S BD 1103201 Chapter1

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Karya sastra mangrupa titiron atawa gambaran kahirupan manusa. Nu maca
karya sastra bisa ngeunteung kana réalitas kahirupan naon waé nu diébréhkeun ku
pangarang, boh réalitas kahirupan sosial boh budaya. Salah sahiji conto karya
sastra nu mangrupa gambaran réalita kahirupan manusa nya éta novél. Nu
dimaksud novél nya éta karangan wangun lancaran anu sipatna rékaan tapi
ngeunteung kana kanyataan sapopoé, caritana relatif panjang, tur nyaritakeun
kajadian nu sambung-sinambung. Iser (dina Teeuw, 1984, kc. 249) nyebutkeun
yén rékaan téh lain lawan tina kanyataan, tapi méré nyaho hiji hal ngeunaan
kanyataan. Ku kituna novél bisa dijadikeun salah sahiji eunteung kahirupan
masarakat Sunda.
Novél pasti miboga struktur/komponén-komponén nu ngajadikan éta novél
jadi hiji karangan nu gembleng tur miboga ma’na. Iskandarwassid (1992, kc. 153)
ngécéskeun yén:
“Struktur nya éta corak rakitan (susunan) komponén-komponén karangan
nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra; gembleng boga ma’na. Dina
prosa upamana kumaha ngaréka-réka unsur téma, galur, tokoh jeung latar
nepi ka bisa ngawujud jadi carita pondok atawa novél”

Nalungtik atawa maluruh struktur carita dina novél rumaja kawilang penting,
sabab para rumaja ayeuna perelu mikanyaho kana karya sastra Sunda tur
mikanyaho kana komponén-komponén naon waé anu ngawangun hiji novél.
Kayaning maluruh téma, sarana carita, jeung fakta carita saperti penokohan, latar,
galur, jeung amanat nu aya dina novél.
Karya sastra teu cukup dipikaharti wungkul, tapi kudu bari dilenyepan jeung
diinterprétasi. Ku dilenyepan jeung diinterprétasi téh ngabalukarkeun pamahaman
kana hiji karya sastra ti tiap jalma béda-béda, antukna ngahasilkeun rupa-rupa
penafsiran. Tapi henteu anéh saupama hiji karya sastra bisa nimbulkeun rupa-rupa
penafsiran, sabab hakékatna sastra mah polinterpretable, maksudna bisa
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty
Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2
nimbulkeun rupa-rupa interprétasi. Pon kitu deui eusi novél, nu maca bisa miboga
interprétasi nu béda-béda kana eusi hiji novél.
Novél bisa jadi hiji média pikeun ngagambarkeun rupa-rupa kahirupan,
contona kahirupan wanoja, boh ditilik tina sisi positif boh négatifna. Salah sahiji

novél nu nyaritakeun kahirupan wanoja nya éta novél Handeuleum ‘na Haté
Beureum karangan Chyé Rétty Isnéndés nu dipedalkeun ku Yrama Widya taun

2014. Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum nyaritakeun kahirupan wanoja Sunda
nu keur meujeuhna pajurawet ku masalah cinta, éta wanoja Sunda téh
digambarkeun ku tokoh Mayangningrum Téjaasih. Tina kahirupan Mayang bisa
katitén kumaha pribadina dina nyanghareupan cintana nu pinuh ku teka-teki,
kumaha peran Mayang di lingkungan kulawarga jeung sosialna, kumaha kuatna
watek Mayang nu bisa nyekel jeung ngéléhkeun watek dua jajaka nu micinta
manéhna. Ku gambaran pribadi Mayang salaku tokoh utama dina ieu novél, bisa
jadi eunteung atawa gambaran pikeun wanoja Sunda jaman ayeuna jeung mangsa
nu bakal datang dina ngalaksanakeun peran salaku dirina pribadi, peran di
lingkungan kulawarga, jeung lingkungan masarakat.
Djajanegara (2000, kc. 51) nétélakeun yén umumna karya sastra anu
midangkeun tokoh wanoja téh bisa ditalungtik tina segi féminisna. Ku kituna,
panalungtik miboga maksud pikeun nalungtik citra wanoja nu aya dina novél
Handeuleum ‘na Haté Beureum. Nu jadi tatapakan novél Handeuleum ‘na Haté
Beureum dikaji féminisna nya éta dina ieu novél nyampak ajén-ajén féminis anu

dicirian ku ayana opat ciri téks féminis nya éta: 1) jadi forum pikeun wanoja dina

ngedalkeun aspirasina; 2) ayana usaha pikeun ngahontal kasaimbangan budaya
(androginitas); 3) nyadiakeun métode conto ku jalan éksplorasi (petualangan)
pangalaman anyar, jeung 4) ngawanohkeun solidaritas di antara tokoh wanojana
(sisterhood) (Register, dina Isnéndés 2010, kc. 48).
Dina maca téks féminis, nu maca kudu nempatkeun manéh salaku wanoja.
Hartina nu maca kudu sadar yén dina téks karya nu dibacana, aya sora wanoja nu
kudu didéngé jeung diperhatikeun leuwih jero. Sugihastuti jeung Suharto (2010,
kc. 15) nétélakeun yén tina résépsi nu maca karya sastra di Indonesia, sacara
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty
Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3
umum bisa katitén yén tokoh wanoja dina karya sastra tinggaleun tibatan tokoh
lalaki, misalna waé dina hal sosial, atikan, pacabakan, kalungguhan di masarakat,
sarta darajat wanoja salaku bagéan integral dina susunan masarakat. Ieu hal bisa
katingali dina réalitas sapopoé di masarakat nu digambarkeun dina hiji karya
sastra.
Pangajaran novél aya dina Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar

(SKKD) di SMA kelas XI Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan, dina Standar
Kompetensi 11.3, disebutkeun yén siswa mampu membaca untuk memahami dan
menanggapi bacaan yang berupa biografi, novel, laporan jurnalistik perjalanan,
dan bahasan jeung Kompetensi Dasar 11.3.2 Membaca novel (Dinas Pendidikan

Provinsi Jawa Barat, 2007, kc. 122). Ku kituna ieu panalungtikan dipatalikeun
jeung pangajaran di sakola, sangkan rumaja Sunda ayeuna wanoh kana karya
sastra Sunda hususna novél rumaja tur bisa ngajembaran pangaweruh sarta
pamahamanna dina ngaaprésiasi karya sastra.
Aya sababaraha panalungtikan saméméhna nu sarupa ngeunaan kajian
féminis di antarana:
1) Munisa Ambarina. 2004. “Unsur-unsur Féminis dina Novél KembangKembang Petingan Karangan Holisoh M.E”;

2) Rétty Isnéndés. 2004. “Suara Perempuan dalam Novél Sunda Puputon “Buah
Hati” Karya Aam Amilia: Kajian Féminisme”;
3) Dedi Taopik. 2006. “Citra Wanoja dina Sastra Sunda: Kritik Sastra Féminis
Idéologis kana Novél Sunda Saméméh Perang”;
4) Ai Rohmawati. 2008. “Citra Wanoja dina Sastra Sunda: Kritik Sastra Féminis
Idéologis kana Novél Pipisahan Karangan R.A.F.”, jeung
5) Yuda Irawan. 2009. ”Ajén-ajén Féminis dina Novél Suminar Karangan Anna

Mustika Ati”.
Nu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan séjén nya éta dina
objék panalungtikanna, satuluyna ulikan struktural jeung féminis novél
Handeuleum ‘na Haté Beureum ku panalungtik dijadikeun bahan pangajaran
maca novél di SMA/SMK/MA kelas XI. Anapon lebah nganalisis ulikan struktur
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty
Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4
jeung féminisna mah sarua ngagambarkeun unsur intrinsik, aspék-aspék idéologis
jeung citra wanoja dina hirup di lingkungan kulawarga jeung masarakatna.
Lantaran can aya panalungtikan nu nalungtik “Ulikan Struktural jeung Féminis
kana Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum Karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun
Bahan Pangajaran Maca Novél di SMA Kelas XI”, ku kituna ieu panalungtikan
perlu dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah
Ieu panalungtikan téh museur kana ulikan struktural jeung féminis novél

Handeuleum ‘na Haté Beureum karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun bahan
pangajaran maca novél di SMA kelas XI.
Anu dimaksud strukturalisme nya éta salah sahiji métode atawa pamarekan
anu dipaké pikeun nganalisis karya sastra nu dirojong ku unsur-unsur
pangwangunna. Analisis struktur karya sastra bisa ku cara ngaidéntifikasi jeung
ngadéskripsikeun fungsi antar unsur instrinsik fiksi nu aya patalina jeung karya
sastra. Ambahan struktural dina ieu panalungtikan ngawengku téma, fakta carita,
jeung sarana carita nu aya dina novél.
Kritik sastra féminisme nya éta kritik sastra nu didadasaran ku ayana
kasadaran bébédaan antara lalaki jeung wanoja nu mangaruhan budaya sarta
kahirupan manusa. Ambahan féminis dina ieu panalungtikan nya éta citra wanoja
nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum, nu ngawengku citra pisik
wanoja, citra psikis wanoja, citra wanoja di kulawarga, jeung citra wanoja di
masarakat.
Nu dimaksud novél nya éta karangan wangun lancaran anu sipatna rékaan
tapi ngeunteung kana kanyataan sapopoé, caritana relatif panjang, tur nyaritakeun
kajadian nu sambung sinambung. Novél nu dijadikeun objék dina ieu
panalungtikan nya éta novél Handeuleum ‘na Haté Beureum karya Chyé Rétty
Isnéndés nu dipedalkeun ku Yrama Widya taun 2014, nu midangkeun tokoh
wanoja salaku tokoh utamana nya éta Mayangningrum Tejaasih.


Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty
Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5
Hasil tina ieu panalungtikan téh dipatalikeun jeung bahan pangajaran, nu
dimaksud bahan pangajaran nya éta salah sahiji komponén dina prosés diajar
ngajar. Bahan pangajaran ngawengku sajumlah matéri anu ditepikeun ku pangajar
ka siswa dina kagiatan diajar ngajar. Bahan pangajaran nu dipatalikeun jeung ieu
panalungtikan nya éta bahan pangajaran maca novél di SMA kelas XI.
Dumasar idéntifikasi masalah di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina
wangun pananya ieu di handap.
1) Kumaha unsur intrinsik novél Handeuleum ‘na Haté Beureum nu ngawengku
téma, fakta carita, jeung sarana carita?
2) Kumaha kalungguhan tokoh wanoja dina novél Handeuleum ‘na Haté
Beureum dumasar hal sosial, atikan, jeung pacabakan?

3) Kumaha citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum

dumasar kabiasaan masarakat Sunda?
4) Kumaha lamun hasil ulikan struktural jeung féminis novél Handeuleum ‘na
Haté Beureum dipaké pikeun bahan pangajaran maca novél di SMA kelas XI?

1.3 Tujuan Panalungtikan
Dumasar kana rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga dua
tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.
Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngaguar gambaran
karakter-karakter wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum
sangkan karakter-karakter nu positifna bisa dijadikeun conto wanoja Sunda
ayeuna jeung mangsa nu bakal datang.
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan ngadéskripsikeun:
1) unsur intrinsik novél Handeuleum ‘na Haté Beureum nu ngawengku téma,
fakta carita, jeung sarana carita;
2) kalungguhan tokoh wanoja dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum
dumasar hal sosial, atikan, jeung pacabakan;
3) citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum dumasar
kabiasaan masarakat Sunda, jeung
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty

Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

6
4) larapna hasil ulikan struktural jeung féminis novél Handeuleum ‘na Haté
Beureum dina bahan pangajaran novél di SMA kelas XI.

1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat tina ieu panalungtikan dibagi jadi dua, nya éta mangpaat tioritis
jeung mangpaat praktis.

1.4.1

Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta nambahan pangaweruh jeung
pamahaman dina ngajén karya sastra, hususna kajian kritik sastra strukturalisme
jeung féminisme kana novél rumaja.

1.4.2


Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta:
1) pikeun guru, hasil tina ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan pangajaran
novél di SMA kelas XI;
2) pikeun siswa, bisa ngajembaran pangaweruh sarta pamahaman dina
ngaprésiasi karya sastra, hususna ngeunaan ulikan struktural sarta féminis,
jeung
3) pikeun masarakat, bisa mikanyaho gambaran umum citra wanoja nu aya dina
novél Handeuleum ‘na Haté Beureum karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun
eunteung wanoja-wanoja Sunda ayeuna jeung mangsa nu bakal datang maham
kana kalungguhan jeung peran wanoja Sunda nu sabenerna.

1.5 Sistematika Tulisan
Ieu skripsi disusun jadi lima bab, sakumaha nu dipedar ieu di handap.
Bab I eusina ngeunaan kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah,
tujuan panalungtikan nu dibagi jadi dua, tujuan umum jeung tujuan husus,
Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty

Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

7
mangpaat panalungtikan nu dibagi jadi dua, mangpaat tioritis, jeung mangpaat
praktis, jeung sistematika tulisan.
Bab II eusina ngeunaan tiori-tiori nu ngadadasaran panalungtikan sarta
kalungguhan masalah nu ditalungtik dina widang paélmuan. Dina ulikan pustaka,
tiori-tiori nu aya dibandingkeun sarta dipatalikeun jeung masalah nu keur
ditalungtik. Salian ti ayana tiori-tiori nu ngadadasaran panalungtikan, dina Bab II
gé kudu aya pedaran ngeunaan panalungtikan saméméhna jeung kalungguhan
tioritis panalungtikan nu dilaksanakeun.
Bab III medar ngeunaan métode panalungtikan nu diwincik deui jadi desain
panalungtikan, data jeung sumber data, ngumpulkeun data, jeung analisis data.
Bab IV eusina ngeunaan hasil jeung pedaran analisis data nu patali jeung
rumusan masalah, tujuan panalungtikan, katut tiori-tiori dina Bab II.
Bab V eusina ngeunaan kumaha panalungtik nafsirkeun hasil analisis
panalungtikan. Kacindekan mangrupa jawaban tina daftar pertanyaan nu aya dina
rumusan masalah. Saran atawa rékoméndasi ditujukeun ka nu nyieun kawijakan,
ka nu ngagunakeun éta hasil panalungtikan, jeung ka para panalungtik lianna nu
rék nalungtik masalah nu sarua minangka lajuning lakuna tina hasil
panalungtikan.

Ai Jamilah, 2015
Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty
Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu