S BD 1102418 Chapter3

(1)

Elsa Agustyn, 2015

KASENIAN CALUNG ‘GROUP TRIYASA’ DI KOTA SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

BAHASAN D I SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu 21

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun ku panalungtik nya éta métode kualitatif. Métode kualitatif nya éta panalungtikan anu sumber datana mangrupa kecap-kecap dina wangun lisan atawa tulisan, panalungtikan ditalungtik napi ka hal leutik sangkan nyangking ma’na sabenerna (Moleong dina Arikunto, 2010, kc. 22). Nurutkeun Moleong (1989, kc. 2) métode panalungtikan kualitatif miboga sababaraha pamarekan nya éta inkuiri naturalistik, etnografi, interaksionis simbolik,

perspektif, etnometodologi, “the chicago school”, fenomenologis, studi kasus,

interpretatif, ekologis, jeung deskriptif. Dina ieu panalungtikan, métode pamarekan anu digunakeun ku panalungtik nya éta pamarekan etnografi. Pamarekan etnografi nurutkeun Moleong (2007, kc. 25) nya éta panalungtikan ngeunaan studi anu nyoko kana kabudayaan. Pamarekan etnografi nempatkeun panalungtik dina niténan sarta maham sacara langsung kana objék anu baris ditalungtik. Panalungtik sacara langsung niténan ka lapangan, sarta nyatet hal-hal penting pikeun ngumpulkeun data panalungtikan. Salian ngagunakeun pamarekan etnografi, panalungtik ogé ngagunakeun pamarekan deskriptif analitik. Deskriptif analitik nya éta panalungtikan anu dijerona ngawengku akumulasi data ku cara deskriptif, henteu ngagunakeun uji hipotésis, henteu nyieun prediksi, jeung henteu nyangking ma’na implikasi, sanggeus didéskripsikeun satuluyna dianalisis ngagunakeun interprétasi jeung pamahaman anu jero (Suyatna, 2002, kc. 14).

Métode kualitatif pamarekan etnografi dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, dumasar kana panalungtik sacara langsung ngilu anclub niténan kana objék anu baris ditalungtik, nya éta ngeunaan struktural kasenian calung ‘Group Triyasa’. Métode kualitatif pamarekan deskriptif analitik dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun sarta nganalisis ajén éstétika anu aya dina kasenian calung ‘Group Triyasa’, jeung

(2)

Elsa Agustyn, 2015

KASENIAN CALUNG ‘GROUP TRIYASA’ DI KOTA SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

BAHASAN D I SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

larapna bahan pangajaran maca bahasan budaya di SMA kelas XI ngeunaan kasenian calung ‘Group Triyasa’.

3.2 Téknik Panalungtikan

3.2.1 Téknik Ngumpulkeun Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téknik talaah pustaka, téknik observasi, téknik wawancara jeung dokuméntasi.

3.2.1.1 Talaah Pustaka

Téknik talaah pustaka nya éta téknik ngumpulkeun téori-téori pikeun bahan tulisan sangkan dijadikeun papagon dina ngayakeun panalungtikan (Suyatna, 2002, kc. 19). Talaah pustaka dina ieu panalungtikan nya éta tulisan mangrupa buku-buku anu dikumpulkeun ti Pabukon Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra, bubu-buku ti Perpustakaan Universitas Pendidikan Indonesia Bandung, buku-buku ti Perpustakaan Sekolah Tinggi Seni Indonesia, buku-buku ti Perpustakaan Umum Daerah Kota Sukabumi, jeung buku-buku ti Palasari.

3.2.1.2 Observasi

Téknik observasi nya éta téknik ngumpulkeun data ku cara ngutalaah sarta nyusun tina hasil observasi (Fathoni, 2006, kc. 104). Téknik observasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan kumaha asal-muasal, unsur-unsur seni, prak-prakan pintonan, ajén éstétika nu nyampak dina kasenian calung ‘Group Triyasa’ di Kota Sukabumi. Téknik observasi dina ieu panalungtikan dilaksanakeun di Dinas Kebudayaan Kota Sukabumi, Sanggar ‘Group Triyasa’, jeung Kelurahan Cipanengah. Ieu di handap téknik observasi anu dilaksanakeun ku panalungtik.

Tabél 3.1 Téknik Observasi Panalungtikan

(3)

Elsa Agustyn, 2015

KASENIAN CALUNG ‘GROUP TRIYASA’ DI KOTA SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

BAHASAN D I SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

1 20 Desember 2013 Dinas Kebudayaan Kota Sukabumi

2 20 Desember 2013 Sanggar Triyasa’

3 8 Februari 2014 Sanggar Triyasa’

4 28 November 2014 Kelurahan Cipanengah

5 23 Desember 2014 Sanggar Triyasa’

3.2.1.3 Wawancara

Wawancara nya éta téknik ngumpulkeun data ku cara prosés tanya jawab sacara lisan saarah. Hartina patarosan datang ti pihak nu ngawawancara jeung jawaban ti pihak nu diwawancara (Fathoni, 2006, kc. 105).

Wawancara digunakeun pikeun nyangking data sacara langsung ti informan anu apal kana kasenian calung ‘Group Triyasa’ di Kota Sukabumi.

Tabél 3.2 Wawancara Panalungtikan

No Kaping Témpat Wawancara Informan

1 20 Desember 2013 Dinas Kebudayaan Kota Sukabumi Rd. Ika Bhinnekawati, S.Pd

2 20 Desember 2013 Sanggar Triyasa’ Deddy Mulyadinata

3 8 Februari 2014 Sanggar Triyasa’ Deddy Mulyadinata

4 28 November 2014 Kelurahan Cipanengah Yudi Sutriadi

5 23 Desember 2014 Sanggar Triyasa’ Deddy Mulyadinata

3.2.1.4 Catetan Lapangan

Catetan lapangan nya éta catetan tinulis ngeunaan sagala hal anu katempo, kadenge, kaalaman, jeung anu kapikir ku akal dina rangka ngumpulkeun data pikeun panalungtikan (Bogdan & Biklen dina Moleong, 1989, kc. 168). Catetan lapangan digunakeun pikeun nyatet hal-hal penting ti informan anu patali jeung asal-muasal sarta prak-prakan kasenian calung ‘Group Triyasa’ di Kota Sukabumi.

3.2.1.5 Dokuméntasi

Dokuméntasi nya éta téknik ngumpulkeun data ku cara ngulik jeung nganalisis dokumén-dokumén nu mangrupa tulisan, gambar, jeung éléktronik (Fathoni, 2006, kc. 112). Dokuméntasi digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun kumaha prak-prakan kasenian calung, jeung ngadokuméntasikeun naon waé nu ditalungtik ti mimiti nepi ahir. Dokuméntasi dina ieu panalungtikan nya éta

(4)

Elsa Agustyn, 2015

KASENIAN CALUNG ‘GROUP TRIYASA’ DI KOTA SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

BAHASAN D I SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

ngumpulkeun tulisan-tulisan hasil wawancara, ngumpulkeun gambar-gambar dina prak-prakan pintonan calung ‘Group Triyasa’, ngumpulkeun gambar-gambar dina wawancara jeung informan, sarta ngadokuméntasikeun ku cara vidio, prak-prakan pintonan calung ‘Group Triyasa’ anu dilaksanakeun di acara jatukrami kulawarga bapa Acep di kampung Kopeng, jalan Pelabuhan, Kelurahan Ubrug, kecamatan Warung Kiara, Kabupaten Sukabumi kaping 8 Februari 2014.

3.2.2 Téknik Ngolah Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta analisis talaah pustaka, obsérvasi, wawancara jeung dokuméntasi. Sanggeus ngahijikeun sakabéh data anu kapanggih waktu panalungtikan téh dikumpulkeun sarta dipasing-pasing, satuluyna didéskripsikeun. Sanggeus didéskripsikeun, data diolah pikeun kapentingan panalungtikan dumasar kana pamarekan éstétika. Nu dipaluruh nya éta ngeunaan asal-muasal, prak-prakan pintonan, unsur-unsur seni, ajén éstétika nu nyampak dina kasenian calung jeung ajén éstétika dina kasenian calung pikeun rarancang bahan pangajaran maca bahasan di SMA kelas XI.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara jeung alat rekam audio visual nu mangrupa kaméra digital.

3.3.1 Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para seniman calung ‘Group Triyasa’ di Kota Sukabumi. Pertanyaan-pertanyaan dina pedoman wawancara katitén dina wincikan ieu di handap.

1) Data narasumber : (1) wasta, (2) umur, (3) jenis kelamin, (4) tempat, ping gumelar, (5) pakasaban, (6) atikan, jeung (7) padumukan.

2) Naha bet dingaranan kasenian calung ‘Group Triyasa’? 3) Ti iraha ayana kasenian calung ‘Group Triyasa’?

4) Kumaha asal-usul ngadegkeun kasenian calung ‘Group Triyasa’? 5) Biasana iraha kasenian calung ‘Group Triyasa’ dipintonkeun?

(5)

Elsa Agustyn, 2015

KASENIAN CALUNG ‘GROUP TRIYASA’ DI KOTA SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

BAHASAN D I SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

6) Persiapan naon waé nu kudu disiapkeun saméméh kasenian calung ‘Group Triyasa’ dipintonkeun?

7) Kumaha prak-prakan kasenian calung ‘Group Triyasa’ di Kota Sukabumi? 8) Naon waé waditra nu dipaké dina kasenian calung ‘Group Triyasa’?

9) Lagu naon waé nu biasa dipintonkeun dina kasenian calung ‘Group Triyasa’? 10) Saha waé seniman nu aya di grup calung ‘Group Triyasa’?

11) Kumaha prosés pewarisan kasenian calung ‘Group Triyasa’?

12) Naha ngalaman parobahan tina waditra, pamaén, baju nu dipaké pamaén jeung lagu nu dipintonkeun ku calung ‘Group Triyasa’?

13) Naon bédana calung ‘Group Triyasa’ jeung calung séjénna nu aya di Kota Sukabumi?

14) Kumaha tarékah ti para pamaén calung ‘Group Triyasa’ pikeun ngawanohkeun calung grioup Triyasa’ ka masarakat?

3.3.2 Alat Rekam Audio Visual

Kaméra digital digunakeun pikeun ngarékam pintonan calung ‘Group Triyasa’ jeung dipaké pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téknik wawancara ka para seniman calung ‘Group Triyasa’. Salian ti éta digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar dina pintonan calung ‘Group Triyasa’.

3.4 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa rarancang anu digunakan ku panalungtik pikeun meunangkeun data anu rék ditalungtik. Desain panalungtikan kualitatif baris digambarkeun dina bagan galur panalungtikan ieu di handap.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Tujuan panalungtikan Ngadéskripsikeun:

1. asal-muasal;

2. prak-prakan pintonan; 3. unsur-unsur seni;

(6)

Elsa Agustyn, 2015

KASENIAN CALUNG ‘GROUP TRIYASA’ DI KOTA SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

BAHASAN D I SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu 3.5 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data panalungtikan nya éta subjék data anu ditalungtik. Sacara gurat badagna, sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta: jalma (person), tempat

(place), jeung kertas atawa dokumén (paper).

3.5.1 Jalma (Person)

Jalma dina sumber data nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan ngaliwatan wawancara pikeun nyangking data panalungtikan. Jalma anu jadi sumber data panalungtikan nya éta Deddy Mulyadinata salaku seniman nu nyiptakeun calung ‘Group Triyasa’, Ocen jeung Epul Saepuloh salaku palaku kasenian calung ‘Group Triyasa’, Yudi Sutriadi salaku wakil ti Kelurahan Cipanengah, jeung Rd. Ika Bhinekawati salaku wakil ti Dinas Kebudayaan Kota Sukabumi.

Tabél 3.3 Biodata informan

No Biodata Informan Poto

1 Wasta : Deddy Mulyadinata Umur : 63 taun

Pakasaban : Seniman Atikan : STM

Alamat : Lembursitu, Kota Sukabumi.

Kalungguhan : Pupuhu kasenian calung ‘Group Triyasa’ Ngumpulkeun data tina buku-buku sumber

Ngayakeun panalungtikan di Kota Sukabumi jeung ngawawancara seniman calung group Triyasa

Analisis jeung déskripsi data

(7)

Elsa Agustyn, 2015

KASENIAN CALUNG ‘GROUP TRIYASA’ DI KOTA SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

BAHASAN D I SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

2 Wasta : Ocen Umur : 32 taun

Pakasaban : Seniman Atikan : SD

Alamat : Santiong, Kota Sukabumi.

Kalungguhan : Palaku kasenian calung ‘Group Triyasa’

3 Wasta : Epul Saepuloh Umur : 49 taun

4 Wasta : Yudi Sutriadi Umur : 43 taun

Pakasaban : Pelaksana Bidang Keuangan Kelurahan Cipanengah Atikan : S1

Alamat : Jalan Cicadas, Kampung Tegallaya, Kelurahan Cipanengah, Kecamatan Lembursitu, Kota Sukabumi.

Kalungguhan : Wawakil Kelurahan Cipanengah

5 Wasta : Rd Ika Bhinekawati, S.Pd Umur : 43 taun

Pakasaban : Pelaksana Seksi Kebudayaan Atikan : Seni Tari D2 IKIP Bandung

Alama : Jalan Pelabuhan II KM 5 Kota Sukabumi Kalungguhan : Wawakil Dinas Kebudayaan Kota Sukabumi

3.5.2 Tempat (Place)

Tempat dina sumber data nya éta sumber data nu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Kaayaan cicing jeung gerak mangrupa objék pikeun métode observasi. Tempat anu dijadikeun sumber data nya éta Sanggar Triyasa’ anu aya di Jalan Cicadas, Kampung Tegallaya, Kelurahan Cipanengah, Kecamatan Lembursitu, Kota Sukabumi.

(8)

Elsa Agustyn, 2015

KASENIAN CALUNG ‘GROUP TRIYASA’ DI KOTA SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

BAHASAN D I SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu 3.5.2.1Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan

Nurutkeun data anu aya di Kelurahan Cipanengah 3 oktober 2014, luas wilayah di Kelurahan Cipanengah nya éta 153.325 HA. Kelurahan Cipanengah miboga dalapan rukun warga (RW) nya éta Kadulawang, Cipanengah, Lemburcukang, Tegallaya, Bumi Purnawira, Situgede, Santiong, jeung Cipanengah. Jumlah penduduk anu aya di Kelurahan Cipanengah nya éta 8.355 jiwa, ngawengku 4.224 lalaki jeung 4.131 awéwé, anu kabagi jadi 2.266 kartu keluarga (KK).

Lokasi panalungtikan dina ieu

skripsi nya éta di jalan Cicadas, kampung Tegallaya, RT 03, RW 04, Kelurahan Cipanengah, kecamatan Lembursitu, Kota Sukabumi. Luas wilayah di kampung Tegallaya nya éta 25 HA. Jumlah penduduk di Tegallaya 1.125 jiwa, ngawengku 564 lalaki jeung 661 awéwé, anu kabagi jadi 296 kartu keluarga (KK).

3.5.2.2Gambaran Umum Sosial jeung Budaya Panalungtikan 1) Warga

Warga anu aya di sabudeureun Kelurahan Cipanengah kawilang soméah hadé ka sémah. Warga Kelurahan Cipanengah ogé, masih ngajungjung silih bantuan ka sasama warga, dina kaayaan kapapaténan jeung dina kaayaan kariaan. Hirup kumbuh sauyunan jeung silih ajénan dina ngawangun Kelurahan Cipanengah aman, mérénah tur soméah.

2) Pendidikan

RW 04

Gambar 3.1 Peta Kelurahan Cipanengah

(9)

Elsa Agustyn, 2015

KASENIAN CALUNG ‘GROUP TRIYASA’ DI KOTA SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

BAHASAN D I SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

Pendidikan di Kelurahan Cipanengah geus kawilang alus, lantaran katémbong tina data penduduk dumasar pakasaban taun 2014 di Kelurahan Cipanengah, aya 1.208 jiwa anu miboga pakasaban salaku pelajar/mahasiswa.

3) Agama

Nurutkeun data laporan penduduk dumasar agama taun 2014 di Kelurahan Cipanengah sacara maluruh nya éta Islam 8.195, Protestan 138, Katholik 20, Hindu 1, jeung Budha 1. Di kampung Tegallaya tina jumlah penduduk 1.125 jiwa, warga anu agama Islam jumlahna 1.120, Protestan 1, Katholik 4, Hindu, jeung Budha 0.

4) Basa

Basa anu digunakeun ku masarakat kampung Tegallaya dina hirup kumbuh sapopoé nya éta ngagunakeun basa Sunda, lantaran masarakat Tegallaya lolobana masarakat asli urang Sunda.

5) Pakasaban

Nurutkeun data laporan penduduk dumasar pakasaban taun 2014 ti Kelurahan Cipanengah, pakasaban di kampung Tegallaya nya éta tani 14, Pegawai Negri Sipil 18, karyawan swasta 54, tentara nasional Indonesia 1, kepolisian Republik Indonesia 3, buruh 54, wiraswasta 104, pedagang 15, karyawan BUMD 1, buruh tani 4, buruh ternak 1, pembantu rumah tangga 3, karyawan BUMN 1, pensiunan 4, pelajar/mahasiswa 168, belum/tidak bekerja 358, mengurus rumah tangga 270, sopir 17, karyawan honorer 3, guru 6, mekanik 4, tukang batu 2, tukang kayu 3, tukang jait 2, jeung tukang las 2.

3.5.3 Kertas atawa Dokumen (Paper)

Kertas atawa dokumen dina sumber data nya éta sumber data nu mangrupa tanda-tanda hurup, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjén. Dokumén mangrupa objék pikeun métode dokuméntasi (Arikunto, 2010, kc. 172). Kertas

(10)

anu jadi sumber data nya éta dokumen-dokumen ngeunaan asal-muasal kasenian calung ‘Group Triyasa’.

Luyu jeung pedaran di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta data ti seniman atawa jalma-jalma anu aya patalina jeung kasenian calung, data nu mangrupa hasil rekaman nalika ngawawancara, tina foto atawa video pintonan calung ‘Group Triyasa’ anu aya di Kota Sukabumi.

3.6 Wangenan Operasional

Wangenan operasional nya éta nerjemahkeun unggal variabel dumasar kana kritéria kabutuhan observasi, keterukuran, kontrol, jeung pengetesan rupa-rupa

variable (Suyatna, 2002, kc. 19). Wangenan operasional dina ieu panalungtikan nya éta ajén éstétika, kasenian calung, bahan pangajaran, jeung pangajaran maca.

3.6.1 Ajén Éstétika

Ajén nya éta ukuran pikeun nangtukeun alus atawa henteuna hiji hal ku cara ditalungtik (Kartika jeung Prawira, 2004, kc. 20). Nurutkeun Djelantik (1999, kc. 9), élmu éstétika nya éta élmu nu maluruh ngeunaan kaéndahan, medar sakabéh aspék nu disebut kaéndahan. Ajén éstétika nya éta ukuran pikeun nangtukeun alus atawa henteuna sagala hal anu aya patalina jeung kaéndahan, ogé maluruh sagala aspék nu disebut éndah.

3.6.2 Kasenian Calung

Kasenian calung nya éta kasenian tradisional anu waditra utamana mangrupa awi guluntungan anu ditakolan bari dijingjing. Kasenian calung mintonkeun bobodoran anu diseselkeun kana jero lagu.

3.6.3 Bahan Pangajaran Maca Bahasan

Bahan pangajaran mangrupa salasahiji komponén dina prosés diajar-ngajar. Pangajaran maca nya éta salasahiji pangajaran anu aya dina KIKD basa Sunda, nu

(11)

miboga tujuan sangkan siswa bisa nyangkem kana wacana nu jadi bahan pangajaran.

(1)

Elsa Agustyn, 2015

KASENIAN CALUNG ‘GROUP TRIYASA’ DI KOTA SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN D I SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu 3.5 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data panalungtikan nya éta subjék data anu ditalungtik. Sacara gurat badagna, sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta: jalma (person), tempat

(place), jeung kertas atawa dokumén (paper).

3.5.1 Jalma (Person)

Jalma dina sumber data nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan ngaliwatan wawancara pikeun nyangking data panalungtikan. Jalma anu jadi sumber data panalungtikan nya éta Deddy Mulyadinata salaku seniman nu nyiptakeun calung ‘Group Triyasa’, Ocen jeung Epul Saepuloh salaku palaku kasenian calung ‘Group Triyasa’, Yudi Sutriadi salaku wakil ti Kelurahan Cipanengah, jeung Rd. Ika Bhinekawati salaku wakil ti Dinas Kebudayaan Kota Sukabumi.

Tabél 3.3 Biodata informan

No Biodata Informan Poto

1 Wasta : Deddy Mulyadinata Umur : 63 taun

Pakasaban : Seniman Atikan : STM

Alamat : Lembursitu, Kota Sukabumi.

Kalungguhan : Pupuhu kasenian calung ‘Group Triyasa’ Ngumpulkeun data tina buku-buku sumber

Ngayakeun panalungtikan di Kota Sukabumi jeung ngawawancara seniman calung group Triyasa

Analisis jeung déskripsi data

(2)

Elsa Agustyn, 2015

KASENIAN CALUNG ‘GROUP TRIYASA’ DI KOTA SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN D I SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu 2 Wasta : Ocen

Umur : 32 taun Pakasaban : Seniman Atikan : SD

Alamat : Santiong, Kota Sukabumi.

Kalungguhan : Palaku kasenian calung ‘Group Triyasa’

3 Wasta : Epul Saepuloh Umur : 49 taun

Pakasaban : Seniman Atikan : SD

Alamat : Santiong, Kota Sukabumi.

Kalungguhan : Palaku kasenian calung ‘Group Triyasa’

4 Wasta : Yudi Sutriadi Umur : 43 taun

Pakasaban : Pelaksana Bidang Keuangan Kelurahan Cipanengah Atikan : S1

Alamat : Jalan Cicadas, Kampung Tegallaya, Kelurahan Cipanengah, Kecamatan Lembursitu, Kota Sukabumi.

Kalungguhan : Wawakil Kelurahan Cipanengah

5 Wasta : Rd Ika Bhinekawati, S.Pd Umur : 43 taun

Pakasaban : Pelaksana Seksi Kebudayaan Atikan : Seni Tari D2 IKIP Bandung

Alama : Jalan Pelabuhan II KM 5 Kota Sukabumi Kalungguhan : Wawakil Dinas Kebudayaan Kota Sukabumi

3.5.2 Tempat (Place)

Tempat dina sumber data nya éta sumber data nu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Kaayaan cicing jeung gerak mangrupa objék pikeun métode observasi. Tempat anu dijadikeun sumber data nya éta Sanggar Triyasa’ anu aya di Jalan Cicadas, Kampung Tegallaya, Kelurahan Cipanengah, Kecamatan Lembursitu, Kota Sukabumi.

(3)

Elsa Agustyn, 2015

KASENIAN CALUNG ‘GROUP TRIYASA’ DI KOTA SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN D I SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu 3.5.2.1Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan

Nurutkeun data anu aya di Kelurahan Cipanengah 3 oktober 2014, luas wilayah di Kelurahan Cipanengah nya éta 153.325 HA. Kelurahan Cipanengah miboga dalapan rukun warga (RW) nya éta Kadulawang, Cipanengah, Lemburcukang, Tegallaya, Bumi Purnawira, Situgede, Santiong, jeung Cipanengah. Jumlah penduduk anu aya di Kelurahan Cipanengah nya éta 8.355 jiwa, ngawengku 4.224 lalaki jeung 4.131 awéwé, anu kabagi jadi 2.266 kartu keluarga (KK).

Lokasi panalungtikan dina ieu

skripsi nya éta di jalan Cicadas, kampung Tegallaya, RT 03, RW 04, Kelurahan Cipanengah, kecamatan Lembursitu, Kota Sukabumi. Luas wilayah di kampung Tegallaya nya éta 25 HA. Jumlah penduduk di Tegallaya 1.125 jiwa, ngawengku 564 lalaki jeung 661 awéwé, anu kabagi jadi 296 kartu keluarga (KK).

3.5.2.2Gambaran Umum Sosial jeung Budaya Panalungtikan 1) Warga

Warga anu aya di sabudeureun Kelurahan Cipanengah kawilang soméah hadé ka sémah. Warga Kelurahan Cipanengah ogé, masih ngajungjung silih bantuan ka sasama warga, dina kaayaan kapapaténan jeung dina kaayaan kariaan. Hirup kumbuh sauyunan jeung silih ajénan dina ngawangun Kelurahan Cipanengah aman, mérénah tur soméah.

2) Pendidikan

RW 04

Gambar 3.1 Peta Kelurahan Cipanengah RW 04