S BD 1200364 Chapter5

BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan
Tina analisis jeung pedaran nu geus ditepikeun dina Bab IV, aya sababaraha
kacindekan.
a. Gaya basa nu kapanggih tina carpon Rusiah Kaopatwelas jumlahna aya 186
gaya basa.
b. Aya 8 wanda gaya basa, nyaéta: (1) gaya basa silib maké purwakanti; (2) gaya
basa rarahulan; (3) gaya basa ngumpamakeun; (4) gaya basa lalandian; (5)
gaya basa kahanan (antonomasia jeung épitét); (6) gaya basa mijalma
(personifikasi); (7) gaya basa silib (nyungkun/sarkasmeu); jeung (8) gaya basa
rautan (eufimismeu).
c. Ma’na gaya basa dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas téh nyoko kana
dua rupa ma’na, nyaéta: (1) ma’na gaya basa sasaruaan anu jumlahna aya 50
(41%); jeung (2) ma’na gaya basa babandingan anu jumlahna aya 65 (59%).
Tina acuan ma’na nu jadi pangbandingan, aya opat ma’na gaya basa. Nyaéta
babandingan mijalma, babandingan mituwuhan, babandingan misato, jeung
babandingan mibarang.
d. Gaya basa dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas bisa dijadikeun bahan
ajar di SMA dina pangajaran aprésiasi carpon. Ari ambahanana ngawengku

wangenan gaya basa, wanda gaya basa, conto gaya basa, jeung ma’na gaya
basa. Gaya basa nu luyu pikeun bahan pangajaran di SMA jumlahna aya 139.

5.2 Saran
Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan gaya basa nu aya dina
kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas, saran ka guru diusahakeun nalika milih
bahan ajar barudak/pikeun ngajar, carpon nu baris dibaca ku murid kudu

Rostika Srihilmawati, 2016

GAYA BASA DINA KUMPULAN CARPON RUSIAH KAOPATWELAS KARANGAN DARPAN
ARIAWINANGUN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

77

ngandung gaya basa lantaran ku sering maca bacaan nu ngandung gaya basa bakal
ngalatih murid bisa maké basa Sunda anu bener, merenah, tur éndah.

Rostika Srihilmawati, 2016


GAYA BASA DINA KUMPULAN CARPON RUSIAH KAOPATWELAS KARANGAN DARPAN
ARIAWINANGUN
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

78