32
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
bangbang awak batan gagak, ngan sorotna henteu leungit,
sasemu kénéh jeung Ambu, pakéan jiga kiramay,
karémbong saburubutan, salindang sariga rambang,
dibahan boboko buntung, bawaeun linggih di gunung.
Deskripsi anu ngagambarkeun satria dangdan: Toroptopan téréptépan,
sacokot-cokotna meunang, sabeulit mahi sagolék pangkék,
sacangkreud pageuh, nyigihkeun calana panji,
sabuk dantun tali anyar, keris buat mantalan sari,
gogodongna si julang anom, disorén tungtungna baé,
kékéwér dicindé kembang, panjangna sadeupa mideur,
susumping kembang jayanti
4. Dialog
Bagian dialog atawa paguneman nyaéta paguneman antara parapalakuna. Sakumaha umumna dina karya sastra lianna, dialog
téh di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan. Contona:
•
Paguneman antara Purbararang jeung Purbasari dina pantun Lutung Kasarung:
“Adi, sia hayang hirup ta henteu?” “Tétéh, teu kangkat, teu ngalangkungan mapalang. Mana hirup ku
Gustina, mana mawas ku Sang Widi, waluya ti kawasana, teu beunang dipaké kahayang kaembung; ing halé kari kumaha pangersakeun jeneng
Si Tétéh”
Di unduh dari : Bukupaket.com
33
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
“Lamun sia hayang awét hirup, di ditu pienggoneun sia, di Gunung Cupu Mandala Ayu, mandala kasawitan di hulu dayeuh.”
• Paguneman Purbararang jeung Léngsér
“ Aéh, Mama Léngsér, bagéa teuing, iraha dongkap?” Témbalna Mama Léngsér “ Jagong carang, Ratu Emas”
“Jadi Mama Léngsér téh kakara hol? Atuh sukur, Mama Léngsér boa tos noong heula?”
“Aduh Ratu Emas, ulah tadah-tuduh kanu puguh, ulah ngangaranan ka nu enya, palias teuing lamun teu tas noong”
“ Nya sukur Mama Léngsér, lamun teu tas noong mah. Tapi lamun tas noong, ulah pupulih ka batur, ulah cacarita ka tatangga, ari
uar-uar mah kajeun”
5. Monolog
Monolog téh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero haté. Contona monolog Lutung Kasarung dina pantun Lutung Kasarung.
“Karunya teuing ku Aki Panyumpit, gila ku ruksak, dideuleu pakuwon, jeg lain enggon jalma. Rék neneda ka Sunan Ambu, ka Ambu
neda pituduh, ka Rama neda papatah, muga tulus nya pangjurung, muga laksana pangjiad; rék misalin Aki Panyumpit, peuting ieu”
Tina Galuring Sastra, karya Budi RT
6. Rajah Panutup
Puun Sapuuuun Hyang Prabu Wastu Pangampura anu diseja
Boh bisi langkung nya saur Boh bisi bahé nya carék
Kami ngan darma mitutur Lalakon dilalakonkeun
Di unduh dari : Bukupaket.com
34
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMASMKMAMAK Kelas XII
Puun Sapuuuun Hyang Suwargi Sang Lumahing Nusa Larang
Sing langgeng di kasucian Lumanggeng di Kahyangan
Ngahiji jeung Maha Suci Nya Hyang Séda Niskala
Puuuun Sapuuuuuuuuuuuuun.
htp:qwastu.blogspot.com
Pancén 2
Sanggeus maca pedaran di luhur, prak jawab pananya di handap ieu
1. Naon ari carita pantun?
2. Kumaha struktur carita pantun?
3. Naon fungsi rajah?
4. Tuliskeun deui conto rajah pamuka?
5. Tuliskeun deui conto rajah panutup rajah
pamunah 6.
Naon anu disebut papantunan? Jéntrékeun ku hidep
C. Nganalisis unsur-unsur Intrisik Karya Sastra dina Carita Pantun