S BD 1006816 Chapter1

BAB I
BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Panalungtikan
Hakékatna mah sastra téh fiksionalitas anu nandeskeun sual kaartistikan. Di
satukangeun fiksionalitas jeung kaartistikanana téh ngajenggléng ajén-ajén
kajujuran jeung bebeneran (Koswara, 2011, kc.6). Karya sastra mangrupa karya
imajinatif, hartina henteu enya-enya kajadian, sanajan kitu, maksud (ma’na) tina
hiji karya sastra bisa jadi mangrupa harti injeuman tina kajadian anu saenyana.
Kanyataan dina kahirupan masarakat mangrupa sumber gagasan nu jadi tatapakan
kaciptana hiji karya sastra. Kanyataan anu satuluyna diréka tur diwewegan ku
momonés basa nu éndah, lebah dieu karya sastra disebut karya éstétik. Ajén
kajujuran jeung bebeneran anu nyampak dina karya sastra mangrupa hasil prosés
kréatif pangarang anu tangtuna moal leupas tina pasualan inteléktualitas.
Cindekna, karya sastra anu ajénna luhung salawasna miboga maksud. Di
sagigireun unsur rékaan jeung éstétis tina karya sastra, aya pesen moral anu rék
ditepikeun ku pangarang.
Dumasar kana wangunna, karya sastra dibagi jadi tilu wangun, nyaéta puisi,
prosa, jeung carita drama. Prosa nyaéta wanda basa karangan anu rakitanana maké
basa sapopoé atawa lancaran, sedengkeun dumasar kana waktu gelarna, karya
sastra dibagi jadi dua rupa, nyaéta sastra heubeul jeung sastra anyar atawa

modérn. Karya sastra anu kagolongkeun kana karya sastra modérn, di antarana
sajak, carita pondok, novel, jeung roman. Novél jeung carita pondok mangrupa
karya sastra anu kaasup kana wangun prosa, ku sabab dicaritakeun dina wanda
basa karangan lancaran. Carpon, salah sahiji wangun karya sastra anu jadi pilihan
pangarang dina nepikeun gagasan sacara singget jeung padet. Ieu hal saluyu
jeung pamadegan Ajip Rosidi dina Koswara (2011, kc.36), anu nétélakeun yén
carpon mangrupa rangkuman ide.
Sastra moal bisa leupas tina pasualan sosial kamasarakatan, ku sabab
pangarang sastra jadi individu ti lingkungan masarakat sosial anu sapopoéna hirup
Nursolihah, 2014
Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2

kumbuh jeung masarakat. Sastra méré gambaran kahirupan, sedengkeun
kahirupan téh mangrupa kanyataan sosial, sanajan karya sastra ogé niron alam
jeung subjéktif manusa (Wellek & Warren, 1989, kc. 109). Ku kituna dina maham
karya sastra, talaah sosiologi bisa dijadikeun salah sahiji tatapakan. Dunya dina
karya sastra mangrupa titiron tina dunya sosial. Élmu sosiologi bisa dipaké pikeun

nalaah karya sastra, lantaran sastra jeung masarakat mangrupa hal anu raket pisan
patalina.
Sosiologi nyaéta élmu anu maluruh hubungan antara masarakat jeung
kahirupan sosialna, sedengkeun sastra mangrupa médium anu dipaké pikeun méré
eunteung kahirupan sosial masarakat dina wangun fiksi. Sawatara ahli ngawincik
talaah sosiologi sastra jadi sababaraha bagian, salah sahijina tiori anu
diwanohkeun ku Wellek jeung Warren, anu ngabagi sosiologi sastra jadi tilu
aspék talaah, nyaéta (1) sosiologi pangarang, (2) sosiologi karya sastra, jeung (3)
sosiologi nu maca karya sastra (Ratna, 2013, kc. 22). Trilogi anu diwincik ku
Wellek jeung Warren teu jauh béda jeung tiori anu diwanohkeun ku Ian Watt
(dina Damono, 1979, kc.3) nyaéta (1) kontéks sosial pangarang, (2) sastra
minangka eunteung masarakat, (3) jeung fungsi sosial sastra.
Cindekna, sosiologi sastra museur kana tilu perkara, nyaéta pangarang, karya
sastra, jeung masarakat. Tangtu ayana karya sastra moal leupas tina saha anu
nyiptakeunana, nyaéta pangarang. Pangarang dina ieu hal miboga peran anu sakitu
gedéna dina gelarna hiji karya sastra. Katapisan pangarang dina mekarkeun ide
jeung gagasanana nepi ka bisa ngahasilkeun hiji karya sastra anu miboga ajén
luhung, mangrupa hasil prosés kréatif anu kawangun tina hasil pangalaman
lahiriah jeung batiniah pangarang dina kahirupanana. Dina pamarekan ékstrinsik,
kaéndahan jeung pamahaman karya sastra bisa disalusur ngaliwatan biografi

pangarangna. Ayana panalungtikan kana biografi pangarang, nu maca bisa
nyalusur kahirupan pangarang anu jénius, nyalusur kamekaran moral, méntal,
jeung inteléktualna (Wellek jeung Warren, 1989, kc.82)
Perspéktif biografi mangrupa talaah ngeunaan kahirupan pangarang, hususna
kumaha idéologi sosial jeung status sosial pangarang dina nyiptakeun karya
sastra. Manusa, kaasup pangarang, mangrupa mahluk sosial, sanajan mindeng
Nursolihah, 2014
Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3

ditolak, dina kasus anu tangtu talaah ngeunaan biografi masih bisa méré
mangpaat. Dina élmu sastra, biografi pangarang lain curriculum vitae, tapi aspék
anu mantuan kumaha maham kana prosés kréatif jeung genesis karya sastra
(Ratna, 2013, kc.56-57).
Karya sastra mangrupa hasil cipta pangarang, maniféstasi tina kumpulan
gagasan jeung pangalaman lahiriah batiniah, nepi ka jadi hiji karya sastra anu
boga ajén luhung. Kaayaan sosial anu digambarkeun pangarang dina karyana,
mangrupa hiji bukti ayana kajujuran. Kajujuran dina napsirkeun kondisi sosial anu

karandapan. Analisis maksud tina karya sastra bisa ngajawab nepi ka mana karya
sastra bisa jadi eunteung masarakat sosialna. Ku kituna, sawangan sosial
pangarang dina karya sastra bisa jadi tatapakan dina nganalisis karya sastra.
Aspék katilu nyaéta perkara sosiologi nu maca karya sastra. Talaah kana
sawangan nu maca mangrupa tarékah pikeun ngajawab pertanyaan nepi ka mana
saenyana pangaruh sosial karya sastra ka masarakat. Anu dimaksud katégori
masarakat dina ieu hal, nyaéta masarakat sosial sabudeureun lingkungan karya
sastra, boh masarakat awam, lingkungan akademisi, jeung kritikus sastra. Talaah
kana sosiologi nu maca ogé bisa méré gambaran nu leuwih teleb, nepi ka mana
ajén sosial dina karya sastra aya patalina jeung ajén sosial anu aya di masarakat.
Carpon dipilih minangka objék dina ieu panalungtikan, ku sabab carpon salah
sahiji wangun karya sastra anu mindeng nyaritakeun kahirupan sosial masarakat.
Henteu sakabéh carpon méré gambaran kahirupan sosial sacara gembleng, kitu
ogé henteu sakabéh pangarang mampuh ngébréhkeun sawangan dunyana sacara
objéktif. Kamampuh pangarang diperlukeun dina hal ngébréhkeun gagasan kréatif
idéologina. Kamampuh maham kana kondisi sosial tinangtu aya di sawaréh jalma,
tapi kamampuh ngébréhkeun kondisi sosial tadi kana wangun karya sastra teu loba
pangarang anu tapis. Ku kituna, dina ieu panalungtikan, carpon anu pilih nyaéta
buku kumpulan carpon anu judulna Halimun Peuting karya Iskandarwassid.
Halimun Peuting karya Iskandarwassid kungsi dilélér hadiah sastra Rancagé


dina taun 1990. Nurutkeun interpretasi panyusun, ieu karya sastra mangrupa
kumpulan carpon anu eusina méré gambaran kahirupan sosial anu nyata jeung
munel. Saupama dipatalikeun jeung sifat karya sastra anu ngandung unsur
Nursolihah, 2014
Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4

kajujuran, buku kumpulan carpon Halimun Peuting kalawan jujur méré
kani’matan sacara teu langsung ka nu maca dina nyalusur kahirupan. Jujur dina
nyaritakeunana tur éndah dina nepikeun pesen moralna. Coleridge nétélakeun yén
unggal kahirupan, sanajan euweuh hartina, saupama dicaritakeun kalawan jujur,
tinangtu hasilna bakal alus (Wellek jeung Warren, 1989, kc.82).
Gambaran kondisi sosial anu nyampak dina sawatara carita pondok karya
Iskandarwassid téh nimbulkeun anggapan yén pangarang boga sawangan sosialna
nu hayang ditepikeun ngaliwatan karyana. Ngaliwatan adegan-adegan lahiriah
jeung batiniah nu nyampak dina karyana, nu maca bisa milu ngarandapan naon
anu saenyana keur kajadian di masarakat hususna masalah sosial kamasarakatan.

Katapisan pangarang geus hasil mawa nu maca ka alam pamikiran anu rék
ditepikeun pangarang ngaliwatan karyana. Ku kituna, pikeun maluruh nepi ka
mana hubungan anu kawangun di antara pangarang jeung karyana katut masarakat
sastrana, dina ieu panalungtikan, baris ditalaah ngeunaan aspék sosial jeung
kapangarangan ngagunakeun tilikan sosiologi sastra.
Panalungtikan ilmiah séjénna anu nalaah aspék sosiologi sastra dina karya
saperti novel jeung kumpulan carpon kawilang euyeub, di antarana panalungtikan
“Aspék Sosiologi Sastra dina kumpulan Carpon Nu Baralik Manggung karangan
Nano S” (Fery Timorochmadi, 2005); “Analisis Pérspéktif Biografis kana
Antologi Sajak Jiwalupat Karya Godi Suwarna: Panalungtikan Sosiologi Sastra”
(Dea Lugina, 2009); Aspék Sosiologi Sastra dina Novel Kembang-Kembang
Petingan Karangan Holisoh M.E” (Dewi Supriyatin Imanti, 2005); ”Sosiologi

Sastra kana Kumpulan Carpon Oknum Karangan Hadi AKS pikeun Bahan
Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA” (Tika Yuanita, 2011); jeung “Aspék
Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Nu Harayang Dihargaan karya Darpan”
(Arif Ali Abdillah, 2013). Kungsi aya ogé panalungtikan anu matalikeun antara
karya jeung pangarangna ngagunakeun pamarekan Abrams, nyaéta anu judulna
“Unsur Objéktif jeung Eksprésif Novél Béntang Pasantrén Karya H. Usep Romli
HM Pikeun Bahan Pangajaran Maca Pedaran Sastra di SMA Kelas XI”

(Cahmawati Ningrum, 2013).

Nursolihah, 2014
Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5

Salian ti sawatara panalungtikan ngeunaan sosiologi sastra, panalungtikan
kana buku kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid ogé kungsi
dilaksanakeun, sanajan tina aspék anu béda, nyaéta panalungtikan anu judulna
“Galur Carita dina Kumpulan Carita Pondok Nu Harayang Di Hargaan jeung
Halimun Peuting pikeun dijadikeun salah sahiji Alternatif Milih Bahan

Pangajaran Aprésiasi Sastra di SLTP” (Andi Sambas, 2003); “Babandingan
Palaku Utama kana Ngaréspon Latar Sosial dina Kumpulan Carpon Halimun
Peuting jeung Nu Harayang di Hargaan” (Asep Kurnia, 2003); jeung

“Kamampuh Siswa dina Ngaaprésiasi Carita Pondok Halimun Peuting: Studi
Deskriptif Siswa Kelas 2.4 Pasundan 8 Bandung T.A. 2004/2005” (Ruci Sucitra,

2004).
Dina wangun eséy, Duduh Durahman dina bukuna Catetan Prosa Sunda,
kungsi nulis ngeunaan Iskandarwassid, judul éséyna, “Iskandarwassid, Pangarang
Bulu Taneuh”. Dina wangun panalungtikan ilmiah hususna skripsi, nu nalungtik
ngeunaan aspék sosiologi dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya
Iskandarwassid can kungsi aya. Ku kituna, ieu panalungtikan ngeunaan
“Kumpulan carpon Halimun Peuting karangan Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi
Sastra” penting dilaksanakan pikeun ngeuyeuban dokuméntasi panalungtikan
ilmiah ngeunaan aspék sosial jeung kapangarangan dina karya sastra Sunda.

1.2. Idéntifikasi Masalah
Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan diwatesanan ukur
nalaah perkara aspék sosiologi sastra dina kumpulan carpon Halimun Peuting
karangan Iskandarwassid. Tilikan sosiologi sastra ngawengku aspék sosiologi (1)
pangarang; biografi, prosés kréatif, jeung gambaran kahirupan interaksi sosialna,
(2) karya sastra; analisis kana karya sastra, maksud anu nyamuni dina karya sastra
katut naon saenyana anu rék ditepikeun pangarang tina karyana, (3) nu maca;
talaah kana réspon nu maca karya sastra, dina ieu panalungtikan, nu maca karya
sastra diwakilan ku kritikus sastra.


Nursolihah, 2014
Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

6

1.3. Rumusan Masalah
Rumusan masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya
ieu di handap.
1) Kumaha aspék sosiologi pangarang dina kumpulan carpon Halimun Peuting
karangan Iskandarwassid?
2) Kumaha aspék sosiologi karya sastra dina kumpulan carpon Halimun Peuting
karangan Iskandarwassid?
3) Kumaha aspék sosiologi nu maca kana kumpulan carpon Halimun Peuting
karangan Iskandarwassid, anu dina ieu panalungtikan diwakilan ku kritikus
sastra?

1.4. Tujuan Panalungtikan
1.4.1. Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta nalaah aspék sosiologi sastra

anu nyampak dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid.
1.4.2. Tujuan Husus
Tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun:
1) kahirupan pangarang minangka subjék anu nyiptakeun karya sastra (biografi,
prosés kréatif, jeung kahirupan interaksi sosial) dina kumpulan carpon
Halimun Peuting karya Iskandarwassid;

2) aspék sosial karya sastra dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya
Iskandarwassid;
3) hasil sawangan nu maca karya, anu dina ieu panalungtikan diwakilan ku
kritikus sastra kana kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid.

1.5. Mangpaat Panalungtikan
1.5.1. Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nyaéta dipiharep bisa nambahan
élmu pangaweruh ngeunaan sastra, hususna ulikan sosiologi sastra, talaah anu
Nursolihah, 2014
Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu


7

matalikeun karya jeung aspék saluareunana (ékstrinsik). Ieu panalungtikan ogé
dipiharep bisa ngeuyeuban panalungtikan ngeunaan kasusastraan Sunda.
1.5.2. Mangpaat Praktis
Mangpaat dina ieu panalungtikan, dipiharep:
1) pikeun kamekaran élmu, bisa jadi sumber référénsi keur mahasiswa basa jeung
sastra, jeung akademisi sastra dina nalungtik sastra Sunda;
2) pikeun lembaga kasundaan, bisa ngeuyeuban hasil panalungtikan sastra Sunda
tur jadi dokuméntasi dina kamekaran sastra Sunda;
3) pikeun anu nalungtik, bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan;
4) pikeun masarakat, bisa nyangking gambaran prosés genesis gelarna karya
sastra anu dihasilkeun ku pangarang, katut patalina jeung kahirupan sosial
masarakat sastra.

1.6. Raraga Tulisan
Raraga tulisan dina ieu panalungtikan ngawengku lima bab, nyaéta: Bab I
bubuka, medar ngeunaan kasang tukang masalah, idéntifikasi masalah, rumusan
masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan; Bab
II ngeunaan kajian tiori dina ieu panalungtikan, medar sosiologi sastra, carita
pondok Sunda, jeung périodisasi sastra Sunda; Bab III eusina ngeunaan métode
panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, prosédur
panalungtikan, téhnik ngumpulkeun jeung analisis data, jeung; Bab IV
ngadeskripsikeun hasil analisis tina panalungtikan, nyaéta ngeunaan aspék
sosiologi sastra dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid;
Bab V ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan, sarta saran ti panalungtik
ngeunaan hal-hal nu aya patalina jeung panalungtikan.

Nursolihah, 2014
Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu