Kasang Tukang Masalah BUBUKA

Revi Pebriyanto, 2013 Éféktivitas Média Komik Pikeun Pangajaran Nulis Carita Pondok Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Dina pangajaran kaparigelan basa jeung sastra Sunda aya opat kaparigelan anu wajib dikawasa ku siswa, nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Kaparigelan basa téh porsina kudu bisa saimbang jeung bisa silih rojong antara nu hiji jeung nu séjénna. Éta kaparigelan téh dibagi kana bahan pangajaran réséptif jeung bahan pangajaran produktif. Bahan pangajaran réséptif ngawengku kaparigelan ngaregepkeun jeung maca, sedengkeun bahan pangajaran produktif ngawengku kaparigelan nyarita jeung nulis. Nurutkeun Tarigan 2008:22, nulis nya éta nurunkeun lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun basa hiji jalma, nepi ka jalma séjénna bisa nyangkem éta basa. Kagiatan nulis dina basa Sunda jaman kiwari geus jarang pisan, nu nulis téh ngan ukur kalangan akademik para siswa, mahasiswa Jurusan Pendidikan Basa Sunda jeung non akademik Sastrawan, budayawan Sunda. Kagiatan nulis paling saeutik dipakéna dina aktivitas komunikasi sapopoé dibandingkeun jeung aspék kaparigelan basa nu séjénna, katitén dina Iskandarwassid 2004:156 anu nyebutkeun yén kagiatan nulis ngan salapan persen. Dina kahirupan sapopoé ogé, anu medalkeun tulisan jeung bacaan ku basa Sunda téh geus kurang pisan. Tangtuna ogé aya sababaraha hal anu mangaruhan kana kurangna tulisan basa Sunda téh diantarana kurangna pangaresep kana nulis basa Sunda, jeung kurangna pangaresep kana pangajaran basa Sunda di sakola. Dina prak-prakanana ngajar di sakola, para guru maké basa panganteurna ku basa Indonesia atawa basa Inggris. Hal ieu kapangaruhan ku lingkungan di sabudeureunana anu geus teu maraké basa Sunda deui, boh dina lisan boh dina tulisan. Revi Pebriyanto, 2013 Éféktivitas Média Komik Pikeun Pangajaran Nulis Carita Pondok Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu Ngaliwatan kagiatan nulis guru bisa ningali kamampuh tur poténsi anu aya di diri siswa. Salasahiji cara pikeun mikanyaho kamampuh siswa dina nulis bisa katiten tina kamampuh siswa dina nulis carita pondok. Diajar nulis carita pondok téh salah sahiji kaparigelan pikeun ningkatkeun kamampuh jeung pangaweruh siswa dina pangajaran basa Sunda. Ku cara ningkatkeun kaparigelan jeung pangaweruh siswa kana nulis jeung mikaresep nulis dipiharep bisa ngahasilkeun tulisan anu antukna bisa kabaca ku balaréa, tur ngamekarkeun basa Sunda di jaman kiwari anu geus tara diparaké. Upama siswa geus ngawasa kana kaparigelan nulisna, tangtuna bakal gampang ngawasa kaparigelan anu séjénna. Tapi dina kanyataanna loba pisan masalah anu disanghareupan ku siswa dina kagiatan nulis. Teu saeutik siswa anu masih kénéh ngarasa hésé dina néangan idé atawa gagasan, nyieun kalimah munggaran, milih kecap, nepi ka siswa teu mampuh ngébréhkeun idéna kana wangun tinulis. Antukna hal éta nyababkeun siswa teu resep kana kagiatan nulis. Dumasar kana masalah-masalah anu kapanggih di luhur, perlu aya métode pangajaran nulis anu jadi alternatif, hususna dina nulis carita pondok anu jadi puseur panalungtikan panulis. Alternatif pangajaran anu dipaké pikeun ningkatkeun éféktivitas pangajaran nulis carita pondok nya éta ngagunakeun média komik. Arsyad 2007:4 nétélakeun yén média nya éta alat anu nepikeun atawa nganteurkeun pésen- pésen pangajaran. Saupama éta média mawa pésen-pésen atawa inpormasi anu mibanda tujuan instruksional atawa ngandung maksud-maksud pangajaran mangka éta média disebut média pangajaran. Daryanto 2011:117 nétélakeun yén komik nya éta bentuk kartun anu ngébréhkeun karakter jeung ngalarapkeun hiji carita dina runtuyan anu deukeut kaitanana jeung gambar sarta dirancang pikeun méré hiburan ka nu maca. Média komik dipaké sangkan kagiatan diajar, hususna diajar nulis carita pondok leuwih variatif pikeun ngaronjatkeun motivasi jeung inspirasi siswa kana pangajaran basa Sunda umumna. Panalungtikan anu ngagunakeun média komik ogé kungsi dilakukeun, di antarana ku Luxas Priansyah dina taun 2011 kalawan judul Revi Pebriyanto, 2013 Éféktivitas Média Komik Pikeun Pangajaran Nulis Carita Pondok Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu “Éfektivitas Média Komik Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Pamahaman Dongéng” . Éta panalungtikan hasil ngabuktikeun hipotesis anu nyebutkeun yén média komik éféktif digunakeun pikeun ngaronjatkeun maca pamahaman dongéng. Salian ti éta, Pupung Ratnaningrum dina taun 2012 kalawan judul panalungtikan “Média Komik dina Pangajaran Nulis Karangan Narasi: Studi Kuasi éksperimen ka Siswa Kelas VII SMP Negeri 15 Bandung Taun Ajaran 20112012” ogé geus hasil ngabuktikeun hipotésisna yén média komik éféktif dina pangajaran nulis karangan narasi. Sabenerna ieu panalungtikan téh bisa jadi nuluykeun panalungtikan nu ditalungtik ku Pupung Ratnaningrum, sabab saméméhna mah meredih siswa sangkan bisa nyaritakeun deui eusi carita dina wangun karangan narasi anu wandana nyaritakeun runtuyan kajadian. Dina ieu panalungtikan mah béda proses jeung tujuan, sabada siswa maham eusi, siswa bakal diperedih sangkan bisa nyaritakeun deui éta eusi carita komik dina wangun carita pondok. Runtuyan carita dina gambar atawa komik dipiharep bisa mantuan ngahudangkeun imajinasi ngaliwatan visual sangkan leuwih kréatif, nepi ka siswa teu ngarasa hésé deui dina ngamekarkeun idé jeung gagasanana pikeun nyusun kajadian anu aya dina gambar dina wangun tinulis. Ku lantaran kitu, tina sababaraha alesan karasa perluna dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan éféktivitas média komik dina pangajaran nulis carita pondok kalawan tujuan pikeun ngabuktikeun éféktif-henteuna média komik dina pangajaran nulis carita pondok. Dumasar kana éta hal, ieu panalungtikan téh dijudulan “Éféktivitas Média Komik Pikeun Pangajaran Nulis Carita Pondok Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 20122013. Revi Pebriyanto, 2013 Éféktivitas Média Komik Pikeun Pangajaran Nulis Carita Pondok Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 20122013 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah