30
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
nyukcruk laku nu bahayu, mapay lampah nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung, kadalapan keur disorang,
bisina nerus narutus, bisina narajang alas,
da puguh galuring tutur, ngembat papatan carita,
ti mendi papisinieun, ti mana pacaritaeun,
teuteureuh ti kahiyangan, ditandéan cupu manik,
cupu manik astagina, dituruban ku mandepun,
diteundeun di jalan gedé, ditunda ku nu ngaliwat,
ku nu weruh di semuna, ku nu terang bujaksana,
ku nu rancagé di angen, dibuka patinghaleuang,
nu ménta dilalakonkeun, cag
teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang,
paranti nyokot ninggalkeun.
Dicutat tina Panca Warna IIA
2. Narasi
Bagian narasi atawa nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana
kajadian saterusna. Béda jeung rajah katut kajadian déskripsi papantunan, lebah bagian narasi mah henteu
ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger baé dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun baé ogé. Conto narasi
dina carita pantun Lutung Kasarung :
Di unduh dari : Bukupaket.com
31
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
Caturkeun ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru Minda kahyangan, anak déwata cikalna, titisan Guru
Hyang Tunggal, seuweu batara di langit, ngabujangga di paradéwata, kasép taya papadana, keur meujeuhkeun teguh
cangcut. Tuluy ngimpi kagungan bébéné, sarupa jeung Sunan
Ambu; ngalingling ngadeuleu maling. Enggeus nganggo raksukan, salin jenengan kana Lutung Kasarung; kasarung
ku sadulur, kasimpang ku barayana. Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap
sinjang, bisi kawiwirangan keur ngawula
3. Déskripsi
Bagian déskripsi nyaéta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian, saperti
putri dangdan, léngsér lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti éta,
bagian déskripsi téh ngagambarkeun ogé pangrasa haté saperti sedih, ngangres, ngenes, ambek, hareneg, jeung
sajabana; sarta ngagambarkeun kaayaan.
Bagian déskripsi sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak sok disebut ogé papantunan. Kaasup bagian nu
pikaresepeun, lantaran umumna juru pantun ngagunakeun gaya basa babandingan anu lucu tur karikatural pikeun
ngagambarkeun kajadian atawa kaayaanana.
Conto déskripsi dina pantun Lutung Kasarung, ngagambarkeun kaayaan Purbasari sanggeus diboréhan
kéler nahun ku Purbararang: Ludak-lédok diboréhan,
lain teu wuni boboréh, dipulasan kéler nahun,
nu geulis ngadadak goréng, hideung batan wadah teuleum,
Di unduh dari : Bukupaket.com
32
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
bangbang awak batan gagak, ngan sorotna henteu leungit,
sasemu kénéh jeung Ambu, pakéan jiga kiramay,
karémbong saburubutan, salindang sariga rambang,
dibahan boboko buntung, bawaeun linggih di gunung.
Deskripsi anu ngagambarkeun satria dangdan: Toroptopan téréptépan,
sacokot-cokotna meunang, sabeulit mahi sagolék pangkék,
sacangkreud pageuh, nyigihkeun calana panji,
sabuk dantun tali anyar, keris buat mantalan sari,
gogodongna si julang anom, disorén tungtungna baé,
kékéwér dicindé kembang, panjangna sadeupa mideur,
susumping kembang jayanti
4. Dialog