebut ku babarit téh nya éta hajat nyalametkeun (salametan) lembur. Carana, salembur nyangu kawas rék lebaran, diantarana nya éta nyieun tumpeng jeung rupa-rupa bubur ketan. Dipupuhuan ku kokolot lembur, ngariung dihij tempat atawa ngajajar sisi-sisi jalan désa sanggeus kokolot nyeungeut menyan, terus ngadu’a supaya lembur reujeung pangeusina dijaga tina rupa-rupa musibat. Acara saterusna nya éta dalahar balakécrakan

Tradisi Babarit Désa kaasup kana tujuh unsur universal kabudayaan ku sabab ieu tradisi téh mangrupa sistem réligi jeung upacara kaagamaan sarta ngandung unsur kasenian. Salian ti unsur kabudayaan jeung kasenianana, dina Babarit Désa aya unsur séjén anu bisa dipedar, nya éta ajén palsapahna. Dina Babarit Désa aya ajén filosofis simbol jeung ajén mitos nu dipercaya ku masarakat, tur can kapaluruh sagemblengna. Naon-naon nu nyampak dina Babarit Désa tangtu miboga kasang tukang, maksud, jeung tujuan anu disilokakeun ngaliwatan simbol-simbol.

Pikeun nyangkem ma’na simbolik anu aya dina éta acara, tangtu waé kudu nyurahan ogé tanda-tandana. Demi élmu nu maluruh ngeunaan tanda nya éta sémiotik. Nurutkeun Zoest (1993, kc. 1), “sémiotik nya éta élmu nu maluruh ngeunaan tanda jeung sagala hal nu aya hubunganana jeung tanda”. Kiwari, widang sémiotik salaku élmu tanda beuki populér jeung beuki ngalegaan. Teeuw (2003, kc. 40) nétélakeun, yén “widang garapan sémiotik lain ngan semet ngulik élmu jeung sastra wungkul, tapi ogé aspék atawa pamarekan nu tangtu dina élmu seni (éstétika), antropologi budaya, filsafat, jeung nu lianna”.

Kaitanana antara budaya jeung sémiotika, Dumazier jeung Ripert (dina Zoest, 1993, kc. 124) nétéla keun yén “tingkat kabudayaan nya éta simbol-simbol aféktif, kognitif, jeung konatif anu ngahubungkeun manusa jeung dunya, masarakat jeung dirina sorangan dina mangsa peradaban nu tangtu”. Anu satuluyna Zoest (1993, kc. 124) ngadéfinisikeun “budaya salaku kaparigelan nu

(13)

3

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dipiboga ku masarakat pikeun mikanyaho, ngainterprétasikeun, jeung ngahasilkeun tanda-tanda”.

Sangkan ajén-ajén nu aya dina Babarit Désa kaungkab sagemblengna, perlu diulik ngagunakeun élmu struktural-sémiotik. Nurutkeun Teeuw (1984, kc. 135), struktural mangrupa sipat tina struktur. Ulikan anu didadasaran ku struktur disebut strukturalisme,anu asal kecapna”struktur”, hartina nya éta ayana hubungan anu tetep antara kelompok-kelompok gejala atawa unsur (elements). Ieu hubungan téh digelar ku panalungtik hasil tina pangamatan. Éta kaitan atau hubungan téh saéstuna anu nangtukeun sarta ngécéskeun saban-saban objék nu ditalungtik.

Panalungtikan ngeunaan Babarit kungsi dilakukeun ku Andri ti Prodi S2 Pendidikan Bahasa Indonesia nu judulna “Mantra Ritual Babarit: Nilai Budaya, Struktur, Konteks Penuturan, Proses Penciptaan, dan Fungsi serta Pelestariannya sebagai Bahan Ajar Apresiasi Sastra di SMA”. Ieu tésis téh medar ngeunaan mantra anu dipaké dina tradisi Babarit nu aya dina acara nikahan.

Sanajan objék anu ditalungtikna sarua ngeunaan Babarit, tapi ulikanana tangtu béda pisan. Dumasar kana kasang tukangna, panalungtikan anu bakal ditalaksanakeun téh ngeunaan tradisi Babarit Désa nu diayakeun di Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka saméméh musim panén. Dina ieu panalungtikan, teu saukur nalungtik prak-prakkan acarana wungkul, tapi ogé ngagambarkeun simbol/ma’na anu nyangkaruk dina éta acara nu satuluyna dipatalikeun jeung kahirupan mangsa kiwari. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Tradisi Babarit Désa di Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka (Ulikan Struktural-Sémiotik)”.

1.2Watesan Masalah

Pedaran ngeunaan unsur budaya anu aya dina tradisi Babarit Désa téh lega pisan ti mimiti sajarah, prak-prakan, ajén-inajénna, pakakas, prosés ngawariskeun, jeung sajabana. Ku kituna, sangkan pedaran téh henteu méngpar jeung lega

(14)

4

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

teuing, ieu panalungtikan téh baris diwatesanan nalungtik pungsi, struktur, jeung simbol-simbol nu aya dina sasajén nu dipaké dina upacara tradisi Babarit Désa.

1.3 Rumusan Masalah

Sangkan anu dianalisis jeung dipedar dina ieu panalungtikan puguh ambahanana, ieu di handap diébréhkeun rumusan masalahna.

1) Kumaha kasang tukang jeung pungsi tradisi Babarit Désa nu aya di Desa Waringin Kac. Palasah Kab. Majalengka?

2) Kumaha struktur upacara tradisi Babarit Désa nu aya di Desa Waringin Kac. Palasah Kab. Majalengka?

3) Simbol-simbol naon anu nyampak dina sasajén nu dipaké dina upacara tradisi Babarit Désa?

1.4Tujuan Panalungtikan.

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun acara Babarit Désa di Kecamatan Palasah Kabupatén Majalengka. Ari déskripsina ngawengku:

1) kasang tukang jeung pungsi upacara tradisi Babarit Désa; 2) struktur upacara tradisi Babarit Désa; jeung

3) simbol-simbol anu nyampak dina sasajén nu aya dina upacara tradisi Babarit Désa.

1.5Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh miboga mangpaat tioritis jeung praktis. Pedaran ngeunaan mangpaat tina ieu panalungtikan diébréhkeun di handap.

1.5.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan bisa nambahan pangaweruh ngeunaan paélmuan budaya Sunda, utamana pikeun aprésiasi budaya. Tina ieu

(15)

5

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

panalungtikan dipiharep bisa nyangking gemblengan jeung pungsi nu nyangkaruk dina upacara tradisi Babarit Désa.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan dipiharep boga mangpaat pikeun:

a. wisata budaya anu bisa dijadikeun asét daérah sangkan ngirut wisatawan lokal jeung deungeun;

b. ngamumulé budaya Sunda sangkan bisa diwariskeun ka unggal generasi; c. inventarisasi budaya pikeun kapentingan masarakat jeung pamaréntah; d. pangajaran seni budaya sangkan generasi ngora wanoh kana budayana.

1.6 Raraga Nulis

Raraga nulis dina ieu tésis, nya éta:

BAB 1: Bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah, watesan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan. Dina ieu bab, eusina ngeunaan kontéks tina masalah anu baris ditalungtik.

BAB 2: Ulikan tiori medar ngeunaan tiori-tiori anu aya patalina jeung acara Babarit Désa pikeun tatapakan analisisna.

BAB 3: Métode panalungtikan ngabahas ngeunaan métode panalungtikan, desain panalungtikan, sumber data, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, prosedur panalungtikan, téhnik ngumpulkeun, jeung analisis data.

BAB 4: Analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan. BAB 5: Kacindekan jeung Saran.

(16)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data 3.1.1 Data Panalungtikan

Wangun data dina ieu panalungtikan ngeunaan tradisi Babarit Désa di Désa Waringin Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka mangrupa rekaman vidéo prak-prakkan upacara, poto-poto prak-prakkan upacara jeung poto-poto pakakas jeung sasajén nu dipaké dina upacara Babarit Désa, sarta hasil wawancara.

3.1.2 Sumber Data

Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta kokolot Désa salaku pupuhu dina éta acara, narasumber-narasumber nu apal kana éta acara, hasil rekaman tina acara Babarit Désa di Désa Waringin Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka, jeung data ti masarakat Désa Waringin.

Tina pedaran di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan bisa dipasing-pasing kana tilu rupa, nya éta:

1) Jalma, mangrupa katerangan jeung hasil wawancara ti kokolot désa jeung masarakat Désa Waringin nu apal kana upacara Babarit Désa;

2) Tempat, nya éta di Désa Waringin mangrupa tempat lumangsungna upacara Babarit Désa; jeung

3) Kertas atawa dokumén, mangrupa catetan hasil wawancara, rekaman video, jeung poto-poto upacara Babarit Désa.

(17)

23

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

3.1.3 Lokasi Panalungtikan 3.1.3.1 Lokasi Géografis

Désa Waringin pernahna di Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka, legana 516.000 Ha/ , 35 mdl ti permukaan laut. Ieu désa téh pernahna di bagian Wétan Kalér (Tenggara) ti kabupatén Majalengka. Jarak ti Kabupatén ka Désa Waringin téh kurang leuwih 15 km. Daérah-daérah anu ngawatesan Désa Waringin nya éta:

1) Beulah kalér ngawates jeung Désa Karamat/Pasir Kacamatan Palasah; 2) Beulah kidul ngawates jeung Désa Tarikolot/Weragati Kacamatan Palasah; 3) Beulah kulon ngawates jeung Désa Leuweung Gedé Kacamatan Jatiwangi; 4) Beulah wétan ngawates jeung Désa Tarikolot/Pasir Kacamatan Palasah.

(Masriah, 2013, kc. 1)

Désa Waringin miboga tilu dusun, nya éta Linggawangi, Pangarangsari, jeung Tajurwangi. Ieu désa ogé miboga salapan RW, 44 RT, jeung salapan anggota BPD. Sacara umum, kaayaan lingkungan alam di Désa Waringin masih asri ku sabab masih loba kénéh sawah jeung kebon.

3.1.3.2 Sosial, Budaya, jeung Ékonomi Masarakat Désa Waringin

Medar ngeunaan penduduk, pakasaban, atikan, agama jeung kapercayaan, basa, sarta sistem pancakaki.

A. Penduduk

Nurutkeun data tina Masriah (2013, kc. 15) jumlah penduduk Désa Waringin nya éta 7.604 urang, lalaki aya 3.832 urang jeung awéwé aya 3.772 urang. Jumlah kapala kulawarga aya 2.338 KK. Tina jumlah penduduk nu sakitu téh geus kaasup penduduk nu ngumbara (pindahan ti daérah séjén) 33 urang, lalaki 23 urang jeung awéwé sapuluh urang. Demi wincikan jumlah penduduk dumasar kana klasifikasi umur bisa katitén ngaliwatan tabél di handap.

(18)

24

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

Tabél 3.1

Jumlah Penduduk Dumasar Klasifikasi Umur

UMUR JUMLAH

0-4 Taun 512

5-9 Taun 540

10-14 Taun 654

15-19 Taun 632

20-24 Taun 550

25-29 Taun 508

30-45 Taun 1.907

46-55 Taun 857

56-65 Taun 565

66-75 Taun 414

75 Taun ka luhur 465

Jumlah 7.604

Sumber: Profil Désa Taun 2013

B. Pakasaban

Masarakat Désa Waringin mangrupa masarakat agraris tradisional. Ku kituna, masarakat Désa Waringin umumna hirup tina hasil tatanén atawa tani. Salian ti tatanén, masarakat Désa Waringin ogé aya nu miboga pakasaban séjén saperti: PNS, buruh, dagang, karyawan, dukun, jeung sajabana.

Dumasar hasil sénsus kantor Désa Waringin taun 2013, perséntaseu rupa-rupa pakasaban masarakat Désa Waringin bisa katitén tina tabél di handap.

(19)

25

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

Tabél 3.2

Pakasaban Masarakat Désa Waringin

Pakasaban Jumlah

Patani 649

Buruh tani 366

Buruh Migran 8

PNS 74

Pengrajin Industri RT 8

Tukang dagang 145

Ternak 24

Montir 7

Perawat Swasta 10

TNI 3

POLRI 3

Pensiunan

PNS/TNI/POLRI 30

Pengusaha

leutik/menengah 24

Dukun kampong 1

Arsitéktur 1

Seniman/Artis 8

Karyawan perusahaan

swasta/pamaréntah 183

Pengrajin 235

Wiraswasta 210

(20)

26

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

C. Atikan

Dina widang atikan, masarakat Désa Waringin umumna sarakola. Ieu hal bisa katitén tina tamatan sakolana, nya éta SD/MI (3.303 urang), SMP (1.295 urang), SMA (613 urang), Diploma 1-3 (101 urang), tamat S1-S3 (76 urang), jeung SLB saurang.

Lobana jumlah ti tamatan sakola di ieu Désa alatan dirojong ku sarana jeung prasarana atikan anu aya. Sarana jeung prasarana atikan di Désa Waringin kawengku atikan formal jeung nonformal. Atikan formal kawengku tina Play Group aya hiji , TK aya opat, SD aya opat, jeung SMP aya hiji. Sedengkeun atikan nonformal kawengku RA (Raudhatul Athfal) aya tilu, MI (Madrasah Ibtidaiyah) aya tilu, jeung pondok pesantrén aya hiji.

D. Agama jeung Kapercayaan

Sakabéh masarakat Désa Waringin ngagem agama Islam. Pikeun ngarojong kana ibadahna, di Désa Waringin disadiakeun tempat ibadah anu mangrupa hiji masjid, 32 langgar, hiji pondok pesantrén, jeung genep TPA. Najan masarakat Désa Waringin kabéh ngagem agama Islam, masarakat Désa Waringin ogé masih percaya kana dunya klenik (élmu goib jeung ayana roh mahluk goib).

Éta kapercayaan téh bisa katitén tina paripolah masarakatna saperti datang ka tempat-tempat karamat jeung masih réana jalma anu sok tatamba ka jalma anu dianggap “bisa” nalika katerap kasakit katut hal-hal séjénna. Tapi sanajan masarakat Désa Waringin percaya ka nu hal-hal goib, kapercayaan masarakat Désa Waringin teu méngpar tina ajaran-ajaran agama Islam.

(21)

27

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

E. Basa

Basa nya éta sistem lambang sora nu arbitrér anu dipaké pikeun komunikasi manusa (Sudaryat, 2000, kc. 6).

Désa Waringin mangrupa Désa anu aya di tatar Sunda, pernahna di Kabupatén Majalengka. Ku kituna basa sapopoé anu digunakeun ku masarakat Désa Waringin nya éta basa Sunda. Tapi pikeun kulawarga anu pindahan utamana kulawarga anu asalna ti luar pulo Jawa Barat, biasana sok maké basa Indonésia, sarta lamun aya tamu anu teu bisa ngomong maké basa Sunda, masarakat Désa Waringin ogé sok ngagunakeun basa Indonésia.

F. Sistem Pancakaki

Sistem pancakaki di Désa Waringin miboga sipat parental. Hartina nya éta nyokot garis katurunan ti indung jeung ti bapa. Di kulawarga, bapa salaku kapala kulawarga. Rasa kakulawargaan masarakatna raket pisan sarta kaagamaana gedé pisan pangaruhna kana adat-istiadat masarakat Désa Waringin. Masarakat Désa Waringin ogé apal kana pancakaki/silsilah kulawarga. Rasa kakulawargaan di Désa Waringin karasa pisan, ieu hal bisa katitén tina sipat masarakat Désa Waringin anu masih miboga sipat silih asih jeung gotong-royong dina kahirupan sapopoéna, utamana lamun aya hiji acara atawa kagiatan di Désa.

(22)

28

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

3.2 Desain Panalungtikan

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

TUJUAN PANALUNGTIKAN

Mikaweruh jeung ngadéskripsikeun: 1) Struktur acara Babarit Désa;

2) Pakakas (properti) anu dipaké dina Babarit Désa;

3) Simbol-simbol anu nyampak dina acara jeung pakakas Babarit Désa.

NGUMPULKEUN DATA

Téhnik anu digunakeun dina ngumpulkeun data nya éta: 1)Téhnik obsérvasi;

2)Téhnik wawancara; jeung 3)Téhnik dokuméntasi.

ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI DATA

Anu dianalisis jeung didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta data ngeunaan:

1) Struktur acara Babarit Désa;

2) Pakaks nu aya dina Babarit Désa; jeung

3) Simbol-simbol nu aya dina acara jeung pakakas Babarit Désa.

KACINDEKAN

INSTRUMEN PANALUNGTIKAN: 1) Alat rekam

2) Pedoman observasi 3) Pedoman wawancara

(23)

29

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

3.3 Métode Panalungtikan

Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan kualitatif. Bogdan jeung Taylor (dina Muhammad, 2011, kc. 19) nétélakeun, yén “panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan nu hasilna data déskriptif mangrupa kekecapan tinulis atawa lisan tina tingkah polah jalma-jalma anu ditalungtik”. Dumasar jenisna, dina panalungtikan kualitatif aya anu disebut panalungtikan déskriptif. Panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu dilakukeun pikeun mariksa jeung ngukur gejala nu tangtu. Ieu panalungtikan kaasup kana panalungtikan déskriptif. Dina ieu panalungtikan, landasan tiori dibutuhkeun tapi teu digunakeun salaku dasar pikeun nangtukeun kritéria pengukuran kana gejala anu ditalungtik (Fathoni, 2006, kc. 97).

Satuluyna Danim (2002, kc. 41) nétélakeun, yén” panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu dilakukeun pikeun ngadéskripsikeun hiji kajadian atawa daérah populasi nu tangtu sarta mibanda sipat faktual sacara sistematis jeung akurat”. Saluyu jeung pamanggih Suyatna (2002, kc. 14), “métode panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dasar ku cara déskriptif wungkul; teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan/prédiksi, atawa teu nyangking ma’na implikasi”.

Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan, panalungtik kudu maké métode panalungtikan anu cocog. “Métode panalungtikan nya éta métode anu digunakeun nalika panalungtikan” (Fathoni, 2006, kc. 98). Satuluyna Arikunto (1996, kc. 150) nétélakeun, yén “métode panalungtikan téh nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan”. Dumasar kana tujuan nu hayang dihontal, métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. “Métode déskriptif nya éta métode anu digunakeun pikeun ngayakeun pemeriksaan jeung ngalakukeun pengukuran-pengukuran kana gejala émpirik anu ditalungtik” (Fathoni, 2006, kc. 100).

Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun simbol-simbol nu aya dina sasajén tradisi Babarit Désa. Ieu panalungtikan museur kana runtuyan, pakakas (properti), jeung simbol-simbol dina sasajén anu digunakeun.

(24)

30

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

3.4 Wangenan Operasional

Judul ieu panalungtikan nya éta “Tradisi Babarit Désa di Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka (Ulikan Struktural-Sémiotik). Sangkan aya gambaran, perlu dijéntrékeun wangenan operasional dina ieu panalungtikan, nya éta:

a. Tradisi, nya éta tradisi téh mangrupa kalakuan/paripolah anu dianggap bener jeung geus biasa dilakukeun ku masarakat sarta éta kabiasaan téh lumangsung sacara turun tumurun ti hiji generasi ka generasi saterusna;

b. Babarit Désa, nya éta upacara anu dilaksanakeun di désa Waringin Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka. Ieu upacara téh dilaksanakeun sataun sakali méméh usum panén pikeun nyinglarkeun mamala, hususna mamala anu ngabalukarkeun gagalna panén. Dina ieu upacara aya sababaraha acara anu dilaksanakeun nya éta tahlilan, mintonkeun carita pantun ngeunaan Déwi Sri, nyieun rujak babarit, jeung mayor. Ieu upacara Babarit Désa dilaksanakeun di Balé Désa.; jeung

c. Struktural-sémiotik nya éta salasahiji kajian anu dipaké pikeun medar simbol-simbol nu nyampak dina upacara Babarit Désa sacara terstruktur unsur-unsurna. Ieu unsur-unsur hasil tina pengamatan panalungtik pikeun ngécéskeun tanda-tanda jeung sagala hal anu aya dina upacara Babarit Désa.

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi.

a. Téhnik Obsérvasi

“Téhnik obsérvasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara niténan sarta nyatet hasil tina obsérvasi” (Fathoni, 2006, kc. 104). Ieu téhnik digunakeun pikeun meunangkeun data-data ngeunaan Babarit Désa sacara émpiris. Jadi panalungtik turun langsung ka lapangan;

(25)

31

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015 b. Téhnik Wawancara

Wawancara nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara prosés tanya jawab lisan saarah. Hartina pertanyaan ti pihak nu ngawawancara jeung jawaban ti pihak nu diwawancara” (Fathoni, 2006: 105). Ieu téhnik digunakeun pikeun néangan informasi langsung ti narasumber ngeunaan upacara Babarit Désa; jeung

c. Téhnik Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun kumaha prak-prakanana éta panalungtikan, jeung ngadokuméntasikeun naon waé anu aya jeung ditalungtik ti mimiti nepi ka ahir upacara Babarit Désa.

Dumasar kana téhnik di luhur, proses ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Pengamatan sarta ngumpulkeun data sacara obsérvasi langsung dina waktu aya acara Babarit Désa;

2) Ngadokuméntasikeun sarta inventarisasi data nu aya di lapangan; jeung 3) Ngayakeun wawancara ka para palaku jeung aprésiator acara Babarit Désa.

3.6 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta sakabéh alat atawa cara anu digunakeun dina panalungtikan. Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan, instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta mangrupa alat rékam, pedoman wawancara, jeung pedoman obsérvasi.

3.6.1 Alat Rékam

Alat-alat rékam anu dipaké salila panalungtikan nya éta kaméra digital jeung kaméra SLR.

a. Kaméra Digital

Kaméra digital digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun poto-poto struktur upacara Babarit Désa jeung pakakas atawa kalengkepan anu dipaké dina éta upacara; jeung

(26)

32

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015 b. Kaméra SLR

Kaméra SLR digunakeun pikeun ngarékam pidio struktur upacara Babarit Désa ti awal nepi ka ahir.

3.6.2 Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para palaku jeung narasumber-narasumber nu aya dina upacara Babarit Désa di Désa Waringin Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka sangkan meunangkeun informasi-informasi nu akurat ngeunaan éta upacara.

Aya ogé pertanyaan-pertanyaan anu dipaké dina pedoman wawancara nya éta: 1) Saha nami Bapa atawa Ibu téh sareng kalungguhan di ieu acara salaku naon? 2) Naon anu dipikanyaho ku Bapa/Ibu ngeunaan Babarit Désa?

3) Kumaha kasang tukang jeung fungsi acara Babarit Désa? 4) Naha aya ritual husus saacan jeung sabada prakna ieu acara? 5) Kumaha struktur upacara Babarit Désa téh?

6) Dimana digelarkeunna ieu acara? Naha di jero atawa di luar ruangan? 7) Iraha waktu pikeun ngayakeun upacara Babarit Désa?

8) Saha waé anu bisa miluan jeung saha waé anu teu meunang miluan dina ieu acara?

9) Naon waé pakakas atawa properti anu digunakeun dina upacara Babarit Désa? 10)Saha waé palaku nu aya di ieu acara?

11)Simbol-simbol naon waé nu aya dina struktur acara jeung pakakas Babarit Désa?

12)Kumaha prosés pewarisan ieu acara kanggo ka payunna?

3.6.3 Pedoman Obsérvasi

Pedoman obsérvasi anu digunakeun miboga pungsi pikeun niténan sacara langsung hal-hal anu aya kaitanana jeung upacara Babarit Désa ti mimiti nepi ka ahir. Hal-hal anu diobsérvasina nya éta:

(27)

33

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

a. lokasi dilaksanakeunna upacara Babarit Désa;

b. struktur upacara jeung pakakas anu dipaké dina Babarit Désa; jeung c. para palaku jeung peran-peranna dina éta upacara.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data ngagunakeun téhnik analisis unsur langsung ka lapangan dibantuan ku métode Hermeneutika. “Sacara historishermeneutika mangrupa bagian tina filsafat. Sacar léksikal hermeneutika asal kecapna tina hermeneuen anu hartina nafsirkeun” (Kutha, 2010, kc. 312). Jadi ieu métode digunakeun pikeun nafsirkeun hal-hal anu nyampak tina data-data anu hasil panalungtikan dina upacara Babarit Désa. Di handap diébréhkeun léngkah ngolah data, nya éta:

a. mariksa sarta niténan data-data anu geus kakumpulkeun; b. milihan data nu kapaké pikeun nyusun laporan;

c. nganalisis jeung ngadéskripsikeun data; jeung d. nyindekeun tina data nu geus kapaluruh.

(28)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana pedaran dina bab saméméhna, bisa dicindekkeun opat hal anu patali jeung tradisi Babarit Désa saperti ieu di handap.

1) Tradisi Babarit Désa dilaksanakeun di Désa Waringin Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka. Ieu tradisi mangrupa salasahiji upacara penting nu kudu dilaksanakeun ku Kuwu anu keur ngajabat di éta Désa.

2) Acarana Babarit Désa dilaksanakeun sataun sakali saméméh usum panén. Ku kituna, ieu acara sok disebut “Babarit melak paré”. Tujuan diayakeunana ieu upacara nya éta sangkan sawah-sawah anu aya di Désa Waringin disinglarkeun tina mamala anu bakal ngabalukarkeun gagalna panén.

Tradisi Babarit Désa miboga fungsi anu kawilang penting pikeun kahirupan masarakat Désa Waringin. Fungsi ti ieu acara nya éta mangrupa gambaran rasa sukur masarakat Désa Waringin ka Allah SWT, ngamumulé warisan budaya karuhun, sarta hal anu penting nya éta pikeun ngajaga rasa gotong royong jeung rasa sauyunan unggal masarakat Désa Waringin. Ieu fungsi-fungsi téh nyoko kana fungsi-fungsi upacara tradisional salaku fungsi-fungsi spiritual, sosial, jeung pikeun kamekaran pariwisata.;

3) Struktur upacara anu dilaksanakeun dina upacara Babarit Désa bisa katempo tina tempat, waktu, tata cara pelaksanaan, pakakas, jeung para palaku pelaksanaan upacara Babarit Désa. Struktur runtuyan acarana nya éta ngadu’a, mantun (ngadongéngkeun sajarah paré), nyieun rujak babarit, jeung mayor (dahar balakécrakan bareng). Unggal struktur acara leubeut ku ajén-inajén anu bisa kacangkem tur dijadikeun cecekelan dina kahirupan sapopoé;

4) Aya dua rupa sasajén anu kapanggih dina upacara tradisi Babarit Désa. Sasajén, nya éta tilu rupa pakakas sasajén jeung 16 rupa bahan sasajén. Unggal sasajén miboga simbol-simbol husus nu aya patalina jeung kahirupan

(29)

72

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA

manusa. Sacara umum, sasajén mangrupa simbol rasa sukur tina hasil alam anu aya di Désa Waringin. ari tujuanana sangkan panén anu saterusna bakal sarua leuwih alus jeung mulus rahayu ti saméméhna.

5.2 Saran

Sabada nalungtik ngeunaan tradisi Babarit Désa, karasa loba pisan mangpaatna pikeun panyusun. Di sagigireun ngaguar tradisi, ogé bisa nambahan élmu pangaweruh kana widang agama. Tétéla geuning, acara anu dianggap sakral téh miboga ajén-inajén kaagamaan anu luhung dina simbol-simbolna.

Sangkan ajén kamangpaatan tina ieu acara téh bisa karasa ku sakumna pihak, panalungtik hayang nepikeun saran, nya éta:

1) Pikeun pihak lembaga atikan, ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun alternatif bahan ajar, sabab di jerona leubeut ku ajén-inajén atikan hususna ajén kabudayan;

2) Pikeun pihak masarakat, tradisi Babarit Désa téh mangrupa tradisi anu diwariskeun ti para karuhun urang Sunda hususna karuhun Désa Waringin, ogé miboga ajén positif di jerona. Ku kituna, ieu acara ulah nepi ka mawa pikiran masarakat kana kamusrikan jeung ieu tradisi kudu dimumulé tur dilaksanakeun unggal taun;

3) Pikeun pihak penyelenggara, lian ti ajén positif, dina ieu acara téh sumebar ogé kapercayaan-kapercayaan jeung mitos anu geus némpél dina diri masarakat. Ku kituna, ka pihak penyelenggara dipiharep bisa ngalelempeng paradigma sangkan henteu ngahudangkeun sikep “penyimpangan akidah” di masarakat sarta bisa ngawariskeun ieu budaya ka generasi saterusna;

4) Pikeun lembaga panalungtikan, panyusun ngarasa ieu panalungtikan téh jauh kénéh tina kasampurnaan. Ku kituna, kacida hadéna upama panalungtikan samodél kieu dituluykeun deui dina widang ulikan séjénna deui sangkan leuwih loba mangpaat tina ieu panalungtikan.

(30)

73

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

DAPTAR PUSTAKA

Arifin, Z. (1997). Ekspresi Semiotik. Jakarta: Departemen P&K. Arikunto, S . (2009). Manajemen Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Badudu, J spk. (1996). Kamus Umum Bahasa Indonesia. Jakarta: Pustaka Sinar Harapan.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat. Dananjadja. (2002). Folklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti. Danim, S. (2002). Menjadi Peneliti Kualitatif. Bandung: Pustaka Setia.

Esten, M. (1999a). Kajian Transformasi Budaya. Bandung: Percetakan Angkasa

Esten, M. (1999b). Desentralisai Kebudayaan. Bandung: Percetakan Angkasa. Fathoni, A. (2006). Metodologi Penelitian dan Teknik Penyusunan Skripsi.

Jakarta: Rineka Cipta.

Faturohman, T spk. (2007). Pamager Basa XI. Bandung: CV. Geger Sunten & PT. Tiga Serangkai Pustaka Mandiri.

Hoed, H. (2011). Semiotik dan Dinamika Sosial Budaya. Depok: Komunitas Bambu.

Koentjaraningrat. (1981). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Aksara Baru. Koentjaraningrat. (1990). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta.

(31)

74

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

Kutha, N.R. (2010). Metodologi Penelitian Kajian Budaya dan Ilmu Sosial Humaniora Pada Umumnya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Koswara, D. (2003). Racikan Sastra (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Lubis, H.N spk. (2011). Sejarah Kebudayaan Sunda. Bandung: Yayasan Masarakat Sejarawan Indonesia.

Luxemburg, J.V. (1992). Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta: PT. Gramedia.

Masriah I. (2013). Format Laporan Profil Desa dan Kelurahan. Majalengka: Badan Pemberdayaan Masyarakat Desa, Perempuan dan Keluarga Berencana (BPMDPKB).

Muhammad. (2011). Paradigma Kualitatif Penelitian Bahasa. Yogyakarta: Liebe Bokk Ekspres.

Noviadi, A. (2012). Mantra Ritual Babarit: Nilai Budaya, Struktur, Konteks Penuturan, Proses Penciptaan, dan Fungsi serta Pelestariannya sebagai Bahan Ajar Apresiasi Sastra di SMA. Tesis, Sekolah Pascasarjana Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Nur Amalia, E. (2013). Simbol-simbol dina Upacara Tradisi Guar Bumi di Blok Kampek Désa Salawana Kacamatan Dawuan Kabupatén Majalengka pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII. Skripsi Sarjana, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Panitia Kamus LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

(32)

75

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

Pateda, M. (2001). Semantik Leksikal. Jakarta: Rineka Cipta.

Pradopo, R.D. (1995). Beberapa Teori Sastra, Metode, Kritik, dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rakhman, F. (2014). Carita Wayang Rahwana Pejah (Tilikan Struktur jeung Psikologi Sastra). Tesis, Sekolah Pascasarjana Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Ranjabar, J. (2006). Sistem Sosial Budaya Indonesia Suatu Pengantar. Bogor: Ghalia Indonesia.

Rosidi, A spk. (2000). Ensiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Rosidi, A spk. (2008). Kujang, Bedog, dan Topeng. Bandung: Yayasan Pusat Studi Sunda.

Rosidi, A. (1970). Tjarita Sri Sadana atau Sulandjana. Bandung: Proyek Penelitian Pantun.

Rosyiati, A spk. (1995). Fungsi Upacara Tradisional Bagi Masyarakat Pendukungnya. Bandung: Depdikbud, Dirjen Sejarah dan Nilai Tradisional Proyek Penelitian, Pengkajian, dan Pembinaan Nilai-nilai Budaya Jawa Barat.

Sobur, A. (2001). Analisis Text Wacana. Jakarta: Gramedia. Sudaryat, Y. (2000). Élmuning Basa. Bandung. Walatra.

Sufia, V.H. (2011). Fungsi Simbol dina Acara Tradisi Ruatan Bumi di Kampung Banceuy Kecamatan Ciater Kabupaten Subang. Skripsi Sarjana, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

(33)

76

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

Sumardjo, J. (2000). Filasafat Seni. Bandung: Pustaka Setia.

Suyatna, A. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung: Jurusan Pndidikan Pendidikan Bahasa Daerah UPI.

Teeuw, A. (2003). Sastera dan Ilmu Sastera. Jakarta: Pustaka Jaya.

Universitas Pendididkan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI PRESS

Dokumen yang terkait

SENI BELUK DI DÉSA RANCAKALONG KACAMATAN RANCAKALONG KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Ulikan Struktural jeung Sémiotik.

1 10 38

KASENIAN GENYÉ DI KABUPATÉN PURWAKARTA : Ulikan Struktural Sémiotik jeung Étnopédagogik.

0 26 19

ADEGAN PUPUJIAN DI DÉSA SIRNASARI KACAMATAN SURADÉ KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP (ULIKAN STRUKTURAL).

1 49 31

UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 21 32

ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA DI DÉSA CIMINDI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI PUISI DI SMA KELAS X.

4 37 43

SIMBOL-SOMBOL KASENIAN GOONG RÉNTÉNG DI DÉSA CISARUA KACAMATAN CISARUA KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII: Ulikan Sémiotik.

1 34 33

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA : Ulikan struktural-sémiotik - repository UPI T BD 1202201 Title

0 0 3

SENI BELUK DI DÉSA RANCAKALONG KACAMATAN RANCAKALONG KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Ulikan Struktural jeung Sémiotik - repository UPI S BD 1104617 Title

0 0 4

AJÉN RÉLIGI DINA KASENIAN HADRO DI DÉSA BOJONG KACAMATAN BUNGBULANG KABUPATÉN GARUT: Tilikan Sémiotik - repository UPI S BD 1205197 Title

0 2 3

TRADISI HAJAT BUMI DI DÉSA JAGABAYA KACAMATAN PANAWANGAN KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA: Ulikan Sémiotik - repository UPI S BD 1205378 Title

0 1 3