S BD 1103201 Chapter3
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu MÉTODE PANALUNGTIKAN
Ieu panalungtikan kagolong kana panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu datana atawa sumber datana mangrupa kecap-kecap dina wangun lisan atawa tulisan, hal anu ditalungtikna ditalaah leuwih jero
sangkan bisa kacangkem ma’nana (Moleong, dina Arikunto, 2010, kc. 22).
Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analitik. Suyatna (2002, kc. 14) nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif analitik nya éta panalungtikan anu di jerona ngawengku akumulasi data ku cara déskriptif, henteu maké uji hipotésis, teu nyieun ramalan/prédiksi, jeung teu
nyangking ma’na implikasi, sanggeus didéskripsikeun satuluyna dianalisis
kalawan maké interprétasi jeung pamahaman anu jero. Métode déskriptif analitik dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun sarta nganalisis unsur intrinsik, kalungguhan, jeung citra wanoja nu aya dina novél, kalawan maké ulikan strukturalisme jeung féminisme. Satuluyna hasil tina ieu analisis dijadikeun bahan pangajaran novél di SMA kelas XI.
Dina ieu bab dipedar opat perkara nu patali jeung métode panalungtikan. Éta opat perkara téh nya éta desain panalungtikan, data jeung sumber data, ngumpulkeun data, jeung analisis data.
3.1Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan mangrupa rarancang anu digunakeun ku panalungtik pikeun meunangkeun data anu rék ditalungtik. Desain panalungtikan miboga tujuan pikeun ngagambarkeun léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun panalungtikan, ti mimiti ngaidéntifikasi masalah, ngarumuskeun tur ngawatesanan
masalah, studi pustaka/tala’ah pustaka kana novél Handeuleum ‘na Haté Beureum
jeung sumber pustaka lianna nu ngarojong kana panalungtikan, ngumpulkeun data kalawan ngagunakeun slip data/kartu data minangka instrumén panalungtikan,
(2)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngolah data hasil panalungtikan ku cara nganalisis data nu ngawengku tatahar, tabulasi, jeung ngamangpaatkeun data luyu jeung pamarekan panalungtikan, nu pamungkas nyieun kacindekan tina hasil panalungtikan. Galur ieu panalungtikan dibagankeun saperti ieu di handap.
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.2Data jeung Sumber Data
Data dina ieu panalungtikan nya éta sagemblengna eusi carita nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum.
Idéntifikasi Masalah
Ngarumuskeun tur Ngawatesanan Masalah
Studi Pustaka
Ngumpulkeun Data
Ngolah Data Hasil Panalungtikan
(3)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Arikunto (2010, kc. 172) nyebutkeun yén sumber data panalungtikan nya éta subjék data anu ditalungtik. Sacara gurat badag, sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta jalma (person), tempat (place), jeung keretas atawa dokumén (paper). 1) Jalma (person) nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban
lisan ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angkét.
2) Tempat (place) nya éta sumber data nu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Kaayaan cicing jeung gerak mangrupa objék pikeun métode observasi.
3) Keretas atawa dokumén (paper) nya éta sumber data nu mangrupa tanda-tanda hurup, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjén. Dokumén mangrupa objék pikeun métode dokuméntasi.
Saupama nilik kana pedaran di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta data tina keretas atawa dokumén (paper). Keretas atawa dokumen (paper) nu digunakeun nya éta novél Handeuleum ‘na Haté Beureum karangan Chyé Rétty Isnéndés sarta dideudeulan ku buku-buku lianna anu ngarojong kana ieu panalungtikan.
3.2.1 Déskripsi Novél Handeuleum na Haté Beureum
Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum mangrupa novél rumaja anu téma jeung masalah nu dicaritakeunna téh ngeunaan silih asih. Ieu novél nyaritakeun asmara manusa nu pajurawet, nyaahna hiji wanoja ka dua jajaka nu patukang tonggong watekna, cinta jajaka ka wanoja nu béda-béda ngabuktikeunana.
Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum ditulis ku Chyé Rétty Isnéndés, dipedalkeun ku Yrama Widya dina bulan Februari taun 2014. Chyé Rétty Isnéndés dibabarkeun di Sukabumi, ping 2 Désémber 1972. Ku lobana nulis sajak nu leuwih ti 100 sajak, puluhan carpon, jeung tilu novéllét, ngabuktikeun yén Chyé parigel pisan dina minuhan tur ngawarnaan karya sastra nu aya di tatar Sunda. Salah sahiji karyana nu meunang penghargaan Hadiah Sastra Rancagé
(4)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
taun 2000 nya éta buku kumpulan sajak nu judulna Kidang Kawisaya nu dipedalkeun ku Girimukti Pasaka, Jakarta, taun 1999.
Hawé Setiawan, salah sahiji pangarang nu kawéntar, ngilu ngaaprésiasi ku nepikeun aprésiasina dina panganteur ieu novél. Hawé Setiawan nyebutkeun yén tokoh Mayang nu dipidangkeun ku Chyé téh bisa jadi ngasongkeun gambaran wanoja Sunda nu kasebut idéal. Idéal di dieu téh geulis rupana, miboga prinsip hirup nu kuat (teu poho kana ajén dirina), panjang léngkahna, lega deuleuna jeung jembar panalarna. Saupama ditingali tina judul, ceuk Hawé Setiawan mah
“handeuleum” téh mangrupa metaphor pikeun karudet, jeung “haté beureum” téh
mangrupa metaphor pikeun masalah cinta.
Jilid ieu novél cocog pisan jeung judul Handeuleum na Haté Beureum. Warna dasar ieu novél kayas ngalambangkeun kaasih, jilid hareupna dipinuhan ku daun handeuleum warna beureum ati, sisina maké garis warna hideung. Éta daun handeuleum téh loba pisan tur ngawangun écéng (lambang cinta) di tengahna, di jerona ditulisan Handeuleum ‘na Haté Beureum salaku judul novél nu diwarnaan beureum ati. Di luhureun garis aya tulisan Chyé Rétty Isnéndés salaku pangarang novél. Gabungan warna kayas jeung beureum ati jadi papaés jilid novél. Dina jilid tukang dipapaésan ku foto pangarang jeung sempalan panganteur ti Hawé Setiawan, nu nyebutkeun Chyé boga tarékah pikeun ngagambarkeun kasang budaya nu aya dina kahirupan masarakat Indonesia. Salian ti panganteur Hawé Setiawan, dina jilid tukang aya ringkesan eusi novél nu nambah kapanasaran nu maca. Di handapeun ringkesan aya gambar daun handeuleum tilu lambar, nu ngalambangkeun tilu tokoh utama dina ieu novél nya éta, Mayangningrum Téjaasih, Andi Samsudin Manyili, jeung Yudi Raga Jatnika. Di handap, sisi kénca, aya logo penerbit Yrama Widya, logona gabungan warna hejo, kulawu, konéng, jeung beureum. Tulisan “penerbit” warna héjo, “Yrama Widya” warna bodas, “Sarana Meraih Prestasi” warna héjo, jeung nu pamungkas tulisan alamat pamedal ditulis ku warna hideung. Di tengah pembatas jilid hareup jeung tukang
(5)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
aya tulisan Chyé Rétty Isnéndés salaku pangarang, novél Handeuleum ‘na Haté Beureum salaku judul novél, jeung Yrama Widya salaku pamedal.
Format ukuran novél nya éta 12,5 cm x 19,5 cm. Dina lambar kahiji aya tulisan “Novél Cinta”, judul novél, jeung pangarang. Tukangeun lambar kahiji aya idéntitas pamedal, idéntitas buku, jeung hak cipta. Lambar kadua aya tawis nuhun ti pangarang ka Prof. Dr. H. Yus Rusyana, tuluy aya tulisan “hiji catetan keur awaking, Andi, jeung Didi (Didi alm. 2008- trésnana digupay pati)”. Dina lambaran katilu aya panganteur ti Hawé Setiawan nu dijudulan Panganteur Cinta dina Kasang Budaya Hawé Setiawan. Lambar kagenep aya daptar eusi,
tukangeunna aya cutatan lirik “Rozzana- Singer of Malaysia”.
Gambar 3.1
Jilid Novél Bagian Hareup jeung Tukang
Eusi novél diwangun ku dalapan épisode, kandelna 98 kaca. Épisode kahiji dijudulan “Ka Yogya Deui”, épisode kadua dijudulan “Di Paténggang”, épisode katilu dijudulan “Asosiasi Kajian Budaya Indonesia”, épisode kaopat dijudulan
(6)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
“Dijambatanan”, épisode kalima dijudulan “Kajadian di Hotél”, épisode kagenep dijudulan “Ngumbar Panineungan”, épisode katujuh dijudulan “Surat”, jeung épisode kadalapan dijudulan “Tutup Layar”.
Épisode kahiji dimimitian ti kaca 1 nepi ka 14, gurat badagna nyaritakeun waktu Mayang kudu ngaluuhan Seminar Penulisan Naskah Basa jeung Sastra Daerah sa-Indonesia, nu dipancénkeun ku Direktur Penerbitan “Kamandaka”
tempat digawé Mayang. Ieu seminar téh diayakeun di Yogya, tempat anu loba pisan panineunganna antara Mayang jeung Andi. Mayang sabenerna embungeun indit ka Yogya téh, tapi kusabab tugas nu kudu dilakonan dina profésina, Mayang kapaksa indit. Sapanjang jalan ka Yogya, lelembutan Mayang mah kumalayang ngumbar panineungan manéhna jeung Andi. Waktu manéhna ngaliwatan Stasion Tugu, manéhna inget kana carita éndah tapi peurih, peurih tapi bagja, bagja tapi sedih, sedih tapi bungah, bungah tapi kaduhung, kaduhung maké aya carita éndah tapi peurih. Ieu acara seminar téh diluuhan ku wawakil sa-Nusantara, pamilonna diluuhan ku opat lapis kalungguhan nya éta pagawé, mahasiswa, para panulis/pangarang, jeung pejabat. Lain ngan ukur Mayang nu haténa tagiwur mancawura téh, Andi ogé kitu sarua. Andi kapapancénan pikeun ngeusi kasenian dina ieu seminar, dipénta jadi panitia ku séniorna. Andi nyahoeun Mayang aya jeung bakal ngaluuhan ieu acara. Manéhna bingung kudu kumaha, naha manéhna rék api-api teu wawuh atawa rék nyumput salila lumangsungna ieu acara.
Épisode kadua dimimitian ti kaca 15 nepi ka 26, gurat badagna nyaritakeun waktu Yudi jeung Mayang ka Situ Paténggang-Ciwidey, nempo katumbiri di sasaungan, maranéhna ngobrolkeun tujuh pohaci. Waktu keur ngobrol, ujug-ujug Yudi nyabit cintana ka Mayang, antukna haté Mayang jeung Yudi jadi teu puguh. Da ari nyaah Mayang ka Yudi mah mung nyaah ka sobat, jeung mung nyaah ti adi ka lanceukna, tapi sok sanajan kitu Yudi mah tara maksa kana sagala kahayang rasana. Teu lila ti dinya duanana balik. Mayang ngageter rasana pinuh ku kabingung, kitu ogé Yudi ngageter rasana pinuh ku kuciwa. Deui-deui Yudi salah
(7)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
pok, waktu Yudi ngomongkeun nu geulis gunung, Mayang nyangka Yudi nyindiran kana kaayaan maranéhna. Mayang baeud ka Yudi nepi ka Ciwidey kota. Ngan pas ngaliwat ka pasawahan, munding sarakit ditambah énéngna meuntas jalan, teu karaseun Mayang nyekelan cangkéng Yudi, bari nitah ngeureunkeun. Tapi ku Yudi dihajakeun eureun. Mayang beuki pias, untung budak angon buru-buru nungtun mundingna. Ti dinya Mayang galécok deui, nyaritakeun kajadian nu ngalantarankeun Mayang sieun ku munding.
Épisode katilu dimimitian ti kaca 27 nepi ka 36, gurat badagna nyaritakeun acara panggung kliningan nu nanggap Cicih Cangkurileung jadi sindénna. Dina ieu acara aya rombongan panalungtik ti Asosiasi Kajian Budaya Indonesia nu dipingpin ku Dr. Purwadi. Anggota ieu asosiasi nya éta Andi, Taufik, Asih, Laras, Yudi, jeung Johanes. Ieu acara ogé nu nepungkeun Mayang jeung Andi. Waktu saréréa keur makalangan ngigelan sindén nu ngarangkep penari jaipong téa, Andi, Mayang, jeung Bu Cicih mah uplek diskusi dina panggung. Mayang téh wanoja tomboy (pakéan saraket awak, lévis belél kabéh, buuk panjang diuntun hiji). Sanggeus makalangan, tim Asosiasi Kajian Budaya Indonesia ngayakeun diskusi di Hotél Girimukti-Pamanukan, nepi ka jam sabelas peuting, ngadiskusikeun wayang di Tambi jeung jaipongan di Subang.
Épisode kaopat dimimitian ti kaca 37 nepi ka 42, gurat badagna nyaritakeun waktu Johanes nanya ka Andi, saha awéwé nu diuk di gigireun Andi basa di panggung kliningan Cicih Cangkurileung. Andi ngajelaskeun yén Mayang téh babaturan nu sanasib, hayang nalungtik kasenian jeung budaya. Andi mah nalungtik babandingan alat musik/waditra di Jawa Tengah jeung di Jawa Barat, sedengkeun Mayang mah nalungtik perkara sastra dina kawih-kawih nu kungsi ditembangkeun ku Bu Cicih. Andi ngajak Mayang ngagabung ka rombongan manéhanana. Dr. Purwadi salaku pingpinan panalungtikan ngijinan Mayang ngagabung, tapi status Mayang lain angota penelitian. Dasar Johanes mah jalmana jail, Johanes nyebutkeun yén Andi téh playboy, awéwé jalanan gé disabet pokna.
(8)

Andi kapancing émosina, nepi ka émosina kababawa saré. Manéhna mimpi jaipongan jeung si Kumpay (pengisi dina acara Cicih Cangkurileung), tapi di tengah impianna si Kumpay leungit, ngajanggélék Mayang. Waktu manéhna keur jaipongan jeung Mayang, Johanes ngaganggu tarian manéhna jeung Mayang. Dina éta impian manéhna gelut buk-bek jeung Johanes. Sigana kahayang manéhna ti beurang téh kalaksanakeun dina impian.
Épisode kalima dimimitian ti kaca 43 nepi ka 56, gurat badagna nyaritakeun waktu Mayang geus ditarima di lingkungan anggota panalungtikan Asosiasi Kajian Budaya Indonesia. Dr. Purwadi sikepna jadi béda, jadi simpatieun ka Mayang, simpati kana kahayang jeung téma garapan skripsi Mayang. Pa Purwadi nguji kana kamampuh Mayang ku cara nanya ka Mayang “Kumaha rumpaka kawih nu ngandung ajén sastra?” Mayang ngajawab nepi ka écésna, nepi ka Pa Purwadi muji tur ngarasa reueus kana kamampuh Mayang. Pa Purwadi ngomong ka Mayang, Mayang bisa asup ka Asosiasi Kajian Budaya Indonesia. Mayang nganuhunkeun pisan ka Pa Purwadi, tapi Pa Purwadi nitah Mayang nganuhunkeun ka Andi. Waktu keur nganuhunkeun ka Andi, Andi nanya ka Mayang, naha mawa ganti baju atawa henteu, Mayang ngajawab henteu. Mayang rék balik heula ka Bandung. Tapi Andi nyaram Mayang balik, lantaran hariwang. Andi méré Mayang baju ganti, tapi Mayang salah paham, ngarasa harga diri salaku awéwé téh ditincak ku Andi. Andi reuwaseun, ti dinya Andi ngomong togmol, yén Andi kagum, resep, jeung nyaah ka Mayang. Antukna Mayang narima éta baju. Dina hiji poé Mayang keseleun pisan ka sikep Johanes, da unggal panggih téh Johanes sok melong Mayang ti handap ka luhur, siga dipeunteun, ditilik-tilik, bari dibarengan ku teuteupan cunihin sagala, nepi ka hiji waktu mah ngaharéwos
“Kutunggu di kamarku, cantik”. Sakali dua kali mah teu dipaliré ku Mayang téh, tapi da ari kaseringan mah Mayang jadi mikir, naon maksudna? Manéhna asa dibalangkeun harga dirina, harga diri wanoja utamana, komo waktu di Réstoran mah Johanes nepi ka nyepeng taktak Mayang. Nu paling fatal mah, Johanes nanya
(9)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ka Mayang masih parawan atawa henteu. Mayang ti dinya ngambek, manéhna asa dijejeléh, dibeubeutkeun tur ditijek harga dirina ku Johanes, antukna Mayang nyabok Johanes. Nu nyaho kajadian ieu téh Yudi, da Yudi kabeneran aya di Réstoran harita téh. Ku Yudi Mayang ditenangkeun, tur dianteurkeun ka tempat saré Mayang. Mayang ku Yudi dibéré kasét “Tembang Sunda Cianjuran
Cacandran Laras Mandalungan Mamah Dasimah”.
Épisode kagenep dimimitian ti kaca 57 nepi ka 68, gurat badagna nyaritakeun waktu di Yogya di Balai Pertemuan Seniman, Mayang sakamar jeung Sri Rejeki ti Penerbit Sastra Maju, Jawa Timur. Waktu diajak ka kantin ku Sri, manéhna nolak da embung liar kaluar, sieun panggih jeung Andi nu geus teu pendak salila tilu taun. Tapi teu lila ti dinya Mayang kaluar ti kamar, tuluy ngaliwat ka taman nu rajeg ku tatangkalan. Di dinya pisan Mayang téh baheula ngalalakon jeung Andi. Mayang ngumbar panineunganna jeung Andi. Baheula Andi nyebutkeun yén Mayang téh simbulna seuneu, panas, aktif, agresif, jeung berbahaya, sedengkeun Andi simbulna angin. Gedé leutikna seuneu téh diatur ku angin, jadi Mayang bisa dikadalikeun ku Andi, kitu pokna. Di dinya pisan Andi wakca balaka ka Mayang ngeunaan eusi haténa. Beuki wanoh beuki bogoh, beuki deukeut beuki geugeut. Mayang sering diélingan ku Laras jeung Yudi, yén Andi téh lalaki teu bener, tapi da ari bogoh kumaha atuh. Omongan Yudi jeung Laras téh teu dipaliré, da najan jauh gé Andi mah sok nelepon jeung nyuratan, pokna téh kitu. Waktu manéhna keur baluweng soal hubunganna jeung Andi nu geus tara nelepon jeung ngirim surat deui, ngan Yudi nu sok jadi tempat pakumaha téh. Mayang mah mikir Andi téh keur sibuk ngerjakeun tesis wé. Yudi mah ukur rumahuh, karunya ka wanoja anu dipikanyaahna.
Épisode katujuh dimimitian ti kaca 69 nepi ka 82, gurat badagna nyaritakeun Yudi méré Surat ka Mayang. Sanggeus sataun kagiatan di Subang, Mayang teu kungsi panggih jeung Yudi. Tah diparengkeun deui téh di STSI waktu pagelaran tari Indrawati Lukman. Di dinya Mayang sok nyaritakeun Andi ka Yudi. Yudi
(10)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sakapeung mah sok nyalahkeun Mayang, da Mayang mah teu beunang diélingan cenah. Surat Yudi ku Mayang mimiti dibaca, teu karasa cipanonna geus maseuhan éta surat. Eusi suratna téh Yudi nembrakkeun katrésnana, nepi ka dina surat téh ku Yudi dibéjakeun yén Yudi ku Pa Made sok disebut Mahésa Agni papacangan Kén Dédés, nu Kén Dédésna téh direbut ku Tunggul Ametung, ti Tunggul Ametung direbut deui ku Kén Arok. Mayang gé siga si Apun Gencay cenah dina Jajatén Ninggang Papastén. Ti dinya Mayang ngarasa salah pisan ka Yudi, tuluy Mayang nyetél kasét nu ti Yudi, kabeneran lagu campaka, nu marengan haté Mayang ayeuna. Nu marengan nogéncangna haté Yudi ka Mayang, haté Mayang nu nogéncang ka Andi.
Nu pamungkas épisode kadalapan, dimimitian ti kaca 83 nepi ka 98. Gurat badagna nyaritakeun lekasanna Seminar Penulisan Naskah Basa jeung Sastra Daerah Sa-Indonesia. Opat lapis pamilon sugema kana ieu seminar. Mayang ogé sugema pisan, manéhna bisa ngalakukeun studi banding ka Penerbit Percetakan nu aya di Jawa Tengah, jeung studi banding ka museum di tatar Jawa. Hiji mangsa Sri Rejeki mimiti curiga kana sikep Mayang ka Andi. Dina poé kasalapan ieu seminar, Andi karék wani nunutur Mayang. Waktu panon poé maju ka soré, Andi ngajak ngobrol ka Mayang di Basisir Parangtritis. Andi ménta hampura ka Mayang, tapi Mayang nyorocos ngedalkeun eusi haténa, ngedalkeun kanyeri Mayang waktu Andi nitah Mayang ka Yogya pikeun nungtaskeun masalah. Sabenerna Mayang embung ka Yogya téh, tapi ku sabab sono jeung trésna ka Andi, Mayang indit. Harita Mayang dibawa ka Parangtritis, sabab di imah Andi aya Roro Retno Wulan, ningrat Jawa nu kakara sabaraha minggu dicangcang ku Andi. Tapi hubungan jeung Roro téh pegat di tengah jalan ukur lima bulan. Baheula mah di Parangtritis téh ngomongkeun Roro, ayeuna mah Andi ménta hampura kana kalakuan-kalakuanna. Mayang geus teu sabar, Mayang ngabudalkeun kakeuheulna ku cara nyabok Andi dua kali. Cabokan kahiji mangrupa hiji kasono ti Mayang jeung cabokan kadua mangrupa hiji kakeuheul
(11)

Mayang lantaran Andi hianat. Ahirna, Mayang indit teu maliré Andi, ti dinya Andi jangji ka dirina sorangan rék néangan Mayang, rék ngudag Mayang ka mana waé inditna, sanajan ka tungtung buana.
3.3 Ngumpulkeun Data
3.3.1 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan téh nya éta alat/fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé. Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kartu data, nu gunana pikeun ngumpulkeun jeung mindahkeun data nu geus aya. Éta kartu data téh ngawengku unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél, saperti palaku jeung watek, latar tempat, latar waktu, gaya basa, citra pisik wanoja, citra psikis wanoja, citra wanoja di kulawarga, jeung citra wanoja di masarakat. Di handap ieu mangrupa conto gambaran kartu data nu digunakeun.
Gambar 3.2 Gambaran Kartu Data
3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik talaah pustaka. Kusumah (2012, kc. 25) nétélakeun yén téhnik talaah pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun data nu mangrupa sumber tinulis pikeun néangan tur nangtukeun tatapakan tioritis anu aya patalina jeung objék panalungtikan. Objék dina ieu panalungtikan nya éta novél Handeuleum ‘na Haté Beureum. Data nu kakumpul mangrupa data nu luyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Léngkah-léngkah ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.
Cutatan-cutatan unsur intrinsik jeung citra wanoja
kaca, alinea/paragrap
(12)

1) Maca novél Handeuleum ‘na Haté Beureum.
2) Nyirian unsur-unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum.
3) Nyalin kana kode data sangkan data leuwih gampang diolah jeung leuwih alus hasilna.
3.4 Analisis Data
Sanggeus data hasil panalungtikan dikumpulkeun, léngkah séjén nu perlu dilakukeun nya éta kagiatan ngolah data (analisis data). Sacara umum analisis data ngawengku tilu hal, nya éta tatahar, tabulasi, jeung ngamangpaatkeun data luyu jeung pamarekan panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 278). Tatahar mangrupa kagiatan mimiti anu dilaksanakeun dina analisis data. Tabulasi nya éta proses ngahijikeun sakabéh data anu kapanggih. Data anu geus ditabulasi tuluy diolah dumasar pamarekan panalungtikan nya éta struktural jeung féminis.
Sanggeus data kakumpul, léngkah-léngkah nu dilakukeun dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.
1) Nyieun papasingan data.
2) Mindahkeun sakabéh unsur intrinsik jeung citra wanoja kana wangun tabél/instrument.
3) Nganalisis unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum.
4) Ngadéskripsikeun unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum.
5) Napsirkeun jeung méré interpretasi kana sakabéh data anu kapanggih dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum.
6) Nyindekkeun hasil analisis data, nu satuluyna dijadikeun bahan pangajaran novél di SMA kelas XI.
(1)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
pok, waktu Yudi ngomongkeun nu geulis gunung, Mayang nyangka Yudi nyindiran kana kaayaan maranéhna. Mayang baeud ka Yudi nepi ka Ciwidey kota. Ngan pas ngaliwat ka pasawahan, munding sarakit ditambah énéngna meuntas jalan, teu karaseun Mayang nyekelan cangkéng Yudi, bari nitah ngeureunkeun. Tapi ku Yudi dihajakeun eureun. Mayang beuki pias, untung budak angon buru-buru nungtun mundingna. Ti dinya Mayang galécok deui, nyaritakeun kajadian nu ngalantarankeun Mayang sieun ku munding.
Épisode katilu dimimitian ti kaca 27 nepi ka 36, gurat badagna nyaritakeun acara panggung kliningan nu nanggap Cicih Cangkurileung jadi sindénna. Dina ieu acara aya rombongan panalungtik ti Asosiasi Kajian Budaya Indonesia nu dipingpin ku Dr. Purwadi. Anggota ieu asosiasi nya éta Andi, Taufik, Asih, Laras, Yudi, jeung Johanes. Ieu acara ogé nu nepungkeun Mayang jeung Andi. Waktu saréréa keur makalangan ngigelan sindén nu ngarangkep penari jaipong téa, Andi, Mayang, jeung Bu Cicih mah uplek diskusi dina panggung. Mayang téh wanoja tomboy (pakéan saraket awak, lévis belél kabéh, buuk panjang diuntun hiji). Sanggeus makalangan, tim Asosiasi Kajian Budaya Indonesia ngayakeun diskusi di Hotél Girimukti-Pamanukan, nepi ka jam sabelas peuting, ngadiskusikeun wayang di Tambi jeung jaipongan di Subang.
Épisode kaopat dimimitian ti kaca 37 nepi ka 42, gurat badagna nyaritakeun waktu Johanes nanya ka Andi, saha awéwé nu diuk di gigireun Andi basa di panggung kliningan Cicih Cangkurileung. Andi ngajelaskeun yén Mayang téh babaturan nu sanasib, hayang nalungtik kasenian jeung budaya. Andi mah nalungtik babandingan alat musik/waditra di Jawa Tengah jeung di Jawa Barat, sedengkeun Mayang mah nalungtik perkara sastra dina kawih-kawih nu kungsi ditembangkeun ku Bu Cicih. Andi ngajak Mayang ngagabung ka rombongan manéhanana. Dr. Purwadi salaku pingpinan panalungtikan ngijinan Mayang ngagabung, tapi status Mayang lain angota penelitian. Dasar Johanes mah jalmana jail, Johanes nyebutkeun yén Andi téh playboy, awéwé jalanan gé disabet pokna.
(2)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Andi kapancing émosina, nepi ka émosina kababawa saré. Manéhna mimpi jaipongan jeung si Kumpay (pengisi dina acara Cicih Cangkurileung), tapi di tengah impianna si Kumpay leungit, ngajanggélék Mayang. Waktu manéhna keur jaipongan jeung Mayang, Johanes ngaganggu tarian manéhna jeung Mayang. Dina éta impian manéhna gelut buk-bek jeung Johanes. Sigana kahayang manéhna ti beurang téh kalaksanakeun dina impian.
Épisode kalima dimimitian ti kaca 43 nepi ka 56, gurat badagna nyaritakeun waktu Mayang geus ditarima di lingkungan anggota panalungtikan Asosiasi Kajian Budaya Indonesia. Dr. Purwadi sikepna jadi béda, jadi simpatieun ka Mayang, simpati kana kahayang jeung téma garapan skripsi Mayang. Pa Purwadi nguji kana kamampuh Mayang ku cara nanya ka Mayang “Kumaha rumpaka kawih nu ngandung ajén sastra?” Mayang ngajawab nepi ka écésna, nepi ka Pa Purwadi muji tur ngarasa reueus kana kamampuh Mayang. Pa Purwadi ngomong ka Mayang, Mayang bisa asup ka Asosiasi Kajian Budaya Indonesia. Mayang nganuhunkeun pisan ka Pa Purwadi, tapi Pa Purwadi nitah Mayang nganuhunkeun ka Andi. Waktu keur nganuhunkeun ka Andi, Andi nanya ka Mayang, naha mawa ganti baju atawa henteu, Mayang ngajawab henteu. Mayang rék balik heula ka Bandung. Tapi Andi nyaram Mayang balik, lantaran hariwang. Andi méré Mayang baju ganti, tapi Mayang salah paham, ngarasa harga diri salaku awéwé téh ditincak ku Andi. Andi reuwaseun, ti dinya Andi ngomong togmol, yén Andi kagum, resep, jeung nyaah ka Mayang. Antukna Mayang narima éta baju. Dina hiji poé Mayang keseleun pisan ka sikep Johanes, da unggal panggih téh Johanes sok melong Mayang ti handap ka luhur, siga dipeunteun, ditilik-tilik, bari dibarengan ku teuteupan cunihin sagala, nepi ka hiji waktu mah ngaharéwos “Kutunggu di kamarku, cantik”. Sakali dua kali mah teu dipaliré ku Mayang téh, tapi da ari kaseringan mah Mayang jadi mikir, naon maksudna? Manéhna asa dibalangkeun harga dirina, harga diri wanoja utamana, komo waktu di Réstoran mah Johanes nepi ka nyepeng taktak Mayang. Nu paling fatal mah, Johanes nanya
(3)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ka Mayang masih parawan atawa henteu. Mayang ti dinya ngambek, manéhna asa dijejeléh, dibeubeutkeun tur ditijek harga dirina ku Johanes, antukna Mayang nyabok Johanes. Nu nyaho kajadian ieu téh Yudi, da Yudi kabeneran aya di Réstoran harita téh. Ku Yudi Mayang ditenangkeun, tur dianteurkeun ka tempat saré Mayang. Mayang ku Yudi dibéré kasét “Tembang Sunda Cianjuran Cacandran Laras Mandalungan Mamah Dasimah”.
Épisode kagenep dimimitian ti kaca 57 nepi ka 68, gurat badagna nyaritakeun waktu di Yogya di Balai Pertemuan Seniman, Mayang sakamar jeung Sri Rejeki ti Penerbit Sastra Maju, Jawa Timur. Waktu diajak ka kantin ku Sri, manéhna nolak da embung liar kaluar, sieun panggih jeung Andi nu geus teu pendak salila tilu taun. Tapi teu lila ti dinya Mayang kaluar ti kamar, tuluy ngaliwat ka taman nu rajeg ku tatangkalan. Di dinya pisan Mayang téh baheula ngalalakon jeung Andi. Mayang ngumbar panineunganna jeung Andi. Baheula Andi nyebutkeun yén Mayang téh simbulna seuneu, panas, aktif, agresif, jeung berbahaya, sedengkeun Andi simbulna angin. Gedé leutikna seuneu téh diatur ku angin, jadi Mayang bisa dikadalikeun ku Andi, kitu pokna. Di dinya pisan Andi wakca balaka ka Mayang ngeunaan eusi haténa. Beuki wanoh beuki bogoh, beuki deukeut beuki geugeut. Mayang sering diélingan ku Laras jeung Yudi, yén Andi téh lalaki teu bener, tapi da ari bogoh kumaha atuh. Omongan Yudi jeung Laras téh teu dipaliré, da najan jauh gé Andi mah sok nelepon jeung nyuratan, pokna téh kitu. Waktu manéhna keur baluweng soal hubunganna jeung Andi nu geus tara nelepon jeung ngirim surat deui, ngan Yudi nu sok jadi tempat pakumaha téh. Mayang mah mikir Andi téh keur sibuk ngerjakeun tesis wé. Yudi mah ukur rumahuh, karunya ka wanoja anu dipikanyaahna.
Épisode katujuh dimimitian ti kaca 69 nepi ka 82, gurat badagna nyaritakeun Yudi méré Surat ka Mayang. Sanggeus sataun kagiatan di Subang, Mayang teu kungsi panggih jeung Yudi. Tah diparengkeun deui téh di STSI waktu pagelaran tari Indrawati Lukman. Di dinya Mayang sok nyaritakeun Andi ka Yudi. Yudi
(4)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sakapeung mah sok nyalahkeun Mayang, da Mayang mah teu beunang diélingan cenah. Surat Yudi ku Mayang mimiti dibaca, teu karasa cipanonna geus maseuhan éta surat. Eusi suratna téh Yudi nembrakkeun katrésnana, nepi ka dina surat téh ku Yudi dibéjakeun yén Yudi ku Pa Made sok disebut Mahésa Agni papacangan Kén Dédés, nu Kén Dédésna téh direbut ku Tunggul Ametung, ti Tunggul Ametung direbut deui ku Kén Arok. Mayang gé siga si Apun Gencay cenah dina Jajatén Ninggang Papastén. Ti dinya Mayang ngarasa salah pisan ka Yudi, tuluy Mayang nyetél kasét nu ti Yudi, kabeneran lagu campaka, nu marengan haté Mayang ayeuna. Nu marengan nogéncangna haté Yudi ka Mayang, haté Mayang nu nogéncang ka Andi.
Nu pamungkas épisode kadalapan, dimimitian ti kaca 83 nepi ka 98. Gurat badagna nyaritakeun lekasanna Seminar Penulisan Naskah Basa jeung Sastra Daerah Sa-Indonesia. Opat lapis pamilon sugema kana ieu seminar. Mayang ogé sugema pisan, manéhna bisa ngalakukeun studi banding ka Penerbit Percetakan nu aya di Jawa Tengah, jeung studi banding ka museum di tatar Jawa. Hiji mangsa Sri Rejeki mimiti curiga kana sikep Mayang ka Andi. Dina poé kasalapan ieu seminar, Andi karék wani nunutur Mayang. Waktu panon poé maju ka soré, Andi ngajak ngobrol ka Mayang di Basisir Parangtritis. Andi ménta hampura ka Mayang, tapi Mayang nyorocos ngedalkeun eusi haténa, ngedalkeun kanyeri Mayang waktu Andi nitah Mayang ka Yogya pikeun nungtaskeun masalah. Sabenerna Mayang embung ka Yogya téh, tapi ku sabab sono jeung trésna ka Andi, Mayang indit. Harita Mayang dibawa ka Parangtritis, sabab di imah Andi aya Roro Retno Wulan, ningrat Jawa nu kakara sabaraha minggu dicangcang ku Andi. Tapi hubungan jeung Roro téh pegat di tengah jalan ukur lima bulan. Baheula mah di Parangtritis téh ngomongkeun Roro, ayeuna mah Andi ménta hampura kana kalakuan-kalakuanna. Mayang geus teu sabar, Mayang ngabudalkeun kakeuheulna ku cara nyabok Andi dua kali. Cabokan kahiji mangrupa hiji kasono ti Mayang jeung cabokan kadua mangrupa hiji kakeuheul
(5)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Mayang lantaran Andi hianat. Ahirna, Mayang indit teu maliré Andi, ti dinya Andi jangji ka dirina sorangan rék néangan Mayang, rék ngudag Mayang ka mana waé inditna, sanajan ka tungtung buana.
3.3 Ngumpulkeun Data
3.3.1 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan téh nya éta alat/fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé. Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kartu data, nu gunana pikeun ngumpulkeun jeung mindahkeun data nu geus aya. Éta kartu data téh ngawengku unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél, saperti palaku jeung watek, latar tempat, latar waktu, gaya basa, citra pisik wanoja, citra psikis wanoja, citra wanoja di kulawarga, jeung citra wanoja di masarakat. Di handap ieu mangrupa conto gambaran kartu data nu digunakeun.
Gambar 3.2 Gambaran Kartu Data
3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik talaah pustaka. Kusumah (2012, kc. 25) nétélakeun yén téhnik talaah pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun data nu mangrupa sumber tinulis pikeun néangan tur nangtukeun tatapakan tioritis anu aya patalina jeung objék panalungtikan. Objék dina ieu panalungtikan nya éta novél Handeuleum ‘na Haté Beureum. Data nu kakumpul mangrupa data nu luyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Léngkah-léngkah ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.
Cutatan-cutatan unsur intrinsik jeung citra wanoja
kaca, alinea/paragrap
(6)
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1) Maca novél Handeuleum ‘na Haté Beureum.
2) Nyirian unsur-unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél
Handeuleum ‘na Haté Beureum.
3) Nyalin kana kode data sangkan data leuwih gampang diolah jeung leuwih alus hasilna.
3.4 Analisis Data
Sanggeus data hasil panalungtikan dikumpulkeun, léngkah séjén nu perlu dilakukeun nya éta kagiatan ngolah data (analisis data). Sacara umum analisis data ngawengku tilu hal, nya éta tatahar, tabulasi, jeung ngamangpaatkeun data luyu jeung pamarekan panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 278). Tatahar mangrupa kagiatan mimiti anu dilaksanakeun dina analisis data. Tabulasi nya éta proses ngahijikeun sakabéh data anu kapanggih. Data anu geus ditabulasi tuluy diolah dumasar pamarekan panalungtikan nya éta struktural jeung féminis.
Sanggeus data kakumpul, léngkah-léngkah nu dilakukeun dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.
1) Nyieun papasingan data.
2) Mindahkeun sakabéh unsur intrinsik jeung citra wanoja kana wangun tabél/instrument.
3) Nganalisis unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum
‘na Haté Beureum.
4) Ngadéskripsikeun unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél