Usep Nandang, 2013
Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
di  SMA  kelas  XII.  Sanggeus  éta  nyieun  kacindekan  tina  hasil  ngolah  data  anu geus didéskripsikeun jeung dianalisis.
3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan
Sangkan  panalungtikan  miboga  tatapakan  anu  écés,  tangtuna  kudu nataharkeun  rarancang  panalungtikanana.  Anu  dijadikeun  rarancang  dina  ieu
panalungtikan nya éta: 1
Tahap Tatahar Léngkah-léngkah  dina  tahap  tatahar,  nya  éta:  1  ngajukeun  judul
panalungtikan,  2  nyusun  rarancang  panalungtikan,  3  ngumpulkeun  sumber bahan  ulikan,  4  nangtukeun  masalah  jeung  objék  panalungtikan.  5  nyieun
proposal  panalungtikan,  6  ngaréngsékeun  surat  ijin  panalungtikan,  jeung  7 konsultasi ka dosén pangaping.
2 Tahap Ngumpulkeun Data
Léngkah-léngkah dina tahap ngumpulkeun data, nya éta: 1 telaah pustaka pikeun  meunangkeun  pamahaman  awal  ngeunaan  kasenian  Goong  Rénténg,  2
obsérvasi ka tempat kasenian Goong Rénténg nu ditalungtik, nya éta Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang, 3 wawancara ka pupuhu rombongan
Kasenian Goong Rénténg jeung ka masarakat Désa Cisarua nu apal kana Kasenian Goong  Rénténg  nu  aya  di  ieu  désa,  jeung  4  ngadokuméntasikeun  kagiatan
panalungtikan.
3 Tahap Ngolah Data
Léngkah-léngkah dina tahap ngolah data, nya éta 1 mariksa data nu geus dikumpulkeun. 2 ngadéskripsikeun data ngeunaan kasenian Goong Rénténg nu
aya  si  Désa  Cisarua  Kacamatan  Cisarua  Kabupatén  Sumedang,  3  nganalisis simbol-simbol jeung ajén falsafah dina ieu kasenian kalayan maké téori sémiotik
Peirce ikon, indéks jeung simbol nu leuwih nyindekel kana simbolisasina.
4 Tahap Nyusun Laporan Panalungtikan
Usep Nandang, 2013
Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
Sabada hasil panalungtikan dianalisis tepi ka jadi informasi nu bisa disusun dina  wangun  déskriptif,  satuluyna  ieu  laporan  disusun  sacara  sistematis  dina
wangun skripsi.
116
Usep Nandang, 2013
Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Panalungtikan  ngeunaan  simbol-simbol  jeung  ajén  falsafah  dina  kasenian Goong  Rénténg  nu  aya  di  Désa  Cisarua,  Kacamatan  Cisarua  Kabupatén
Sumedang ngahasilkeun sababaraha kacindekan, nya éta: 1
Kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua mangrupa kasenian buhun warisan  karuhun  Sumedang.  Ieu  kasenian  mangrupa  kasenian  masarakat
agraris tradisional Sunda nu kapangaruhan ku agama Islam. Hal éta katitén
dina  pungsi  awalna  nu  aya  patalina  jeung  masalah  muka  lahan  pilemburan jeung  tatanén.  Dina  kamekaran  saterusna,  kasenian  Goong  Rénténg
dipintonkeun  pikeun  ngareuah-ngareuah  poé  gumelarna  Nabi  Muhammad SAW, ruwatan, salametan lembur atawa hiburan masarakat  saupama aya  nu
nanggap. 2
Dina  prak-prakanana,  pintonan  Kasenian  Goong  Rénténg  nu  aya  di  Désa Cisarua diwangun ku sababaraha prosési. Nu kahiji nya éta pra pintonan, nu
mangrupa prosés nataharkeun sarat kalengkepan pintonan jeung nyieun rupa- rupa sasajén. Nu kadua nya éta prakna pintonan nu diwangun ku sababaraha
runtuyan  acara,  nya  éta:  1  tawasulan,  2  ngebakanjamasan,  3  Hajat Mulud,  4  ijab  jeung  5  pintonan  inti.  Dina  pintonan  inti,  aya  14  lagu  nu
ditabeuh. Nu katilu nya éta pasca pintonan nu disebut ogé huripan. 3
Dina kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua digunakeun rupa-rupa pakakas  property  minangka  sarat  kalengkepan  mintonkeun  ieu  kasenian.
Pakakasna property nya éta: 1 pakéan nayaga nu ngawengku sapangadeg baju  hideung  jeung  iket.  2  waditra  dina  kasenian  Goong  Rénténg  nu
ngawengku:  a  17  penclon  bonang  nu  diwadahan  ku  dua  ancak.  Ancak  nu