S BD 1202954 Chapter1

1

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah
Dina kahirupan sapopoé manusa teu bisa dipisahkeun tina prosés diajar,
lantaran diajar mangrupa kagiatan anu ngabédakeun manusa jeung mahluk
séjénna. Salian ti éta, diajar jadi kabutuhan nu hakiki dina kahirupan manusa. Ku
kituna, diajar mangrupa energi kahirupan manusa nu bisa ngangkat harkat
kamanusaanna jadi hiji jalma anu miboga adab jeung martabat. Lumangsungna
prosés diajar-ngajar dipangaruhan ku stratégi pangajaran. Ari stratégi pangajaran
mangrupa salah sahiji bagian tina komponén pangajaran. Dina hakékatna
komponén pangajaran téh mangrupa pangaruh, bimbingan, arahan ti hiji jalma anu
geus dewasa, mandiri, jeung miboga kapribadian anu hadé.
Pangajaran basa, hususna pangajaran basa Sunda aya masalah dina nepikeun
matéri. Salah sahiji masalahna nyaéta siswa kurang maham basa Sunda, ku sabab
jarang dipaké dina kahirupan sapopoé. Ieu hal téh ngabalukarkeun siswa hésé
maham matéri nu ditepikeun ku guru. Masalah séjénna anu jadi pasualan nyaéta
saperti: guru anu teu ngawasa kana matéri nu dipedar, sora guru anu kawatesan
ngabalukarkeun siswa teu bisa nyangking matéri anu dipedar, sarta cara ngajar

anu matak tunduh jeung bosen pikeun siswa di kelas.
Di jaman kiwari, guru diperedih kudu bisa ngararancang jeung ngalaksanakeun
kagiatan pangajaran nu bisa ngirut minat siswa kana diajar. Kaasup di jerona guru
kudu bisa ngamangpaatkeun jeung nyiptakeun média pangajaran sarta
ngagunakeun modél pangajaran anu meredih siswa sangkan aktif di kelas, luyu
jeung pangajaran anu ditepikeunana.
Modél pangajaran mangrupa hiji rarancang pangajaran nu ngagambarkeun
prosés diajar nu miharep kahontalna parobahan, dilakukeun dina prosés diajar nu
dipiharep (Wahab, 2012, kc. 52). Modél pangajaran basa teu bisa ngan saukur
maké hiji modél, lantaran basa mah sipatna dinamis. Basa lain salaku élmu tapi
salaku kaparigelan nu merlukeun modél pangajaran nu saluyu jeung bahan
pangajaran nu rék ditepikeun. Dina pangajaran basa aya opat kaparigelan basa,
nyaéta: ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Maca jeung ngaregepkeun

Herlina Yuliani, 2016
MODÉL PANGAJARAN COOPERATIVE SCRIPT DINA NINGKATKEUN KAMAMPUH NYARITA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2


mangrupa dua kamahéran anu sipatna réséptif, sedengkeun nyarita jeung nulis
mangrupa dua kamahéran anu sipatna produktif. Nyarita téh mangrupa prosés
komunikasi papada jalma ngaliwatan basa lisan pikeun ngébréhkeun atawa
nepikeun informasi ti panyatur ka paregep. Dina pangajaran nyarita kapanggih aya
sababaraha masalah dina prak-prakanana. Salah sahiji masalahna nyaéta nalika
siswa nyarita dina basa Sunda, loba kekecapan anu kamalayon atawa pacampur
jeung kecap tina basa Indonesia ku sabab basa Sundana jarang digunakeun dina
kahirupan sapopoé.
Kamampuh nyarita dina pangajaran di sakola raket patalina jeung karya sastra.
Salah sahiji bahan ajar anu matalikeun kamampuh nyarita jeung karya sastra
nyaéta dina pangajaran novél di kelas IX. Novél nyaéta salah sahiji wangun
prosa naratif fiktif. Tujuan dina pangajaran novél salah sahijina nyaéta bisa
nyaritakeun deui eusi atawa ringkesan tina novél anu geus dibaca.
Pikeun ngungkulan masalah nu dipedar di luhur, diperlukeun hiji modél
pangajaran nu mampuh méré gambaran jeung ngalibatkeun siswa sacara leuwih
aktif jeung kréatif, sarta bisa ngirut minat diajar siswa. Salah sahiji alternatifna
nyaéta ngagunakeun modél pangajaran cooperative script. Modél pangajaran
cooperative script nyaéta modél pangajaran anu meredih siswa pikeun gawé
bareng jeung siswa séjén dina kelompokna, sarta dina prak-prakanana
ngagunakeun script atawa naskah. Modél pangajaran cooperative script téh

meredih siswa pikeun aktif di kelas, nyaéta silih tukeur informasi nu dicangking
siswa ku cara silih genti dina nepikeun informasi.
Panalungtikan nu geus aya ngeunaan cooperative script di antarana
panalungtikan anu dilaksanakeun ku Mirnawati dina taun 2011, judul
panalungtikanna “Modél Pangajaran Cooperative Script pikeun Ngaronjatkeun
Kamampuh Siswa dina Maca Carpon di Kelas VII SMP Negeri 19 Bandung”,
jeung panalungtikan anu dilaksanakeun ku Tresna Resti Audiari dina taun 2013,
judul panalungtikanna “Modél Pangajaran Cooperative Script dina Pangajaran
Ngaregepkeun Dongéng (Ékspérimen Kuasi di Kelas VII-B SMPN 1 Cisompet
Kab. Garut Taun Ajaran 2012/2013)”.

Herlina Yuliani, 2016
MODÉL PANGAJARAN COOPERATIVE SCRIPT DINA NINGKATKEUN KAMAMPUH NYARITA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3

Anu ngabédakeun panalungtikan saméméhna jeung ieu panalungtikan nyaéta
dina ngukur kamampuh basana. Dina ieu panalungtikan, kamampuh basa nu
diukur nyaéta kamampuh dina nyarita.

Dumasar kasang tukang di luhur, panalungtikan “Modél Pangajaran
Cooperative Script dina Ningkatkeun Kamampuh Nyarita (Studi Kuasi
Ékspérimén ka Siswa Kelas IX-H SMP Negeri 26 Bandung Taun Ajaran
2015/2016)” perlu dilaksanakeun.
1.2 Rumusan Masalah
Dumasar kasang tukang di luhur, puseur masalah dina ieu panalungtikan
ngawengku kamampuh siswa dina nyarita (nyaritakeun eusi novél) saméméh
jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran cooperative script sarta prakprakanana.
Kamampuh nyarita ditilik tina aspék kabasaan jeung nonkabasaan. Aspék
kabasaan ngawengku: lentong, diksi, jeung volume sora, sedengkeun aspék
nonkabasaan ngawengku: gerak jeung paroman, sarta kalancaran dina nyarita.
Dumasar pedaran di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan
dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
1) Kumaha kamampuh nyarita siswa kelas IX-H SMP Negeri 26 Bandung
saméméh ngagunakeun modél pangajaran cooperative script?
2) Kumaha kamampuh nyarita siswa kelas IX-H SMP Negeri 26 Bandung
sanggeus ngagunakeun modél pangajaran cooperative script?
3) Naha aya bédana anu signifikan antara kamampuh nyarita siswa kelas IX-H
SMP Negeri 26 Bandung saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél
pangajaran cooperative script?


1.3 Tujuan Panalungtikan
Ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung tujuan husus nu dipedar dina
kalimah di handap.

Herlina Yuliani, 2016
MODÉL PANGAJARAN COOPERATIVE SCRIPT DINA NINGKATKEUN KAMAMPUH NYARITA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

4

1.3.1 Tujuan Umum
Sacara umum tujuan tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nguji, cocog
henteuna modél pangajaran cooperative script dina ningkatkeun kamampuh
nyarita.

1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan hayang ngadéskripsikeun:
1) kamampuh nyarita siswa kelas IX-H SMP Negeri 26 Bandung saméméh
ngagunakeun modél pangajaran cooperative script;

2) kamampuh nyarita siswa kelas IX-H SMP Negeri 26 Bandung sanggeus
ngagunakeun modél pangajaran cooperative script; sarta
3) béda anu signifikan antara kamampuh nyarita siswa kelas IX-H SMP Negeri 26
Bandung

saméméh

jeung

sanggeus

ngagunakeun

modél

pangajaran

cooperative script.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Salian ti miboga tujuan, ieu panalungtikan ogé miboga mangpaat saperti
mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis hasil panalungtikan dipiharep méré mangpaat sarta ngajembaran
pangaweruh pikeun ngagunakeun modél pangajaran anu ngirut minat siswa sarta
luyu jeung bahan ajar.

1.4.2 Mangpaat Praktis
Sacara praktisna ieu panalungtikan téh bisa méré mangpaat pikeun guru,
pikeun siswa, sarta pikeun panalungtik sorangan.
1) Pikeun guru, nyaéta bisa jadi sawangan pikeun ngaronjatkeun kréatifitas dina
ngagunakeun modél pangajaran.
2) Pikeun siswa, dipiharep bisa ngirut minatna pikeun diajar basa Sunda sarta bisa
leuwih maham dina pangajaran anu ditepikeun.

Herlina Yuliani, 2016
MODÉL PANGAJARAN COOPERATIVE SCRIPT DINA NINGKATKEUN KAMAMPUH NYARITA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu


5

3) Pikeun panalungtik, dipiharep bisa jadi sawangan pikeun ka hareupna dina
ngajar, sarta bisa jadi rujukan pikeun panalungtikan satuluyna anu rélavan.

1.5 Sistematika Skripsi
Bab I Bubuka, eusina ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah,
tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika skripsi.
Bab II Kajian Tiori, eusina ngeunaan ulikan tiori, panalungtikan saméméhna,
jeung kalungguhan tioritis panalungtikan.
Bab III Métode Panalungtikan, eusina ngeunaan desain panalungtikan, sumber
data panalungtikan, instrumén panalungtikan, prosedur panalungtikan jeung
téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah data sarta nganalisis data.
Bab IV Hasil jeung Pedaran, eusina ngeunaan kamampuh nyarita saméméh
ngagunakeun modél pangajaran cooperative script, kamampuh nyarita sanggeus
ngagunakeun modél pangajaran cooperative script, béda kamampuh nyarita
saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran cooperative script, sarta
pedaran hasil panalungtikan modél pangajaran cooperative script dina
ningkatkeun kamampuh nyarita.
Bab V Kacindekan, Implikasi, jeung Rékoméndasi, eusina ngeunaan

kacindekan tina hasil panalungtikan, sarta kamandang panalungtik.

Herlina Yuliani, 2016
MODÉL PANGAJARAN COOPERATIVE SCRIPT DINA NINGKATKEUN KAMAMPUH NYARITA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu