S BD 1205717 Chapter5

BAB V
KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan
Dumasar hasil analisis, jeung pedaran kamampuh nulis warta siswa kelas IXB SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016, ieu hasil panalungtikan téh bisa
dicindekkeun saperti ieu di handap.
1) Kamampuh nulis warta siswa kelas IX-B SMPN 45 Bandung saméméh
ngagunakeun modél Mind Mapping téh kurang nyugemakeun. Hasil ratarata pretest nya éta 51,5, hartina siswa can mampuh nulis warta kalawan
hadé. Tina jumlah siswa 34 urang, teu aya siswa anu mampuh ngahontal
nilai KKM anu geus ditangtukeun nya éta 77.
2) Kamampuh nulis warta kelas IX-B SMPN 45 Bandung saggeus
ngagunakeun modél Mind Mapping kawilang nyugemakeun. Jumlah ratarata nalika postest nya éta 83,58 hartina siswa geus mampuh nulis warta
kalawan hadé. Tina jumlah siswa 34 urang, 32 urang siswa atawa 94 %
geus mampuh nulis warta kalawan ngahontal KKM sedengkeun 2 urang
siswa atawa 6 % can mampuh nulis warta lantaran can ngagontal KKM.
3) Aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa kelas IX-B SMPN 45
Bandung saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél Mind Mapping.
Bisa katitén tina hasil hipotésis yén titung (31,27) > ttabél (2,46). Ieu hal
ngabuktikeun yén modél Mind Mapping bisa ngaronjatkeun kamampuh
nulis warta siswa kelas IX-B SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/1016.


5.2 Implikasi
Modél Mind Mapping dilarapkeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis
warta. Dilarapkeuna modél Mind Mapping meunang réspon anu positif ti siswa,
ku sabab prak-prakan ngalarapkeun modél pangajaran Mind Mapping kawilang
leuwih ngirut sarta éféktif. Ku cara ngagunakeun peta konsép, siswa bisa
nuliskeun poin-poin 5W+1H tina warta nu rék dijieun sangkan kacumponan sarat

Risa Nurul Fauziah, 2016
MODEL MIND MAPPING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

74

75

kalengkepan unsur wartana. Unsur 5W+1H mangrupa dadasar dina nulis warta,
jadi warta nu hadé mangrupa warta nu lengkep unsurna. Mind Mapping bisa
ngalatih kréatifitas siswa kucara ngagabungkeun simbol, warna jeung gambar.

5.3 Rékomendasi

Tina hasil ieu panalungtikan, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun ku
panalungtikan saperti ieu di handap.
1) Kusabab hasil panalungtikan

yén

modél Mind Mapping bisa

ngaronjatkeun nulis warta, kukituna dirékoméndasi modél Mind Mapping
pikeun dijadikeun alternatif modél dina ngaronjatkeun kamampuh nulis
warta.
2) Pikeun panalungtik salajengna nu rék ngagunakeun ieu modél, kudu
bener-bener nataharkeun jeung leuwih asak deui dina nerapkeun ieu
modél utamana dina nyiapkeun alat-alat pikeun nyieun Mind Mapping
sangkan hasilna leuwih hadé deui.

Risa Nurul Fauziah, 2016
MODEL MIND MAPPING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS WARTA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu