S BD 1006457 Chapter1
1
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Sastra mangrupa karya tulis nu miboga unsur éstétika, nu ngagunakeun
basa salaku medium utamana. Dina karya sastra pangarang ngaekspresikeun
rasana ngaliwatan runtuyan basa anu endah tur pinuh ku ma’na, ieu hal luyu jeung
pamadegan Isnendes (2010, kc. 6) nu nétélakeun yén sastra nya éta potensi basa
nu ngaronjat tina segi ma’na, ku kituna basa-basa sastra mah ambigu; konotatif;
henteu sajalantrahna; henteu saujratna, aya hal-hal nu dikemu salian ti harti
kahijina (meaning; leksikal). Sastra nya éta hiji karya tinulis nu méré hiburan
jeung ditepikeun ngaliwatan basa nu unik, éndah tur artistik sarta nyangkaruk
ajén-ajén kahirupan jeung moral nu bisa ngahudangkeun pangalaman, kasadaran,
moral, spiritual jeung emosi nu maca (Minderop, 2011, kc. 76).
Mun disawang tina waktu gelarna sastra dibagi jadi dua nyaéta, sastra
buhun jeung sastra modern. Gendre sastra Sunda buhun diantarana carita pantun,
wawacan, sisindiran, jeung kakawihan, sedengkeun sastra Sunda modern mah
nya éta sajak, prosa, jeung drama. Anu jadi objek dina ieu panalungtikan nyaéta
karya sastra wangun drama. Nu kaasup garapan sastra dina wangun drama nya éta
naskahna, naskah anu jadi dadasar pintonan drama.
Naskah drama mangrupa karangan sastra nu eusina dialog tokoh anu
ngaguluyur ngawangun hiji jalan carita, nu engkéna dijieun hiji pintonan drama,
ieu hal luyu jeung pamadegan Isnendes (2010, kc. 21) nu nétélakeun yén drama
atawa carita drama nya éta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon
dina wangun dialog, ajangkeuneun dilalakonkeun ku aktor dina pintonan drama.
Naskah drama kaasup karya sastra nu teu pati loba diguar jeung teu pati
loba dipigandrung lamun dibandingkeun jeung jenis karya sastra séjénna. Ieu hal
bisa katitén saeutikna panaluntikan ngeunaan naskah drama, sarta tulisan dina
wangun naskah drama ogé teu saloba carpon, sajak, jeung novel. Naskah drama
teu saukur bisa dibaca sakumaha umumna karya sastra, jalan carita dina drama
bisa katempo gerakna, karasa ringkakna jeung kadangu sorana, nalika hiji naskah
NENDEN POPI NURASYIAH, 2014
Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2
drama geus diperankeun ku aktor jadi hiji pintonan drama. Drama bisa dijadikeun
salasahiji media pikeun miara basa, utamana basa Sunda, ku wangun drama nu
audio visual, carita jeung basa dina drama bisa dilenyepan ku bungkusan nu
leuwih ngirut.
Ulikan dina ieu panalungtikan nya éta, naskah drama “Pajaratan Cinta”
karya Dhipa Galuh Purba, nu eusina nyaritakeun sapasang manusa nu hayang
ngurebkeun cintana di tempat nu dipercaya bisa ngamusnakeun cinta, nya éta
“Pajaratan Cinta”. Naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba ieu
kungsi jadi naskah pilihan FDBS, nu dialpukahan ku Teater Sunda Kiwari taun
2012, sakaligus jadi pintonan drama pinujul dina éta pasanggiri, nu dibawakeun
ku Teater Lorong Subang.
Naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba mangrupa
naskah tema cinta nu dibungkus ku jalan carita nu bener-bener unik, imajinatif,
jeung ngagunakeun basa-basa kiasan nu beuki ngahirupkeun carita. Hal ieu teu
leupas ti kaparigelan pangarang dina ngaekspresikeun eusi carita ngaliwatan
susunan dialog-dialog di antara lakon caritana. Tétéla dina hiji drama, dialog
mangrupa situasi basa nu kacida pentingna, tapi Hasanudin (1996, kc. 99)
nétélakeun garapan basa dina karya sastra henteu ngan saukur dialogna wungkul
tapi ogé kudu merhatikeun basa nu dipaké ku pangarang nu jadi situasi basa.
Leuwih merenahna nu dimaksud garapan basa di dieu nya éta nu biasa disebut
style atawa gaya. Gaya nya éta cara pangarang ngagunakeun basa dina karya
sastra.
Ngaguar ngeunaan gaya dina karya sastra moal leupas ti kaparigelan
pangarang ngagunakeun basa salaku medium utama, kumaha kaparigelan
pangarang milih kekecapan sangkan masalah-masalah atawa naon anu dimaksud
dina alur carita bisa leuwih kaekspresikeun jeung katepikeun. Tarékah pikeun
maham garapan basa dina karya drama sakumaha dina karya sastra séjénna
biasana leuwih popular maké istilah kajian stilistika. Nu dimaksud stilistika nya
éta élmu anu maluruh ngeunaan dipakéna basa, rakitan basa jeung gaya basa dina
hiji karya sastra (Tamsyah, 1999, kc. 237)

3
Gaya basa nya éta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa
nimbulkeun pangaruh (efek) anu leleb karasana kanu maca atawa nu
ngadéngékeun, ku cara ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén (Sudaryat,
2010, kc. 123). Gaya bahasa adalah unsur karya sastra sebagai akibat cara
penyusunan bahasa sehingga menimbulkan aspek estetis Ratna (2013, kc. 416).
Nurutkeun Keraf (1984, kc. 129) gaya basa dumasar kana langsung henteuna
ma’na dibagi jadi dua golongan nyaéta gaya basa retoris jeung gaya basa kiasan.
Ieu biasa disebut trope atawa figure of speech nu hartina penyimpangan atawa
pembalikan, nu miboga pungsi ngajelaskeun, nguatkeun, ngahirupkeun, atawa
pikeun hiasan.
Dilarapkeunna ciri has gaya basa hiji tokoh ngaliwatan ucapan-ucapan,
dialog-dialog dina drama mangrupa salasahiji hal anu penting diperhatikeun ku
pamaca atawa penikmat drama, lantaran ngaliwatan gaya basa nu dipaké ku
tokoh-tokoh dina jalan carita, urang bisa leuwih wanoh kana karakter tokohna.
Salah sahiji tarékah maham drama nyaéta ku cara niténan atawa merhatikeun ciri
has gaya basa tokoh-tokoh nu diwangun ku pangarang. Tapi dina panalungtikan
sastra, kaasup téks drama, tarékah pikeun maham gaya basa dianggap kurang
penting jeung lain hal nu utama, lantaran situasi basa utama dina drama nyaéta
mangrupa dialog. Ku kituna sanajan maké basa tulis tapi tuturan lisan dina basa
langsung tetep leuwih dominan dina drama dibandingkeun jeung fiksi, padahal
basa (kaasup dijerona gaya basa) mangrupa pangwangun karya sastra nu kawilang
penting pisan (Hasanudin, 1996, kc. 100).
Dumasar pedaran-pedaran di luhur nu jadi kasang tukang dipilihna naskah
drama “Pajaratan Cinta” jadi objek panalungtikan, lantaran ieu naskah téh
mangrupa naskah pinujul karya Dhipa Galuh Purba nu bener-bener parigel dina
ngulinkeun basa. Salian ti éta, nu ngulik gaya basa dina naskah drama kawilang
langka padahal gaya basa mangrupa salasahiji kabeungharan basa nu pinuh ku
ajén jeung ma’na nu nyampak ogé dina karya sastra drama, nu di mana bisa
nambahan pangaweruh ngeunaan basa jeung sastra.
Aya sabaraha panalungtikan saméméhna ngeunaan gaya basa di Jurusan
Pendidikan Basa Daerah, diantarana nu nalungtik gaya basa dina novel Widya

4
Nur Fajrih nu judulna “Gaya Basa dina Novel Puputon Karya Aam Amalia”
(2009), aya ogé nu kungsi nalungtik gaya basa dina sajak nya éta, Hari Ramdani
nu judulna “Gaya Basa dina Kumpulan Sajak Lagu Hujan Silampang Karya Etty
R.S” taun (2005), kitu ogé dina carpon geus aya sababaraha urang nu nalangtik,
salah sahijina Syamsudin nu judulna “Gaya Basa Dina Kumpulan Carpon Oknum
Karya Hadi Aks (2005).
Di Jurusan Pendidikan Basa Sunda kungsi ogé aya sababaraha anu
nalungtik ngeunaaan drama, diantarana “Analisis Naskah Drama “Meredong”
Karya Rosyid E. Abby Saduran tina Naskah Drama Ke Karya Yudhistira ANM
Massardi (Ulikan Semiotik)” nu ditalungtik ku Sanjani taun 2012, terus Hendi
Perdiansyah kungsi nalungtik “Ajén Moral dina Naskah Drama “Cucunguk”
Karya Yoseph Iskandar” taun 2007 jeung Asri Afriliani kungsi nalungtik “Aspék
Sosiologi Naskah Drama “Cempor” Karya R. Hidayat Suryalaga: Tilikan
Strukturalisme” Genetik taun 2007.
Panalungtikan gaya basa dina karya sastra lolobana nganalisis gaya basa
dina novel, carpon jeung sajak, kitu ogé dina panalungtikan anu maké naskah
drama, can aya nu nalungtik ngeunaan gaya basana. Ku kituna, dumasar
tinimbang-tinimbang di luhur, ieu panalungtikan ngeunaan Analisis Naskah
Drama “Pajaratan Cinta” Karya Dhipa Galuh Purba (Tilikan Struktural &
Stilistika) perlu dilaksanakeun.
1.2 Identifikasi Masalah
Identifikasi masalah dina ieu panalungtikan nya éta, analisis gaya basa nu
aya dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba, dumasar tiori
gaya basa Keraf (1998), ngawengku gaya basa dumasar langsung henteuna ma’na
nya éta, gaya basa retoris: aliterasi, asonansi,asidenton, ellipsis, eufemismus,
pleonasmeu, jeung hiperbola, sarta gaya basa kiasan: simile, metafora,
personifikasi, alusi, metonimia, jeung satire.

5
1.3 Rumusan Masalah
Patali
jeung
panalungtikan,
aya
sababaraha
masalah
anu
perlu
dirumuskeun, nya éta:
1) kumaha struktur drama dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa
Galuh Purba?;
2) gaya basa naon waé nu nyampak dina naskah “Pajaratan Cinta” karya Dhipa
Galuh Purba?;
3) kumaha ma’na gaya basa kiasan nu nyampak dina naskah drama “Pajaratan
Cinta” karya Dhipa Galuh Purba?;
1.4 Tujuan Panalungtikan
1.4.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho struktur,
gaya basa jeung ma’na tina gaya basa nu aya dina karya sastra, hususna naskah
drama.
1.4.1 Tujuan Khusus
Tujuan dina ieu panalungtikan nya éta, pikeun mikanyaho jeung
ngadeskripsikeun:
1) struktur drama nu aya dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa
Galuh Purba;
2) gaya basa naon waé nu aya dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa
Galuh Purba;
3) ma’na gaya basa nu aya dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa
Galuh Purba;
1.5 Métode Panalungtikan
Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif
analisis. Metode deskriptif analisis, nya éta metode nu dilakukeun ku cara
ngadeskripsikeun fakta-fakta, nu satuluyna disusul ku analisis (Ratna, 2013, kc.
53). Prosedur métode déskriptif nya éta analisis, interprétasi, jeung évaluasi.

6
1.6 Mangpaat Panalungtikan
1.6.1 Mangpaat Téoritis
Mangpaat téoritis dina ieu panalungtikan nyaéta sangkan bisa méré
sumbangan élmu dina hal kasusastraan jeung kabasaan, hususna dina karya sastra
drama.
1.6.1 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan, nya éta:
1) méré informasi ngeunaan struktur carita dina naskah drama;
2) méré informasi ngeunaan gaya basa naon waé nu dipaké dina hiji naskah
drama;
3) méré informasi ngeunaan ma’na-ma’na gaya basa nu aya dina hiji naskah
drama;
4) bisa jadi referensi ngeunaan matéri gaya basa nu dipaké dina karya sastra;
1.7 Anggapan Dasar
Anggapan dasar dina ieu panalungtikan nya éta:
1) gaya basa bisa kapanggih dina karya sastra;
2) naskah drama mangrupa salasahiji jenis karya sastra;
3) dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba kapanggih
sababaraha gaya basa;
1.8 Raraga Nulis
BAB I ngawengku kasang tukang masalah, idèntifikasi masalah, rumusan
masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, mètode
jeung sarta sistematika nyieun skripsi.
BAB II ngawengku tiori ngeunaan drama, gaya basa jeung stilistika.
BAB III ngawengku mètode panalungtikan, wangenan operasional, instrument
panalungtikan jeung teknik ngolah data.
BAB IV ngawengku analisis data

7
BAB V ngawengku kacindekan jeung saran kana panalungtikan anu geus
dilaksanakeun.