S BD 1002623 Chapter3
26
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Métode Panalungtikan
Unggal panalungtikan tangtuna waé kudu dirojong ku métode-métode anu
luyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Métode anu dipaké bakal mangaruhan kana
léngkah-léngkah panalungtik dina ngumpulkeun jeung ngolah datana. Métode anu
dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode gawé filologi édisi naskah tunggal
ngaliwatan édisi naskah standar. Dina ngaguar struktur jeung eusi téks tina naskah
Palintangan, panalungtik ngagunakeun métode deskriptif-analitis.
Ieu panalungtikan maké éta métode naskah tunggal (codex unicus) ngaliwatan
édisi naskah standar (editio criticia). Édisi standar nya éta migawé transliterasi ku
cara ngoréksi tulisan anu henteu konsistén atawa kasalahan-kasalahan leutik
séjénna dumasar kana palanggeran éjahan, sarta nyieun tafsiran kana bagéan anu
sakirana perlu dipedar. Ieu hal dimaksudkeun sangkan nu maca leuwih gampang
dina maca jeung mikaharti eusi téks (Baried, 1985, kc. 69).
Métode déskriptif nya éta métode panalungtikan anu miboga tujuan pikeun
ngungkabkeun hiji fakta émpiris sacara objéktif tur ilmiah. Ieu métode dumasar
kana logika paélmuan, prosedur, tur kudu nyoko kana métodologi katut kajian
tiori anu saluyu jeung disiplin élmuna (Mukhtar, 2013, kc. 29).
3.2 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan nya éta gambaran atawa sawangan ngeunaan prosés
pnalungtikan anu rék dilaksanakeun. Kerlinger (dina Mukhtar, 2013, kc. 40) méré
wangenan yén desain panalungtikan (research plan) téh nya éta rencana jeung
struktur panalungtikan anu disusun sangkan panalungtik bisa meunangkeun
jawaban tina pertanyaan-pertanyaan panalungtikan. Desain panalungtikan
ngébréhkeun prosés dina nyieun rencana katut prak-prakanna panalungtikan. Ieu
di handap dipedar desain panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan.
DENA SETIAWAN, 2014
TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
27
Gambar 3.1
Desain Panalungtikan Naskah Palintangan
NASKAH
TRANSLITERASI
TARJAMAHAN
SUNTINGAN
NGOLAH DATA
KAJIAN TÉKS
NYIEUN
KACINDEKAN
3.3 Sumber data
Sumber data nya éta sajumlahing informasi atawa data-data anu sakirana bisa
dipaké ku panalungtik pikeun dijadikeu sumber primer atawa sekunder (Mukhtar,
2013, 107). Sumber data bisa dimeunangkeun ti lembaga, subjék informan, jeung
hasil dokuméntasi lembaga. Data-data anu dimeunangkeun kudu dipilah-pilah
heula disaluyukeun jeung kabutuhan panalungtikan.
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta Naskah Palintangan. Ieu naskah
mangrupa koléksi Iis Sugiarti ti Jatiwangi, Majaléngka. Ieu naskah ditulis dina
basa Sunda-Cirebon kalawan maké aksara Cacarakan. Kertas anu dipaké nya éta
kertas pabrik, kandelna 68 kaca sarta teu kapanggih watermark dina kertasna. Ieu
sumber data dijadikeun sumber utama.

28
3.4 Wangenan Operasional
Ieu di handap dipedar istilah-istilah anu patali jeung ieu panalungtikan, nya
éta:
1.
Transliterasi nya éta ngaganti jenis tulisan, ti aksara nu hiji ka aksara séjénna
tapi hentu ngarobah basa jeung eusina. Istilah transliterasi ngan dipaké pikeun
nalungtik naskah.
2.
Kajian téks nya éta kagiatan nala’ah atawa neuleuman kandungan eusi dina
jero naskah. Téks diwincik jadi dua bagian, nya éta eusi (ide atawa amanat),
jeung wangun (bungkeuleukan tulisan anu rék dibaca atawa dipaluruh).
3.
Naskah nya éta karangan anu maké tulisan asli. Baheula, naskah sok ditulis
dina daun lontar, kawung, nipah, atawa kalapa. Alat tulis nu dipakéna péso
pangot. Daluang jeung kertas Éropa mulai dipaké kurang leuwih abad ka-19,
pakakas tulisna nya éta kalam kalawan maké mangsi hideung.
4.
Palintangan nya éta élmu pangaweruh pikeun nangtukeun hadé-goréng dina
migawé hiji kagiatan anu nyoko kana prosés itung-itungan, boh naktu, boh
pasaranna, jrrd. Palintangan ogé sok disebut paririmbon.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Dina unggal panalungtikan pasti diperlukeun instrumén pikeun meunangkeun
sumber data anu diperlukeun pikeun lumangsungna panalungtikan Instrumén
panalungtikan nya éta alat anu dipaké pikeun ngumpulkeun sajumlahing informasi
anu dipikawanoh minangka data panalungtikan (Mukhtar, 2013, kc. 109).
Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara pikeun
meunangkeun naskah. Sedengkeun alat anu dipaké nya éta kamera pikeun
ngadokuméntasikeun naskah. Ieu di handap dipidangkeun pedoman wawancara
anu dipaké dina ieu panalungtikan.

29
Pedoman Wawancara
1. Ti saha jeung di mana éta naskah dimeunangkeun?
2. Naha aya sarat-sarat atawa ritual husus pikeun bisa ngapimilik naskah?
3. Kumaha kalungguhan éta naskah dina kahirupan masarakat?
4. Naon fungsi éta naskah? Naha nepi ka kiwari masih dipaké atawa henteu?
5. Naha aya ritual husus pikeun ngariksa éta naskah?
6. Naha aya carita husus anu patali jeung éta naskah?
3.6 Téhnik Panalungtikan
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data panlungtikan nya éta téhnik
observasi (studi lapangan), wawancara (interview), dokuméntasi, jeung studi
pustaka. Téhnik observasi jeung wawancara dipaké pikeun néangan naskah anu
aya di masarakat atawa individu anu miboga koléksi naskah. Naskah anu
kapanggih tur luyu pikeun jadi bahan panalungtikan difoto (studi dokuméntasi
gambar). Ieu prosés dipilampah sangkan henteu hésé dina prosés maca katut
migawé transliterasi téksna. Sedengkeun studi pustaka dipaké pikeun ngeuyeuban
data anu patali jeung garapan panalungtikan.
Léngkah anu dipaké mimiti pikeun ngumpulkeun data nya éta maca naskah
Palintangan. Léngkah anu saterusna nya éta migawé transliterasi naskah. Sabada
ditransliterasi, naskah ditarjamahkeun kana basa Sunda ngarah leuwih kaharti.
3.6.2 Téhnik Ngolah Data
Pikeun maluruh eusi naskah Palintangan ieu, téhnik anu dipaké pikeun
ngolah data nya éta téhnik ngolah data naskah tunggal ngaliwatan édisi naskah

30
standar. Léngkah-léngkah anu dipilampah nya éta: 1) klasifikasi data (ngolomngolomkeun data), 2) nganalisis data, 3) prosés nafsirkeun data, jeung 4)
ngadéskripsikeun data.